mangle 2453

57

Upload: mitrasunda

Post on 29-Nov-2014

3.051 views

Category:

Documents


33 download

DESCRIPTION

 

TRANSCRIPT

Page 1: Mangle 2453
Page 2: Mangle 2453

Mitra Manglé,Rupa-rupa kaunggulan hiji produk, bakal gumantung

kana ajénna. Upama ajénna hadé, tangtu hasilna ogé bakalhadé. Sabalikna upama hiji produk asal-asalan, hartina teumerhatikeun ajén, tangtu hasilna ogé bakal nguciwakeun.

Kitu deui produk Majalah Manglé. Majalah nu unggalminggu teu kendat-kendat medalkeun karya-karyakasunda an, boh wangun fiksi atanapi non fiksi, mémangpamundut sareng harepan kana sual ajen eusi, pangpang -na kana karya fiksi carita pondok. Dina panitén pamaosManglé, cenah kadieunakeun, ajénna beuki turun, henteusapertos karya-karya pangarang kahot beunang naIskandar wassid, H.Usep Romli,HM, Alm. Duduh Durah-man, Aam Amilia atanapi kénging Holisoh ME.

Mitra Manglé,Ayana perhatosan ti para pamaos Manglé kana pa-

mundut sareng harepanana, tangtos kanggo Ais Pangam -

pih Manglé mah kacida bingahna. Bingah, lantaran, geu -ning, pamaos satia Manglé sakitu mikadeudeuhna.

Minangka tarékah ningkatkeun ajén carita pondok(Carpon), dina waktos kapengker, Manglé kantosngayakeun palatihan ngarang carpon nu nara sumbernaCeu Aam Amilia. Atuh, sabada réngsé palatihan ogé,alpukahna para pamilon, satuluyna ngadegkeun‘panglawungan 13’. Kagiatanana jinek, nyaéta teras di -alajar geusan ningkatkeun ajén karangan carita pondok.Atuh pembingbingna ogé masih ku Ceu Aam Amilia.

Mitra Manglé,Tarékah cara beungkeutan ‘panglawungan 13’ kitu,

sakumna Ais Pagampih Manglé nganuhunkeun pisan.Mudah-mudahan ieu tarékah téh ageung mangpaatnasareng tiasa mupus kahariwang para pamaos Manglé dinasual ajén carita pondok ka payunna. Insya Alloh. ***

Tarékah Ningkatkeun Ajén

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350ISSN: 0852-8217ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-7309720 E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.

RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANGRUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib -

rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian

Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, DOKU-MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRA CETAKCucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDENAsep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti

(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista

(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,

Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Anggota Panglawungan 13, nuju dialajar geusan ningkatkeun ajén carita pondok. Tempatna di bumina Ibu Hj. Ati Amiati, dibingbing ku Ceu Aam Amilia.

Page 3: Mangle 2453

PURUDING PURINGKAK

Carita ti Alam GaibKi Kamal ......................................... 14

LAPORAN

Lembur Seni NarawitaNgeuyeuban Wisata Budaya......................................................... 46

BAHASAN

Ngalanglang Alam Rusdi Jeung Misnem (6)Budi Rahayu Tamsyah......................................................... 42

CARITA PONDOK

K U N C É N Émha Ubaidillah Bratalegawa ......... 18

T A N D AOnnok Rahmawati ............................. 20

Dipahing Mandi!Rizky Prasasti Anwari ......................... 22

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3Munara Cahya ................................... 14

Dongeng Aki Guru ............................ 17

Mimbar Atikan .................................. 21

Gedong Sate ...................................... 28

Mangle Rumaja .................................. 31

Katumbiri .......................................... 36

Nyusur Galur .................................... 42

Carpon Lucu ..................................... 49

Pangalaman Para Mitra ..................... 50

Ha... Ha... Ha ..................................... 52

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

CARITA NYAMBUNG

Carita Sarebu Samalem (183)............................................................. 10

Gogoda Ka Nu Ngarora (22)M.A. Salmun............................................................. 12

Ceu Nonoy Putra Ua Banagara (tamat)HD. Bastaman............................................................. 48

­Sekar­Manglé

5INOHONG

Mang Koko, ceuk Alona

Panto tajug ngarekét, muka lalaunan.Kuring ngelolkeun sirah ka jero, aki-akilimaan keur wiridan sarérés salat mag -

rib, kacaangan lampu semprong nunémbér luhureun palang dada. Lebah

paimbaran Si Abah nyanghareup ngalérmupuhuan saréréa.

Teu lila, ngarudar sila. Kup-kop kanakolor jurueun rohangan. Geblus kuring...

18

K U N C É N

Page 4: Mangle 2453

JFK

Tilar dunyana Presidén JohnFitzgerald Kennedy pas sate -ngah abad (22 Nopémber

1963-2013). Di Amérika Serikat di-ayakeun peringatan husus. PresidénBarack Obama maréntahkeunsangkan bandéra dipasang satengahtihang. Obama katut patinggi séjénnangahagalkeun ngayakeun jiarahhusus ka makamna JFK. Malah kiradua bulan ka tukang, Obamangangkat Caroline jadi Duta Besar ASdi Jepang. Caroline téh hiji-hijinaputra JFK anu masih kénéh aya.

Lain ngan pamaréntah jeung rayatAS wungkul anu miéling pupusnaJFK téh. Stasion televisi NationalGeog raphic gé ngayakeun siaranhusus nepi ka dua rupa. Nu saruparékaan tina éta kajadian di manadigambarkeun kumaha pangna LeeHarvey Oswald nékad némbak JFKwaktu arék kampanyeu di Dallas. Nusarupa deui rékaman jeung rékaanlalampahan JFK ti mimiti ngora nepika jadi presiden, tur hiji-hijinaPresidén AS dina jaman modéren anumaot lantaran ditémbak.

Nepi ka ayeuna tacan kanyahoannu sabenerna saha jeung naonsababna pangna JFK ditémbak. Sana-jan Oswald angger jadi tokoh utamadina éta kajadian, tapi teu kurang-ku-rang anu boga sangkaan yén Oswaldmah ngan dijadikeun wadal. Disatukangeunana cenah aya konspirasianu leuwih badag jeung leuwih rumit.Sangkaan kitu beuki leueih kahartilantaran apan Oswaldna soranganhenteu kungsi nepi ka dipariksa dipangadilan. Manéhna ditémbak kuJack Rubby waktu arék dibawa ka

pangadilan.Tapi papadaning kitu ku saréréa

diaku, salila jadi Presidén, anu waktu -na teu nepi ka jejeg opat taun, préstasiKennedy téh luar biasa. Aya duakajadi an penting jeung kritis anu bisadiréngsékeun ku JFK kalawan lulusbanglus.

Nu kahiji dipasangna rudal nuklirUni Soviet di Kuba. Kuba téhanggangna ti AS ngan ukur 150 kilo-méter. Jadi mun di dinya aya nuklirUni Soviet, hartina AS teu aman.Saméméhna, AS kungsi ngayakeunupaya arék ngarurud Fidel Castro diHavana. Tapi gagal. Lamun Castrongidinan Moskow masang rudal nuk-lir di nagarana téh kaharti, lantarankadaulatanana diancam ku Washing-ton.

Khruschov anu harita keur jadiPM di Moskow, keukeuh kana niatna.Nyanghareupan éta masalahsababaraha poé lilana JFK badamijeung staf katut ahlina. Pingpinanmilitér AS ngajukeun usul sangkanéta kaayaan disanghareupan ku ope -rasi militér. Tapi JFK teu satuju.

JFK téh kungsi jadi tentara (AL)dina mangsa Perang Pasifik.Ditempat keun di pulo Solomon, kapaltorpédo anu dipingpin ku JFK ancurditabrak ku kapal perang Jepang. JFKsatékah polah nulungan anak buahna.Méh saminggu lilana maranéhnakatalangsara di hiji pulo leutik anujauh ka mana ka mendi. Waktu pitu-lung datang, saréréa geus teu bisawalakaya. Cenah tina éta kajadianJFK bisa nyimpulkeun yén jalanperang téh sabisa-bisa mah kudu di-jauhan lantaran loba pisan matak

sangsarana.Nu matak dina nyanghareupan

urusan rudal Uni Soviet di Kuba, JFKkeukeuh terus badami. Sanajanprosésna rada ambay-ambayan, tapihasilna nyugemakeun. JFK ngamang-paatkeun adina Robert Kennedy anucerdas jeung paséhat dina urusanhukum pikeun badami jeung MenluUni Soviet Andrey Gromiko. Khrus -chov satuju rudalna ditarik deui.

Bérés éta, di nagarana soranganJFK nyanghareupan urusan anu méh-méhan matak jadi bengkah kabangsana. Aya duaan mahasiswa kulithideung anu arék asup ka UniversitasAlabama. Tapi pingpinan universitasteu daék narima, lantaran harita étauniversitas ngan diajangkeun pikeunkulit putih. Cilakana, kawijakanuniver sitas anu rasialis saperti kitutéh dideudeul ku Gubernur GeorgeWallace. Malah Wallace nepi kangahagal keun pidato dina gerbanguniversitas. Salian ti éta manéhna ogéngagunakeun satpol (Garda Nasional)pikeun nétélakeun yén kawijakananadideudeul ku sakumna warga Ala-bama.

Ningali galagat anu sakitu matakpusingna, JFK saharita netepkeunyén Garda Nasional aya dina wewe-nang presidén. Nyanghareupan kitumah Wallace gé teu bisa nolak.

Mun Obama bisa jadi Presidén ASnepi ka dua rintakan, éta téh salasahijihasil tina gawé anu geus ditaratas kuJFK leuwih ti satengah abad katukang. JFK geus bisa ngabuktikeun,sanajan kakawasaanana ngan sarébupoé lilana, tapi hasil gawéna luarbiasa. AM

Manglé 2453 3

Page 5: Mangle 2453

4 Manglé 2453

Plang Pa Jumhur diBP3TKI Bandung

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Sampurasun!Hatur nuhun sateua-

canna. Ngalangkunganieu serat, Simkuring badeusul ka pihak BP3TKI nukantorna di Jl. SoekarnoHatta. Kaleresan simkur-ing kantos maos ketakBP3TKI dina Mangle edisikapengker. Ayasababaraha usulan keurBP3TKI. Kahiji, nyaetaperkawis kabersihan kan-tor. Terus terang, kanggosimkuring mah reueus lahku ayana BP3TKI, tosngabuktoskeun palayananka para TKI asal JawaBarat atanapi kota Ban-dung. Namung nya kitu,perkawis kabersihanasana kirang diper-hatoskeun. Ku emutansimkuring, naon lepatnapami ngalayananmasarakat nu kasebatnacacah, tapi lingkungananaberesih. Nu kirang beresihteh, kalebet oge diburuankantor. Komo pami ditin-gal di luar oge, asanakumuh pisan. Mani asapantes kantor keurngalayanan TKI, jauhpisan jeung kabersihankantor bank-bank. Tah,ku kituna, simkuring usulsangkan kantor palayananTKI di lembur Sunda mahkudu beresih, malahankudu leuwih beresih,berseka tinimbang kan-tor-kantor Bank.

Anu kadua, nyaetamasalah plang nu ngajem-blag, ngeunaan pentingnakartu TKI. Upami lalarliwat ka palebah samsat,bari ngadago lampu hejo,bareto mah atra pisanpoto Pa Jumhur Hidayat

atawa kekecapan etaplang. Tapi ayeuna mahgeus teu kabaca deui.Malahan potona oge geusteu jelas. Nu jantenpatarosan, ku naon plangnu tos surem bet diantepterus dipasang? Terusterang pami plang TKIkatingalna surem, boa-boa bener, yen nasib TKInu kiwari kadungsang-dungsang, pada ngantep-keun. Ku kituna,simkuring usul, pamibade dipasang teras,kedah saenggalna digen-tos ku nu jelas tur cekas.Poto Pa Jumhurna jelas,kekecapan plangna ogejelas. Kituna teh, sangkanmasarakat ngarasa sug-ema pami lalar liwat kapayuneun kantor di aya diKota Bandung.

Anu katilu, nyaetakana nasib TKI asal JawaBarat. Mudah-mudahanpihak BP3TKI masingsabar, masing leres-leresmalihan mudah-mudahannganteng kaihlasan dinangurus para TKI. Sanajanaranjeunna SDM-na rata-rata handap, tapi kahadeulah nganggap handap.

Sakitu wae. Haturnuhun ka Mangle nuparantos ngamuat seratieu.

Wassalam,

Ibu EvaRT. 01 RW. 25 Desa

Cimekar KecamatanCileunyi Kabupaten Ban-

dung.

Presiden TeureuhSunda.

Simkuring ngarasareueus, sawatara katukang Pa AhmadHeryawan dina acara mi-langkala Paguyuban Pa-

sundan, keuhkeuhanhayang wakil presiden RI2014 teh teureuh Sunda.Kahayang kitu, memangteu salah jeung keursimkuring oge panujupisan.

Ngan aya nu hanjelu,nyaeta masalah kanyataanperpolitikan di urang.Buktina calon presidenmasih keneh ngandelkeunti kader partey. HartinaPa Heryawan, cek simkur-ing mah, kudu sagan-cangna ngumpulkeuntokoh-tokoh Sunda nualancrub ti partey.Hartina, kudu ngabe-jakeun, husus di JawaBarat mah, kudu waninolak pangajak panguruspartey tingkat pusat, iwallamun ngusulkeun wakilpresidenna ti Jawa Barat.

Tah, upama PaHeryawan kersa kitu, ji-gana kaharti kana ka-hayang Pa Heryawanminangka gupernur JawaBarat teh. Sabalikna,upama Pa Heryawan teumampuh ngumpulkeunpara tokoh partey asalJawa Barat atawa paraketua partey wilayah JawaBarat, simkuring mahcangcaya tah kanaobrolan Pa Gupernurharita. Naha bisa? Kanggowaleranana, manggaurang bandungan wae,kumaha ketak pamingpinSunda dina politik Sunda.Kitu deui ka para inohongSunda dina Sunda, kacidahadena upama ayakasadaran, geusanmateahkeun deui,harepan-harepan guper-nur Jawa Barat.

Hatur nuhun NyiMangle.

Yudi MiharjaJatinangor

Nyegah Panyakitdina Usum Ngijih

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Sampurasun!

Damang Ais Pangam-pih Majalah Mangle?Mudah-mudahan pamidaramang mah. Puntensimkuring ngiring nyeratperkawis kaayaan Ban-dung pami usum ngijih.

Biasana pami usumhujan teh, di sababarahadaerah di Bandung sokkabanjiran, saperti Cieun-teung, Baleendah, jeungsababaraha daerah se-jenna. Balukarna panyakitoge sok daratang.

Ku kituna, simkuringumajak ka sadayana, mas-ing tatan-tatan. Jigana halanu ieu nu tiasa ditareka-han ku urang mah.Anapon nyegah banjirmah, eta mah meureunkawijakan pamarentahsatempat. Lantaranmasalahna apan rambatkamalena. Sapertina wae,tiasa alatan teu benerngababenah daerah.

Ku kituna sakali deui,hayu urang nyegah ti aye-una panyakit keur usumngijih. Carana? Nyasimkuring oge meredih kapihak dinas kasehatansatempat sing bisa turunka lokasi langganan ban-jir.

Sakitu wae ieu seratkasanggakeun ka Mangle.Dina kasempetan ieu ogenganuhunkeun ka AisPangampih Mangle.Mudah-mudahan terasmedal sareng apanjangapunjung.

DedeBaleendah Bandung

Page 6: Mangle 2453

Manglé 2453 5

Mun batur nyarebut MangKoko téh ngaemangkeun,pédah urang Sunda bari anu

diemangkeun téh gedé komarana, tapiYos R. Padmawinata mah nyebut‘emang’ téh memang alona Mang Koko.Pancakakina, aki Pa Yos téh lanceukrama na Mang Koko.

Taun 1947 - 1948, basa umur Pa Yos6 atawa 7 taun, imahna sok dipakéngarereb warga sabab dianggappangaman na tina tinghariungna pélorku pihak Walanda ti daérah Kosangka

(urut pabrik piring), anu ditujukeun kaGunung Camieuk minangka markasnapara TKR (Tentara Keamanan Rakyat).Ngarerebna téh sok angger ti sabadanamagrib.

“Najan harita umur sim kuring 7taunan, tapi moal hilap. Warga anu sokngadon ngarereb di rorompok palingsakedik aya ari 10 kulawarga mah,”ceuk Pa Yos (72 taun) di panganjrekan -ana, Babakan Desa RW I RT 07, CibiruBandung.

Nurutkeun Pa Yos, imah Mang

Koko anu anggangna ti imahna kurangti 100 méter sarua cenah agréngna tapileuwih leutik. Pokona di Sindangsuka,lembur Pa Yos jeung Mang Koko, imahanu geus ditembok najan dudukjandéla kakara 2 imah. Nu bapana PaYos jeung nu Mang Koko.

Anu ngarumpul di imahna Pa Yostéh lain ukur warga wungkul tapi kula -warga duduluran Pa Yos kaasup MangKoko jeung Mang Duleh. Nu kapikirharita ku Pa Yos, horéng Mang Kokosaparakanca téh rék ngahibur warga kukasenian.

Unggal peuting ngahariring. MangKoko bagéan ngacapi, Mang Duléhnabeuh suling, sedengkeun bapana PaYos, Mang Ilil minangka tukang alokjeung nabeuh kolotok munding.

“Duka sok dugi ka jam sabarahakitu na téh. Tampolana mun sim kuringlilir masih kadangu anu hahariringan.Ngan sigana mah teu aya patokan jamsabaraha réngséna,” ceuk Pa Yos.

Jadi Penyiar RadioSakanyaho Pa Yos, harita Mang

Koko téh boga gawé jadi penyiar radio.Radio Kebangsaan ngaranna téh anuminangka tempat siaranana dinagedong rumpung urut keuna ku mortirWalanda.

“Caket halteu setasion karéta apiIndi hiang tempatna téh,” ceuk Pa Yosdeui.

Kabiasaan atawa pancén MangKoko mun keur siaran nyaétangabéwarakeun ka masarakat kaayaanwaktu harita. Tapi teuing kumaha ceukPa Yos, lila-lila béwara-béwara ti MangKoko téh dianggap propaganda anungarugikeun keur pihak Walanda.Antuk na Radio Kebangsaan téh teumeunang siaran deui ku Walanda keursateterusna.

Karesep Mang Koko lian ti kase -nian, sakanyaho Pa Yos mah euweuhdeui; maénbal. Unggal aya maénbal,geus pasti Mang Koko miluan. Tampat -na matuh di lapang Alun-alun Indihi-ang hareupeun kaum anu nepi kaayeuna masih kénéh aya.

Jaman harita nurutkeun Pa Yos,maénbal téh dianggap hiburan utama.Nu ngahajakeun lalajo lain waé urangKampung Kaum, Sindang Lengo,Sindang suka, Ciropoh jeung Suka -ménak anu padumukna lolobana

Saha anu teu apal ka Mang Koko,

seniman kahot anu gedé pangaruh -

na kana hirup huripna seni karawi-

tan di tatar Sunda. Manglé ngahaja

nepu ngan Yos R. Padmawinata,

salah saurang alona Mang Koko anu

nyarita keun kumaha kahirupan

Mang Koko ti jaman di Indihiang

Tasikmalaya tug nepi ka nganjrek -

na di Jalan Jurang, Bandung.

Yos R. Padmawinata

(poto. Eep NR)

Inohong

Page 7: Mangle 2453

baraya kénéh Mang Koko, tapi sokdatang ti jauhna. Pangpangna ti Tasikkotana.

“Kamungkinan ieu mah, lahirnalagu ciptaan Mang Koko “Maén Bal” gétina karesepna Mang Koko kana maén-bal,” ceuk ieu bapa ti tilu anak pangsiu-nan perkebunan PT 12 Rancabali.

Nu masih kénéh inget ceuk Pa Yos,dina lagu ‘Badminton” aya rumpakaanu unina, ...nétna samping butut numitoha...., éta gé bener cenah. Kaala-man pisan di lemburna mah kitu.

Sajarah Kanca IndihiangMang Ilil anu ngaran lengkepna

Mas Ilil Padmawinata bapana Pa Yos,boga emang anu jadi TKR. Ku sababbiluk ka TKR nya sok méré bantuansaperti paré, palawija jeung bungbua-han anu ngahaja diteundeunna téh dinapara. Tinggal nyorolokkeun kenténg,teuteundeunan nu ngahaja ditunda téhgeus gampang dibawana. Maksudnasupaya teu ngabahayakeun ka nu mere -na ku cara kitu téh. Ngahaja deuih disa-diakeun tarajé keur naékna anu lamungeus dicokot ku emang Mang Ilil téhsok ditandaan ku ngaguratkeun tandadina tarajé. Ngan saratna anu naékkana kenténg téh teu meunang makesapatu supaya euweuh tapakna pang-pangna urut sapatu tentara anu dipika-hariwang sieun katangen kumata-mata.

Tapi dina hiji waktu mah meureunanu nyokot teunteundeunan téh lainemangna Mang Ilil, tapi titahanana.Nya naékna téh maké sapatu anu ceukPa Yos mah katohyan ku Walanda hi -deung. Ku sabab kasieunan jeung terusrasa, Mang Ilil ninggalkeun lembur.Nya matuh di Cibunut, Bandung.

Teu pati lila, Mang Koko ogé datangka Bandung. Ngan basa tepung téhceuk Pa Yos Mang Koko geus bogamotor FIT (sapédah maké mesin anusok disebut ogé karéta mesin). Dinajaman harita mah bisa disebutkeunméwah karéta mesin saperti kitu téh.

Ukur sataun leuwih kulawargaMang Ilil ti Cibunut pindah deui kaGang Paréndéng di daérah JalanPungkur jeung Jalan Pasundan.Maksud na supaya tempatna bisa di-paké imah sakalian paragi dagang.Keur di Gang Paréndéng remen pisankadatangan Mang Koko anu sakanyahoPa Yos mah Mang Koko téh haritaimahna geus di Jalan Jurang, Bandung.

Ku sabab Mang Duléh mah henteumilu lunta ka Bandung, otomatis trioMang Koko, Mang Duléh katut MangIlil kurang hiji. Nya teu bisa jalankasenian téh. Najan loba pamaén sulinganu alus, tapi kamungkinan dianggap -na kurang sahaté jeung Mang Koko turMang Ilil. Teuing panggih di mana hijiwaktu Mang Koko mawa Mang Endanganu boga gawé di civil Ajdam, Jalan

Aceh. Mang Endang téh minangkagaganti Mang Duléh pikeun niup su -ling. Ti harita remen latihan di JalanJurang. Hasilna; Mang Koko, Mang Ililjeung Mang Endang bisa magelaran diRRI Bandung anu harita mah tempatnadi taman anu aya di Jalan Cirebondeukeut lapang Persib.

Tapi Pa Yos teu yakin, naha MangKoko saparakanca bisa magelaran diRRI Bandung téh dipénta ku pihak RRIatawa ngalamar sorangan? Anu sidik tiharita ngaran Kanca Indihiang mimitiaya.

“Rupina mah ku margi badé mage-laran di tempat resmi kedah gaduhnami grup, nya dinamian wé KancaIndi hiang anu mungkin waé éta namitéh tos direncanakeun ti jaman nuju diIndihiang kénéh,” ceuk Pa Yos anu dinaumur 72 taun téh masih kaciri jagjagwaringkas.

Ti saprak remen maén di RRI Ban-dung, ngaran Kanca Indihiang beukisohor. Bisa kaciri keur kulawarga mahmun Kanca Indihiang tas magelaran diRRI. Pangpangna mun geus ngawih -keun lagu ‘Odading’, mulangna ka imahtangtu mawa odading sacarangka arengti pabrik odading ceuk Pa Yos mah. Êtatéh tawis kasuka ti juragan odading kusabab lagu odading geus dihariring -keun.

Moal PohoTeuing bakat ku remen manggung

peuting atawa memang geus aya pa-nyakit saméméhna, Mang Ilil teudamang. Tapi ceuk Pa Yos basa di Indi-hiang kénéh mah teu nanaon. Mang Ilildirawat di Sanatorium Dago. Salila di-rawat di rumah sakit dugi ka Mang IlilPadmawinata teu menyat deuingantun keun alam dunya taun 1953,béayana ditangkes ku Mang Koko.

Pleng tara panggih jeung MangKoko, kaasup Kanca Indihiang gé anumimiti rada leslesan ku sabab salahsaurang pamaénna anu geus tilardunya. Ngan anu kadangu mah ceuk PaYos, Mang Koko ngadegkeun TamanCangkurileung jeung ngaguruan diSMKI.

Taun 1960 Pa Yos nganteur ibuna,Nyi Mas Siti Salamah ka bumina MangKoko di Jalan Jurang. Tujuan utamanamah nganuhunkeun ka Mang Koko anutos ngabéayaan carogéna ti kawit di-rawat di rumah sakit tug ka mulasara -na.

Anu katangen ku Pa Yos harita,

6 Manglé 2453

Mang Koko, lian ti ahli ngacapi ogé resep maénbal

Page 8: Mangle 2453

Manglé 2453 7

paroman Mang Koko béar marahmay.Ka ibuna anu nyebutna Aceuk, MangKoko nyarita yen Aceuk ulah jadi emu-tan. Êta mah geus sakuduna ka nu jadidulur, ceuk Pa Yos anu nyaritakeunanasemu dareuda.

Ti béh ditu kénéh dina pandanganPa Yos, Mang Koko téh jalma bageur.Tara kaciri atawa kadangu suntak sen-tak. Wallohu alam ari ka batur jeung kamuridna mah. Kungsi Mang Kokodatang ka Gang Paréndéng. Ti ditunamah sakalian nganjang bari laporan.Tapi bari seuri. Majarkeun cenahlanceuk awéwé Pa Yos anu katilu, anudiajar ngacapi sok remen megatkeunkawat-kawat kacapina. Ngan ukur kitu,boro-boro kaciri aya ulat ambek.

Ti dinya pleng deui tara panggih.Tepung deui téh basa Mas IlilPadma winata suargi meunangpangu lem ti Mang Koko anu mage-laran di bioskop Varia di Alun-alunBandung. Harita onda ngan téh di-wakilan ku Pa Yos jeung lanceukawéwé anu kadua.

Dina kasempetan éta, Pa Yos jeungrakana téa diwanohkeun ka nu lalajo,yen aranjeunna téh putra-putranaMang Ilil anu gedé yasana ka MangKoko. Malah pagelaran éta ogé ceukpangakuan Mang Koko harita, itung-itung pangéling-ngéling kana yasanaMang Ilil. Ku kituna Mang Koko ku an-jeun harita masihan panghargaan kaMang Ilil suargi mangrupa sértipikatanu ditarima ku Pa Yos katut rakana téaku kabagjaan anu pohara.

“Hanjakal éta sértipikat téh ayeunateu aya. Dipilarian ge weléh teu kapen-dak. Ku seringna ngalih rorompokrupina ical téh,” ceuk Yos R. Padma -winata nutup wangkongan. (éép nr)

Mang KokoTi Indihiang Ngamanca nagaraLalaguanana bruk-brak. Kiritikna

seukeut, tapi teu matak raheut.Rumpakana basajan gampang kahartiku balarea. Ngan, naha enya sakapeungmah lir ahli nujum?

Jenengan lengkepna Koko Koswara(Indihiang, 10 April 1917 - 4 Oktober1985). Komponis ti mimiti lagu-lagubarudak nepi ka lagu dewasa jeungumum, kalayan ciri hasna dina jentrengkacapi, warna sora, jeung gaya lagu-lagu na.

Diajar ngacapi ti bubudak, sagigi -

reun tina karesepna kana lagu Hawa-ian. Dina taun 1946 ngadegkeun KancaIndihiang di Tasikmalaya, saterusnadina taun 1950 pindah ka Bandungngagabung jeung Mang Duleh, MangNandang, jeung Mang Endang. Taun1950 ngadegkeun pakumpulan game-lan Munding Laya kalayan tukangkendang na Mang Ijun, sindenna BiAcih.

Dina lalaguanana, boh di KancaIndi hiang boh di Munding Laya, lobanu mangrupa kiritik tapi dibarungheureuy. Bedana, di Kanca Indihiangmah lalaguan teh dipirig kacapi, diMundinglaya mah dipirig ku gamelansalendro. Lagu-lagu Kanca Indihiangnu sohor, antarana Badminton, MaenBal, Buruh Leutik, jeung Resepsi. Lagu-lagu Gamelan Mundinglaya nu popiler

antarana Subaya, Talatah, MaungLugay, jeung Sekar Catur.

Wawanohanana jeung UyengSuwargana dina ahir taun 1940-an,mangaruhan kana lalaguan barudakciptaanana. Dina taun 1950-an, MangKoko babarengan jeung Uyeng, nyieunbuku Resep Mamaos nu eusina lian tilalaguan teh oge kalimah-kalimah keurbarudak SD diajar maca.

Kalayan saran Daeng Sutisna(rakana Uyeng), Mang Koko mimitinyanggi lalaguan keur barudak anuleuwih sitimatis. Lalaguananadiluyukeun jeung kamampuhan sorabarudak, nepi ka lahirna bukuCangkurileung, tilu jilid (1954). Dinataun 1956 medal buku Ganda Mekarkeur murid SGB (Sekolah Guru B).Taun 1958 bareng jeung M.O. Kusman,

Mang Koko Koswara; gedé pangaruhna kana seni karawitan di Tatar Sunda

Page 9: Mangle 2453

Manglé 2453

Mang Koko nyieun buku Taman Bin-carung, nu eusina lalaguan kaulinanbarudak. Dina taun 1960, Mang Kokojeung P. Nataprawira nyieun buku SeniSwara Sunda nu eusina lagu-lagupupuh jeung panambihna.

Ku lantaran karep murid-muirdnakana seni teh gede, sarta sumebarnalalaguan barudak teh kawilang cukup,atuh Taman Murangkalih nu ditaratasti taun 1949 teh dijadikeun YayasanCangkurileung (6 Maret 1959) babare -ngan jeung Sunarya (MangYaya)Surtia mah, Nabidi, Engkos Sas-mita, jeung Walio. Kagiatan saterusnangawangun cabang di sakola-sakoladasar di daerah babarengan jeung gurukasenian, kagiatanana diajar kawihSunda boh kurikuler boh ektra -kurikuler.

Kagiatan sejenna, TamanCangkurileung jeung Taman Bin -carung midang bagilir di RRI Bandung.Sabulan opat kali kalayan masing-ma -sing dua kali sewang.

Keur murid SMP, Mang Kokongadegkeun Taman Setia Putra(1954). Dina sabulan, Mang Koko tehsiaran di RRI tujuh. TamanCangkurileung jeung Taman Bincar-ung opat kali, Mundinglaya, GandaMekar, jeung Setia Purta masing-mas-ing sakali.

Mang Koko lulusan Mulo Pasun-dan, taun 1937, saterusna digawe diBale Pamulangan Pasundan Bandung.Sanggeus revolusi kamerdekaan in-yana cekel gawe di Jawatan Peneran-gan Propinsi Jawa Barat, saterusnadina taun 1961 pindah, jadi guru di

Konservatori Karawaitan Indonesia diBandung. Malah ti taun 1966 nepi ka1972, jadi direktur KOKAR.

Pindahna Mang Koko ka etasakola, mangaruhan kana lalaguan -ana. Kituna teh lantaran lalaguananaleuwih dimekarkeun ngaliwtan ka-jian-kajian tiori, kaasup mimiti nga-garap pelog kalayan rupa-rupasurupanana. Waktu Mang Koko, taun1963 ngagarap aransemen tabeuhdina gamelan salendro, masarakat teupati ngarasa loba robahna. Tapi,waktu ngaaransemen tabeuhna dinagamelan pelog, loba nu curinghak, ayanu nyebutkeun kawas gamelan Baliatawa Jawa atawa gamelan Beatle.Hal nu kawas kitu teh karasa sapertidina taun 1963 waktu Mang Kokongaaransemen lagu Pohon Beringin

Mang Koko téh seniman anudeuheus jeung apal pisankana pasualan hirup

masarakat leutik. Ku kituna mu-nasabah mun jejer nu diangkat dinarumpaka-rumpaka lagu Mang Kokoloba ngagambarkeun pasualan-pasua lan nu aya di maarakat, diantara na baé aya lagu “Jangkrik”,“Hayam Jago”, jeung “Buruh Leutik’.Malah remen merjuangkeun kahiru-pan masarakat golongan handapsaperti dina lagu “Buruh Leutik”.

“Mang Koko tara ngadamel lagungeunaan cinta birahi. Cinta mang

Koko aya di indung, buruh leutik,lingkung lembur, sarta cinta ka NuMaha Kawasa. Ku margi kitu, lagu-lagu Mang Koko téh mangrupa skétsamasarakat leutik,” kitu ditétélakeunku salasaurang murid Mang Koko,Eka Gandara, waktu ditepungan kuManglé di bumina anu aya di Kom-plék Sariwangi Bandung, sawatarawaktu nu kaliwat.

Ceuk Eka Gandara, Mang Kokoogé aya kalana kawas ahli nujum.Hal-hal anu ditembrakkeun dinarumpaka laguna, bet kajadian dinajaman ayeuna. Upamana baé dinalagu “Batik” nu ditulis taun 50-an.Dina éta lagu disebutkeun batik téhbakal nganasional sarta ngamanca -nagara, kapan kajadian pisan dinajaman ayeuna. Pon kitu deui dina lagu“Buruh Leutik”. Pasualan-pasualananu ditepikeunana éstu aktual nepika kiwari. Ogé dina lagu “Pelastik” nuditulis taun 80-an, nu masualkeunnasib pangrajin tradisional sapertitukang nganyam boboko, anu lahankahirupanana terus kadéséh kuindus tri pelastik.

Mang Koko kakara ngagarapatawa nganggit lagu-lagu cinta birahisabada gaul jeung rumpakana di-pairan ku para sastrawan sapertiAmbu Iloh, Wahyu Wibisana, Dedy

Windyagiri, jeung sajabana. Munrumpaka geus nyampak, Mang Kokotinggal nganggit laguna wungkul. Iwalti kahirupan batin masarakat leutik,

dunya atikan ogé teu luput tina per-hatian Mang Koko. Ketak Mang Kokodina atikan diwujudkeun kungadegkeun Taman Indra Bincarungpikeun murid kelas 1 nepi ka kelas 3,Taman Cangkurileung pikeun tingkatnu saluhureunana, sarta Taman SetiaPutra pikeun tingkat SMP jeung SMAlengkep jeung lagu-laguna. MalahMang Koko ogé laju nyiptakeun vocalgrup Sunda anu disebut layeutanswara atawa rampak sekar.

Dina hal musik, Mang Koko ogejadi salasaurang panaratas modére -nisasi karawitan Sunda. Anjeunna

8

Mang Koko Ceuk Para Muridna

Eka Gandara Nano S. (suargi)

Page 10: Mangle 2453

Manglé 2453 9

Pengayoman karya Saharjo SH (Men-tri Kehakiman) nu dihaleuang keun kuTati Saleh jeung Tajudin Nirwan.

Taun 1963, Mang Koko milu natakarawitan dina Gending Karesmen.Saterusna, dina taun 1964, ieu kom-ponis teh ngagarap gending karesmennu judulna Si kabayan (karya WahyuWibisana), Si Kabayan jeung RajaJimbul (1966, naskah WahyuWibisana), Aki Nini Balangantrang(1968, Naskah Wahyu Wibisana,Pangeran Jayakarta (1970, KaryaRAF), Nyai Dasima (1972, dina basaIndoensia, diropea tina Naskah SMArdan, nu diropea deui ku Epe SyafeiAds). Ngagarap gending karesmen,keur Mang Koko mah teu pati susahda kungsi nyieun nu kawas kitusamemehna ge, saperti Pahlawan

Samudera, Berekat Katitih Mahal,Adu Asih, jeung sajabana. Mang Kokomake istilah drama suara keur wa -ngun pinto nan gending karesmen anuparondok kawas kitu teh).

Saterusna, loba sastrawan atawapangarang nu ngirimkeun rumpakaka Mang Koko. Ku lantaran kitu ogelalaguan Mang Koko teh aya robahna,nu mimitna mah lalaguan teh kritiksosial jeung heureuy saterusna mahtembong deuih lagu-lagu romantissaperti nu dipintokeun ku GandaMekar.

Rumpaka munggran ti pangarangnu disanggi ku Mang Koko teh Talatahti SAR (Siti Armilah), saterusna RAF,Wahyu Wibisana, Agus Suriamiharja,Dedi Windiagiri, Winarya Artadinata,jeung sajabana. Lagu-lagu nu popiler,

di antarana Bulan, Samoja, Purnama,Sariak Layung, Girimis Kasorenakeun,Hariring nu Kungsi Nyanding, jeungsajabana.

Sabada pangsiun, Mang Koko jadidosen luar biasa di ASTI Bandung, nungajarkeun karawitan. Saterusana,dina taun 1975-1983, inyana nyanggilalaguan kaagamam anu rumpakanati ti RAF, di antrana Ajilu, Hamdan,jeung Pangdua. Lagu-lagu sangjianMang koko, sumebar di masarkatngaliwatan piringan hitam jeungkaset boh nu dipidangeun ku GandaMekar boh ku Munding Laya. Kagitanmingpin grup jeung yayasanditeruskeun ku Tatang Benyaminjeung Ida Rosida, dua di antara dala-pan putrana nu neruskeun tapaklacak Mang Koko. *** (ensa)

mangrupa seniman anu pangheulananerapkeun tiori nu diciptakeun ku R.Mahyar Kusuma Dinata, notasi da-mi-na-ti-la. Hal sarupa kitu pisan nungalantarankeun Mang Koko bisanyieun komposisi atawa aranseméngending. Alatan kitu, pantes pisanlamun dina taun 1971 Mang Kokodilélér Anugrah SatyalencanaKebudaya an minangka PembaharuKarawitan Sunda.

Eka Gandara ngémbohan, MangKoko éstu ngamangpaatkeun Sundasabeuleugeunjeurna. Matéri, lagu,sarta alat musik Sunda diracik sartadiramu sacara modéren nungalahirkeun Sekar Gending. PrinsipMang Koko mah modérenisasi Sunda,lain ngabaratkeun Sunda.

“Ku margi kitu, lebar lamun urangSunda henteu miara karya-karyaMang Koko, sarta jadi isnspirasi dinakréatipitasna. Sim kuring kantos pen-dak sareng dalang kondang, Ki NartoSabdo, anjeunna ngaku yén MangKoko téh guru keur anjeunna mah,”ceuk Eka.

Guru nu Disiplin tur Dipika ajrih Salian ti seniman, Mang Koko ogé

kaasup guru anu ngalahirkeun seni-man-seniman motékar, di antaranaNano S dina nganggit lagu, dinakakawihan aya Ida Rosida, TadjudinNirwan, jeung Eson Sonjaya,sedengkeun kaahlian ngacapi mahgubragna ka salasawios

putrana,Tatang Bunyamin.“Mang Koko kelebet guru anu

disip lin tur dipikaajrih ku murid-muridna,” ceuk Eka Gandara.

Hal anu ditétélakeun ku Eka Gan-dara téh éstu dinyakeun ku muridMang Koko nu séjénna, Eson Sonjaya.Ceuk Eson, ku lantaran disiplin atuhwaktu latihan jeung diajar ogé teumeunang telat. Para muridna teuweléh ajrih, béda jeung ka guru séjénanu ukur wawuh biasa.

Eson Sonjaya kaasup salasaurangmurid Mang Koko di KonsevasiKarawitan (Kokar) anu kiwari jadiSekolah Menengah Kejuruan 10 Ban-dung, bareng jeung Atik Sopandi,Tadjudin Nirwan, Tati Saleh, jeungNanno S. Sabada sababaraha taunsakola di Kokar, Eson kakara diajakka Ganda Mekar, milu aub kana gen -ding karesmén Si Kabayan jeung AkiNini Balangantrang anu rumpakanaditulis ku Wahyu Wibisana. Di GandaMekar mah nu latihan téh lainmuridna ti Kokar wungkul, tapi jeungpara pangrawit anu diajak jadi anakwayang nu ngadeudeul gendingkaresmén.

“Unggal dinten Jumaah sok lati-han di Jalan Ence Aziz. Harita Jurukawihna Wawang, Anok Rukini,Yetty, jeung Nining Sekarningsih.Sedengkeun lalakina mah aya Tadju -din Niwan, sim kuring, Rahmat Sam,jeung Dudung Abdul Sukur,” pokna,ka Manglé.

Ku lantaran disiplin, Mang Koko

ngomat-ngomatan pisan dina organ-isasi mah ulah aya nu bobogohan.Dina ayana ogé nu bobogohan sokburu-buru ditanya rék jeung benernaatawa ngan rék saulineun? MuridMang ogé ogé mimitina mah sok ayaanu teu disiplin. Nyanghareupanmurid samodél kitu, ku Mang Kokosok diantep heula, sanggeus katém-bong kamekaranana kakara dibéjaantur dibina.

Mang Koko ogé teu weléh mérésupport ka murid-muridna anumetakeun kréatipitas nyieun lagu.Kecap-kecap anu ditepikeun kamuridna téh lir kecap bapa ka anakna.

“Kana karya muridna Mang Kokoteu weléh nyebat saé, kituna téh barisautak-saeutik dibebener. Hal sarupakitu kaalaman ku sim kuring waktosngadamel lagu Pahlawan Toha, numangrupi hiji-hijina lagu diserat kusim kuring. Ogé waktos ngadamellagu gending karesmén kanggoTVRI,” ceuk Eson.

Eson ogé ngémbohan, yén haritakeur ngagelarkeun karya-karyana,Ganda Mekar remen manggung disawatara Gedong Kasenian anusumebar di Bandung, saperti diTaman Hiburan Cicadas, jeunggedong kasenian anu kadieunakeunjadi bioskop Varia. Malah keurpagela ran gending karesmen SiKabayan, Aki Nini Balangantrang,Pahlawan Samudra, jeung PangeranJayakarta mah ngiderna téh ka ung-gal daérah.*** (dede)

Page 11: Mangle 2453

10 Manglé 2453

Bagian

184

Peuting ka-215

Aki-aki bungaheunpisan. Ceuk pikirna, geuswaktuna Komarujamanmanggih kasenanganlantaran kasabaranana.Mangbulan-bulan cicingdi éta tempat, barang-gawé taya kacapé, ukurnganti waktuna miang kanagri nu ditujuna.

“Sagala rupa harta nukapanggih, éta mah milikhidep,” ceuk aki-aki.

Tapi, Komarujamanmah teu hayang beung-har sosoranganan. Da,ceuk haténa, kahadéanéta aki-aki téh tayapapada na. Pantes upamameunang kahadéan timanéhna. Ku lantarankitu, pok wéh Komaru -jaman nyarita, nga-jangjikeun satengahharta papanggihananakeur aki-aki.

Nu ngajaga kebon téhukur mésem, teu singatoh. Ngan, cenah, mun

karep Komarujamankitu, teu jadi sual. Keurdirina, teu sing butuh kuharta lantaran hirupnagé geus sakitukakolotanana.

Sanggeus asakbabadamian, Komaruja-man ngajak aki-aki kaguha téa. Enya wé, hartabanda di dinya téhkacida lobana. Emassababaraha peti nu mundiduitkeun gé dukapisakumahaeun hare-gana.

Eta emas diakutan di-tunda di nu suni.Saterusna, aki-aki téhnitah mupu bungbuahankeur bawaeun Komaru -jaman neruskeun lalam-pahan. Maksudna, keurnyamarkeunbabawananana. Malum,apan emas nu rekdibawana téh sakitulobana.

Kalayan nurut kanapapatah aki-aki,Komaru jaman metikan

buah zaetun jeungwaluh. Ngahaja, nu rékdijual téh buah zaetun nudiwadahan kana waluh.Carana, waluh di -korowék dikaluarkeuneusina, saterusna diasu-pan emas. Geus kitu,bagian pangluhurna dia-supan jaiutunsababaraha siki. Geuskitu mah, éta waluh téhdibeungkeut rapih pisan.

Pipikiran Komaru -jaman bungangan, bun-gah lantaran bakal téréhnepi ka nagrina. Ceukpikirna, meureunpamajikan ana mah PutriBudur geus aya dinagara na. Matak, dinasajeroning nganti wak-tuna miang téh Komaru-jaman marahmay naker.

Luyu jeung omongansi aki-aki, yén kapal nukeur balabuh di éta tem-pat rék miang, ka kebontempat aki-aki gé aya nudatang. Maksudna, tayalian ngabéjaanpiinditeun ana éta kapal.Taksiran, aki-akisaméméhna geus papa -don sangkan ngabéjaanheula sakalian mang-

mawakeun babawaanjualeun ka nagri séjén.

Barang-barangbabawaan Komarujamandiakutan kana kapal. Teucukup ku sakali, dapuguh loba téa.Kabéhanana, waluh téhlima puluh siki nusabener na mah eusiemas téa. Geus réngsé di-akutan, kari Komaru -jaman nuturkeun.

Méméh miang,Komaru jaman téh teukendat-kendatnganuhunkeun ka aki-aki. Lain teu melang kakolot nu geusngarawatan manéhna,cenah, ngan kapaksakudu gancang balik kanagri. Aki-aki ukurmesém, nyaritana géharoshos naker da keurgering.

Ti saprak balik ti ba-sisir, aki-aki téh mémanggering. Teu sing parnakatempona mah. Ngan,waktu pas pisanKomaru jaman rék indit tiéta tempat, aki-aki téhteu bisa hudang-hudangacan.

Waktu diguyah-

Page 12: Mangle 2453

Manglé 2453 11

guyah, horéng aki-aki téhoyag kabéh. Horéng, titistulis bagja diri, umurmah gagaduhan. Numikanyaah Komaru -jaman téh nepi kahanteu na.

Layon dipulasara. Di-mandian, dibungkus,saterusna dikubur. Geuskitu mah, jung wéhmanéhna indit murupalabu han. Maksudna,rék numpak kapal murunagri nu ditujuna. Geuskacipta, pangeureunantéh nagri Abnos, nusaterusna bakal lajumuru deui nagriséjén,lemah caina nugeus lila ditinggalkeun.

Barang anjog kapalabu han, kapal téhgeus teu kasampak. Geuslila ninggalkeun éta tem-pat. Layarna gé geuscelak-celak lantaran geuskacida jauhna. Komaru-jaman sajongjongan mahngahuleng. Aya bagja teudaulat. Tapi, teu singngarasula, da yakinmanusa mah ukur darmakahayang jeung ihtiar.

Sedih mah tangtu,komo deui mun ingetkana permata nu kabawaku kapal téa. Apan, étabarang téh keur dirinamah kacida gedépangajén na. Matak nepika kadungsang-dungsanggé lanataran hayangmeunang keun deui per-mata, bukti kaasihna kaPutri Budur.

Gék Komarujamanandiprek. Diuk nyawanglaut nu ngalamuk paul.Geus kitu, jung nang-tung, leumpang balikdeui ka kebon. Kitunatéh, sanggeus apal ti nuditanya di palabuhan yénkapal pidangeun deui kadinya mah sataun deuika hareup. Kitu cenah,nu matuh mah.

Kapaksa Komaru -

jaman téh cicing deui dikebon. Ngan, sakalian wéngahaja nyéwa éta kebonrék diurus sarta hasilnajualeun keur kaperleuansapopoéana. Lian ti kitu,apan aya simpenankénéh nu kudu dijagadiriksa sangkan teukanyahoan ku pihakséjén.

Sanggeus adu tawarsual harega sewaankebon, Komarujamancréng mikeun duit. Geuskitu, manéhna néanganbatur duaan keur nguruséta kebon. Komarujamanmah, ukur ngamandoran,lanatran sagala rupapagawe an mah ku nukuli tea.

Peuting ka-216

Upama kapal teungadagoan, mémanglain salah nangkodana.Da, kitu jadwalna.Malah, rada elat lan-taran ngadagoanKomaru jaman. Ngan,waktu panung pang nuditunggu-tunggulebeng, kapaksaditinggal keun.

Kapal balayar carasasari. Ti éta palabuhannyuruwuk meuntas lau-tan. Nu baris dituju téh,taya lian ti nagri Abnos.Eta mah, tempat nupangdeukeutna tipalabu han pamiangantéh. Saterusna, lalampa-han dituluykeun kanagri-nagri Islam sejen -na.

Lolobana nu balayartéh sudagar. Nu ngahajadagang ti nagara ka na-gara séjénna. Atuh,tujuan ana gé teu sarua,da aya nu deukeut aya nujauh. Ku lantaran kitu,dina saban palabuhannu kaliwatan, éta kapaltéh eureun heula.

Biasa aya nu turun didinya atawa nu naék. Nuturun, saklian nurunk-eun barang-barangdagangan ana. Atuh nunaék ogé naékeunbarang-barang daganganti éta wewengkon. Kitujeung kitu wé sabanpalabu han téh. Cindeknamah tukeur daganganrupa-rupa pangabutuh.*** (Hanca)

Page 13: Mangle 2453

12 Manglé 2453

8Isuk-isuk wanci pecat

sawed, kota Bandungmeujeuh na ngeunah hawana,keur sedengna leungit tariris,duméh hawa keur manasan.Di hareupeun imah AganSariningrat aya bendi keurngamuatkeun peti dieusi pa-pakéan Agan, méh saayana nuwareuteuh jeung emas-intenmah. (nu baruruk dibagikeunka babu jeung koki). AnomBelem ulak-ilik kana sumbuasa roda bari nanjak ka Arta -yim, loporna: “Bener kuatkikiping téh Jim? Moal potongpaké nanjak?”

Artayim: “Piraku Anom!Unggal dinten dianggowungsal-wangsul Lembang-Bandung bet ngadak-ngadakpotong téh, kumaha ariAnom?”

Belem: “Éta cenah urutneung gar pilar di Cihideungtéa, urang mah paur.”

“Ah Anom mah kitu-kitubaé,” ceuk lopor Artayim di-anggo mabur ka Jabal-Kap gékiat, Nom.”

Agan Sariningrat rékminggat téh estuning antarépisan, da salaki keur di kantor.Ka koki jeung babu dadakunarék ka ibu-ramana di Ujung-

berung, meuting tilu peuting,pokna, jajapkeun ku Belem.Magar téh da Aom gé geusnyahoeun, geus bébéja.Ngomong kitu singhoréngmiceun salasah, puguh-puguhminggat ngulon, dadakunyaba ngétan.

Agan Sari sirahna ditergosku karémbong, nu témbongtéh ngan panonna baé, bisikatara ku nu nganya-hoankeun. Ingetanana geusliwat Andir mah luar kotakakara dibuka.

Dina jaman harita mah teuanéh upama aya wanitatumpak bendi atawa tumpakkuda ditergos sarta maké topitéh. Komo anu lumaku jauhmah.

Geus sagala salsé,sakeudeung gé geus ngaliwatAndir kalawan salamet; AganSari muka teregosna, ngaliglagawas ku nu narénjo, haténaplong baé asa bungangangcara kuda leupas tina gedogan,tumpak bendi digédéngeun kukabogoh. Perbawabungangang na haté, jeungkatarik ku téténjoan anu po-hara matak waasna, panon géjadi balangah, leuwih awas kagunung-gunung nu jauh, kapasawahan nu ngaplak

satung tung deuleu dianggangna, batan ka nu di sisijalan, da rasana moal aya nuwawuh deui ieuh; poho, yénpitiwaseun picilakaeun mahtampolanana tara di nu negraknonggérak, sakapeung nyelapatawa nyampépét di lebah nuteu disangka-sangka.

Harita gé di warung HajiAsik, jeroeun tingkeban ayaGan Sole, paman Agan Sari,kumetir kopi Cimahi keur kaBandungkeun, nyimpangheula, sono ka sobat heubeul.Kuda Gan Sole katutpangiring na katarukang baringabenerkeun beusi talapokka panday nu teu jauh, sabu-ruan kénéh jeung Haji Asik,Gan Sole mah ka jero diuah-aéh bangun sono pisan kupribumi téh, batur bancul keurleutik.

Sakumaha biasana warungsisi jalan, ti sajeroeun tingke-ban ka jalan mah sok awas,tapi ti jalan ka satukangeuntingkeban mah tara jol-bréh.

Gan Sole pohara kagéteun -ana nénjo Agan Saringaréndéng jeung sinyoh dinabendi. Geus calangap rék di-geroan, kaburu inget, bisi lain,bisi anu sakarupa baé, ma’lumdina bendi keur maju radatarik, palangsiang nu lian,urang anu salah panénjo.Jeung piraku Sariningrat aloSoleman, ménak santri nepi kabebendian jeung Walanda

paranakan ka luar kota, aréknanaonan! Éta mah meureunnyai-nyai nu sakarupa.

Bendi geus rada jauh, GanSole nanya ka pribumi:“Wawuh ka nu dina bendi,Kang Haji?”

Haji Asik: “Titingalan punAkang mah bendi Anom Kop-mayar nu cikal, saha téhwastana: pelem, telem,nilem?”

Gan Sole: “Belem?”Haji Asik: “Tah éta ... hah,

hah, hah, ari urang Taif mahapal téh kana: wa idha hadnakamasaladis tao kadanaro,hah, hah, hah, hah, apal kénéhkana ngaran onta batan kanangaran sinyoh, hah, hah, hah,ieu geura Gan, sampeu pelakpun Akang pribados Si Lem-proh wastana, dicocolkeunkana gula kawung ...dibanding keun sareng kuéhkapadino di Baraga nu teu ayamah mending ieu, hah, hah,hah, hah.”

Gan Sole kabawakeun ogéberag ku pribumi anu sakecapkadua hah, hah. Pok nanyadeui: “Ari éta awéwéna sahaKang, teu wawuh?”

Barakatak deui Haji Asiktéh ngahahah, “Upami punAkang teu apal ti bubudak,wantun nyebut rayungan kaAgan téh, soca parantos sepuhawas kénéh baé ari ka numonyas-monyas mah. Dukaatuh awéwéna mah teu

{ 22 }Ku M.A. Salmun

Page 14: Mangle 2453

Manglé 2453 13

negeskeun, apal sotéh bendinasareng kudana, da teu aya nubireuk sa-Priangan mah kabendi Kopmayar raja Lem-bang, ditarik ku kuda Sitni(kuda Ustrali kaluaran Sidney,harita sohor pisan) hideungmeles.”

“Teu samar-samar acankang Haji ka awéwéna?” ceukGan Sole nyedek.

Barakatak Haji Asik téh,sampeu dina sungutna manimeh ngabura: “Ieu téhkumaha awitna, bet pogot kanyai-nyai tuan katingal sali-wat, palangsiang bobojodanKebonkalapa!”

Sabot kitu, kotoplak pangi -ring nungtun kuda meunangngabeusian, Gan Sole pamitanka nu boga imah, giritik dua-nana ka Bandungkeun, GanSole tumpak Si Jobin,pangiring na tumpak Si Depe,kuda Kuningan, leutik tapibedas, ari nu tumpakna rariduku babawaan, jelema jangkungkuru barangpaké singsarwamerecet atuh bleg baé DonKisot dina buku Sepanyolkuna, suku kuda téh nepi kajiga genep da suku nu tumpakmeh ngangsar.

Di Bandung teu tuluy kakabupaten nemonan panyaurpatih, tapi nyimpang ka AganSari, kasampak suwung; ceuknu di imah magar tadi ayalima panyepahan mah tumpakbendi dijajapkeun ku AnomBelem ka Ujungberungngadon kulem di ibu-ramana.

Gan Sule wantuning surti,geus teg baé goreng sangka,moal enya aya nu ka Ujung-berung ka kulonkeun, moalenya indit sakitu jauhna ka in-dung-bapa teu jeung salaki,kalah milu ka deungeun-deu -ngeun, ongkoh Usman gé bo-gaeun bendi, najan teu aluscara nu Belem ogé, naha makébendi batur?

Teu loba carita, beretekkuda dilumpatkeun ka kabu-patén, di lawang kuta dirawatku pangiring.

Sanggeus diunjukkeun kapatih, blus ka jero, bet ayasakaut jeung jaksa, brekkumetir Sule andeproktukangeun jaksa, cong nyem-bah sakumaha adat jamanharita.

Patih: “Bagea Kumetir, numatak diala téh aya perlu, tapi

ayeuna mah kula keur ka-palang, isukan baé isuk-isukpisan ka dieu deui. Ari buku-buku dibawa?”

Gan Sole: “Dawuh gam-paran, sakumaha timbalan.Sadayana buku sareng seratogé dibantun.”

Patih: “Heueuh, sukur,tinggalkeun baé di dieu, tuhdina erak itu dihijikeun jeungpada buku Kumetir, gigireunbuku para Mantri, ulahdibawa ka imah.”

Gan Sole pohara kageteun -ana, duméh saumur hirupkakara nampa paréntah kitu,kawas keur aya urusan gelappohara gedéna, maké saayanabuku kumetir jeung mantridipupul dikumpulkeun. Naaya naon? Tapi teu panjangdipikir, gengsor-gengsornyampeurkeun erak, soksokbuku-buku diteundeun, congnyembah, gengsor deui kapanto, cong deui nyembah,ngong sorana: “Tigas dawuh.”

Patih: “Heueuh, jung!Isukan isuk-isuk, nya!”

Gan Sole: “Ngiringan!”Kaluar ti kamar, blus ka

kamar mantri kabupaten, betnyampak para kumetir Ban-dung-Wetan jeung Bandung-Kidul, malah aya mantri Jibjajeung mantri Sujatma keurtingdarekul dina meja AomUsman, ngariung nungku tilu.

Ari mantri kabupaten téhpriyayi rajin tur towéksa,jalma lempeng-bener sa-tarabasna, bubuhan ber -agama. Rasiah kabupatén téhdi dinya mah rekep batanhuntu gegep, lta batan huntu

kuya. Urusan patih maluruhkasalahan Usman gé Ki Mantritéh geus dibawa sarasiah, tapibisa pisan api-apina.

Geus munjungan geusgeus naon, cek Gan Sole: “Ayanaon ieu téh Alo Mantri? Kolotmah rareuwas di saurdikumpul-kumpul téh?”

Séréngéh mantri seuri:“Aya pangaturan anyar tiBatawi nu baris diembarkeunsareng badé ngasongkeun po-drah ka nu bukuna pang-beresna.”

Gan Sole: “Euh kitu, sukuratuh ari ngan sakitu mah, boroEmang mah reuwas sieunkababawa ku nu basilat.”(Ngomong kitu téh Gan Solemah enyaan, da kawasna luarbiasa, teu milu basilat carakarereanana nu lian).

Gan Sole: “Sanés kitu, DenMantri, Emang téh aya perluka pun alo, Ki Usman, badé di-ajak wangsul heula sakedap,moal lami, méméh tutup kan-tor ge wangsul deui.”

Najan mantri kabupatenngarenjag ku kagét, duméhUsman nu keur diincer betkawas rék dibawa nyalingker,tapi bisa pisan nyumputkeunsemu, pokna: “Saleresna mahnuju teu kinten riweuhna,malah padamelanana nujudibantuan ku Ayi Jibja sarengKang Sujatma. Nangingmangga baé upami mungsakedap mah.”

“Teu kedah unjukan heulaka Juragan Patih?” ceuk GangSole.

“Sawios diunjukkeun kuabdi upami mariksakeun

mah,” walon mantri.Gan Sole anu cek basa ka-

heureuyan mah teu terang dihitut bau, yén Usman keur di-arawaskeun, mokaha jeungsahinasna pisan ngajak nye-lang balik téh, samata-matarék nyidikkeun Gan Sari baé,dibawa balik téh saperkarangarah tetela jeung laluasa, kaduanana ngajaga bisigareuwah, sahenteunangadenge pamajikan dipaling,saha nu teu ambeik, kurangbedas negeranana mah matakngageunjleungkeun dayeuh.Tah bisi kitu, inggis Usmankalap di kantor nu matak dia-jak balik téh.

Sajungna Usman jeungSole indit, mantri kabupatengeuwat unjukan ka patih dihareupeun sakaut jeung jaksa.(Sihoréng araya di dinya téhaya patalina jeung papayanbab paehna Si Abdullah,dumeh tingselenting bejaangin, samar-samar, yenUsman jeung Sariningrat ayapatalina ka dinya.

Barang mantri kabupaténgeus kaluar deui, patih jeungsakaut katut jaksa ting -haréwos. Geus kitu sakautindit, arék masang mata-mata geusan ngukuntitUsman tapi dipeupeujeuh -keun pisan, ma sing bisa hal-imunan, bisa nyumput dicaangna. Lamun aya tanda-tanda arek kabur ninggal -keun Bandung, dicerek géhadé. Mun ngalawan, hadedipeupeuh, tapi lain dipahalangan supaya teu bisa gerakbaé. (hanca)

Page 15: Mangle 2453

Islam miwarang umatnasangkan ngajalankeun polahirup nu saimbang, sineger te -

ngah, antara milari bekel kanggo didunya sareng jaga di ahérat.Salasahiji tarékah nyumponankaperyogian di dunya téh nyatanamilari napkah tina pirang-pirangrijki mangrupi matéri anu tosdisadia keun ku Alloh kanggo urangsadayana.

Leres, rijki kanggo kaperyogiantuangeun sareng leueuteun,anggoan atanapi sandang, nya kitudeui papan éta téh kedah dipilari,moal sumping sorangan. Sangkankénging hasil nu mucekil, dinangalap rijki téh kedah soson-soson.Nanging sanés kanggo ngudagjungkiringna matéri wungkul, tapikedah dijejeran ogé ku papagonagama anu saleres-leresna, malahmandar teu matak jadi mamalaatanapi cilaka.

Dina emprona, sumanget kasabmilari sahuap-sakopeun téh pang-pangna nu aranom sok kahalanganku sikep kedul, mumul, da nu jadiudaganana asal bisa dahar beunangpaméré ti batur atawa baramaénalias jajaluk nu kiwari geus jadimasalah sosial di kota-kota galedésiga Bandung nu matak rieut nungurus nagara atawa pamaréntah.Teu rék kitu kumaha da atuh nungulayab di parapatan-parapatanlampu setopan téh réréana barudakandar-andar nu kuduna mahsarakola, nonoman para rumaja nukuduna soson-soson gawé rancagéanu pantes.

Sabagéan gedé maranéhna téh,boa kabéh, barudak kaom muslim,sirung harepan anu kuduna dicébor

ku atikan keur bekel hirup kahareup na. Atuh lamun téa mahmaranéhna terus kitu, rék kumahaka hareupna. Sedengkeun Islamsakumaha nu diajarkeun ku Allohsareng RosulNa hakékatna mahingbaramaén, hirup gumantungpaméré batur bari mumul digawé.Anging, tangtosna ka jalmi anuleres-leres teu mampuh nyiarkipayah alatan aya kakirangan.

Dina hal ieu Rosululloh saw.ngadawuh dina hadis nu hartosna:

"Sahabat Abu Dzar r.a. sasauranyén Rosululloh saw, parantosngadawuh: Ya Aba Dzar, teu ayapamikiran anu leuwih nyongcolangbatan mikiran kaagungan Alloh,taya sikep waro anu leuwih agungtibatan ngariksa diri tina baramaén,jeung teu aya hiji hal anu leuwihmulya tibatan ahlak karimah." (Ri-wayat Ibnu Hibban)

Kitu dawuhan Rosululloh saw.nu enas-enasna ngémutan ka urangsadayana sangkan mibanda ahlaknu pinuji. Anapon salasawios ciriahlak pinuji téh nyatana ngariksadiri tina sikep mumul kasab, terusancrub kana barangpénta atawahirup gumantung ka nu séjén pada-hal manéhna mampuh kasab.

Teu cekap asal mucekilAngot nu geus kurenan atawa

geus boga tanggung jawab geusannganapkahan kulawarga mahkedah leres-leres némbongkeunkadeudeuh jeung kanyaah anu sa-jati. Jalmi anu leres-leres tanggungjawab ka kulawarga mangrupagambaran mumin nu mibandaahlak pinuji. Hal éta sakumaha anukaunggel dina dawuhan Rosululloh

saw. nu hartosna:"Sahabat Abu Huraéroh r.a.

sasauran yén Rosululloh saw.parantos ngadawuh: jalma-jalmaiman nu pangsampurna-sampurna -na imanna nyaéta anu panghadé-hadéna budi parangina. Jeungpanghadé-hadéna di antaramaranéh nyaéta anu panghadé-hadéna ahlakna ka kulawarga." (HRAbu Dawud sareng Tirmidzi)

Dina kasab, kanggo kaom mus-lim mah teu cekap ku ngukur asalmucekil, asal raos dituangna, asalngeunah sorangan kajeun ladangnu papalimpang sareng qanunagama. Da apan Alloh SWT miwa -rang ka urang sadayana yén dinanyumponan kaperyogian padaha-ran téh, boh tuangreun boh leueu-teun, di sagédéngeun nu halal téhkedah anu saé nu nyumponan saratkaséhatan, gizi, sareng sajabina,ulah dapon waé. Geura uranglenyepan pidawuhNa:

"Hé umat manusa, prak daharanu halal jeung alus tina naon-naonanu aya di ieu bumi." (Al Quransurat Al Baqarah ayat 168)

Dina ayat sanésna kauninga:" Hé jalma-jalma nu ariman,

prak dalahar tina rijki anu alus anuku Kami geus dibikeun kamaranéh." (QS Al Baqarah ayat 172)

Kanggo ibadahKanggo naon urang barang-

tuang, barangleueut? Naha sakadarngajagjagkeun awak? Nyinglarkasakit, atanapi sangkanngaraoskeun kangeunahan?Tangtos na urang salaku muslimmah sanés ukur kitu. Sumuhun,saatos kenging kanimatan, awak

Modal Usaha Kaom MuslimKu Féndy Sy. Citrawarga

14 Manglé 2453

Page 16: Mangle 2453

jagjag belejag, aya pancén nu utaminyaéta kanggo babakti ka Gusti NuMaha Suci.

Ku kituna, milari napkah téhkedah dinawaétuan kanggo ibadahkarana Allah, tiasa ngariksa dirisalaku muslim anu teu sakadarkénging rijki nu mangrupi matérisapertos artos, tapi kedah dijejeranhukum syara. Naha nu dipilampahtéh halal atanapi haram. Dina halieu jungjunan urang, Nabi saw.ngawawadian deui dina hadis nuhartosna:

"Sahabat Abu Huraéroh r.a.sasauran yén Rosululloh saw.parantos ngadawuh: jaga bakaldatang ka umat manusa hijimangsa nalika maranéhna geus teumaliré cara digawé (nyiar napkah),naha haram atawa halal nu pentingmeunang pangasilan." (RiwayatBukhari sareng Nasa-i)

Kitu amanat ti Rosululloh saw.yén sakedahna kaom muslim gawérancagé, teu tigebrus kana nyiarrijki nu asal baé, asal meunangpangasi lan keun baé meunangnipu, meunang nyangsarakeunbatur, meunang ngagasab duitraha yat ku jalan korupsi. Kanggourang mah cara kitu téh mutlakkedah ditebihan.

Ku kituna, nalika urang milaririjki atanapi ngajalankeun usahanaon baé peryogi dijejeran kumodal anu utama numutkeun pi-tuduh Alloh sareng RosulNa.Jaman kiwari, réa jalma anu mukausaha ngaheulakeun modal matérimangrupa artos. Sumuhun, artosanu jadi tanggelan, abong-abong nudiuudagna gé matéri wungkul. Atuhusaha téh tisuksuk tidungdungadug lajer teu émut kana waktoskanggo ibadah boh solatna boh sid-koh angot zakatna sok asal kengingartos satelebug carék babasan téamah.

Padahal dina kanyataananaseueur anu tihothat kasab siga kitu,tapi teu matak nyugemakeun. Soksanaos enya kénging artos tapiartos na téh henteu matak mawakana kamaslahatan boh keur dirinaboh kulawarga atuh angot kanggonu sanés.

Naon atuh modal utama usahakanggo kaom muslim? Sakumaha

nu tos disanggemkeun di luhur,nyaéta kedah tunduk tumut kanapidawuh Alloh sareng RosulNa,tegesna ngajejeran usaha ku modaliman sareng takwa. Usaha naon baétanpa dijejeran modal nu utamaieu, pinasti baris ngadatangkeunbalai atawa siksa ti Alloh SWT ala-tan pagawéanana.

Alloh SWT ngadawuh dina AlQuran nu hartosna: "Mun téa mahpangeusi nagri-nagri ariman jeungtarakwa, pinasti Kami barisngalimpahkeun ka maranéhananabarokah ti langit jeung bumi, tapimaranéhanana ngabohongkeunayat-ayat Kami téa, ku kituna Kamisiksa maranéhna alatan pagawéan -ana."(Surat Al A'raaf ayat 96)

Janten, sarat rijki jadi barokahtéh mutlak kedah dijejeran kukaimanan sareng katakwaan. Kuiman, sagala rupi padamelan bakallempeng aya dina jalan anusakuduna margi dina dirina ngan-cik kayakinan yén naon rupa anudipigawé téh aya dina panalingaanAlloh SWT. Atuh dina prakna ogépanceg dina aturan Alloh sarengRosulNa, tigin tarapti teu asalusaha, tegesna ngamalkeun ajén-inajén katakwaan téa.

Sawangsulna upami ngaleupas -keun kaimanan sareng katakwaan,siksa anu baris tumiba boh didunya sumawonna di ahérat jaga.Hal éta tos kabuktoskeun jamankapungkur sakumaha dawuhanAlloh SWT dina Al Qur'an nuhartos na:

"Jeung kacida réana padumuknagri anu ku Kami geus dibinasa -keun anu geus sarukan-sukan dinakahirupan dunyana, tah éta tempatpanganjrekan maranéhna anu geusteu dicaricingan deui sabadamaranéhna anging sabagéan leu-tik." (Al Qashash: 58)

Mageuhan silaturahmiKitu dawuhan Alloh SWT

ngeuna an jalma-jalma anu naréa -ngan harta tapi digunakeun keursakadar poya-poya, sarukan-sukannganteur pangajak napsu anu tayaeuih-euihna, nyatana kabinasaan.Mun téa mah nu kitu peta téh parapamingpin, maranéhna geus mi-gawé kadoliman anu pangaruhna

bisa tumiba ka saha baé kaasup karahayat anu teu tuah teu dosa.

Ku kituna mugia urang ditebih -keun tina paripolah kitu. Samalah,tina kasab téh sajabi kanggonyumponan kaperyogian urang,upami aya langkungna nya dianggosidkoh. Margi sidkoh téh bagéantina ginulurna barokah ti Allohsakumaha nu diterangkeun dinahadis nu hartosna:

"Prak manéh digawé nepi kaboga pangasilan pikeun nyukupankabutuh sorangan jeung pikeunsidkoh." (HR Bukhari sareng Mus-lim)

Tina ieu katerangan katawis yénurang kasab téh teu samata-matamilari kauntungan matéri kanggodiri pribadi, nanging kedah ngan-dung ajen ibadah anu didadasaranku iman sareng takwa, salasahijinanya ku sidkoh téa nu mangpaatnakeur mageuhan beungkeutansilaturah mi jeung dulur papadamuslim, malah jeung sakumnaumat manusa.

Tegesna mah antara milari bekelkanggo di dunya sareng ahérat téhkedah saimbang. Upami urang toh -tohan milari bekel kanggo di dunyanya kitu deui kanggo bekel jaga diahérat ogé kedah suhud.

Dina hadis qudsi diterangkeunnu hartosna: "Geus jadi hak pikeunjalma-jalma nu baroga akalsangkan maranéhna ulah di -ririweuh anging ku tilu perkara:Kahiji kudu sibuk nyiapkeun bekelpikeun poé ahir. Kadua, kudu ihtiarnéangan kamaslahatan kahirupandunya. Jeung katilu kudu néangankanimatan hirup tina rijki anuhalal."

Mugia urang sadayana kalebetinsan anu mibanda tatapkan imansareng takwa anu wedel sangkannalika kasab téh tetep diaping di -jaring ku pituduh Alloh sarengRasul Na. Nya kitu deui anak incuurang tiasa neraskeun tapak lacakurang anu saé, malah mandarmaranéhna henteu jadi bangbaluhbatur nanging mibanda sumangetanu enya-enya dina nyumponanbekel hirupna di dunya nya kitudeui milari bekel kanggo jaga diahérat. Aamiin.

***

Manglé 2453 15

Page 17: Mangle 2453

Hukum Khamar keur Ubar

Patarosan:Ais Pangaping Tanya Jawab Munara

Cahya anu dipihormat, aya patarosanngeuna an khamar anu di urang sok di-anggé landong (ubar) atanapi dijadikeuncampuran bahan obat-obatan. Patarosana,kumaha éta hukumna? sim kuringnyuhunkeun pedaranana, kalayan sateu -acana ngahaturkeun nuhun.

Hamba AllohRajamandala

Waleran:Sami-sami hatur nuhun kana sagala

rupi perhatosanana. Khamar nyaéta hijibanda mangrupa cai (cairan) anu di-hasilkeun tina sisikian atawa buah-bua-han, kalawan ngagunakeun katalisator(enzim) keur ngala saripatina, terus di-jadikeun bagian alkohol. Dina ajaranIslam, khamar hukumna haram, bohdiguna keun keur obat-obatan atawana di-gunakeun keur salian ti obat-obatan.Malahan bisa jadi khamar mangrupa salahsahiji sabab sumber polah kajahatan.Hukum khamar ieu disebut dina Alqur’anSurat Al-Maidah ayat 90, anu unggelna:“Hé, jalma-jalma anu ariman, saéstunakhamar, judi, sasajén, ngadu nasib kaasuppolah syetan, mangka prak jarauhan kuaranjeun supaya aranjeun meunangkauntu ngan”. Anu jadi pasualan, nahameu nang hukumna dina ajaran Islamsaupama khamar dijadikeun obat-obatan,utamina dina kaayaan kapaksa (darurat).Dina hal ieu para ulama béda-béda pa-madegan, tegesna aya anu ngaharamkeunjeung aya ogé anu ngameunangkeun.

Pamadegan kahiji, mayoritas ulama(jumhurul ulama) sapertos ulama ti réng -réngan madzhab Hanafi, Maliki, Syafi’i,sareng Hambali ngagaduhan pamadegan,yén khamar hukumna haram sok sanajandigunakeun pikeun obat-obatan. Dalilnanyaéta Q.S. Al-Maidah ayat 90 (sakumahaanu tos disebat di luhur). Dina ayat ieudisebatkeun, yén hukum khamar mutlakharam, boh digunakeun pikeun obat-obatan (medis) atawana digunakeunpikeun non medis. Pamadegan ieu dikua -tan ku dalil Hadits anu sumberna ti Abu

Darda, anjeunna nyarioskeun, wiréhRosulu lloh SAW ngadawuh: “SaéstunaAlloh nurunkeun panyakit sakaligus jeungubarna sarta ngajadikeun obat pikeun tiapjinis panyakit, mangka prak aranjeunuubar jeung poma ulah uubar ku baranganu haram” (HR. Abu Dawud). Haditssanésna diriwayatkeun ku Imam Muslim,sumberna ti Tariq bin Suwaid al-Jufri.Anjeun na naroskeun ka Rosululloh SAWperkawis khamar anu dijadikeun ubar. La-jeng Rosululloh SAW ngadawuh: “Saéstu -na khamar lain mangrupa ubar, malahanmangrupa panyakit”. Seueur deui Haditsanu negeskeun, yén ngagunakeun khamarsok sanajan pikeun ubar, hukumna haram.

Pamadegan kadua, nyaéta ngameu-nangkeun ngagunakeun khamar pikeunubar, atawa kapentingan medis. Pamade-gan ieu mangrupa pilihan (alternatif) tiréngréngan ulama madzhab Hanafi,madzhab Syafi’i sareng sabagian timadzhab Maliki. Sok sanajanngameunang keun, tapi ngabogaan syaratanu kudu kacumponan, nyaéta: Kahiji, pa-nyakit anu diubaran ayana di bagian luarawak; Kadua, ayana dugaan anu kuat yénéta panyakit bakal cageur ngaliwatanngonsumsi khamar; Katilu, henteu ayaubar salin ti khamar; Kaopat, kadarkhamar anu digunakeun sacukupna.Katera ngan anu dijadikeun dalil pamade-gan ieu nyaéta Q.S. Al-An’am ayat 119 anuunggelna: “Ku naon aranjeun henteu daékngadalahar sasatoan halal anu dipeuncitkalawan nyebut asma Alloh, padahal saés-tuna Alloh tos ngajelaskeun ka aranjeunnaon-naon anu diharamkeun ka aranjeun,anging meunang ngadaharna (ngaguna -keun ana) dina kaayaan kapaksa. Saéstunamanusa lolobana nyaliwangkeun manusalianna ku hawa nafsuna tanpa didasaranku élmuna. Saéstuna Gusti Alloh Pangérananu langkung uninga ka jalma-jalma anungaleuleuwihan wates”.

Dalil séjénna nyaéta Hadits anudiriwayatkeun ku Imam Bukhari. Haditsieu nyaritakeun yén dina hiji waktuRosulu lloh SAW kantos nyarankeun ka ja-ma’ah anu datang ti daérah Arinahsaupama henteu kabeuratan (dinakaayaan kapaksa) supaya maranéhna ngi -num cai susu atawa cai kiih onta. Pamade-gan ieu ogé ngagunakeun kaidah fiqih anu

unggelna: “Saupama dua madorot kumpulbabarengan, mangka anu kudu di-heulakeun madorot anu kadarna leuwihleutik”. Sajabi ti kitu, pamadegan ieu nga-gunakeun kiyas (analog), tegesna nyarua -keun khamar jeung barang-barang haramlianna, saperti daging babi, bangké, getihjeung sajabana. Sakumaha dijelaskeundina Q.S. Al-Maidah ayat 3 anu unggelna:“Diharamkeun ka aranjeun bangké, getih,daging babi, daging anu dijadikeun sasajénpikeun nyembah salian ti Gusti Alloh,sasatoan anu paéh kacekék, atawadibabuk, ….”. Barang-barang haram ieumeunang digunakeun (dikonsumsi)saupama dina kaayaan kapaksa (darurat).Sakumaha disebutkeun dina kaidah fiqih:“Kaayaan kapaksa (darurat) bisa ngameu-nangkeun perkara anu haram”. Namungkiyas saperti ieu henteu tepat, lantaransaeutik ulama anu ngameunangkeunngadahar bangké atawa daging babi, atawanaon waé anu diharamkeun tapi dinakaayaan kapaksa (darurat), lolobanaulama dina kaayaan saperti kieu leuwihhadé milih sabar, salila masih bisa nahankalawan henteu nepi ka ngorbankeunnyawa.

Ulama sanésna anu ngameunangkeunnyaéta Syaikh Abdullah Niasih Ulwan.Anjeun na nyebatkeun meunang uubarngagunakeun khamar dina kaayaan ka-paksa, kalayan aya ogé sarat-saratna,nyaéta: Kahiji, ngabalukarkeun bahayaanu kacida gedéna pikeun kaséhatansaupama henteu ngagunakeun khamar;Kadua, saupama henteu manggih obat anuhalal salian ti obat anu ngandung khamar;Katilu, éta obat kudu dipariksa heula kutim dokter muslim anu tos meunangkapercayaan ti masyarakat.

Dumasar kana pedaran di luhur tiasadisimpulkeun, wiréh khamar hukumnaharam sok sanajan digunakeun pikeunobat. Tapi meunang ogé digunakeun obat,saupama dina kaayaan kapaksa. Mungmayoritas ulama nganjurkeun leuwih hadémilih sabar tibatan kudu uubar ku baranganu haram nepi ka manggih ubar anu halalpikeun ngubaranana, lantaran sakumahadisebutkeun dina Hadits, wiréh Alloh hen-teu pati-pati nurunkeun panyakit angingAlloh nurunkeun ogé ubarna.*** Wallohu‘alam.

16 Manglé 2453

Tanya Jawab Munara CahayaGawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Page 18: Mangle 2453

14 Nopémber 1960, Universitas Pasun-dan (UNPAS) ngadeg, ieu paguron luhurnu aya dina papayung Paguyuban Pasun-dan geus némbongkeun saabregan karyajeung karsana, bari puguh katara jange -lekna jeung karasa mangpaatna ku ba -larea. Lalampahanna ieu paguron luhurswasta nu aya di Bandung, Jawa Barat tehngadeg geus leuwih ti satengah abad (53taun), geus bukti ngahasilkeun insan-insan linuhung anu dibarengan kuLuhung Elmuna, Pengkuh Agamana turJembar Budayana. Dina umurna nu sa -kitu Unpas geus nganteng sarta man-jangkeun lalakon dina widang atikan.

Unpas anu ayeuna aya dina kapaming-pinan Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusup Sp.,M.Si., M. Kom., (rektor), kaasup paguronluhur anu legok tapak genténg kadék,Umurna ge geus kolot naker, da nga -degna gé 14 November 1960 (taun ieugeus 53 taun). Ti waktu ka waktu, ieu uni-versitas téh terus mekar, meunang pang-bagéa ti masarakat boh masarakat JawaBarat-Indonesia hususna boh masarakatdunya. Bukti, Unpas kaseundeuhan nu timana nu ti mendi kaasup nu ti mancana-gara. Nilik kana jumlah mahasiswana,Unpas téh kaasup salah sahiji paguronluhur swasta di Jawa Barat nu boga ma-hasiswa panglobana. Tangtu eta kaper-caya masarakat ka Unpas teu leupas tinasagudang alesan. Kanyataan kitu, matakgedé haté keur sing saha waé, lantaran kugedé karep nyiar pangaweruh, hartinaboga kahayang nambahan kamam-puhan.

“Lembaga atikan téh kedah ngajan-tenkeun alumnina jeung ngagaduhan ka-mampuhan akademik sareng tiasa nga larapkeun élmuna di masarakat,” kitukasauran Réktor Universitas Pasundan(Unpas) Bandung sawatara waktu katukang dina acara ‘Sapeda Santay’ (Fun-bike).

Pupuhu panata calagara funbikeUnpas, Dr. T. Syubarsah, SH., S.Sos., Sp-1., MM., netelakeun, ieu kagiatan man-grupa agenda rutin taunan dina raragangareuah-reuah dies natalis Unpas. Titaun ka taun, ieu kagiatan meunangpang rojong anu kacida gedena ti saba -

baraha pihak. Demi nu jadi tujuan dige-larna eta kagiatan, saur ieu Wakil RektorII Unpas negeskeun, dina raraga ngan-tengkeun tatali batin sarta ngaraketkeuntali kawargian kulawarga besar Unpashususna, kulawarga besar Paguyuban Pa-sundan umumna. Pangrojongna kana ka-giatan dies natalis Unpas taun ieu, ceuk

T. Syubarsah deui, hiji buktos pang -deudeul ngantengna katineung jeungkanyaahna masarakat ka Unpas.

Nu marilu sapeda santey harita estutembong sarugema naker. Sajaba tiharatis, oge aya anu mareunang ‘doorprize’, saperti sapeda. televisi, jeung ha-diah-hadiah sejenna nu matak kataji.***

Manglé 2453 17

Dies Natalis Unpas ka 53Manjangkeun Lalakon

Karyawan Paguyuban Pasundan, milu kagiatan ‘funbike’.

Rektor Unpas, Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusup Sp., M.Si., M. Kom., masrahkeun hadiah sapedaka salasaurang patandang funbike unpas

Page 19: Mangle 2453

18 Manglé 2453

anto tajug nga -rekét, muka lalau-nan. Kuring nge lolkeun sirah ka jero,

aki-aki limaan keur wiridansarérés salat magrib, kacaan-gan lampu semprong nu ném-bér luhureun palang dada.Lebah paimbaran Si Abahnyanghareup ngalér mupu -huan saréréa.

Teu lila, ngarudar sila. Kup-kop kana kolor jurueun ro-hangan. Geblus kuring ka jero.Demi Si Abah kalah ngaju -rung kunung deuk nuturkeunjamaahna ka luareun tajug. SiAbah téh aki kuring, alias bapaindung kuring. Teuing ti irahapada nelah abah, da indung gékitu ngaabahkeun.

“Deuk ka mana Bah?” kur-ing muntang kana pigeu-langna.

“Deuk mupuhuan tahlil dilebak. Henjung kituh geurangaji!” Si Abah tonggoy, jrutkana golodog tajug, kituna barinyekés-nyekés panékér.

“Ngilu!” kuring ngagorowok.“Pan waktuna ngaji manéh

mah?”“Peré, Bah. Malem Jumaah

ayeuna téh!”“Aéh heueuh. Pupulih heula

atuh ka indung manéh!” ceukSi Abah bari ngajengjen dinabatu nemprak handapeungolodog.

“Awas mun teu didagoan!”kuring ngaberetek baringongkoyangkeun sarung. Teuieuh lila, pira kahalang tiluimah. “Maaa, endeuk ngilutahlil ka Si Abah!”

Beretek balik deui teu mer-lukeun jawaban entong-hen-jigna. Pabeubeurang unggalbalik sakola, mun euweuh ba-baturan nu nyampeur, sokngadon ngaliher di tajug.Resep ngalonyéng ngolégsababaraha urang kolot paroabad anu ngahaja dialajar tu-turutan reujeung rarakatansalat ka Si Abah. Cenah

maranéhna téh urang pawé-tanan Bandung, purahmangkalan macul. Malah nusaurang mah mekel mundingsagala. Matuhna di kebon awiHaji Sambas, jalma pangbe-ungharna di lembur kuring.Tapi mimindengna mahmarondok di tajug.

Teuing ti iraha Si Abahmatuh di tajug deuih. Padanyebut Abah kuncén PasirPogor. Nu nyaho mah purahbeberesih di lahan pakuburanumum tegal Pasir Pogor.Hirup nyorangan da si nininageus sah ti dunya teuing jamanmana. Cenah mah ti méméhbrol kuring. Selaeun pancénnu poko, gawéna ruat-raut,unyum-anyam, boh pihi-

hideun boh pibobokoeun, pi-ayakaneun, jeung piaseupa-neun. Malah aya kalana sokdibekel ka saung kuburan.Baréto mah méméh asup SDkuring ku Si Abah mun kamana-mana sok diaakod. Aye-una mah geus gedé éra kubatur, katambah Si Abahnageus sakitu kakolotanana.

“Ari Abah, naha maké di-aranan Bah Kuncén?” ceukkuring dina hiji soré basa SiAbah keur ngadeluk nganyamhihid.

“Nyao teuing atuh. Meureunpédah Abah sok pirajeunankurad-koréd di astana wé,”walonna bari jongjonngarungkal-ringkel sebitanawi.

“Hartina kuncén téh naonatuh?” kuring nyoksrok jerobaning ku teu nyaho.

“Kuncén mah tina kecapkuncian. Jelasna mah tukangnyekel konci atawa juru kunci.Di sawatara pajaratan Wa-landa atawa para ménak sokdikeben ku pager beusi anukacida weweg. Gerbangnamerlukeun juru tugur anu ma-neuh tur matuh geusan man -cén nyepeng koncina. Tah, nukitu téh disebutna kuncén.Meunang gajih tur pangrojongti panguasa pédah sesebu-tanana jadi umum turpancénna ngarancabang teuieuh kaperhatikeun jeung teuieuh mikiran buruh!” Si Abahngaréng hap heula, jegoh-

Kuncén Carpon Émha Ubaidillah Bratalegawa

P

Page 20: Mangle 2453

Manglé 2453 19

jegoh batuk.“Atuh Abah gé digajih ku

Walanda?” ceuk kuring pala-hak-polohok.

“Ja henteu atuh da lainnguncénan kuburan ménakjeung kuburan Walanda. JabaWalandana gé geus baralikdeui ka nagarana!”

Sawaréh mah, ngageleng je-jeran Si Abah bieu téh jadipadungdengan batin turkareueus anu nyongcolang.Keur mah enya Si Abah téhnya aki kuring nya guru mung-garan nu ngawurukeun tutu-rutan, babacaan solawat, jeungbabacaan tahlil méméh kuringdijajapkeun ka ustad kiduleunlembur. Malah asa beukahirung basa kuring ku ustadsepuh dituduhkeun; tah budakieu incuna jalma sakti mandra-guna. Panya téh heueuh, SiAbah bisa hiber, jago gelut turbisa ngaleungit, horéng cenahahli ibadah tara pecat i’tikaf ditempat pangsalatan. Émbohnapurah tutulung ka sasama.

Dilenyepan mah da enyaongkoh kuncén tapi paneum-bleuhan karerepet saréréa.Memener nu misalah, nam-baan nu hésé ngajuru, nyéborbudak harééng. Encanmupuhuan hamin tepi ka lu-areun lembur. Jigana duapuluh opat jam téh kaeusian.

Kungsi keur mondok matu-ran di tajug tengah peutingkeur jemplang-jempling, ayaanu ngagugudrag ménta di-pangnambaankeun budaknaanu kasurupan dadakan. Enyagé can denger bener, mung-guhing lilinggeran mah geusngancik. Basa harénghéngurang lembur, cenah di astanaPasir Pogor sok kawénéhanaya ririwa peuting-peuting,nyarebutna teh jurig Cai lebak.Aka Enjum susumpahanningali dikieuna, Bi Bacihdadaék meduan, Ma Apungnyakitu deui. Antukna érkaTata ngeprik balad réngrénganérté jeung hansip geusanngabuburak ririwa PasirPogor.

Dua minggu ti harita. Kur-ing kungsi nyeri haté. Enya gépangawakan bebenjit. Teudeuk kitu kumaha, horéng anudi sarangka ririwa Cilebak diastana Pasir Pogor nya Si Abahpisan. Pangna kekelemetan

peuting-peuting nyatana keurmancén nadran sakaligus nyé-bor kuburan anu anyar dika -luat hirasan kulawargana.Sababaraha taun ti harita, ka-surung awak nu ngagedéanulin téh rada lampar teu patiidek liher di tajug, nyaho-nyaho pabeubeurang érka, értéjeung para hansip arambek-ambekan pédah geus sami -nggu lahan pakuburanngajejembrung euweuh nungored. Si Abah kateum-bleuhan pada ngomongkeun.Nyeri haténa mah nataku.Coba mun Si Abah kawaskuncén di makom karamat,pada ngarajénan, sung-songudud jeung amplop eusi duit.Nya kapeto kiyai nu masagi kupangarti. Nyaho makam kara-mat téh pédah wé kungsi di-aakod ka makam peuntaseunCitarum, cenah makam wali.Teuing, asa inget asa henteubarina gé da Si Abah nudokohna mah. Berengbengmuru tajug. Gebeg. Si Abahteu nyampak. Unggal jurungaleuya kokotor, bau mahgeus teu kacatur,

“Abah...abaaah, di mana?”taya nu némbal.

Dirigdig ka lebak. Kira limawelas léngkah ti tajug, maksuddeuk ka tampian. Gusti! Nga-helas liwat saking ngabandu -ngan Si Abah keur ésod-ésod an muru pancuran. Kolorjeung kamprétna teuing kubeyedug, kokotor galo jeungtaneuh ga ring.

“Abaaah!” kuring nga -dingdiut bari teu bisa ku -kumaha. Rob wéh tatangga,ngadon lalajo. Gusti! Tepi kataya nu nangénan mun geussababaraha poé Si Abah geringripuh. Ti harita, ku bapa ku -ring diperenahkeun di rohanggoah nu geus beunangmémérés. Leuwih ti dua taunmah guyang getih guyangkokotor. Sakur nu sok jul-jolménta tamba lus-les teuing kamana. Atuh nu ngaranna pa -ngurus asa tara kaparengan lo-longok. Méh saban usik, SiAbah ménta dirajel saawak-awak. Nya kuring nu katem-puhan ngagawéanana da kulanceuk disuntrung-suntrung,“Tah bagéan silaing, urusanpuncat-pencét mah!” poknatéh. Biur wéh kabur. Méh

saban waktu gegerungan baripok deui-pok deui, “Gustiiii,mun pidamangeun bari masla-hat, mangga geura damang -keun. Upami sawangsulna,bari dina pangkon pangapun-ten Gusti, mangga geura pun-dut nyawa abdi lailaaha illaanta subhanaka inni kuntu mi-nazh-zholimin...!” Kitu jeungkitu wé, “Engké mun Abahgeus rup ku padung, tah tasbéjeung setambul wungkul keurmanéh!” kituna bari ngajung -jungkeun tasbé butut nganmun kaiuhan jug hurung jigahnéon laju nunjuk kana galar,kana qur’an leutik sahandap -eun dus korék api.

Sakalieun ka cai lebak, jalanka astana Pasir Pogor manihayang sahing-hingeun ceurik.Babakuna ku ningali weweng -kon pakuburan nu teu kaurusjiga sayang Si Garandong.Sanggeus leuwih ti tilu puluhtaun sarta ngawelas taun dipangumbaraan, kuncung-kun-cung aya aki-aki, taya lian AkiTarsid, masih tatangga kénéhkahalang sababaraha imah.

“Nyéta nembé kaémutan,Jang. Dupi Ujang téh sanés tiwewengkon Baraanta téa?”pokna sanggeus sasalamanlaju andékak di téras hareup.

“Leres Ki. Wewengkon tapelwates Soréang- Kutawari -ngin!” walon téh giak.

“Asa nyéngcélak dina lelem-butan. Baréto keur jamanmangkalan macul ka we -wengkon dinya, aki téh sokngéndong di hiji tajug sisi jalankahalang susukan leutik.Ngadon guguru unyum-anyam, alip-alipan.Diteruskeun diajar rarakatansalat. Malah béh dituna di-waris wewesén paragimemener pacul atawa linggismun kaparengan rompangatawa bingkeng,” Aki Tarsidngenyot heula dangkawungna,gentak nanya, “Kumaha tahKi, kataékan teu?”

“Nyéta henteu. Kaburu mu-lang ka dieu. Ana nimu béjacenah Si Abah geus taya diki -euna,” laju ngarénghap, gurathanjeluna natrat, “Kungsi ma-padonan ka aki téh; cenahmun kami geus sah ti dunya,ceuk sakali dina saumur ilainghayang dijarahan, mang -dunga keun kasalematan

sakeur di alam kubur.”Satékah polah pipikiran ku -

ring diputerkeun ka tukangtepi ka buburicakan kawasnakagésrék ku atmosfir, “Tahpalih manaeun tajug, lemburteh Ujang?” Aki Tarsid ngage -rencem.

“Di dinya pisan Ki,” témpaskuring bari nyodorkeunududeun, “Mung da tos teuaya tajugna gé kagentos wa -ngunan imah.”

Aki Tarsid unggut-unggut -an, deuk pok dipiheulaan kukuring, “Sanés Ki, dupi abah-abah anu diguruan ku aki téhsaha jenenganana?”

Aki Tarsid ngahuleng. Si -rahna tanggah jiga milanggundukan haseup di joman-tara, “Ké ké lebeng Jang.Malah sok ngangakod incunaanu bangorna teu adeuh!”cenah ngundeur panineungan,imutna mancawura selaeunhuntu nu teuing saberiji deui.

Tikoro asa nyelek. Bleg rupaSi Abah, allohumma ighfir lakaYa Alloh, Abah! Rumasa sokngadoréksakeun. Sok ngaba -rungsinang mun aya paménta.Ras kana titinggalna anu aye-una teuing di mana, heu tasbéjeung setambul. Meureunaslina mah mihapé atikansangkan kuring teu tinggaleunnasbé alias nyebat asma Man-tenna. Laju satékah polah daékleukeun neuleuman tur nga-malkeun eusining papagonalqur’an alias setambul téa,ighfir lahu Yalloh.

“Sanés Bah Edi jenengananatéh. Lengkepna mah Abah Ju-naedi?”

“Tah éta pisan, Jang. GeningUjang ninga?” Aki Tarsid lang-sung némpas ngaenyakeun.

“Mun percanten mah, an -jeunna téh pun aki. Sedengbebenjit bangor anu purahdioongkléd téh nya abdipisan!”

“Kutan?” Aki Tarsid tangkangarangkul, “Alhamdulillah di-lawungkeun. Meureun teukudu jarah ka ditu. Cekap wéka Ujang gé!” pokna deui.

Kuring unggeuk. Aya nunyangkrung dina juru panon.

Tegalluar, awal sep-tember 2013

Panglawungan 13

Page 21: Mangle 2453

20 Manglé 2453

Dikeresakeuntepung deu -keut basa an-jeunna nga langkung,

sabot kuring keur ngada -weung, nyérangkeun baru-dak di buruan. Basa kuringkeur nganjang ka lanceukawéwé panggedéna di Ra-jadésa. Anjeunna teu narahnyimpang bari ukur na ter-las gé kanjat kaburu debrolnajan teu sabraha.

“Tos kagungan batisabara hiji Lis ayeuna?”

“Tuh Kang, satilu-tilunuju cecekapna.” nunjuk kanu keur tingalacrit di jalan.

“Pacaraket nya.Salangkung mah jantenkatawis badé sapantar.”

“Muhun Kang, digeberkejar targét, hé hé. DupiAkang tos sabaraha? Manaatuh Tétéhna, teu ngiring kadieu?”

“Hé hé, mani ditargét.Akang mah nuju ngantoskénéh, Lis. Pun bojo muhunteu ngiring ka dieu nuju ayawagelan.”

Obrolan éta nu kaingettéh. Anjeunna rusuh keuraya urusan. Diajak ka jeroku Euceu gé teu keresaeun.Meupejeuhanan nganjangka bumi sepuhna malahngajak harita kénéh. Me-ungpeung anjeunna keuraya di dieu cenah. Teu taunkali tepung. Duka gatra, teu-ing enya. Da peutingna badéngabujeung mulih deui kalembur matuhna di Ma-jalengka. Dinuhunkeun wé.Ngan lebah sanggup noho-nan mah sami teu kaburunakuring gé. Isukna rék mu-lang deui ka lembur.Babakuna mah teu purunongkoh.

Peuting di imah Euceu.Sanggeus barudak talibrasaré, kuring jeung Euceuuplek nguruskeun sagalarupa. Ti mimiti masalahpoko, nyaéta badami arisankurban kulawarga jang taunhareup, tuluy brus-bras kamana karep. Da jeunglanceuk gé teu taun kali

TandaCarpon Onnok Rahmawati

Page 22: Mangle 2453

Manglé 2453 21

geus pada-pada rumahtangga mah, boh kumpulngariung atawa silih anjan-gan kalayan tuluy ngéndongtéh, ari lain perkara pentingkayaning papait atawa ma-manis mah.

Selang sekar jeung debro -lan téh pikir mah inget waékana paguneman tadi beu-rang jeung nu nyimpang.

Panasaran. “ Euceu...Euceu sok sering tepangsareng istrina KangDadang?”

“Kapungkur mah uhun.Da ka darieuna sok aleut-abring. Ayeuna mah langka.Komo tas aya étaeun mah.”

“Étaeun naon?”“Lah jadi nyiru rom-

béngeun. Elis mah tudalangka ka dieu, moal apal.Tos aya taunna teu hadéjeung mitohana.”

“Mitohana? Teu hadéjeung ibu ramana KangDadang? Apan saurnamantu istri kameumeut, nusakitu dipuja-pujana, sigeulis, si pinter si mawat.Maenya teu hadé?”

“Ah, kateuing. Euceu géselenting ti batur. Iwal ti ayanu pararenting wungkulngiring mulihna téh. Éta gésok sakolépatan. Di ditu baémun nganjang lami mah diibu ramana.”

“Pédah naon atuh Euceu?”“Pédah gabug meureun.

Teu daék waé méré incu.Cenah mah Dadangna dipi-warang ngawayuh kusepuhna téh ngarah boga tu-runan. Nya pamajikan manaatuh nu rido lilah kitu waésing enya gé awak soranganboga kakurang.”

“Masya Alloh teuing. AriKang Dadangna?”

“Ih, Dadangna mahpengkuh. Jangeun nyangki-rangan sagala rupanangarah bérés roés ka ditu-kadieu. Saheulaanan mahmeureun pamajikan bedangarang nganjang ka mitohanakeun bé teu diopénan.

Kolot hayuh waé ninitahnéangan awéwé deui, teu di-waro. Tapi duka kétah wal-

lohu alam, saha nu terang.Ngan nu kabandungan eu-ceuk batur mah kitu.”

Kuring kudat-kudet kanajingjingan. Néangan wadahwedak nu aya eunteungan,teu kapanggih.

“Ceu, aya kaca eunteungalit teu?”

“Jang naeun atuh? Itukapan kaca caket mejamakan sakitu badagna.”

“Aéh enya.” Kojéngkangkuring muru gedah nunaplok di rohang makan.Nagen meleng hareupnakujur nu teu dipiceunsasieur.

Kitu ujratna nya kitu tém-bongna. Srog beungeutdideukeutkeun kana eun -teung. Diteuteup lila.

“Ceu...!” ngagentraanEuceu.

“Kumaha?”“Istrina Kang Dadang

kacipta beuki geulis baé nya.Komo asak urus hadé omé.”

“Ah, biasa wé kakurung kuuumuran sakitu. Malahanmah karunya basa lebarankamari gé tepung keurmusapahah raya, mani asabeuki kuru. Paroman alum.Raray nu tadina luis téh re-nung ku hunung, balas nga-heungheum sagala rasa wémeureun jadi setrés.”

“Tapi pan rarayna teu ayatandaan jiga Elis.”

“Elis téh sok ka manakarep, Ngalemétan pikiranbedan kitu. Ka dieu tongngaca waé, pamali.”

Eunteung angger diteu-teup. Gambar diri sawaluri.Mata anteb kana tandabodas nu ngelemeng dinatengah-tengah pipi belahkénca. Nu ceuk élmu puhi-tan sepuh Kang Dadangmah cenah tanda kitu téhmatak teu mawa maunatkana rumah tangga. Munboga anak bakal aya ma-malana. Komo dijumlah-jambléh jeung itungan wedalkatut nu séjénna.

Caritana téh kieu; alatankuring remen nganjang kaEuceu di Rajadésa. Kuringtepung jeung hiji lalaki

tatangga jauh Euceu. Sabankuring ka Euceu jadi min-deng nganjang, sok api-apiwaé boga urusan ka caro -géna Euceu. Horéng téhngahélaran. Da teu lila téhenya kitu, kumaha wépetana ari nu naksir. Nungajak wawanohan di-tarima. Sarua boga pikirkadua leutik. Dina dedem-poan kuring keur kasép téh,pinter, soméah. Tina wanoh,mindah kana wanoh pisan.Jadian wéh mun ceuk ba-hasa barudak ayeuna mah.

Ka ditu-dituna remennepungan lain ukur keur diEuceu waé, tapi wantuneunnyusul ka imah. Kuring geussawawa, Kang Dadang man-jing rarabi. Kedal ka Ema, kaApa, maksad ngajak kuringnepungan sepuhna.

Teu réa catur kolot mah,ngempékkeun asal bener wépaniatan enya-enya. Ngé-mutan téa mah kolot kuringgé ka Kang Dadang téh, mi-warang sing asak-asak nyangéjo bisi tutung tamba-gana.

“Da Elis mah sakitu ayana.Jisimna, teu punjul rupa.Teu pangabisa, kolotna géteu tahta teu harta,” saurApa téh.

Kuring ngiclik nyumpo-nan pangajak beubeureuh.Nganjangan calon mertua.Ari pék téh, sadatangna kanu di tuju, alahmanan jadipasakitan. Ari jol, méméhdisodoran cai gé disam-pakkeun introgasi. Ti mana,turunan saha? Ngarahnyambung cenah, da ku-lawargi Kang Dadang mahseuweu-siwina para ménakturunan pangagung. Maniditataan ti udeg-udegnamula. Teu kakantun medarperkara repok jodo. Katanda-tanda dina awak teusirikna dikotéktak. Terusterang batin mah ti harita gégeus teu mangga pulia.Kaerong mun dipaju téhpirengkeleun. Réa ka-caturkeun sok aya mitohajeung minantu teu timu-timu kaakuran. Komo ieu ti

anggalna geus kitu galagat. Kacaturkeunana, acara

nganjang lekasan. Kuringbalik dina kaayaan geuneukémutan. Sababara poé tisaprak tas dicandak nepang -keun téa, kurunyung KangDadang ka imah. Nyandakbéwara. Hasilna téh cenah,numutkeun itungansepuhna Kang Dadang, ku -ring jeung Kang Dadang réateu repokna. Harepan asihpeunggas sapada hartia. Tikuring nu teu éléh neukteukleukeur, bongan asa dite-ungteuingan pira ku tanda.Teu aya ampun, teu méréombér, tina raheut haté kur-ing harita, ka Kang Dadangnu rék milih pejah tina atu-ran kulawarga demi nya -ahna ka kuring.

Geringna haté kaitung lila.Nepi ka datang mangsanameunang panglipur, tinaasih hiji lalaki nu katut ku-lawargana teu mandang suékana tanda na pipi kuring.Komo undur waktu mindahjaman réa ubar jeungtehnolohi nu bisa ngi-langkeun tanda. Najan kitusalaki téh jeung nitah mahkalah tausyiah ngeunaanélmu tumarima kana nu tosdipasihkeun ku Manten-Na.Jeung enyana da si tanda téhteu sagedé tampir ieuh. Mundiukur gé tibang saséntian.Ditilaman wedak gé liput.Malah mimindengna mahdilagar teu didempulan, teumajar ngurangan nyaahnasalaki ka kuring. Malah eu-ceukna téh, “Saé kitu Embu,alami.”

Atuh jeung mitoha, teukanjat aya dongéng mertuanyilibkeun minantuna ala-tan tanda. Najan kuring teunyandak mawat beurat be-unghar, nanging berekahhirup kaitung cukup bisadahar tiasa nganggé, budakgé satilu-tilu lalucu kacida.Kameumeut indung-bapana,katut ti ditu-ti dieu, ninijeung akina.***

Ciamis 1 Oktober 2013

Page 23: Mangle 2453

22 Manglé 2453

Teuing kumaha.Da enya atuhtaya hiji-hijiacan perusa-haan asuransi

nu muka produk asuransikabagjaan. Jaminanurang keur bungah.Kapan sakabéh jalma gémikahayang bajga. Pa-heula-heula moro bagja.Nyukcruk tapak-tapakkabagjaan di jero pa-gawéan, di jero kaulinan,di jero pasangan, di jeronaon-naon waé nu nga-mungkinkeun méré ka -bagjaan. Naha saha atuhdi ieu dunya anu bisaméré jaminan kabagjaan?Gusti? Tapi cara gawé-Nabéda. Urang teu bisameuli polis atawa doku -mén nu eusina perjanjianantara urang jeung sipihak asuransi. Urang teubisa méré premi deuih.Atawa éta téa iuran nudibayar ku urang kapihak asuransi. Ka Gustimah ukur ku ngalak-sanakeun paréntah-Na gépasti laksana bagja. Tapisakali deui, cara gawé-Nabéda jeung perusahaanasuransi.

Enya meureun. Caramikir kuring salah.Meureun moal aya jalmanu bisa méré jaminankabagjaan. Meureun eu-weuh hiji jalma bisaeunngajamin kabagjaanjalma lian. Ngajaminkabungah dirina gémeureun héséeun.

Tapi da teu salah ieuh,idé asuransi kabagjaan gémangrupa hiji perkara nuhadé. Loba jalma di ieudunya nu teu bagja kana

Dipahing Mandi !Carpon Rizky Prasasti Anwari

Page 24: Mangle 2453

Manglé 2453 23

naon-naon waé nudisanghareupan, utama -na ka dirina sorangan.Aya tukang béca nu kuduangger seuri saban ma -néhna meunang panum -pang lintuh; tur teumeunang luhlah munpareng balik anaknaménta sapatu anyar keurka sakola.

Kabagjaan téh guman-tung kana diri sorangan.Lamun kabagjaan dirinateu bérés, mangka kabag-jaan nu kumaha baé ogénu aya di ieu dunya moalbisa nganteur manéhnamanggih bagja. Tah ku-matak éta, asuransikabagjaan téh bener-bener dipibutuhna. Jadimun kabagjaan leungit,urang bisa ménta gantirugi.

Kitu deui manéhna.Awéwé nu ti tatadi sa -saréan gigireun kuring.Awéwé nu ku kuringdipikanyaah, nu ku ku -ring dipikareueus, sakali-gus nu ku kuring dipika cinta. Pungky. Kudunamah si Pungky gé bogajaminan keur bagja.Manéhna mampuhnerangkeun filosofi cintaka ditu-ka dieu.Sedengkeun kuring? Ku -ring sorangan can kungsimedarkeun naon-naonperkara cinta. Nu karasatéh, kuring kacida mihaatka manéhna. Sabisa-bisakuring hayang tuluy ba -barengan. Duaan. Kuringyakin, duaan jeung ma -néhna bakal hasil dinagawé bareng ngabinanaon waé. Pon kitu deuirumah tangga.

***

“Pras, aku mandi duluya!” cék manéhna barihudang. Tuluy imut.Sanggeus kuring ung -geuk, manéhna leos muru

kamar mandi. Si Pungky mun mandi

sok lila. Apal pisan tuda.Sosobatan gé geus liwat titilu taunan. Bari nung-guan nu mandi, kuringmaca buku deui. Sukudisanghujarkeun kanaméja. Heuleut lima belasmenit manéhna kaluar tikamar mandi. Geus makébaju genti. Geulis. Geurapék tingali.

“Pras, kamu tahu ke-napa aku lama man di -nya?” manéhna mukaobrolan bari ngését-ngését anduk kana buuk -na. Padahal hayang pisanméré jawaban kilat sigakieu, “Supaya awaknaberesih. Atawa supayaengké teu mandi-mandideui.” Tapi kuring teunémbal.

“Di saat mandi. Akuhampir tidak mendengarapa-apa. Selain suara airdari keran. Bunyi sikatgigi dan bunyi sabunyang aku gunakan itu.Aku nyaris tidak memi -kirkan apapun walauhanya terhitung puluhanmenit. Aku damai. Akutenang sekali. Duniakumenyempit. Yang akupikirkan hanya bersabun,bersampo, menggosokgigi, dan membilasnya.Hitungan menit, Pras!Tapi berarti banyak. ”manéhna mairan deui.

Kuring neteup ma -néhna. Katémbong sedih.Panonna reumbay cima -ta. Kuring nutupkeunbuku tuluy milih nang -keup manéhna, “SudahPung. Sudah! Sampaikapan kamu mengharap-kan dia? Orang yang takpernah hadir di saatkamu paling membutuh -kan dukungan. Orangyang mungkin memikir -kan kamu sepersejutadari waktu kamu yangkamu habiskan untuk

melamunkan dia! Orangyang ga tahu kalau kamuharus pergi berlama-lamamandi hanya untuk tidakmemikirkannya!” témbalkuring bari ngusapantonggongna.

“Kamu ga ngerti, Pras!Ga ngerti!” manéhnanémpas, “Ini cinta sejati!Mudah-mudahan suatusaat nanti kamu menger -ti!” cék manéhna baringalepaskeun tangkeu-pan.

“Itu kebutaan sejati,Pung. Sadar!” témbalkuring nyeuneu.

*** Méh nincak sataun dina

saban poé kuring teudibarengan ku Pungky.Sono. Sono paduduaanjeung manéhna. Sonogogonjakan jeungmanéhna. Komo ieu,sono nungguan manéhnamandi. Kapan enya,manéhna nu ngusum -keun mandi lila téh. Tuhtingali! Di sapanjangjalan ayeuna mah lobatempat mandi. Di dayeuhngajajar wangunan-wa -ngunan anyar nu dijudu-lan “titik titik..restaurantand bathroom” atawa“titik titik… bathroomand spa”.

Ramé waé deui tem-patna gé. Pinuh. Payupisan ku anu rék néangankabagjaan. Ku nu rékmopohokeun masalah-masalahna. Ku nu rékngilangkeun kacapé. Carasi Pungky, baréto. Caranamah bébas. Aya nu mandigujubar-gujubur waé. Ayanu bari nyanyi. Aya nubari ceurik. Aya anu barigogoléran jeung réa-réadeui. Asal teu liwat tinawaktu nyéwa. Harganabéda-béda, kumaha lilananyéwa. Nu kuring apalmah kieu: satengah jam35 rébu, kamar mandi

biasa; 45 rébu, kamarmandi plus TV, jeung 70rébu kamar mandi VVIP.

Tok tok tok! Sora pantodiketrokan. Kuring murupanto. Barang srog dibu -ka, “Pras! Bapa aya? Ituloba nu démo!” cék PaLurah guligah.Ngomongna rusuh.

“Teu aya. Kunaon betdarémo kitu Pa lurah?”kuring panasaran.

“Itu, tukang miras, nuboga pub, nu boga disko -tik, nu boga bar, bandarnarkoba, ngararamuk!Alatan éta, loba nu mukatempat mandi.Maranéhna jadi teuparayu!” témbal PaLurah. Teu semet dinyamasalahna. Loba laporanti masarakat, ti kolot-kolot siswa, ti guru-gu-runa, ti bos kantor,malahan Pa Presiden ogéngiring sasauran. Yén etatempat kudu ditutup,sabab loba ngabalukar -keun masalah. Lobabarudak nu teu asupsarakola ku lantaranmandi. Loba barudak nukabeurangan indit sakolalantaran mandina lila.Loba pagawé-pagawékantor nu teu indit gawélantaran mandi. Loba pa-gawé kantor nu kabeu-rangan indit gawé lan tar an mandina lila. Ponkitu deui para pejabatdaerah. Enya kitulah.Isukna, bapa kuringsalaku Walikota nutuptempat-tempat mandi didayeuh ku lantaran nga-balukarkeun masalah.Tuluy aya aturan anyar diunggal daérah: Dipahingmandi! ***

Isola, 4 Nov 2013

*) Riky Prasati An-wari, mahasiswa Juru-san Pendidikan BahasaDaerah FPBS UPI Ban-dung

Page 25: Mangle 2453

24 Manglé 2453

Di hiji imah nunenggang jauh katatangga.Haritatéh geus peuting,geus réhé jeung

simpé. Tatangga gé meureuntalibra jeung karérék.

Pada nyebut ludeunganpedah kuring sorangan di étaimah téh. Malum di pangum-baraan. Betah teu betah gekapaksa, mun lain tugas mahmoal gé kitu. Keur saré téh,nyah beunta hideng soran-gan. Rét ka jura kamar,lampu centir témbok, ngaleu-tikan. Peuting keneh tapi le-ungit pitunduheun. Kalahpanon nyileuk baé gular-gilerdipeureumkeun ogé henteudaékeun reup.

Awak ngadadak leuleus.Embun-embunan kekerenyu-dan. Angen nyeri jeung hatésumeblak asa lalewang teupuguh rasa. Meunangsababaraha jongjongansamar pipikiran.

Sora cihcir jeung kérélékcai di pancuran nambahanjemplingna peuting. Kalakaydangdaunan di pipir imahtingkérésék kagasir angin numaju nguIon.

Geblag-geblig di pipir imahsada aya nu leumpang. Palingkulit jantung cau murag, ceukhaté memener jajantung nungadadak ratug.

Hiuk angin anu moncortina bilik meneran embun-embunan. Karasa nyecepkana angen.

Hmshs ... irung ungas-ingus.

Salin aambeuan. Sareungitkembang kananga diganti kumeledingna bau menyan

campur setenggi.Reket, di gigireun awak

sada aya nu ngilu diuk. Baumenyan beuki nyesek kanairung, Tep ... lebah embun-embunan sada aya nu ngusapterus rasa kana haté. Ambe -kan bangblas asa lega. Ngantetempoan jadi ngalangkangsamar. Kerenyed indung sukuasa aya nu ngutek-ngutek.Jeung leungeun ngangkat so-rangan nangkeup harigutuluy ngusap beungeut.

Leng — ceuli jempling kudedengean. Ngahieng tapi teukatorékan. Pikiran leungittapi sadar.

“Gus ...Gus ... GusDéngé aing rék nyarita”. Nungagero ti mana boa manitembres.

Astagfirullah. Teu ditem-balan da sieun sétan téa.

”Gus ... Gus ..., Gus!’’ Soradatang deui mani écés. Kanaceuli ti beulah kénca.

”Gus ... Gus ... Gus! Aingmah lain jurig, lain dedemit.Ulah geder ulah reuwas. Aingrék talatah!” Sora datangpegat-pegat. Kana haté tem-bres, nyeredet. Sidik soralalaki nu geus kolot.

"Agus ... Agus ... Agus! Aingdatang ka sia tunggal kénéhsarundayan. Aing dulur sia!”

"Saha?” kuring némbalanngawani-wani manéh. Tapidina haté baé da genggerongmah mentegeg asa aya nungahalangan.

"Aing dulur sia !” jawabnabeulki écés aya dina jeroceuli.

Kuring teu bisa nyora!’’Lamun sia rék nyarita,

cukup na haté baé. Teu kudu

ku sungut, kabau-bau ciduh.Aing ngadéngé jeung ngar tisakur ucapan (haté jelemaanu kumaha ogé. Lantaran dialam aing mah ngucap téhteu kudu ku létah. Nyora téhteu kudu maké elak-elakan.Hésé pisan kudu bisa linyokbohong. Teu bisa ngabuniananu saéstuna. Ngucap téhbener taya anu dihiding-hid-ing. Da sungut téh anu buktimah ngan ukur dipaké nyum -put jeung sambutut ngabu -nian ucap sajati”.

"Naha teu bisa némbon-gan?” kuring nyora jero haté.

"Aing bisa némbongan,bisa ngawaruga séjén! Aye-una teu némbongan lantaranaing dicangcang digantung kutali sudi rék indit. Lamun siahayang neuleu aing eukeurnyarita. Bisa, asal sia nundaraga. Sabab raga téh ngaha-langan téténjoan. Jeung ragatéh mawa beurat dina sagalakahayang. Jelema anu bisanunda raga na pasti bisanyaho kaayaan alam anu dici-cingan cara ku aing ayeuna.Anu jagatna éstu lega nara -wangan. Henteu poék henteucaang.

Lain ngampar henteu ren-jul. Henteu cara di jagat anuku sia dicicingan ayeuna.Kahirupan di jagat aing mahteu cara di jagat dunya.Mungguh hirup anu ayeunatéh kumaha keur hirup didunya. Jadi di dunya mahjadi eunteungna hirup nuengke kasampeur di alamcara aing kiwari.

Pikeun jelema di dunyakeur hirup na hayang senangku laku sérong. Éta téh jadi

beubeurat hirup anu kiwarikaalaman ku aing. Mataknaaing datang manggihan!Hayang pang nyaritakeun kadulur aing anu masih harirup.Hayang pangnalangankeunkasusah anu jadi beubeurathirup di jagat aing kiwari.Karasa leuwih sangsarapikeun aing nandangan hirupdi jagat anu labas taya batas.Aing téh ngagantung antaralangit jeung bumi henteuantel teu bisa usik. Jadidatangna sora aing nyarita kasia mah, ngan ukur ku rasaanu dipihapakeun ka angin,panualiksik sukma.

Di jagat aing. Sakur lacak timimiti medal ka alam dunyaengké bisa ka tempo deui dialam aing nu baris datang.Kabéh, sakur nu kumelen-dang di jagat aing taya ngorataya kolot. Langgeng baé hen-teu aya nu disebut kolotatawa ngora anu nangtukeunkalilaanana. Nyorang waktu.Taya batas wiwilangan. Dialam aing mah diukurna kulobana jeung robahna usiksorangan baé. Ari waktu teucara di dunya, anu lilanadiukur ku srangenge. Anu timimiti bijil nepi ka surup téhdisebut sapoé.

Urusan alam anu dicicing -an ku aing ayeuna engké ogéku sia kaalaman. Ayeuna mahdéngékeun heula aing rék ta-latah. Pangnepikeun ka SiKodir anak aing".

“Ku naon atuh henteu lang-sung baé ka jelemana?”

“Matakna henteu langsungka jelemana. Ku lantaran ragaéta jelema henteu kuat nahangeter, nampanan wirahma

Carita ti Alam GaibKu Ki Kamal

Page 26: Mangle 2453

Manglé 2453 25

sukma. Moal kuat ku geternarasa ti séjén jagat sabab hen-teu saeutik jelema anu dipaksa dipaké nepikeungeterna rasa laju nunda ra-gana. Paéh téa ceuk nu hirupdi dunya mah. Da katarik kuséot na sukma nu balik deui.Atawa ka usir ku sukma tiraga séjén.

Kumaha mun nyurup. Étatéh di ukur ku kuatna ragaanu rék disurup. Tempo-tempo asupna sukma téhngan semet genggerongnajeung anggena wungkul.Pikeun anu teu kuat mah nyasok gering da sukma éta ragaanu di surup téh ised jauh. Arimimiti asup na sukma téhtina ingetan. Matak anu disu-rup téh kudu keur cuweuh in-getanana. Jelema anu ingetan ana sok mindeng reureuh. Bi-asana sok kaeureunan kusukma anu nyaliara.

Ucapan Kiyai tétéla aya bé-dana. Ceuk Kiyai Sankonimah cenah. Lamun urang

geus di alam kubur téh bakaldipariksa ku dua malaikat.Nanya keun Nabi urang,agama urang reu jeung Gustiurang.

Ari buktina geuning teu di-tanya teu ditakon, da ma ra -néhanana geus nyarahoeunieuh. Nanyakeun amal urangogé geus henteu da aya cate-tanana. Ti mimiti medal kadunya jeung pindah alam ogétembong ku urang sorangan.

Ceuk Kiyai; Lamun urangdipariksa di jero kubur téh,biwir urang di konci. Anungomong téh ngan anggahotaséjén baé. Ari buktina, geu -ning lain biwir, lain suku nungomong téh.

Da ari geus kieu mah geusteu boga biwir-biwir acan.

Ari ayana suku, leungeun,sirah, panon, éta mah raragahirup keur di dunya. Anu jaditaneuh mun diruang di se-dong kubur. Dibabetkeun kalaut nya ngahiji jeung cai laut.Lamun di santok lauk nya

nyarelap jadi ceuhil, jadi da -ging, jadi tulang lauk anu nga-hakanan.

Raga anu ayeuna mah, bédajeung raga anu di dunya.

Ari anu nangtukeun ragahirup cara aing kiwari.

Éta téh kumaha pamilihkeur hirup di dunya. Lamumdi dunya sok cukat-cokot teubéda ti beurit, nya kawas beu-rit baé. Anu beuritna henteukawas beurit di dunya.

Sakabéh ngaran anu tayabungkeuleukna di dunya. Tiaing mah kadeuleu. Rengkakpolah sakur nu harirup didunya tetela kadeuleu natrat.Malah neuleu Si Yoyoh mahdi Jakarta mani payu abongalus rupa. Ladang surabinageuning dipake nyieunimahna. Keun baé da raganaieuh sakeudeung deui ogéburuk ku nu meuli dijuligan.Diasupan kulumud endog.Keun engké karasaeun kumanéhna sorangan.

Anu nyeri moal bisa di-

ubaran. Anging ngubaran kulampahna keur di dunyakénéh. Ari geus ka alam aingmah mun nyeri téh tinggalukel kasedih, sagala karasa.Mun kasedih taya eureunna,sagala kabungah taya wa -ngenna taya watesna. Didunya mah apan bungahjeung peurih téh silih genti,anu pangmindengna nyakapeurih baé. Tapi di alamaing mah bungah jeung sedihtéh ngahiji teu silih genti.

Pangna aing datang ka sia.Ku lantaran aya pangarep-ngarep ti alam dunya. Panga -rep-ngarep anu ditunda kuaing kénéh. Matak omat pisanka nu harirup di alam dunya,ulah jalir ka na jangji. Ulahboga hutang dibawa tilar.Lantaran ari jangji jeunghutang anu can kacumponanmah diarep-arep kénéh ku nuharirup di dunya.

Tah, ku kituna aing téhhayang pangnyaritakeun ka SiKodir. Lantaran wasiat ainghenteu diwaro baé.

Kahiji barang amanah ulahdijual. Kabéh barang geurabikeunan ka ahlr warisna,ulah hawek sorangan. Kapanrayap dulurna. Kadua pang-mayarkeun hutang ka SiSaban lobana limalas pérak.Jual be kebo aing nu sasiki,sésana paké meuli lampumasigit.

Katilu, Si Bungsu ulah sinamaceuh ka awéwé. Kaopat, SiEntis poé Salasa geus balikgeus nyampeurkeun ka alamaing. Tilelep di walungan Ba -rito. Anakna geura teang diBanjarmasin. Di Moh. Noor,masjid jami no. 6. Tah sakitube ! Aing rék balik.”

Burinyay panon nempo nungucilap. Ceuli katorékan.Tonggong karasa panas jeungangen nyeletit saliwat.Embun-embunan ranyud.Rieg awak asak bareuratjeung kesang mani juuh disakujur. Tikoro halab- hab.

Hiuk angin ngageber awakjeung nepakan seuseungitkembang anu malahung.Samar-samar lebah sorot cen-tir tembong ngajorelat pakeanbodas dibakutet tambang. Lesteu témbong bareng jeungleungitna seuseungitan.***

Page 27: Mangle 2453

26 Manglé 2453

Sabenerna mah asa-asa rék milutéh da apan geus aya opat kalinaka Bangkok téh. Nu mimiti basa

si Akang méré ceramah ngeunaanKabudayaan Indonésia nyaosan on-dangan ti komunitas kabudayaansetempat nu dirojong ku pamarén-tahna. Selang sataun indit deui da siAkang diutus jadi wakil Indonésia dinasalah sahiji diskusi budaya sadunya nujadi pribumina Thailand. Ari nu katilubasa si Akang dileler layang pangajén“SEA WRITE AWARD” ku Raja Thai-land. Layang pangajén éta téh dibikeunka seniman anu naskahna kapilih,unggal dua taun sakali. Sanagara AsiaTenggara kapilih saurang; minangkakeur taun 2001 nu kapeto ti Indonesiatéh si Akang.

Kadé ulah lepat hartos sanajan ku -ring mimilu ka nu keur tugas nagarakuring mah ukur milu ludeung wung -kul da henteu ngaganggu nu keur di-gawé atawa nébéng milu ongkosnagara. Kuring mah ongkos mayar so-rangan ngan hotél milu ka Si Akangapan hotél mah dipaké ku soranganjeung ku duaan euweuh pangaruhkana mayar, sarua baé.

Lantaran si Akang wakil nagara kupanitia di ditu disadiakeun hotél nualus. Kitu deui basa indit nu kaduahotélna ogé alus naker malah haritamah aya leuwihna. Harita Ataseu Ke-budayaan dicepeng ku Pa Thamrin, nusaméméhna jeneng Kapala KanwilPDK Jawa Barat anu geus loma jeungsi Akang. Atuh kuring jeung Bu Tham-

rin geus teu asa-asa da puguh campurgaul di Dharma Wanita mangtaun-taun.

Harita si Akang ka seminar, kuringmah disampeur ku Ibu Thamrin diajakka kadutaan dibawa ngurilingan keurngawanohkeun kaayaan KedutaanIndo nesia nu aya di Bangkok.

Peutingna méméh nongton kabarét,ka réstoran seafod heula ngadonngarecah kapiting nu sagedé bobokojeung udang lobster nu sagedé le-ungeun. Isukna nu nyampeur téh supirkana mobil mérsédés kadutaancepeng an Pa Thamrin ku anjeun.Saurna, mobil mangga angge bilih ibubadé angkat. Lakadalah aya bagjadatang tanpa nyana. Puguh atuh maniasa jadi gegeden kukurilingan di kota

Ka Bangkok DeuiKu Nénéng Daningsih

Istana “Grand Palace”raja Bangkok Thailand

Page 28: Mangle 2453

Manglé 2453 27

Bangkok nganggo mobil corp diplo-matik anu sakitu méntéréngna. Asanangimpi gé diangir mandi ku teu sangkabakal meunang darajat saperti kitu.

Ari nu katilu kalina mah kuring hen-teu ngaluarkeun ongkos da puguhnyaosan ondangan raja kanggo siAkang jaler istri, éstu sagala ditang-gung ku nu ngondang. Salila tilu poé diditu téh sagala dipupujuhkeun da siAkang taun éta kapeto meunang ha-diah Sea Write Award ti Indonésiabareng jeung wakil sa-Asean. Sabadaupacara resmi pelesir ka ditu ka dieudiondang ku itu ku ieu. Malah sakalimangsa mah méméh diner téh lala-yaran heula kana parahu anu ditarétésku lampu tingkaretip sabudeureunkapal. Ari balik teu wudu saku merekisda salian di béré piagem téh aya duitandeuih.

Ari ayeuna anu rék seminar téh lainsi Akang tapi anak kuring anu cikal.Geus mindeng pulang anting kaBangkok manéhna ogé tapi malulukeur tugas lain keur ulin. Ari ayeunamah indit téh hayang mawa barudakmeungpeung aya program tiket murahti maskapai Air Asia.

“Ema ngiring urang nyukakeun siApa” pokna basa ngajak ka kuring. Da

saenyana si Akang mah bur-ber ka dituka dieu saba nagara saba benua malulukeur ngajalankeun tugas. Ayeuna geuspangsiun geus rinéh henteu beurat kukawajiban satemenna urang ajak pele-sir, urang sukakeun henteu kaiket kutugas; urang nyukakeun nu nembédamang tina kasakit anu sakitu beu-ratna. Da ari sujud sukur ka Pangéranmah enggeus basa umroh taun kamari.

Horéng dina emprona indit mah lainkulawarga kuring wungkul tapi katam-bah ku Euis adi kuring jeung Gemaanakna ditambah ku Anna alo kuringogé Rini adi kénéh jeung anakna Yogajeung Yogi. Majarkeun téh kajeungongkos uclak-éclok atawa ngagésékkartu Citi Bank meungpeung ayakasempetan aya batur tuduh jalanjeung ongkos pesawat nu keur pro-mosi. Keur kuring mah atoh nu aya asaaya batur nu manggusurkeun koperapan kuring mah jaba geus kolot téhkatambah kudu ngajaga si Akang nuleumpangna can pati normal ayakénéh tapakna urut katarajang setruktéh.

Asri indit ti heula, ari rombongankuring nyusul tilu poé ti harita supayamoal ngaganggu nu keur digawé. Keurkaperluan rombongan geus disiap-

keun sagala rupa na kayaning tikétjeung hotél.

Rombongan indit ka bandara kanabeus Artamoda; beus husus keur kabandara nu henteu eureun-eureunandi jalan. Ngahaja rada dionjoyan indittéh ngajaga bisi kapegat macet di jalan,kawantu ayeuna téh usum hujan, diJakarta keur banjir.

Asup kana pesawat téh kuring jeungsi Akang mah pangheulana lantarandibéré boarding pas express bubuhanka kolot jeung si Akang maké korsiroda.

Jam dalapan peuting kapal téh turundi bandara Shuvarna Bhumi Bangkok,bandara anu kacida legana jeungalusna bubuhan bandara anyar nga-ganti bandara Don Muang nu heubeul.Di unggal juru ngajega patungjangkung ngalanglaung nu rupanamangrupa buta Hanoman dina caritawayang siam jadi ciri anu mandiri. Disapanjang tembok anu kaliliwatan kueskalator pinuh ku lukisan anungagambarkeun kakayaan hasil bumianu geus kasohor sadunya alatan kualus kwalitetna kayaning duren jeungbuah-buahan anu sejenna, kitu deuianggrek di unggal tempat matak betahanu ningal. (hanca)

Bandara internasional Shuvarna BhumiBangkok Thailand

Page 29: Mangle 2453

28 Manglé 2453

Ngaliwatan Kementerian Ke-hutanan pikeun ngaantisipasigangguan wilayah konservasi,

kiwari pamarentah keur tatahar nga -laksanakeun ‘grand design’ desa kon-servasi. Hal ieu ditetelakeun ku KepalaBalai Besar Konservasi Sumber DayaAlam Jabar, Joko Prihatno dina sela-sela kagiatan rakor pemberdayaanmasarakat lingkup Balai Besar KSDAJawa Barat.

Nurutkeun Joko, luyu jeung rencanaModel Desa Konservasi (MDK) bakaldijieun di genep lokasi nyaeta: Kahiji,di Cagar alam Gunung Tilu kabupatenBandung masing-masing di Desa Su -kaluyu jeung Desa Margamulya Kaca-matan Pangalengan, Desa Mekarsarijeung Desa Sugihmukti, KacamatanPasir Jambu jeung Desa Cihawuk, Ka-camatan Kertasari.

Kadua, cagar alam jeung tamanwisata kamokang di desa Cihawuk,

Kertasari Kabupaten Bandung. Katilu,TWA Kw Tangkuban Parahu di DesaJayagiri, Kacamatan Lembang Kabu-paten Bandung Barat. Kaopat, CATangkuban Parahu di Desa Suka-mandi, Kecamatan SagalaherangKabupaten Subang.

Kalima, CA Gunung Burangrang, disababaraha lokasi diantarana: Desapasanggarahan jeung Desa Cihan-jawar, Kacamatan Bojong KabupatenPurwakarta sarta Desa SakambangKacamatan Wanayasa, KabupatenPurwakarta.

Kagenep, Taman Buru Masigit dilokasi Desa Tanjungwangi, Kaca-matan Cicalengka Kabupaten Ban-dung jeung Desa Sindulang, Kaca matan Cimanggung, KabupatenSumedang.

Tatahar dijieunna ‘grand desain’desa konservasi ieu, wakil gubernurJawa Barat , H. Deddy Mizwar dina

salah sahiji gempungan kungsi neges -keun yen pihak pamarentah provinsiJawa Barat mere apresiasi kana ayanaprogram ‘grand desain’ desa konser-vasi ieu. Ku ayana program ieu, dipi-harep bisa ngarojong kana programpangwangunan di Jawa Barat sacaramayeng.

Program ‘grand desain’ desa konser-vasi ieu geus lila dirarancang ku pa-marentah sarta ngaliwatan programieu diharepkeun bisa ngarojong kanaprogram Citarum bersih.

Perkara nungkulan ngabebenahwalungan Citarum nu boga targetwalungan Citarum bersih 4 taun ka-hareup, tacan bisa ngahontal hasil anumaksimal kusabab kitu dibutuhkeunpartisipasi ti sakabeh pihak diantaranamasarakat jeung kalangan duniausaha. Pikeun nyukseskeun programieu, Wagub Deddy Mizwar netelakeunyen kudu aya gerakan budaya sangkan

Pamarentah Tatahar Ngajaga

Ajen

Citarum

Gubernur Jawa Barat H. Ahmad Heryawan

dibasisir walungan Citarum

Page 30: Mangle 2453

Manglé 2453 29

masarakat bisa milu ngariksa lingku -ngan sabudeureunana.

Pikeun kalancaran rencana programCitarum bersih ieu Gubernur AhmadHeryawan tatan-tatan keur ngalu-arkeun “payung hukum” dina konsepPeraturan Gubernur ( Pergub).

"Ku ayana aturan ieu, dipiharep ka-payunna walungan Citarum bakaltiasa bersih tina runtah atanapi lim-bah. Ayeuna téh nuju tatahar nyusunoperational rule kanggo komitmenieu," ceuk kang Aher.

Nurutkeun Ahmad Heryawan, pemprov bakal ngondang masarakat, pa -laku industri, sarta sakumna stake-holder pikeun babarengan dinangabadamikeun komitmen ieu nu en-gkena sakabeh ondangan nu hadirkudu neken komitmen ieu.

"Cai teh mangrupi sumber kahiru-pan anu sifatna penting. Kumargi kitu,ti ayeuna kedah aya parobahan kang -go ngajaga sumber-sumber mata cai

supados tiasa mangpaat," pokna.Pemprov bakal sagancangna ngalak

sanakeun program clean Citarum(Citarum beresih) sarta diperlukeunkomitmen babarengan keur sakabehmasarakat anu dumuk di sapanjang

Citarum. "Kapayunna cai di walungan Cita -

rum ieu kedah bersih. Sapertos,walu -ngan nu aya di Eropa atanapi diBaghdad anu caina harerang," poknapinuh harepan.*** (AS)

Page 31: Mangle 2453
Page 32: Mangle 2453

Manglé 2453 31

Jam sapuluh peuting.Réstorantempat kuring digawé geusnutup. Babaturan sapagawéan

geus marulang ka més. Karimanéhna mopoék sorangan, diuk dijuru. Nanggeuy gado, neuteup kajauhna. Merhatikeun mobil-mobil nulalar liwat. Atawa keur ngitung ke-clakna cihujan.

Kuring nu haat rék mapag kalah kangajanteng di émpér réstoran. Mer-hatikeun manéhna nu keur antengngalamun.

Asa-asa, sieun salah sangka sigakamari. Dina ceuli bet nongtoréngkénéh naon anu diomongkeunana.

“Rék naon kadieu?” pokna maniteugeug jiga nu ceuceub.

“Rék mupuas?” bari ngalémbéréhcipanon kituna téh.

“Sanés kitu...,” ceuk kuring halon.“Hénita kedah uih ka més. Di dieutaya sasaha, hawatos.....”

“Naon urusanana?” kalah molotot.“Abdi dipiwarang ku Pa Tédi,

dunungan urang,” témbal kuring,angger leuleuy. “Saurna, teu kéngingaya padamel nu mondok di dieu...”

Manéhna kalah ngabigeu.Dikasaran kitu kuring mah lain

malik ngéwa, malah mingkin sim-patik. Kuring surti pisan kanakapeurih nu dirasakeunana. Dalahmun ninggang di kuring meureunleuwih ti kitu. Boa kuring mah geusngagantung manéh.

“Yu...,” leuleuy jiga nu keur ngupa-han budak leutik.

Manéhna cengkat, jebras-jebris,tuluy ngaléos. Kuring rurusuhanngonci panto. Rék ngudag nu nyo -rang hujan. Laju dituturkeun bari di-payungan. Tapi leumpangna kalahngagancangan, siga nu teu hayangnarima budi.

Kuring mah da teu boga haté juligka manéhna. Ti baheula. Ti barangmimiti panggih, basa kuring diajakgawé ku lanceuk di imah Haji Rusli.Pajabat sakaligus pangusaha.Imahna mangrupa gedong sigrong dipusat kota nu gerbangna tohaga.

Lanceuk kuring, di lembur mahkasebutna gedé milik bisa gawé diimah éta, najan saenyana mah ukurbadéga. Tapi gajihna gedé tur teuhésé unjam-injeum lamun aya kaper-luan. Matak barang Haji Rusli kedallisan butuheun kénéh ku nu bébérés

di imah jeung tukang ngumbahmobil téh, lanceuk teu mangkuksaminggu langsung idin mulang, rékngajemput kuring.

Tapi da geuning nasib jalma mahteu sarua......

Kuring mah can samingu gawégeus aya masalah.

Hiji waktu pasosoré, Pa Haji Ruslimulang basa kuring keur ngumbahmobil nu sok dipaké ku Ibu. Tara-tara ti sasari, biasana mulang téh soktengah peuting. Tapi teu lila sanggeus

Carpon Manglé Rumaja

Hujan geus Raat, Henita........Ku Rudi Setia Permana

Page 33: Mangle 2453

Manglé 245332

asup ka imah manéhna geus kaluardeui. Nyalukan.

“Ujang sok ngaroko?” Kuring nu teu wasa tepung teu-

teup, ukur bisa némbalan ku gideug,bari angger tungkul.

“Ari ieu nu saha?” némbongkeunsabungkus roko mild.

“Duka, Pa...”“Nana da euweuh nu sok ngaroko

di dieu mah,” pokna ngagerendengbari ngaléos asup deui ka imah.

Teu lila kadéngé sora nu hoghag dijero. Ku teu sangka urusan roko téhteu anggeus tepi ka dinya. Isuknakuring dipanggil ku Enéng. Kelas duaSMA. Hiji-hijina anak dunungan.

“Déngékeun!” mani tatag. “Engkédeui lamun aya kajadian siga kamari,soal roko téa, akukeun wéh nuUjang!”

“Tapi, Néng...”“Teu kudu maké tapi!” molotot,

nulak cangkéng.Kuring unggeuk. Emh, abong jalma

leutik...Ti harita ogé, kuring mah geus teu

betah gawé di dinya. Sabab anakjuragan téh mani pikasebeleunkalakuanana téh. Kuring sok dititahka sakolana ngirimkeun surat ijinhadir padahal unggal nitah téhmanéhna mah geus disaragam.Sagala kasalahan manéhna di imahsok diteumbleuhkeun ka kuring.

Tengah peuting. Sigana peuting nuteu disangja-sangka. Sabab haritageus jam dua, Pa Haji mulang. Ibuteu aya. Da kitu sasarina gé, Ibu mahtara aya di imah. Komo harita mahgeus dua poé teu mulangna téh. Dukanuju nyaba ka mana.

Sanggeus mukakeun gerbang, ku -ring balik deui ka kamar. Teu lilakadéngé sora gerung-gerung motor.Kuring ngintip tina jandéla. Bet karékengeuh loba motor nu parkir di ha -reupeun imah. Barudak lalaki-awéwésiga nu rurusuhan, ngabiur arindit.

Kuring ngagolér deui dina kasur.Pikir téh, lain urusan kuring. Tapi teulila aya nu gegedor kama pantokamar mani tarik. Kuring ngoréjat.

Barang dibuka, reuwas lain dikieu -na, Pa Haji ngajegir dina lawangpanto.

“Ceuk saha di dieu bébas mawa ba-baturan?” pokna bari popolotot ba -ngun nu ambek kacida. “Marabok,

deuih! Di dieu mah lain terminal,deuleu!”

“Punten, Pa...maksadnakumaha......?”

“Itu saha, nu ngabring mawamotor?”

Rét ka nu ngajanteng di tukangeunPa Rusli, méré isarah ku molotot,nulak cangkéng. Antukna, kuringukur bisa ngeluk tungkul...

“Bawa kabéh barang-barangmanéh! Kaluar ti dieu ayeunakénéh!”

Si Bapa teu euleum-euleum. Tengah peuting kuring diusir.

Ngumaha ka lanceuk, teu walakaya,da sarua ukur badéga. Untungmanéhna boga kawawuhan nu gawédi réstoran. Nya ti harita kuring gawédi dieu, jadi pelayan di réstoran.

Sababaraha poé ka tukang, kuringreuwas lain dikieuna. Méh teu per-caya, bati olohok mata simeuteunbarang nempo manéhna disaragempelayan réstoran. Sarua jeung nu sokdipaké ku kuring. Sagala pertanyaanpagaliwota dina pikiran kuring. Nahabet jadi kieu? Kapan manéhna téhsakola kénéh? Kapan manéhna téhanak pajabat, naha bet ujug-ujuggawé di dieu? Cenah,

datangna kadieu sarua jeung ku -ring, isuk kénéh dianteur ku lanceuk.Ari kuring harita keur di més, dabagian gawé beurang. Éta gé matakhémeng, kunaon bet rurusuhanlanceuk téh. Maké jeung henteunemonan heula ka kuring.

“Leuh...mani kudu dipupug-papag,” ceuk batur sapagawéan nukeur narongton tipi.

“Antepkeun wéh, sina dicarékan kuPa Tédi, ngarah kapokeun!”

Teu ieuh ditémbalan, ukur mésem.Sok sieun jadi bahan geuhgeuyan kadituna.

“Boa-boa...cinlok!” ceuk nusaurang deui. Ger sareuri.

Hiburan téh bet pindah kana ngo-conan kuring. Tipi mah diarantepbaé sina ngagembrung.

“Pemirsa, Rusli Setiawan, ter-sangka kasus penyeléwéngan danasebesar milyaran rupiah...,” ceuk ré-porter dina tipi.

Teg! Aya nu nyentug kana jajan-tung. Reuwas ngadéngéna. Rét kanatipi, ngadon colohok.

“Alah..watir euy!” cék barudak.

“Puas! Hukuman mati kuduna génu karitu mah!”

“Éta téh nu pamajikanana maottéa, lin?”

“Hah! Maot? Kunaon?” hatémingkin tagiwur.

“Serangan jantung, cenah, basasalakina ditéwak. Kawas korbankahuruan waé. Harta bandana méhteu disésakeun. Disita kabéh!”

“Halah, barina gé rék bobogohanmah henjung wéh, maké jeung kudunyelang nongton tipi sagala,” ngoco-nan deui.

“Étah...mawa payung mani sadua-dua. Mending hiji ku duaan, ngarahromantis...!” ger deui.

Nu ngaroconan teu ieuh dipiroséa.Mending ngaléos ka luar. Sajajalanpikiran kuring rus-ras ka mangsagawé di imah Hénita. Aya kuwaas...aya ku watir.

Barang anjog ka buruan réstoran,teu kandeg cara sasari. Langsungasup. Ngadeukeutan nu keurmopoék. Lampu-lampu mobil nulalar liwat sakapeung nyaangan paro-manna. Aya nu ngaburicak hérangtina panonna, tuluy ngalémbéréhmapay pipi.

“Ujang dendam ka Hénita?” poknahalon. Lempeng, teu mencrong-men-crong acan.

“Kunaon Hénita bet kagungananggapan kitu?”

Manéhna ngarérét, sapasangpanon nu baheula sok molototan téhayeuna mah ceuleuyeu, ngagurilapbati ngeyembeng cisoca. Neuteupanteb kawas nu rék nyoba-nyobamaca pipikiran kuring.

“Ujang henteu dendam ka Hénita,leres...,” ukur sakitu. Padahal nugalécok dina haté mani ngagalura,pahibut hayang kedal. Hujan geusraat, Hénita...sarupa kahirupan an-jeun saméméhna. Sabab rongkahnaharta justru minangka lambakkahirupan pikeun anjeun. Awal barugeus nampeu di hareupeun.

“Ujang nyandak payung dua, bilihalim dipayungan cara kamari.”

Manéhna imut, tuluy nyusut cisocaku tonggong leungeun.

“Tapi hujan geus raat...yu, urangmulang ka més!”***

(Pinunjul II SaémbaraNgarang Manglé Rumaja

2010)

Page 34: Mangle 2453

Manglé 2453 33

“Dina sagala widang, sagala aspékkahirupan, gagal mah biasa,” Syarahmuka obrolanana jeung MR. “Tapi,gagal sanés hartosna léngkah urangkedah kateug. Urang kedah tiasa tetepajeg dina ngudag sagala cita-cita,” ceukmojang anu kiwari keur nyuprih élmudi kelas 2 SMKN 15 Bandung ieukalayan sumanget.

Syarah anu dibabarkeun di Ban-dung ping 16 Nopémber 1995 ieu téh

nami lengkepna mah Syarah DwiLestari.

Syarah anu salirana 169 cm/ 54 kgieu, putra cikal ti 4 sadulur pasanganBapa Ahmad Nurdin sareng Ibu SriSofiana. Dipoto téh mémang kare-sepna. Malah lain ukur hobi, tapikungsi ogé nyangking sababaraha ka-juaraan. Di antarana baé jadi Juara 1Lomba Photogenic sa-Kota Bandung.

Lian ti resep dipoto, Syarah ogé

mikaresep kaseniantari jeung téater. Dinawidang téater, mojanganu resep nuang satéPadang ieu, kantosnyangking prédikatJuara 1 Aktris Terbaikdi SMKN 15 Bandung,noron salila 2 taun.

Sanajan karesepnakana dunya poto mo -dél, seni tari jeungtéater, waktu dikolon-gan cita-cita pikahare-upeunana mah geu ning lain deui nga -walerna téh,”Upamidilancarkeun sagalarupina mah, InsyaAllah, abdi téh hoyongjanten pengusaha suk-sés,” ceuk mojanggeulis nu mikaresepolah raga renang ieunétélakeun.

Ngora, loba kare-sep, pinter gaul, eu-yeub ku préstasi turdirojong ku rupa jeungtangtungan nu payus,teu matak hélok lamunloba kawawuhanana.“Réréncangan, alham-dulillah seueur. Rérén-cangan ameng, se lang-selang tina rupi-rupi kagiatan,” ja -wabna bari imut. Tapigeuning ari ditanyangeunaan réréncangan“husus” mah, mojanganu mikaresep warnacoklat téh ukur umat-imut. Imut nu hésényurahan ma’nana.Saméméh mungkasobrolanana jeung MR,Syarah anu ngidola -

keun Ariana Grande, Zayn Malik jeungAgnes Monica ieu, titip salam kanggosadaya sobat Manglé Rumaja di manabaé ayana. Alamat bumi Syarah di Jl.Jati Kalér RT. 02/ RW. 07 No. 22, Kel.Pasir Biru, Cibiru, Kab. Bandung.***

(Naskah: Narti/Potrét:Kang Réisyan)

Syarah Dwi LestariModél nu Resep Tari jeung Téater

Page 35: Mangle 2453

34 Manglé 2453

Mekarna pangwangunanwidang industri dinangarojong kahirupanékonomi rayat, dipi-

harep bisa leuwih ngaronjatkeun kara-harjaan masarakat, sarta mampuhngungkulan pasualan réana wargaKota Bandung anu ngaligeuh teu bogagawé. Papadaning kitu, aktipitaspang wangunan industri ogé bisa nga-datangkeun “gangguan” ka masarakatanu aya di sabudeureunana. Ku alatankitu, pamaréntah kudu boga paratu-ran pikeun ngungkulan éta pasualan.

“Saleresna, paraturan kanggo mayu-nan éta pasualan parantos diatur dinaPerda (Peraturan Daerah-réd) Nomer19 taun 2012 ngeunaan ijin gangguansareng rétribusi gangguan,” kituditétélakeun ku Ketua Fraksi PDIPDPRD Kota Bandung, Rieke Surya -ningsih, ka Manglé sawatara waktu nukaliwat.

Rieke ogé ngungkabkeun, dumasarkana Permendagri (Peraturan MentriDalam Negri ) No. 188.34/529/SJtanggal 5 Pébruari taun 2013 ngeu-naan klaripikasi, sarta PermendagriNo. 27 taun 2009 ngeunaan pedomannetepkeun ijin gangguan tur katang-tuan nyabut ijin téh, Perda Kota Ban-dung No. 19 taun 2012 kudu ayaparobahan ku cara medalkeun Perdaanu anyar . Katangtuan dina Perda nubakal datang, kudu luyu jeung Perme-ndagri. Di antarana ijin gangguan bisadipaké salila pausahaan masih kénéhngajalankeun usahana. Pausahaananu ningkat kagiatanana sarta nga-balukarkeun gangguanana namba-han, kudu nyieun ijin anu anyarlantaran tingkat gangguanana namba-han. Pon kitu deui lamun aya paroba-han dina tempat usaha sapertinambah legana tempat usaha, paruba-han kagiatan nu ngalantarankeunleuwih lilana waktu usahana kudunyieun ijin anyar deuih. Pangawasanjeung panalungtikan ka éta pausa-haan-pausahaan dilaksanakeun kuPPNS (Penyidik Pegawai NegeriSipil). Pausahaan anu ngarempak étaaturan kudu dibéré peringatan, dibérétegoran, sarta kadituna bisa dicabut

Hasil Rétribusi GangguanDipaké Ngawangun

Sarana Prasara Masarakat

Ketua Fraksi PDIP DPRD Kota Bandung,Rieke Suryaningsih (dok.)

Page 36: Mangle 2453

Manglé 2453 35

ijin usahana.“Pangawasan ti Pamaréntah dilak-

sanakeun sacara rotin. Upami ayapausahaan nu teu taat kana aturantangtos bakal kapendak sarta dila-porkeun ku PPNS. Hasil pana -lungtikan PPNS bakal dijantenkeuntinimbangan pamaréntah dina nang-toskeun sangsi ka pausahaan nungarempak aturan,” pokna.

Ceuk Rieke, Pamaréntah Kota Ban-dung bakal leuwih tegas dina nan-jeurkeun paraturan, pikeun numu wuhkeun kadisiplinan jeung tanggungjawab pangusaha geusan milu aubnyiptakeun katengtreman masarakatnu aya di sabudeureun pausahaan.Rétribusi ijin gangguan nu dipulut kupamaréntah, hasilna bakal dipriori-taskeun pikeun waragad pangwangu-nan sarana jeung prasarana ma sarakat nu aya di sabudeureun pausa-haan nu poténsial keuna ku éta gang-guan.

Fraksi PDIP teu weléh miharepngawujudna kaayaan lingkungan anutengtrem tur beresih geusan nu-muwuhkeun kaséhatan di masarakat.Kulantaran kitu, kaayaan lingkungankudu dijaga tina gangguan, salah sahi-jina tina pangaruh négatip pangwan-gunan widang industri.

Pamaréntahan Kota Bandung kudungayakeun program antisipasi jeungsolusi, pikeun ngajaga jeung miarakualitas lingkungan minangka kon-sékwénsi tina mekarna pangwangu-nan widang industri jeung pang wangunan liannna.

Kukituna, me karna pangwangunanteu kudu ngorbankeun kualitaslinglkungan sarta nurunna kualitaspalayanan ka masarakat.

Luyu jeung Keputusan DPRD KotaBandung No. 38 taun 2013 ngeunaanprogram législasi Daérah Kota Ban-dung taun 2013 nu ngaagéndakeunmedar Raperda (Rancangan Peratu-ran Daerah) catur wulan katilu, dinaLK (Lembaran Kota ) kacatet Paroba-han Perda No. 19 taun 2013 ngeunaanijin gangguan jeung rétribusi gang-guan. Dina Perda nu bakal dipedal -keun téh, aya sababaraha katangtuansarta kategasan ti Pamaréntah KotaBandung nu kudu dilaksanakeun kupihak pausahaan.***

Cucu/Dédé

Pausahaan kudu taat kana aturan (nét)

Pangaruh négatip pangwangunan industri diungkulan ku medalkeun Perda (nét)

Hasil rétribusi gangguan diutamakeun keur ngawangun sarana prasarana masarakatsabudeureun pausahaan (nét)

Page 37: Mangle 2453

36 Manglé 2453

Ciparay kawéntar minangka sa -lasahiji séntra pangrajin hor -déng di Kabupatén Bandung.

Hordéng Ciparay henteu ukur nyebardi wilayah Kabupatén Bandungwungkul, tapi geus sumebar sa-Nusan-tara. Malah éta tempat ogé geusngalahirkeun sababaraha pangusahabadag, di antarana Acep Saepul F nunelah Adoel, nu omsétna ngahontalmiliran rupia. Hordéng nu diproduksiku Adoelz kalawan “trade mark” da-gang Casdoelz (CDL) sumebar ti KotaSabang Acéh nepi ka Merauké Papua.

“Di Sumatra pasar hordéng saépisan, margi urang ditu mah gentoshordéng téh ampir sataun dua kali,”pokna ka Manglé, waktu di tepungan diimahna, Kampung Pasirmadur DésaBabakan Ciparay, Kabupatén Ban-dung. Dina sabulan omsét Adoelz bisanepi ka leuwih ti samilyar. Tapi lamunkeur tiiseun mah sok ngagejrét nepi kaukur bebenangan Rp 800 rébu rupiasabulanna. Dagang hordéng mah teusarua jeung sembako atawa bubutuhséjénna nu laris unggal poé. Payunahordéng aya usumna, di antarana dinanyanghareupan lebaran.

Harga hordéng ogé rupa-rupa, ku -maha modél jeung lawon anu di-pakéna. Kiwari hordéng nu keur ramédipesen nyaéta modél Manohara.Salian ti réa rumbé-rumbéna hordéngManohara mah butuh lawon nu kawi -lang loba, ditambah ku rénda. Modélséjénna nu sok dipesen, kaasup kuurang Cina, nyaéta hordéng “Gelom-bang Cinta” jeung “Smokegreen”.

Hordéng Manohara harga saméternabisa nepi ka Rp 1,2 juta. Ari harga la-wonna wungkul mah saméterna timimiti nu Rp 80.000 nepi ka Rp120.000, ngan lamun geus jadihordéng rata-rata hargana Rp 1,2 jutanepi ka Rp 2,5 juta. Dina sabulanAdoelz bisa méakeun puluhan kon-téner lawon hordéng, nu dikirim kaunggal agén sa-Nusantara. Malah ka

Papua mah rata-rata ngirim nepi kadua treuk.

Dina ngokolakeun usahana, Adoelzukur dibantuan ku lima urang pagawé,ngawengku tilu urang tukang ngade-sain hordéng sarta nu duaan purahngurus lawon pikeun kirimkeuneun kaagén-agén atawa masarakat nu jadiplasma (mitra gewé) CDL. Pikeunnyumponan pangabutuh lawon,Adoelz gawé bareng jeung dua pabriknu aya di Majalaya Kabupatén Ban-dung. Salian mroduksi hordéng, Adoelboga niat ngawangun 30 ruko (rumahtoko) nu rék disulap jadi séntralhordéng. Dipiharep, lamun aya sénrtralUKM, hususna hordéng, Adoelz bisangaberdayakeun masarakat Babakanjeung Malaksari Ciparay.

“Abdi gaduh cita-cita mulangkeundeui kajayaan Ciparay minangka pang-hasil hordéng di Indonésia. Ku margikitu, dina waktos nu moal lami deuiabdi Abdi badé ngadamel tugu hordéngdi Alun-alun Ciparay.

Adoelz ogé miharep, aya bantuan pa-maréntah ka warga nu salila ieu jadimitra gawé CDL. Utamana dina sual

modal. Salila ieu warga Babakan jeungMalaksari méh 70 persénna usaha dinawidang hordeng, tapi modalna kawate-san, kaasup dina mesin jaitna. Mé-mang salila ieu maranéhna meunangbantuan ti CDL, tapi modal usahaAdoelz ogé aya watesna.

Kaahlian Adoelz dina nyipatkeunmodél sarta nyieun hordéng geuskaasah ti leuleutik. Sabada lulus SMPmanéhna diajar gawé ka tatanggana,H. Suminta, nu pangheulana mukausaha hordéng di lemburna. Waktumimiti diajar ngajait hordéng Adoelzukur diburuhan saratus rébu rupia sab-ulan. Taun 1994 Adoelz ngumbara kaPekanbaru, ngadon usaha kana hor -déng di lembur batur bari rék neruseunsakola ka SMA. Kusabab katungkul -keun nyiar kipayah, Adoelz antuknapoho kana paniatan rék sakola, nepirumah tangga, ngajodo ka urangPekanbaru. Hirup di pangumbaraanteu lila, taun 2000 Adoelz balik deui kaCiparay, usaha hordéngna ancur saruajeung kahirupan rumahtanggana nukudu pepegatan jeung pamajikanana.

Nyaksian kaayaan muridna kitu, H.Suminta ngabantu usaha Adoel.Kalawan bekel loba kawawuhan jeungdulur nu aya dipangumbaraan, Adoelzmimiti mitembeyan deui usahana.Malah kiwari usahana leuwih mekarusaha kana hordéng nu bahannadasarna tina kai.

“Upami nu bahanna sanés tina kaénmah seuseueurna dipesen ku kantoran,hotél, sareng apartemén,” pokna.

Kaparigelan Adoelz kana hordéngtéh bisa jadi mangrupa turunan, lan-taran indungna, Nénéng, kawéntar mi-nangka pangrajin kaén sepré, sarungbatal, jeung “bedcover” nu bahannatina lawon hordéng. Badcover jieunanNeneng lolobana dijual ka wilayahSumantra. Ceuk Adoelz, indung sartadulur-dulurna carekel usaha kana.***

nunk/dédé

Hordéng Ciparay Sumebar ti Sabang Nepi ka Merauké

Adoelz pangusaha hordéng suksés ti Désa Babakan, Kacamatan Ciparay

Kabupatén Bandung.

Page 38: Mangle 2453

Manglé 2453 37

Dunya barudak éstu teu leupas tinaulin jeung kaulinan. Di pilembu-ran biasan kaulinan barudak di-

jieun atawa maké barang-barng nu aya disabudeureun lingkungan tempat hirupna.Salasahiji kaulinan barudak baheula atawabarudak di pilemburan nyaéta momobilantina kai atawa papan, nu rodana makélaher sarta biasa disebut lalaheran.

Sok sanajan di sababaraha tempat lala-heran geus leungit atawa jarang katingali,di wewengkon Gunung Puntang nu aya diKacamatan Cimaung Kabupatén Ban-dung. Biasana barudak maén lalaheran téhtara saurang dua urang, tapi ngabringjeung batur-baturna. Saban budak ngajar-ingjing laher bari nikeruh ka tempat anuluhur, ti dinya laher téh digorolongkeun kahandap bari dirumpakan. Kalan-kalan ayanu tumpakna boncéngan jeung baturna.Lamun geus kitu, barudak émprak éak-éakan.

“Biasana usum lalaheran téh datangnadina bulan puasa. Pasosoré barudak ulinlalaheran bari ngabuburit. Upami teu kitu,lalaheranana sok ti wengi, sabada tara -wéhan,” ceuk salasaurang warga GunungPuntang, Surahman.

Surahman ogé nétélakeun, baheula mahlamun usum lalaheran téh sorana sokngaguruh, lantaran barudak anu maénlalaheranana ogé réa pisan. Pikeun anucan apal mah matak pikakeueungeun,disangka aya kandaraan badag anu mang-prung ti tonggoh. Kiwari barudak anu

maén lalaheran bisa disebutkeun geusjarang. Nu jadi margalantaranana, ayeunabarudak téh réa dicarék ku kolotna lan-taran bisi cilaka kadupak ku motor atawaku kandaraan lianna. Kaayaan jalan ka Gu-nung puntang mémang beuki kadieu beukiramé baé ku kandaraan.

“Ayeuna mah kandaraan téh, pang-pangna motor, pasuliwer pisan. Seueur pa-muda anu badé ameng ka Gunung Pun tang nganggo motor sarta ngajalankeun -ana kadang-kadang sapertos nu teu éling,”Surahman ngémbohan.

Wewengkon Gunung Puntang mémangstrategis pikeun dijadikeun tempat lala-heran, lantaran tempatna luhur tur jalannakawilang mulus. Jalan ka Gunung Puntangmémang jalan nu dijieun ku Walanda turkawilang kuat, henteu babari ruksaksaperti jalan nu dijieun ku bangsa urang.

Gunung Puntang ogé mangrupa daérahwista perkémahan. Di éta témpat wisataaya sababaraha titinggal sajarah jamanWalanda, di antarana ruruntuk bangunanGedong Sabau atawa gedong pemancarradio Malabar, nu dipaké mancarkeunsinyal télégram ti Bandung (Indonésia)jeung Nédelan (Belanda). Lian ti kitu ayaogé guha jeung ruruntuk bangunanséjénna.***

dédé

Lalaheran di Gunung Puntang

Mobil laher, momobilan nu dijieun tina kai sarta rodana maké laher (nét)

Jalan nu mudun tur leucir, tempat strategis keur lalaheran (nét)

Page 39: Mangle 2453

38 Manglé 2453

Féstival Budaya mangrupa sala -sahiji tarékah ngamumulé ajén-inajén seni budaya tradisi. Éta

kagiatan téh agénda rotin taunan DinasPariwisata dan Kebudayaan ProvinsiJawa Barat. Taun ieu, féstival budaya di-gelar di Kabupatén Tasikmalaya, poéMinggu (24/11). Dibuka ku Wakil Gu-pernur Jawa Barat, Deddy Mizwar.

Festival Budaya Jabar mintonkeunrupa-rupa kamonésan seni tradisi kabu-patén-kota sa-Jawa Barat. Hélaran senibudaya, harita dimimitian ti tabuh dala-pan isuk-isuk, nguriling ti mimiti MasjidAgung Kabupatén Tasikmalaya, anjog diKantor Bupati Tasikmalaya (±1 KM).Prosési hélaran dipungkas ku ritualKawin Cai. Ngahijikeun cai kana hijiwadah ti masarakat kampung adat nuaya di Jawa Barat. Éta prosési mangrupasimbol/ciri wujud silaturahmi saam-paran rasa papada baraya. Salian ti éta,ogé mangrupa wujud ngaraksa ngariksadiri nyaah jeung alam. Cai mangrupasumber utama jeung kabutuh manusakeur kahirupan sapopoé. Lian ti cai,manusa gé masing nyaah ka mahluk-mahluk séjénna, saperti tatangkalan. Kukituna, harita dina éta kagiatan gé digelarprosési melak tangkal Pala. Naon pangnatangkal pala anu dipelak, sabab tangkal

pala mangrupa jenis tangkal nu bisahirup tur mekar di saban tempat jeungsaban daérah.

Féstival Budaya Jawa Barat taun ieubéda ti taun-taun saméméhna, sabab fés-tival budaya taun ieu dirojong ku pidan-gan seni budaya ti Provinsi Jawa Timur,nyaéta ti Kabupatén Ponorogo, nu min -tonkeun seni Réog Ponorogo. Wakil Gu-pernur Jawa Barat, Deddy Mizwar,meunang pangbagéa ti grup seni RéogPonorogo. Wagub Jabar harita dipang -ku, diarak naék barong Réog Ponorogo.

Dina pangbagéana, Wagup Jabar né -té lakeun, yén seni budaya tradisi ngan-dung ajén nu kacida luhungna. Kukituna, sangkan éta seni budaya karu -hun tetep hirup kalawan hurip, nya mistidimumulé tur dimekarkeun. Wagupnnadeskeun, Jawa Barat boga poténsibudaya nu kacida gedéna. Tapi, mun teudimumulé teu musathil éta poténsi bakalkalindih ku budaya asing. Mun geus kitu,masarakat Jawa Barat bakal poho kanajati dirina. Féstival Budaya Jawa Barattaun ieu, Disparbud Jabar méré pasilitaska 12 kabupatén-kota dina gelaringhélaran budaya, di antarana ti Kabu-patén Tasikmalaya mintonkeun Ngaru-mat Adat Budaya Katut Lingkungan;Kota Tasikmalaya midangkeun seni tra-

disi Ngertakeun Ciburial Cai; sartaKabupaten Sumedang midangkeun Up-acara Ampih Paré, nu mekar di komuni-tas adat Ujung Jaya. éta tradisinga gambarkeun prosés ngangkut paré tisawah ka Leuit.

Saterusna Kabupatén Purwakarta mi-dangkeun seni tradisi Moyég; Kabu-patén Subang midangkeun seni tradisiMapag Déwi Sri, minangka tradisi rasasukur bungah ka Déwi Sri (Déwi Paré),nu geus méré kasuburan taneuh jeungpanén ceuyah.

Ti Kabupatén Bandung seni tradisi nudipidangkeun nyaéta adat tani Suku Gu-nung Padang. Masarakat suku GunungPadang, kagiatan tatanén biasana di-reuah-reuah ku pidangan seni; Kabu-patén Garut midangkeun TradisiTerbang Sejak; Kabupatén Cianjur mi-dangkeun upacara adat ti Kampung Sin-dangbarang, nyaéta Upacara Nyalawéna.Salasahiji tradisi néwak lauk saban tang-gal 25 Hijriah. Masarakat Sindang-barang percaya yén nu ngawasa ngajagalaut Nyi Roro Kidul jeung Si Pacul nga-jaga maranéhna ngala lauk di laut; Kabu-patén Ciamis midangkeun ritual adatMisalin, nu biasa dilaksanakeun kumasarakat Désa Cimaragas dina mapagBulan Romadon.

Dina seni tradisi éta, masarakat go-tong royong babarengan meresihanmakam karuhun; Kota Cimahi midan-gkeun seni tradisi Tutup Taun NgembanTaun masarakat adat Kampung Cireun-deu, nu direuah-reuah ku sorangoncrang Angklung Buncis; KabupaténBogor midangkeun Sérén Taun GuruBumi, nu saban taun digelar kumasarakat di Kampung Budaya SindangBarang minangka wangun rasa sukurmasarakat kana hasil panén nu mucekil.Sérén taun direuah-reuah ku arak-arakan hasil bumi kalawan dipirig kukasenian tradisional saperti AngklungGubrak; Kabupatén Kuningan midan-gkeun ritual Kawin Cai, mangrupa tra-disi ménta hujan. Éta ritual téh nga winkeun (ngahijikeun) cai tujuh sumurCibulan, Désa Manis Kidul***

nay

Féstival Budaya Mageuhan Tali Batin Kawargian

Wagub Jabar Deddy Mizwar tumpak barong Réog Ponorogo

Page 40: Mangle 2453

Manglé 2453 39

Hariawan Bihamding ngahontalgelar akademik pangluhurna dipaguron luhur (Doktor), sabada -

na mertahankeun disértasina “Kecenderu -ngan Perilaku Koruptif Pada PemerintahKota Semarang” di hareupeun para ope-nen/Penelaah sarta “Reporesentasi” GuruBesar saperti : Prof.Dr.Drs.H. Nasrullah

Nazsir, M.S., Prof.Drs. H. Budiman Rusli,M.S., Prof.Dr.Drs.H.Asep Kartiwa, SH.,M.S., jeung Dra. Mudiyati Rahmatunnisa,M.A., Ph.D., sarta Prof.Dr.Drs. SamugyoIbnu Redjo, M.A. Sidang dilaksanakeun digedong Pasca Sarjana Unpad, Jl. Dipati -ukur 35 Bandung.

Ceuk pamanggih Hariawan nu dipro-

motoran ku Prof.Drs. H. A. Djadja Saeful-lah, MA., Ph.D.,(Ketua), Drs.H. UtangSuwaryo, M.S., jeung Prof.Dr. Drs.H. DedeMariana, M.Si., kajadian mahabuna ko-rupsi di Semarang téh balukar tinalemahna sistem (politik, hukum, pamarén-tahan, jeung sosial), tayana moralitasjeung ayana tekanan (preassures) nusifatna négatip ti luar jeung ti jero. Pa-nyabab ayana korupsi nurutkeun TeoriRobert Klitgaaard (diskresi kawenangan,monopoli kakawasaan, jeung akuntabilitasnu héngkér) teu sakabéhna jadi panyababnu ngalantarankeun mahabuna korupsi dipamaréntahan Kota Semarang.

Keur ngabébérés korupsi, ceuk ieu Sé -krétaris Kecamatan Tamalate PemkotMakasar nu tugas belajar di di S3 UnpadBandung – Kajian Ilmu Pemerintahan titaun 2009, pikeun ngaberantas korupsidiperlukeun sababaraha léngkah jeungstrategi nu luyu jeung pamanggih parapakar nu geus neuleuman fénoména ko-rups. Loba saran jeung solusi nu geus di-ungkab, boh nu prévéntif bohnu réprésif.

“Kiwari mah kantun diwangsulkeundeui wé kana komitmen sareng wawanénpara pamingpin, ogé nu nangtoskeunkawi -jakan di ieu negri sangkan tiasa daria dinangaberantas korupsi dugi ka akar-akarna’,pokna. ***

Asép GP.

Hariawan Bihamding, MT Jadi Doktor Tina Korupsi di Semarang

Dr. Hariawan Bihamding dipotrét jeung kulawargana sabada lulus sidang.

Pésta RayatAsyiknya Budaya Lokal

Sok sanajan hujan ngagebrét, rébuan rebuan warga nu ayadi wewengkon Soréang Kabupatén Bandung ngabringnyaksian gelaring acara pesta rayat, "asyikna budaya lokal"

anu digarap kalawan apik dina jejer "Sampoerna Kretek AsyiiikFest" di Lapangan Lanud Sulaemana, Soréang, Kabupatén Ban-dung sawatara waktu nu kaliwat.

Setia Band, anu dikomandoan Charlie, nétélakeun yén formatsarta konsép acara anu diluluguan digelar ku Sampoerna KretekAsyiiik Fest éstu kacida nyugemakeunana.

"Sim kuring sabalad-balad kalintang ngarojongna kolaborasibudaya lokal kalawan neueullkeun ogé unsur kontémporérnadeuih. Sim kuring sapuk, yen budaya lokal salawasna kudu disu -guhkeun ku cara anu leuwih apik tur leuwih onjoy, sangkan bisajadi daya pangirut pikeun masarakat. Kukituna, Setia Band gésalawasna metakeun tarékah pikeun ngadumaniskeun unsur bu-daya lokal. Di antarana ku midangkeun penari tradisional kanggo

masieup lagu-lagu anu dipidangkeun,” ceuk Charlie, vokalis SetiaBand.

Grup “band” Wali, anu dikokojoan ku Faank, Apoy, Tomi,jeung Ovie ogé méré kado pidangan anu matak nyugemakeunpanongton. Harita Wali ngadumansikeun musikna jeung“Babendjo” (Band Bambu Udjo), salasahiji grup “band” ti Ban-dung, milu minton, anu waditrana husus tina awi diaduman-sikeun jeung tabeuhan “drum” sarta “bass” gaya generasi ngoraayeuna. Astari Fitriani, “Brand Manager” Sampoerna Kretek,nétélakeun kasugemana ku suksésna gelaring “Sampoerna KretekAsyiiik Fest di Soreang” nu munggaran digelar di Soréang. Acaraogé dieuyeuban ku pidangan Kuliner Asyiiik ku Kelana, Rasa bo-gana Pa Bondan, Arena Asyiiik rupa-rupa kamotékaran interaktiftradisional, nepi ka komunitas sapédah ontél Bandung,Paguyuban Sapédah Baheula. Éta acara gé mintonkeun babakfinal lomba karaoké, 'lipsync', jeung jogéd ti 18 kelompok tisababaraha daérah di Jawa Barat sarta daérah séjénna. Grup AleAle ti Purwokerto jadi pinujul kahiji, disusul kugrup BeleketekSengklek ti Cirebon, jeung grup Sanakala ti Tasikmalaya. Salianti éta, panitia gé méré pangajén ka kelompok Alot ti Bandung mi-nangka “Kelompok Terasyiiik Versi Media”***nay

Page 41: Mangle 2453

40 Manglé 2453

Gambar ku U. Syahbudin

di Sundakeun ku Agus Mulyana

Page 42: Mangle 2453

Manglé 2453 41

10. Dua BangkongKeur usum katiga banget, situ ogé

saraat. Bangkong-bangkong nu ayadina éta situ néangan tempat séjén.Kacaturkeun aya dua bangkong mang-gihan sumur anu caina loba kénéh. Étadua bangkong nyarita ka batur-baturna, “Héh batur-batur, ulah jauh-jauh teuing arindit téh. Apan ieu ayasumur. Hayu nyaremplung baé kadieu.

Ari ceuk baturna, “Gampangnyemplung mah, tapi kudu dipikirheula. Ieu sumur loba caian sotéhayeu na. Engké mah mun saat, urangbakal hésé kaluar ti dinya.”

Tapi éta dua bangkong téh teungagugu omongan baturna. Keur cainapinuh kénéh, maranéhna teu laluncatdeui kaluar ti sumur. Cicing baé dijero, rasa manéh ngeunah da tiis. Hen-teu lila, tina bangetna katiga, sumurtéh saat. Atuh éta dua bangkong nu rékbijil ti dinya téh henteu bisaeun kaluarku sabab jero. Tungtungna éta duabangkong paéh di jero sumur nu saatku sabab garering.

Hartina ieu dongéng: sagala ka-hayang nu rék disorang, pikiran heulaakibatna. Ulah inget kana ngeunaahnaayeuna baé, bisi cara bangkong téa, siallantaran kangeunahan nu sakeudeung.

11. Careuh jeung TitiranAya careuh beunang ku pitapak.

Kacida sangsarana. Nu kapikir kumanéhna ngan inget baé yén bakalpanggih jeung pati.

Kacaturkeun aya manuk titirananu nyahoeun yén careuh beunang kutataheunan manusa. Ngan éta titirantéh goréng haté. Manéhna gancanghiber nyamperukeun indungna baribébéja, pokna, “Ema, sukur bagja ka-

mayangan teuing, musuh urang bakalpaéh. Geura urang tempo. Urangsingsieunan, lelewang, sangkanreuwaseun jeung sieuneun.”

Ceuk indung titiran, “Embung teu-ing. Manéh gé ulah balik deui ka ditu.Teu boga kaéra maké ngomong kitu.Mupuas ka nu meunang cilaka sigakitu teu hadé, sanajan ka musuhbubuyutan. Wani ku wanina ngalawanmusuh, dina waktu musuh keur mang-gih cilaka. Pagawéan nu jejerih jeunggoréng éta téh.”

Hartina ieu dongéng: Ulah mupuaska nu keur meunang cilaka, sanajanéta téh musuh urang. Sok komo kasobat, wajib ditulungan.

12. Merak jeung Bango SairDina hiji poé aya merak paséa

jeung bango sair, paalus-alus rupa.Ceuk merak, “Kalakuan manéh téhmatak geuleuh deuleu. Geura bulumanéh salambar bandingkeun jeungbulu déwék. Gedéna, rupana, jeunghérangna, nya geus tangtu alus nudéwék. Bulu manéh moal bisangéléhkeun.”

Ari ceuk bango sair, “Bener omo -ngan manéh téh. Ngan baé éta jang-jang nu alus rupana téh ceuk déwékmah kurang gawéna. Manéh moal bisanyusul kana kaunggulan déwék najanhadé rupa ogé.”

Merak nanya, “Nya naon kaleuwi-han manéh?”

Témbal bango sair, “Kaleuwihandéwék téh bisa hiber. Geura pék susuldéwék nepi ka méga.” Sanggeusngomong kitu, bango tuluy hiber luhurpisan. Mérak tinggaleun sarta éraeunpisan.

Hartina ieu dongéng: Jadi jelematéh ulah sok agul ku kaalusan nu teu

pira, bisi jauh katandingan ku batur.

13. SobatAya nu sosobatan, leumpang

babarengan. Duanana geus pada jangjirék silih tulungan. Barang keurleumpang paamprok jeung baruang nugalak pisan. Rék ngejat geus deukeutteuing, tangtu bakal kacerek. Tapisalah duanana, mun ngahiji mahmeureun bisa ngalawan jeungngéléhkeun baruang. Ieu mah nu hiji,barang nempo baruang, tuluy baé naékkana tangkal kai gedé nu deukeut tidinya. Nu hiji deui, nu tinggaleun téa,kaselempek teu bisa mingé. Bru baéngalabuhkeun manéh, nangkubankana taneuh sarta megeg ambekan,lantaran nyaho baruang mah taradaékkeun nyatu bangké.

Baruang nyampeurekun ka nunangkuban téa, tuluy diambeuan sartadilétakan sungutna, jeung ceulina.Enya baé éta baruang téh tuluy ngaléosninggalkeun, teu kua-kieu, sababnyangka jalma nu nangkuban téh geuspaéh.

Barang baruang geus asup deui kaleuweung, geus jauh tina balai, nunaék kana tangkal kai gancang turun.Baturna ditanya bari seuri lumah-laméh, “Nya ngaharéwos naon tadibaruang ka manéh?”

Nu dilétakan ku baruang ngajawab,“Tadi téh kami diharéwosan anéhpisan. Malah lamun ti awalna kaminyaho kitu piwurukna, meureun kamitéh bakal resep ka éta baruang, moalsieun. Ari piwurukna kieu, manéh téhcénah ulah daék deui babarengan deuijeung sobat nu sok cidra, nu teu daéksilih tulungan, ngan mentingkeunsalemet sorangan baé.”

(hanca)

Dongéng-DongéngPieunteungeun (3)Kénging: R.H. Muhammad Musa

Page 43: Mangle 2453

42 Manglé 2453

Loba anu nineung ku kalakuanRusdi jeung MIsnem téh. Nineungku tingkah paripolahnana.

Tingkah paripolah budak, anu saka peungmah sok aya bangorna. Tapi bangor ogé,bangor budak anu henteu leuwih tikamistian. Bangor budak baheula, anukawasna mah moal méncog-méncog teu-ing tina alam pikiran barudak ayeuna.

Rusdi jeung Misnem téh budak, atuhkalakuanana ogé teu béda ti umumnabarudak. Resep ulin jeung barangdahar.Malah dina urusan barangdahar mah ayaleuwihna. Anu matak awakna gendutsarta beuteungna burayut. Basa mimitidiwanohkeunana ogé ngagunakeun gayabasa pérsuasif, anu langsung tujul kanapangawakanana: “Ka darieu barudak!Maranéh geus papanggih jeung UjangGembru?”

Ti dinya kakara diterangkeun saha ariUjang Gembru téh. Karesepna barang -dahar jeung ulin ngupuk dina taneuh.Saterusna ngawanohkeun adina, anuhenteu gendut cara lanceukna, tapi saruabeuki barangdahar jeung resep ulinnamah. Adi-lanceuk anu layeut, sanajansakapeung mah sok dibarung ku sili-

herengan, pangpangna mah lamun geusparebut dahareun.

Karakter Si Rusdi karasa pisanparobahanana téh. Karasa bédana timimiti manéhna can asup sakola, mimitisakola, nepi ka sakola di Bandung.

Basa can sakola mah teu béda tibudak bolon umumna, anu kurangjeujeu han. Henteu kokolot begog deuih,saperti anu mindeng kapanggih dinabuku bacaan barudak lianna. Pangawa -kan budak, umur budak, ari ngomongsiga kolot bau taneuh. Henteu, Si Rusdimah henteu kitu. Jauh atuh jeung tokohKiansantang keur budak anu aya dinasinétron mah.

Si Rusdi resep ngingu sasatoan, tapisakapeung sok kaleuleuwihi nga-heureuyan sato inguanana. Sanajan taradiengkékeun, Si Rusdi sok meunangwawalesna harita kénéh. Éta meureunminangka amanat moralna téh. Contonabaé basa Si Rusdi nitah ngojay ka Si Pin-cang. Si Pincang didepakeun bari diasoy-asoy kawas nu ngojay, buntutna ditarik.Ucingna keuheuleun, malik, terus ngoétkana beungeut Si Rusdi. Kitu deui basangaheureuyan dombana anu dingaranan

Si Jalu. Ku manéhna rék diangon cenah.Si Jalu dikaluarkeun tina kandangna,tapi henteu buru-buru diangon. Dibawaulin heula. Ditumpakan, didepakeun,jeung dioconan. Ari ku Si Misnem ditarikceulina, dibetot buntutna, jeungdibabukan. Domba ngambek, nangtung,tuluy neunggar beuteung Si Rusdi. Un-tung cenah teu tarik neunggarna. SiRusdi labuh jeung ceurik meueusan. Aridombana terus lumpat ka saung lisung.

Si Rusdi lain tokoh anu kudusalawasna onjoy ti batur. Dina waktuarulin jeung babaturanana, upamana,tara salawasna jadi gegedugna. Basa ulintitimplukan di sisi Walungan Cigedé, SiRusdi anu boga alpukahna sarta kabéhnarurut ka Si Rusdi. Tapi dina ulinbébéga lan jeung rarakitan mah, Si Rusditéh pangbucitna. Dina bébégalan, teukungsi meunang sakali-sakali acan, dacenah pangleutikna. Basa rarakitan kugebog, ngan ukur mapay-mapay sisiwalungan, lantaran sieun kabawa palid.Kitu deui waktu manéhna diajar nyuling.Ngan ukur tuat-tuit asa ngeunah ceuksora ngan. Diajar méh sapoé jeput, anggertaya robahna. Henteu sugan, diajar nyu -ling sakeudeung, tuluy jadi bisa nyuling -na. Si Rusdi mah réalistis. Diajar nyulingtéh henteu gampang. Ngan aya ubar pu-rulukna: keun, sugan baé lila-lila mahbisa.

Si Rusdi ogé kungsi jadi korban pang-gawé batur, bari jeung teu kungsi kanya-hoan saha anu boga gawéna. Harita téhdina tangkal nu teu jauh ti sakolana ayasayang nyiruan. Kawasna mah aya anungaheureuyan. Nyiruan ngudag ka baru-dak sakola anu tingberetek lalumpatan.Ari Si Rusdi teu bisa lumpat tarik, lan-taran beurateun ku beuteung. Nya atuhmanéhna anu di tapuk nyiruan téh. Tilupoé tah Si Rusdi henteu sakolana téh lan-taran barareuh diseureud nyiruan.

Lamun ka sakola, dina pésakna metetku kadaharan, sarupaning wajit, lantarankudu baé capék rahém. Alatan kalalan-joan neteg beuteung, Si Rusdi kungsikabeurangan sakola, nepi ka disetrap naku guruna. Kungsi gelut deuih jeung

Budi Rahayu Tamsyah

Ngalanglang­Alam­Rusdi­jeung­Misnem­­(6)

Page 44: Mangle 2453

Manglé 2453 43

babaturan ana, lantaran henteu tahan di-hina baé pédah awakna gembru. Pa-jarkeun téh, sireum ogé ditincak-tincakteuing mah ngégél. Kungsi celenan-cele-nun nyewol bako tina dompét bapanajeung daun kawungna, ngelepus udud digigireun kandang domba, nepi ka lieurjeung utah uger. Kungsi beunang kaoloku babaturanana, meuli rujak nepi kanyeri beu teung.

Loba kalakuan goréng anu biasanadina buku bacaan séjén mah,dilakukeun ana téh lain ku tokoh utama -na. Apan tokoh utamana mah kudubudak bageur, nurut ka kolot, jeung hen-teu carékeun. Si Rusdi mah henteu kitu.Iwal kalakuan anu matak picilakaeun,saperti tataékan kana tangkal, malingbuah, nyeungeut pepetasan bari dicekel,jeung ngaheureuyan anjing nepi kadigégélna. Éta mah dilakukeun ku batur,lain ku Si Rusdi.

Kumaha ari dina pangajaranana?Dina pangajaranana mah kaitung maju.Malah bisa disebutkeun pangmajuna diantara babaturanana mah. Bisa ngagam-bar jeung alus sorana dina tembangdeuih. Anu matak diasih ku guruna.Dipuji ku Juragan Camat, kamanah kuTuan Kontrolir. Beu, jaman harita mahatuh préstasi anu luar biasa.

Si Rusdi téh budak pinter tapi ba -ngor, bisa ogé disebutkeun budak bangortapi pinter. Malah bisa jadi mangrupagambaran anggapan umum, biasanabudak pinter mah sok bangor; atawabudak bangor mah sok pinter. BangornaSi Rusdi téh, bangor budak. Kawas anuhayang népakeun ajén-inajén anu ayadina paribasa Walanda: “budak bangorngawasa satengahna dunya”. Lamunayeu na mah asa lalajo pilem ani masi Ipinjeung Upin, pilem nagri jiran buatanlulu san ITB. Tah, teu béda ti kitu bangor -na Si Rusdi jeung Si Misnem ogé.

Alusna buku Rusdi jeung Misnem,aya parobahan karakter tokohna luyujeung nambahanana umur. Basa dinalebaran méméh asup sakola, upamana,apan Si Rusdi téh kacida mijahna.Barangdahar makmak-mekmek nepi kakamerekaanana. Nyeungeut pepetasanteu nyaho di waktu jeung tempat. Ka asupwaktu keur nadran di kuburan. Sabalik -na basa lebaran sanggeus manéhnasakola mah sarta nyaho rék neruskeunsakolana ka Bandung, apan sakitubageurna. Teu loba jajan, teu meulipepetasan, sabab duitna dicéngcéléngan -keun, cenah keur meuli karcis karéta apika Bandung. Tah, ieu meureun bédanajeung Ipin-Upin téh. Da Ipin-Upin mah,ti mimiti ditayangkeun nepi ka ayeuna,angger wé sakolana téh di dinya teu naék-

naék, guru na ogé teu ganti-ganti deuih. Kumaha ari sikep indung-bapana

kana kalakuan Si Rusdi kitu?Kawas anu kajeunan jeung antepan,

tapi saenyana mah henteu kitu. Pa Rusdijeung Ambu Rusdi kaasup kolot anu bogapikiran maju dina jamanna mah. Malahbisa jadi leuwih maju ti batan sabagianurang Sunda kiwari. Pa Rusdi jeungAmbu Rusdi apal enya kana karesepjeung kabiasaan budak. Apal enya irahakudu dibéré pangajén jeung iraha kududibéré hukuman. Ngajarkeun, pang-

pangna mah dina ngatik ngadidik baru-dak, kudu landung kandungan laér aisansarta ulah nepi ka nyaah dulang.

Ngan nyaéta, lamun seug kiwari bukuRusdi jeung Misnem diajarkeun deui disakola, kawasna bakal loba anu teu satu -ju. Keun ari soal pajamanana mah, damémang geus lain deui jaman na. Ieumah soal cara-carana nyarita keunkabiasa an jeung karesep barudak. Diantara na baé karesepna ulin jeungngupuk dina taneuh, nepi ka ari balikulin téh bajuna kalotor jeung sampingnararawing. Ayeuna mah apan, tong boro -ning di kota, dalah di pilemburan ogé,geus loba anu nyaram barudak ulintaneuh téh. Ana sakalieun nincak taneuhogé, kudu baé maké sapatu atawa sendal.

Kitu deui dina urusan barangdahar -na. Lamun geus ngarasa lapar, Si Rusdimah kakaratak sorangan ngagusurtéténong, henteu kudu ngadagoan in-dung-bapana. Lebah barangdahar, hen-teu dijadwal, henteu dititah ngadagoanbapana heula, upamana, sangkan dahar -na ngariung, anu antukna nyiksa baru-dak. Malum atuh barudak keur

meujeuhna bilatung dulang, sasatna mahdaharna sakésér daun.

Aya éta ogé ari cageran mah, tapicukup ku diatur ajangna baé. Diaturcahak na, dicageranan bagéanana. Sana-jan dina émprona Si Rusdi sokngalinyokan adina, sangkan manéhnameunang bagéan anu leuwih loba. Tah,upama kajadian kitu, Si MIsnem sok di-pangmeunangkeun ku indungna. Tapiaya alusna, boh Si Rusdi boh Si Misnem,henteu dibiasakeun jajan. Ana sakalieunSi Rusdi jajan rujak ogé, komo bari jeung

jajanna nepi ka weureu mah; apan di-carékan ku bapana, “Na Ujang téh ku-rang wareg barangdahar di imah téh,hah?” Si Rusdi dicarékan bébéakan.“Kapan di dapur dahareun ngajagrag,keur neteg beuteung Ujang. Ayeuna mahmeureun geus wareg ku rujak, nepi kaisuk moal dibéré barangdahar deui!”

Bagéan anu kawasna bakal lobadiprotés téh, waktu Si Rusdi jeung SiMisnem anyaran puasa. Ari puasana,masih kénéh puasa ayakan, puasa “anuaya dihakan”. Enya ari suhudna mah,teu éléh ku kolot. Témpo saur daharpangsegutna. Réngsé saur, tuluy sararé.Hudang saré, kurah-koréh mukaantéténong, cenah “saur kadua kalian”.Wanci bedug lohor, deker deui dahar,majarkeun téh “saur beurang”. Témpo -na buka, pangsegutna nyanghareu pansisihan. Bukana pangponyona dasaurna pangmindengna. Bagéan, anubisa jadi dianggap “tidak mendidik”upama kiwari diajarkeun di sakola téh.Naha enya “tidak mendidik”? Kawasnabakal ramé tah lamun disawalakeuntéh.*** (rengse)

Page 45: Mangle 2453

Paméran Tatapakan Karajaan Sunda

Disain Interior Sri Baduga Ditata Deui

Ti tanggal 19 tepi ka 30Nopémber Musieum sejarahdan kebudayaan Sri Baduga

Bandung ngagelar paméran “JejakKerajaan Sunda”. Jejernangungkab keun ajén-ajénadiluhung Kajayaan KarjaanSunda.

Teu bisa dipungkir deui yéntug tepi ka kiwari informasingeuna an Karajaan Sunda anutepi ka masarakat masih kénéhsimpang siur, saur Kepala DinasPariwisata dan Kebudayaan Drs.Nunung Sobari waktungaresmikeun jeung mukapaméran. Éta téh disababkeunloba teuing versi di kalanganpara ahli anu ngabalukarkeuntimbulna intervensi anu beda-beda.

Ku jalan digelarna paméranku pihak musieum nu dijudulan‘Jejak Kerajaan Sunda” turtajejer na “Ngungkabkeun ajen -ajen Adiluhung KarajaanSunda” liwat bukti titinggalna.Éta kabéh diharepkeun méréangin seger ka kumna urangSunda tepi ka meunang infor-masi nu leuwih jelas ngeunaanayana karajaan Sunda di TatarSunda. Kitu harepan KepalaDinas Pariwisata dan Kebudaya -

an Drs. Nunung Sobari MMdina biantarana waktu mukapaméran seminar di palataranhareup Musieum Sri BadugaTegallega Bandung.

Storyline Sajarah Sunda

Sajeroning kitu Prof. Dr . Hj.Nina Herlina Lubis ngécéskeunyén International Council ofMusium (ICOM) nyebutkeun yénmusieum téh lembaga tetep anusipatna non- profit, diabdikeunkeur kapentingan jeungpangwangu nan masarakat sartaterbuka keur umum. Kagiatanmusieum nyaéta ngumpulkeun,ngalestarikeun jeung naliti turtanyebarkeun béja ngeunaanayana, mamérkeun buku-bukubendawi manusa jeung

lingkungan ana keur tujuanpengkajian, pendidikan jeungkasenangan.

Prof. Nina nyutat PeraturanPemerintah nomer 19 tub 1995,nu nyebutkeun yén musieum téhlembaga tempat nyimpen,ngarawat, pangamanan jeungngamangpaatkeun barang-barangbukti materil hasil budayamanusa, alam jeung lingkungan -ana. Pikeun nunjang upaya per-lindungan jeung pelestariankabudayaan bangsa.

Fungsi musieum nurutkeunProf. Nina Lubis, 1)Ngumpulkeun jeung ngamankeunwarisan alam jeung budaya. 2)Dokuentasi jeung panalitianilmiah, 3) Konservasi jeungpreservasi, 4) Nyebarkeun jeungngawalatrakeun élmu panga -

Ti kénca; Kepala Musium Sri Baduga, Ibu Ani Ismarini, Prof. Hj. Nina Lubis, ibu AangKunaefi sareng Kadisparbud Jawa Barat Drs. Nunung Sobari

44 Manglé 2453

Page 46: Mangle 2453

weruh keur umum. 5)Ngawanohken jeung nga -lengkepan kasenian 6) Nga -wanohkeun kabudayaan antardaérah jeung antar bangsa. 7)Visualisasi warisan alam jeungbudaya. 8) Eunteung tumuwuhnaparadaban umat manusa. (9)Ngabangkitkeun rasa katakwaanjeung rasa sukur ka Alloh NuMaha Esa.

Sangkan éta fungsi-fungsibisa ngawujud, kudu dijieun dis-play boh keur paméran tetepboh keur paméran anu henteutetep. Aya sababaraha acuan nubisa dipaké dasar panataanatawa cara mintokeun koléksimusieum. Salahsahijina nyaétaanu dumasar kana Storyline(konsép kasajarahan). Jadipikeun nyusun display MusieumNegeri jawa Barat Sri Badugabisa dumasar kana Storyline Sa-jarah Tatar Sunda. Ku sabab kitu,saméméhna kudu dijieun heulaStorylane Sajarah Tatar Sinda.

Sosialisasi Perda 5, 6jeung 7

Kepala Balai Pengelolaan Mu-seum Negeri Sri Baduga Dra.Ani Ismarini ngécéskeun yéntuju an digelarna paméran nyaétapikeun kapereluan sosialisasiPerda nomer 5, 6 jeung 7ngeuna an ngokolakeun kasenian,basa kapurbakalaan, sajarahjeung ajén-ajén tradisionalkatut musieum.

Lian ti kitu pikeun ningat -keun aprésiasi masarakat kanakakayaan budaya anu disimpenjeung dimumulé di musieum. Ogépikeun ningkatkeun pamahamanmasarakat kana sajarah karajaanSunda.

Materi paméran mangrupakoléksi tilu diménsi jeung duadimensi ditunjang ku potrét-potrét jeung gambat ngalimpudanbudaya jeung gaya hirupmasarakat Sunda jaman baheuladitunjang ogé ku bukti-buktiékologis sarta koléksi séjéna.Paméran ditéma ku seminarngeuna an storyline sajarah JawaBarat mangrupa léngkah awal

pikeun ngarobah tata pamérantetep musieum Sri Baduga.

Seminar dipiluan ku paraguru ti sakuliah Jawa Barat jeungpihak- pihak séjén anu ayakaitan ana.

Tadina Walikota BandungRidwan Kamil geus paheut arékmedar masalah Musieum SriBaduga Obyék wista sajarahjeung budaya unggulan JawaBarat, Keynote Speakerna Rid-wan Kamil. Hanjakal aya hala -

ngan, Walikota anu dianti- antibolay hadir.

Prof. Dr. Hj. Nina HerlinaLubis ngungkabkeun ngeunaanStoryline nu ngagambarkeun sa-jarah Jawa Barat ti jaman prasa-jarah kontémporér, terus Prof.DR. Setiawan Sabana medarngeunaan rencana displaypaméran tetap musieum, Drs.Dani Wigatma “Kebijakan pemer-intah dalam mendukung revitali -sasi Musieum.”

Gagasan anu hadé éta maképertimbangan basa Visual (kon-sep visual). Konsep visual (dis-play) interior anu informatip,komuni katip jeung bakal narikhaté para pangunjung musieum.

Display di Musieum nyaétabarang koleksi mangrupa obyék-obyék dominan anu kudu diuta-makeun. Suasana rohangan

musieum kudu sumirat ku ca-haya kaéndahan tepi ka barang-barang anu dipajangnanyumiratkeun cahaya kaéndahanogé anu mampuh mikat hatépangunjung.

Pintonan barang-barangmusieum dina suasana romantistur éndah bakal mawa émosijeung imajinasi pangujung kanasituasi kaayaan anu sabenernadina barang koleksi éta.

Ngeunaan disain interior,

tujuan na nyadiakeun informasilengkep jeung obyéktip ngeunaankasajarahan jeung kabudayaanmasarakat Tatar Sunda.Mertahan keun kalestarian faktahistoris kabudayaan masarakatTatar Sunda tepi ka méré bukti-bukti oténtik keur kapentingangénérasi nu bakal datang,

Hususna pisan, ngahasilkeunkarya cipta mangrupa disain in-terior musieum sajarah jeungkabudayaan masarakat TatarSunda atawa rayat Jawa Barat,jadi sarana pikeun wanoh jeungngaprésiasi kasajarahan jeungkamekaran kabudayaan rayatTatar Sunda liwat tindakanperanca ngan nu bisa dilak-sanakeun pangwangunan pisiknaku jalan mertahankeun aspék-aspék fungsi, téhnik jeung éstétisanu disaluyukeun. **HRS

Manglé 2453 45

Page 47: Mangle 2453

46 Manglé 2453

Saabrulan-saabrulan nikreuhnanjak-mudun. Muru lemburnu katelah Narawita. Nu

daratang ka dinya, saperti poéMinggu isuk-isuk sawatara waktuka tukang, tujuanana mah lalajo. Diantarana, harita téh aya pintonanmusik arumba jeung pagelaran tari.

Kagiatan kawas kitu, maneuh.Eta tempat nu perenahna kiduleunjalan antara Cicaléngka- Nagrégtéh, mémang kaasup lembur seni,jadi tempat panjugjugan balaréa nungahaja hayang ngahibir diri kurupa-rupa pintonan.

Narawaita medalkeun caritapanjang. Ieu kampung seni nukatelah na ‘pangauban’ téh manjingumur sapuluh taun. Da, ngadegnagé taun 2003, ditaratas tur di -luluguan ku Drs. H. Idin Baidillah,M.Pd., nu kungsi jadi KepalaTaman Budaya Propinsi JawaBarat.

Getih seni Kang Idin (kitukatelah na) teu sing pareum. Najangeus marén pancén, tetep neundeunkatineung tur ahirna ngadegkeunlembur seni di Narawita, Ci-calengka, Kabuaten Bandung JawaBarat. “Pamianganana mahsangkan masarakat sabudeureun -ana gaduh kagiatan anu jinek,”ceuk H. Idin basa ditepungan di

Narawaita, Cicalengka, KabupatenBandung, Jawa Barat.

Padépokan seni Narawita, lobapetana. Kagiatanana gé lain ukurwidang kasenian, tapi rupa-rupausaha deuih. “Sakedik-kedikeunngiring ningkatkeun karaharjaanmasarakat,” pokna.

Lembur Pangipukan

Narawita teh palemburan.Padumuk na, gegek naker. Atuh,barudakna ge loba naker. Tah, mak-sud H. Idin gé di antarana ngawada-han barudak sangkan loba kadaékjeung kabisa. Sina boga karep ula-ilukana rupa-rupa kagiatan nu gedemangpaatna. Tangtu, cenah, baru-dak ge kudu boga wadah luyu jeungmasing-masing karesepna.

Upama éta tempat kaimpungan,lantaran mémang loba kagiatanana.Kari milih sakahayang. Nu resepkana seni bisa miluan latihan ka-seian, saperti ngagending, ngibing,ngahaleuang, jeung sajabana. Nubisa juan-jieun, aya tempatna,saperti nyieun alat-alat music,saperti hitar, kacapi, barang-barangcendera mata, jeung sajabana.

Kaum ibu gé teu tinggaleun. Bisamilu kana rupa-rupa kagiatan,saperti nyieun katuangan tina

Alam jeung budaya bisa

ngirut wisatawan. Tah, nu

kawas kitu téh saperti nu kasak-

sén di Lembur Seni Narawita,

Cicalengka Bandung.

Ngan, naon waé mangpaatna

keur balaréa?

***

Lembur

Seni

NarawitaNgeuyeuban

Wisata

Budaya

H. Idin Baidillah, pingpinan Kampung Seni Narawita

Page 48: Mangle 2453

47

bahan-bahan nu aya sabudeureunlembur, ngahias panganten, jeungsajabana. Cindekna, ceuk KangIdin, kaum ibu gé bisangamekarkeun kamampuhanana.

Lolobana, nu mariluan ka dinyateh barudak jeung rumaja. Memangsaperti umumna barudak lembur,urang dinya gé boga kagiatan ma-neuh. Lain ti sakola, mantuan pa-gawéan kolot, ogé biasa ngaji dimadrosah. Atuh, ka dieunakeun,barudak madrosah gé loba nukataji eun ku kasenian, nu ahirnadaék ilubiung di Kampung SeniNarawita.

Karep pihak nu ngokolakeun etatempat jinek naker. “Ka payun ho -yong jaten pangjugjugan wisatawannu nyaba ka Bandung,” ceuk YuyusTanuatmadja nu ngokolakeun Kam-pung Seni Narawita.

Pangauban Narawita,nataratkeun lalakon panjang. Tiwaktu ka waktu, mayeng ngayakeunrupa-rupa kagiatan. Kituna teh, tinalembur nu ‘tiiseun’ kadieunakeunmah jadi haneuteun. Nu daratangka dinya mimiti jul-jol, lantaranpuguh lalajoaneunana.

Lian ti mintonkeun seni nu geusaya, éta padépokan gé naratasmedal-medalkeun ‘kreasi anyar’.Contona, apan boga Senam JatiSunda, nu ahirna pada mikawanohka jauhna. Eta senam téh adumanisolah raga jeung seni, saperti penca

oge tari. Ku cara kitu, eta senam tehboga ciri mandiri, dalit jeung bu-daya Sunda.

Karep Narawita, lain ukur keurkalangenan. Apan, aya tujuan dang -ka panjang. Naon tea? “Kapayunmah hoyong jantehn tujuan wisatabudaya,” ceuk Yuyus Tanuatmadjagedé hate.

Upama Narawita jadi pang -jugjugan, teu sing anéh. Mingkindieu mingkin loba kagiatanana.Dina lahan kurang leuwih 5000meter pasagi, loba kagiatanna.Atuh, nu arulin ka dinya bisa lalajo,diajar kasenian, ogé bisa olah raga,da aya lapang futsal sagala.

Ngobrol jeung Yuyus teh di -jejeran ku Muhammad RahmatIskandar, palatih tari di éta tempat.Boh Yuyus boh Muhammad Rah-mat, ngarasa éta padépokan téhboga ‘potensi’ jadi pangjugjuganwisatawan.

Narawita, ceuk Yuyus deui, bisangadumaniskeun alam jeung kase -nian. Lembur jeung sawah nuumpak-umpakan, jadi daya pangi -rut keur nu resep sasabaan. Dinaalam nu kawas kitu, ngolah lahantatanén gé dalit jeung kabiasaan-kabiasaan mangsa kaliwat nu geusarang kapanggih di tempat séjén.Dina pasawahan kawas kitu, kasak-sen, nu nyingkal jeung ngagaru gemake keneh munding, lain kumesin.

Pihak nu ngokolakeun Pangau -ban Narawita yakin, éta tempat téhpayus jadi pangjugjugan. Kitu téamah, bisa kasaksén mun kapare -ngan ngajugjug éta tempat ti jalanraya antara Cicalengka –NagregBandung. Ti éta jalan nu kurangleuwih dua kilo meter teh, ukurlima menit mun disorang ku kan-daraan. Atuh, mun disorang kuleumpan, ukur kurang-leuwihsaparapat jam nepi ka eta tempatteh.

Kaayaan potensi kawas kitu, me-mang butuh pangrojong ti balarea.“Mung, jalan panginten nu teu acansaé téh,” ceuk Yuyus. Enya, jalan kaeta lembur mah garékgok kénéh turheureut deuih, dipaké papaliwatkandaran roda opat ge heurinnaker. “Tangtos we, hal-hal nu tu-mali sareng sarana sapertos jalan gékedah janten panalinga balaréa,pangpangna peryogi panalingan pa-marentah,” ceuk Yuyus.

Dina implengan pihak nungokola keun éta padepokan, ka-giatan kasenian masarakat, butuhwadaha nu jinek. Saterusna, butuhpangrojong pamarentah. Lantran,mun leuwih loba nu boga anléh dinakasenian atawa dina rupa-ruakarancagean, mangaatna gé bisakarasa ku balrea. “Wisatawan gétiasa milih pangjugjugan henteungan ukur ka tempat-tempat nu tosbiasa,” pokna. ***

Manglé 2453

Pangauban barudak nu resep mekrakeun karancagean Salah sahiji pintonan di Narawita

Page 49: Mangle 2453

48 Manglé 2453

Ceu Nonoy

Putra Ua BanagaraCarnyam Ku HD. Bastaman

Réngsé acaranyawér, ngongaya pengumunan

ti MC kieu: “Para tamu,para sepuh, kulawargimiwah pangantén jaleristri, ayeuna badé ayaacara husus yang laéndaripada yang laénnyaéta nu disebatBalang Kembang. Ibupangantén istri badéngalungkeun bukétkembang eros beureum.Saurna sing saha nukénging bakal nampipangdu’a ti para sepuhsadaya sangkan énggaljanten pangantén.Mangga ku sadaya di-parebutkeun, utaminaku para mojang. Manggapara mojang kaparayun”.

Para tamu kabawaguligah, malah mojang-mojang mah paheula-heula narangtung méhminuhan buruan hareu -peun téras teu nolihnukangan pangantén.Bari tetep nyekelpayung nyelang ngalirik

ka téras, mojangméncéngés teu katingalaya. Muga-muga baémilu jeung mojang-mo-jang séjén parebutnyanggap bukét kem-bang. Atoh baé nu ayamun enya kitu téh lan-taran bisa neuteupleuwih deukeut hareu -peun.

Teu lila belewer UaIstri ngalungkeun bukétkembang eros beureum,mojang-mojang ting-jarerit bari ranggah leu -ngeun-leungeunnangaronjangan bukétkembang nu ngalayangluhureunana. Duka nga-haja, duka kabeneran…ari pluk téh bukét kem-bang ragrag kanaluhureun payung nukeur dicekel. Geuwatpayungna ku kuring

dikaluhurkeun, nepi kanu ngaronjangan téh teutepi najan méh ngadaru-pak pangantén ogé. Mo-jang-mojang tingjéréwét,“Ka abdikeun, kang, kaabdikeun!” Malah ayanu ngolo, “Da akangmah bageur, sokpasihkeun ka abdi,kang!“ Taya nu ditolih,malah beuki luhur ku -ring ngajungjungkeunpayung. Untung kem-bangna teu ragrag.Tamu-tamu alager-ageran bari milu nga -rojong tinggorowok“Bagéan nu mawapayung éta mah! Bagéannu mayungan! Tong di-parebutkeun deui!”.Atuh ukur haranjelu nuparebut téh teu bisakukumaha, terus baralikdeui kana korsi masing-

masing barisaleuseurian. Ceu Nonoyngalieuk ka tukang,“Milik Ujang éta mah.Kadé ragrag” saurnabari gumujeng. Moalboa anjeunna ogé kaa-sup nu milu nyieun ské-nario.

Waktu acara BalangKembang réngsé jeungpagantén dihaturananlebet ka bumi, regeyengpangantén istri di-pangkon deui kucarogéna teu nolih kaibu-ibu nu rék mantuanmayang. Ger deui paratamu ngaleprokan ramépisan, malah kakupingaya nu ngagorowok teu-ing saha “Teras candakka kamer, Pa Dokter!”.Sabot kitu kuring mahlalaunan mundur katukang bari tetep

6

Page 50: Mangle 2453

Manglé 2453 49

nyenyekel payung numuka. Di tempat nurada langab lalaunanpayung téh dilingkup-keun. Nyeblak basa nité-nan taya bukét kembangnu ragrag, boa-boamurag teu kanyahoan.Horéng ngait kanapupucuk payung. Al-hamdulillah.

Kuring leumpang an-taré ngajingjing payungbari ngeukeuweuk bukétkembang nu diparebut -keun téa teu nolih kamojang-mojang nutingdarelék. Sok payungdisérénkeun ka panitia,terus kuring ngingkig katempat parkir néanganpick-up, blak pantonadibuka, bukét kembangtéh diteundeun dina jokdituruban koran bisi ka-panasan. “Aman” ceukkuring dina haté.

Duka ku naon haténgadadak anteb basangaléngkah ka tempatparasmanan téh. Baringantri luak-lieuk néa -ngan nu cureuleuk di -sinjang kareueutnganggo kabaya warnagedang asak weléh teukapanggih. Dirérét kalebah ibu-ibu nu taru-ang teu nyampak. Réknanyakeun ka tétéh-tétéh éra, komonaroskeun ka Uapameget mah teu wan-tun. Kawuwuh keurpaciweuh deuiharanjeun na ogé. Tung-tungna koloyong kapakarangan bari rébonanggeuy alas jeungnyekel gelas inumeun.Maksud téh ti dinyamah awas ka bumi jeungsugan baé nu ditéanganaya ngalangkung. Asanarada lila megat baringarep-ngarep téh, tapi

nepi ka rombongan emasadudulur jeung ku-lawarga Bi ‘Ai kaluar tijero rék marulih sicureuleuk teu témbongkalangkang-kalangkangna acan. Kitudeui basa kuring tassalin pakéan, ngahaja ditengah bumi téhkukulintingan heula,sugan baé kabeneranpasarandog jeung nunganggo kabaya warnagedang asak téa, saruaéta gé taya kelemengna.Duka ka mana ngilesna.Moal kitu si cureuleuktéh putri ti Pulo Majetinu ngahaja sumpingngaluuhan hajat UaBana gara?

Bari nyetiran pick-upnyangigirkeun bukét

kembang ngompoyngiring keun mobil-mobil lanceuk jajap emamulih ka Padahérang,sajajalan haté gegetunpinuh kapanasaranduméh nu napel baé nakongkolak panon tayararatanana.

Isukna basa baliknyora ngan ka Jakarta,ngahaja nyelang heulanepangan kulawarga UaBanagara rék pamitan.Aranjeunna nampa ku -ring biasa baé, soméahtaya riuk-riukna tursamasakali teu nyabit-nyabit soal bukét kem-bang eros beureum.Ngan basa pamitan kapangantén jaler istri,Ceu Nonoy sasaurankieu, “Jang, mun bisa

Ceuceu rék nitip kadokeur Nining, guru SKPNegeri Ciamis. Béjakeunnuhun kituh geusmarengan jeung ngurus -keun Ceuceu. Salam baéti Ceuceu jeung Akang”bari song masrahkeunbungkusan. Sanajan teudisebutkeun alamatnarék satékah polahditéangan nedunanamanah Ceu Nonoy.Sageuy teu kapanggih,da ngan hiji-hijina SKPNegeri di Ciamis mah.(réngsé)

Ciputat, 3 Oktober2013

(keur tutun, kadomilangkala ka 42 taunnikah)

Page 51: Mangle 2453

Ieu kajadian teh geus lila.Waktu kuring keur sakolakeneh dl SMP keles III. Inget

keneh harita keur istirahat, jajan diwarung Bi Itok.

"Sok Ceng rek jajan naon?" ba-baturan nawaran ka kuring.

Kuring teu talangke deui, cagnyokot nu panjang buleud radagepeng, anu ngampar dina baskompacampur jeung gorengan. Malahaya cengekna sagala. Pangna miliheta teh dumeh kuring kakaramanggih saumur nyunyuhun hulu.Jeung hayang nyaho kumaharasana. Jigana lamun didaharjeung cengek asa payus pisan.

Kuring tau tatanya heula. Am didahar, disusul ku cengek nu keurmeumeujeuhna lada. Na atuhkakara ge sahuap, ngeng teh ceulingahieng bakating ku lada. Nganhenteu we diutahkaun deui, sababera ku batur. Jeung bisi pajarkaunngageugeuleuhanan. Mangkaningdi dinya teh loba barudak awewe.

Kuring katempoeun ku babatu-ran sabangku.

"Ku naon Ceng eta panon manirambisak kitu?”

Kuring maksakeun ngajawab,“Naon tateh euy mani lada-ladateuing?"

“Comro ... Naon kitu?" babatu-tan malik nanya.

“Kuring ngadahar eta jeungcengek, turug-turug cengekna keurmeujeuhna lada."

Na ari cakakak teh babaturanseuri mani ngeunahaun pisan.Atuh kabeh jalma anu di dinyasaleuseurian nempo polah kuring

kitu teh. Malah aya budak awewenu nyebut kampungan sagala. Reybeungeut kuring ngadadak sepabakating ku era.

"Ari maneh, sok tara tatanya

heula, puguh we ngadahar comrojeung cengek mah sarua jaung coelsambel ku cengek!" ceuk babaturanbari nyusutan cipanonna urutseuseurian.

Ku sabab hayang nutupan kaeraulah siga teuing urang kampung,masing enya ge di kampung. Ku -ring nyokot deui lima siki, Am di-dahar. Ku barudak awewekatempoeun, sesana dibekel kakelas. Da harita kaburu bel man-ten.

Sanggeus babayar, kuring jaungbabaturan asup daui ka kelas. Dikelas kuring ngahaja diuk tehpangtukangna, ngarah jongjonngadaharan combro. Sarta supayateu kacirieun ku guru.

Harita teh bagean pangajaran

Geografi. Guruna kacida galakna.Lamun anjeunna nuju nerangkeun,heg aya nu ngobrol, kudu we nga-jaran nangtung di hareup.

Sabot kaur jongjon ngadaharancombro, kuring ngarenjag lantaranngadenge pananya guru.

"Ceng, kota naon di Kalimantananu kaliwatan garis Khatulistiwa?"

Kuring teu bisa ngajawab,sabab sungut samutut ku combro.Babaturan sabangku nyikuan baringaharewos ngabejaan, "Pontianakkituh."

Kuring tetep repeh bae, sababbisi kacirieun ku guru ngomongkuring ngosom. Tapi anggar weapaleun. Manéhna nyampeurkeunka kuring. "Ngadahar naon manehteh Aceng?" Guru metot sorogbangku. Comro kacirieun ku guru.

"Ka hareup siah, bawa combro -na kabéh!" cauk guru bari ngajiwirceuli sabeulah. Combro harita tehtinggal tilu deui. Kuring ngagugu.Babaturan geus mimitisaleuseurian.

"Calangap siah, gagal combro,hag ulah dicapek ... Togelkeun wedina biwir. Suku angkat sabeulah,leungeun ka tukangkeun ... Com-bro anu dua deui suhun. Waktunasatengah jam!" ceuk guru bari gekdiuk.

Atuh puguh wé babaturan anudi tukang tah mani ramésaleuseurian patarik-tarik. Malahbudak awéwé mah kanjat aya nutuluy ka WC.

“Eh, teungteuingeun maneh tehcombro, nyiksa teh kaliwat sa -king!” ceuk gerentes hate.***

50 Manglé 2453

Gara-gara­CombroKu Aceng Hidayat

Kuring katempoeun ku

babaturan sabangku.

"Ku naon Ceng eta

panon mani rambisak

kitu?”

Kuring maksakeun

ngajawab, “Naon tateh

euy mani lada-lada

teuing?"

Page 52: Mangle 2453

Bau Naon?Kira jam tujuh bél sakola sada, baru-

dak gura-giru arasup kelas. Teu lila PaAnang, guru matematika asup.

“Assalamualaikum...” murid-muridbareng ngucapkeun salam.

“Wa alakum salam...” Pa Anang nga-jawab bari nyimpen buku kana méja.

“Ayeuna ulangan, nya? paromanbeungeut na teu riuk-riuk.

“Aaahhh.... Si Bapa mah... teu ngapal -keun atuh, Pa..” barudak réang ampirbareng.

“Sok buru kaluarkeun kertassalambar...” bari leumpang muru katukang.

“Awas siah mun niron!” mencrong kakuring.

“Moal atuh, Pa...” kuring ngeluk. Teuwasa ningali paneuteupna. Tuda panonPa Adang mah seukeut pisan. Matak kubarudak mah dilandih Si Heulang Ruyuk,atawa Si Mata Malaikat.

“Adun!! Manéh hitut nya??!” teupupuguh Pa Adang ngajorowok barinungkup irungna.

Si Adun nu sabangku jeung kuring ru -ngah-ringeuh. Da teu rumasa.

“Henteu, Pa...”“Aaahh... ngaku siah!!! Ning meuni

bau kieu?”Teu pupuguh, jol pelengseng bau

mabek kacida. Kuring ngarérét ka SiAdun. Saréréa gé langsung nutupanirungna bari réang.

“Henteu hitut uing mah...” jiga nuterus rasa basa diteuteup ku kuring.

“Ari ieu bau ti mana atuh?”“Heueuh...!” Pa Adang beuki

muncereng ka Si Adun.“Wani sumpah, abdi mah henteu,

Bapa...” beungeut Si Adun katingalibareureum.

“Ka hareup Adun!!!”Si Adun ka hareup bari tungkul.“Cicing siah gigireun bor. Nangtung.

Suku katuhu angkat... Calutak! Leutikkénéh geus diajar ngabohong!”

“Sumpah, Pa. Abdi mah henteu...”hing... wé bakat ku asa diteungteuingananku Pa Adang, Si Adun ngahing-hingceurik.

“Na saha atuh nu boga dosana? Sokngacung!” Pa Adang beuki ambek.Panonna ampir nolol kabéh.

Kabéhanana silirérét. Garideug, teurumasa.

“Mun euweuh nu ngaku kénéh baé,

di setrap ku Bapa!”Saréréa jempé.“Hayoh ngaku! Ka hareup siah

kabéh!”Barudak awéwé lalaki ka harareup.Plok! Plok! Teu dipilih-pillih, awéwé

lalaki diképrét hiji-hiji.***

Isukna Pa Adang manggil murid-murid. Sasadu ménta dihampura kasaréréa, da geu ning anu bau téh lain hitut,tapi spiteng sakola bocor.

Agus S- Antapani

Némbalan nu TotoroktokanEta mah nu dagang estu diteangan

cara nawarkeun dagangan supaya payu,geus kanyahoan nu nawarkeun ukursungut mah pleus jeung biwirna, sayur….!!! Kulit tahuuuu..!! Remot TV! Parabot!Aya deui ti bagian biro jasa alias tukangserpis.

Sol sapatu! Sol sapatu !Payung rusak! Payung butut!Repis jam, Batre jam !Ngan aya anu teu nyambung,Aciw… Aciw… ari ditingali teh nu da-

gang sayur, ari sugan teh aciw teh naon.Aya deui nu nawarkeun teu ku sungut,tapi cukup parabot nu dibawana,meureun nawarkeun ku sungut geuscapeun sungutna, ganti ku soraparabotna.

Klining…klining..klining sora bel leu-tik. Tukang Es etamah !

Tek..tek..tek.. birit katel ditakol co-colek, Tukang Goreng Aci

Tet…tetot! sora klakson mobil ditiupbal karet, Tok Toroktok-tok Tok Toroktok,sora nu nawarkeun baso Chuanki,parabotna siga kolotok munding tapi leu-tik nu ditakolna teh. Sok kajeun teuingsora naon sora naon oge, ninggang dinawaktu nu merenahmah teu jadi masalah,ah…ayem tentrem bae kadengena teh.

Ngan eta geuningan ninggang geusaya dina kakolotan, gancang pisan kaeun-teupan sakadang tunduh, eh ! Unggeuk-unggeuk teh unggeuk nundutan, liwattengah poe meujeuhna nyangkere sare,leuheung mun merenah,pan ieumahnyangkere sangeunahna dina korsihareup, korsi panjang, korsi jok estungeu nah dipake nyelegon.

Torotoktok..tok..tok.tok…Ari gebeg! Ari korejat hudang reuwas

kageuingkeun ku sora totoroktokan, ko-

rejat hudang ambek, habek bae neung -geul panto hareup ku peureup satarikna !

Dor…dor…dor…Les bae euweuh sora kolotok munding

leutik teh eureun disadana, tayohnareuwas atawa sieun nu gegedor pantokatutuluyan.

Isukna keur sare tibra deuihToroktok…tok…tok…tok…Na da korejat deui bari ambek!!Dor…dor…dor..! dor …dor…dor…!JemplingTaksiran tukang baso teh ngagidig teu

nakolan deui kolotokna.

Amih Ety K - Cimangkok

Sugan Teh Urang BaratDina poe Saptu nu geus kaliwat, balik

sakola téh tara-tara ti sasari jam 9.00isuk-isuk, sabab guru-guruna rék rapat.Kuring teu tuluy balik ka imah, da diajakku babaturan sabangku ulin ka lemburna.Nepi ka lemburna, kuring héran pisan.Naon sababna? Piraku di lembur ayajelema bule (urang Barat), moal turis kitu?ceuk gerentes haté kuring.

Tuluy disampeurkeun éta jelema bulétéh, song kuring ngajak sasalaman. Ku -ring nanya ka manéhna, itung-itungmerakté keun basa Inggris.

“Hallo, what is your name?” cékku¬ring. Éta jelema bulé téh teu nga-jawab, kalah culang-cileung bangun nuteu ngarti. Kuring héran, naha bet teunembalan urang Barat téh ceuk gerenteshaté kuring.

“Euh abdi sanés urang Barat Jang!"témbalna. “Abdi urang lembur ieu.”

Gebeg kuring reuwas, rarasaan reybeu ngeut ngadadak beureum.

“Euh, punten atuh, sugan téh ti Barat,éta da kulit sareng sadayana barodas, sigaurang Barat,” ceuk kuring bari ngaléos.

Ti kajauhan babaturan seuseurian, kukuring disampeurkeun.

“Ku naon manéh teu ngabéjaan,ku¬ring éra,” ceuk kuring camberut.

“Manéhna téh jelema bulé Albino téaeuy,” ceuk batur kuring téh.

“Naon ari bulé Albino teh?” cék kuring.“Bulé Albino téh nya éta urang

In¬donésia asli tapi siga ti Barat, ku sababkulit, buuk jeung sakabéh awakna bodas,”témbal batur kuring bari seuri.

“Paingan ditanya ku basa Ingris teungartieun, kalah culang-cileung,” pok téhbari tuluy indit, asup ka imah batur ku -ring.

Memet Selamet Pertokoan Pasar Cisaat

Kel. Cisaat Sukabumi

Manglé 2453 51

Page 53: Mangle 2453

PantesAna: “Ayeuna loba korup-tor anu katohyan. Hanjakaldihukumna tara lila.”Ani: “Puguh enya. Malahkuring rada teu ngarti. SiIbro nu ukur maling kacaspion éh dihukumnaleuwih lila manan korup-tor.”Ana: “Ah éta mah pantes.Sabab lian ti maling kacaspionna geus remen turug-turug anu dipalingna téhkaca spion anu aya...mobil na.”

LindaUjungberung Bandung

DigemukIteung: “Ari geus kolot mahhuntu ogé loba anu tinggalakarna wungkul.”Kabayan: “Ngabaheumanoréa geura!”Iteung: “Supaya kumaha?”Kabayan: “Pan ambéhjaradi deui huntu. Contonamah akar tutuwuhan anudipurulukan ku oréa panjaradi tangkal.”

LindaUjungberung Bandung

Supaya teu ÉraAnang: “Uing téh hayanglalajo maénbal tapi teuboga duit keur meulikarcis na!”Aning: “Pira ogé sapuluhrébu maenya teu boga. Arikeur udud aya ilaing mah?”Anang: “Ih ari keur teuboga mah nya teu bogawé.”Aning: “Terus maksudnakumaha?”Anang: “Urang barenglalajo na méh teu éra!”Aning: “Duaan gé meureunsarua wé éra ari teu mayarmah?”

Anang: “Ari duaan mahmoal éra teuing. Pan ayabatur.”

LindaUjungberung Bandung

Atanapi...Panumpang: “Mang, ari kaTanjungsari sabaraha?”Tkg beca: “Pasihan we sa-puluh rébu!”Panumpang: “Asa mahal-mahal teuing? Piraku saki -tu, pan teu jauh?”Tkg beca: “Ari teu tebihmah mapah wé atuh, ulahkana béca atanapi...”P a n u m p a n g : “ A t a w akumaha Mang?”Tkg beca: “Sok ku Emangongkosna diturunkeunsatengahna asal Enéng anungaboséhna, Emang anucalikna!”

Deni RamdhaniGg. Kujang 142

Jl. AH. Nasution Bandung

JajamuJikan: “Omat, balikna kamipangmeulikeun jajamuGalian Singset nya!”Salaki: “Nu cocog keurJikan mah lain jajamuGalian Singset tapi jajamuSari Rapet.”Jikan: “Keur naon éta téhkasiatna?”Salaki: “Supaya biwir Jikanrapet, teu cerewed.”

Deni RamdhaniGg. Kujang 142

Jl. AH. Nasution Bandung

Nasi GorengAde : Mang, nyieun hiji!T. nasgor : Pake Telur?Ade : make atuh!T. nasgor : Telurnya dicam-

pur atau dipisah?Ade : dipisahkeun mang,ngan ulah jauh teuing.T. nasgor : mau dikasihayam?Adul : hor! Nya moal atuh,pan nu laparna ge uing, lainhayam.

Imam SaefullohAstana Anyar No. 56

BasoooAde : "Basooo!" T. baso : "Bade meserjang?" Ade : "Moal mang, mungbade naros hungkul, bilihdisangki sombong."

Imam SaefullohAstana Anyar No. 56

LebayRina : "A nuju naon?"Adul : "Nuju ngapalkeunneng."Rina : "Ngapalkeun naonA.?"Adul : "Ngapalkeun namieneng supados lancar ijabkabul bilih jaga parengngajodo."

Tata RohimanCiganitri No. 23

SMSDudu : "Ma, ari ngahapustulisan anu salah dina SMSkumaha?"Ema : "Usap we ku elapbaseuh."

Tata RohimanCiganitriNo. 23

HadiahIbro : “Pa, poé ieu uingulang taun, mana hadiahmotor téh?” (Namprak)Bapa : “Tah tunda!”(Mikeun konci motor) Ibro atoh bari nempo kaluarBapa : “Taun hareup spion -na, taun hareupna deuispakbor.” (Bari ngarawélpacul tuluy indit ka sawah)

Ibro ukur bisa olohok.

Reni TresnasariJl. Cibadak No. 45

DartingUdin: Sakapeung mah sokpusing ari ningali acara tvteh euy!Ibro: Naha kitu din?Udin: Beritana ngankorup si wae,, jadi sok naekdarah.

Lita LestianiLeuwigajah-Cimindi

No. 34

Hapé ModérnApa : “Jang, pangmencé-tankeun tonggong bapa!”Ujang : “Teu usumdipencét Pa, ayeuna mahusum anu disentuh.”

Lita LestianiLeuwigajah-Cimindi

No. 34

Sarapan PagiIteung : Kang sarapanheulaaa..Kabayan : Pan entos Nyi,sisinarirun mani sagalangeunah, aya nasgor, rotibakar, susu, buah apel.Iteung : Hoor.. uing mahngan nyayagikeun kulubhui jeung kopi hungkulkanggo akang téh.Kabayan : Beu!! Ari uingtadi sarapan di imah sahaatuuhh nya?

Ridwan IrawanJl. Arjuna No. 78

Hayang ka UrangBogorIndung: "Ditanyaan kuurang Tasik, nampik,pédah rék mahugi teu sok.Ditalék ku urang Cikampékteu pék da sieun paséaterus dikampak. Dicirianku urang Banjaran teuméréan da sieun kabanji-ran. Hayang ka urangmana atuh manéh téh

52 Manglé 2453

Page 54: Mangle 2453

Nyai?"Anak: "Hayang ka urangBogor ngarah bageur!"Indung: "Jang nanahaonbageur gé ari begér kaawéwé séjén mah."Anak: "Nya moal begér kaawéwé séjén atuh Ema dapenampilan Nyaisalawasna bugar."

Féndy Sy. Citrawarga,Bandung

SaruanaUmi : “Kang, ayeuna mahbudak th geus pinter ngo-jay.”Akang : “Na kumaha kitu?”Umi : “Leuwih ti sajam canhanjat kénéh.”AKang : “Wah hebat anakuing, ngojay dimana?”

Reni TresnasariJl. Cibadak No. 45

KuntiAwewe : "Akang limbad?"Udin : "Sanés néng."Awewe : "Jawara ter -minal?"Udin : "sanés."Awewe : "Naha atuh wani-wani nincak kuburanabdi?"

Ridwan IrawanJl. Arjuna No. 78

SeuriNono : “Ulah waka seuri,saacan sura!”Rina : “Naha?”Nono : “Nya enya atuh, pi-raku "seuri sura" pan biasage sura seuri.

Adilla Ratu RaiJl. Pecinan No 112

BahayaAnak bayawak: "Katanyajalma mah garwaananakagak banyak-banyak nyaPa?"Bapa bayawak: "Ya, jalmamah garwaanana pang-banyakna ngan papat. Tah

Bapa mah garwaananadapat banyak dan kasasaha. Ka mamah manggaka anak taya masalah."Anak bayawak: "Naha Pa?"Bapa bayawak: "Panbangsa satwa."Anak bayawak: "Naha ayajalma talajakna kawasBapa? Ka tatangga mangga,ka parawan mangga, karanda taya halangan, kanajajan ngagalaksak, malahanakna kaasaan."Baba bayawak: "Ngarannasaja jalma, talajaknabayawak kawas Bapa.Ngaranna jalma haramjadah parab naraka jaha -nam."Anak bayawak: "Waw,baha ya!"

Féndy Sy. Citrawarga,Bandung

Meuli Kasur“Meuli kasur keur naon?”“Keur sare!”“Jagoan. Da kuring mahmun meuli kasur teh keurbeunta!”

Ardi HardiansyahCianjur

Basa Inggris“Eusian ieu ku basa inggrisnya?" ceuk guru bari nulis10 =... 100 =... 1000 =...Tereleng si Dodo ka hareuptuluy nulis "10 = ten 100 =teen 1000 = teeen."

Adilla Ratu RaiJl. Pecinan No 112

Gara-gara PersibOgin: "Karunya ka DénOléng, umur geus opatpuluh taun can kawin-kawin."Onyon: "Naha nya? Sangk-ilang nya kasép nya beung-har."Ogin: "Persib nu kitu téamah da."Onyon: "Naha mamawa

Persib, Gin?"Ogin: "Jih, apan Dén Oléngtéh cacarékan, manéhnamoal waka kawin lamunPersib can jadi jawara ISLkadua kalina."Onyon: "Beu, aya kituna."

Féndy Sy. Citrawarga,Bandung

Koneng Gede“Mun rék papanganténankudu luluran maké konénggedé cenah. Ambeh geulis,resik, jeung cahayaan. Kituresep kolot urang baheulamah.”“Ke... yakin maneh rekdilulur ku koneng gede? Dararasaan koneng gede mahsetum!”

Ardi HardiansyahCianjur

Poek“Duh, naha hirup teh asapoek-poek teuing! Asasusah wae jeung susah. Teupisan manggih kasena -ngan.”“Poek kumaha, sakitupanas poe mentrang-men-tring kieu!”“Si! Ari nanaon tehmanehna mah!”

Ardi HardiansyahCianjur

Haneut“Hujan ngabonceng awewemeuni haneut. Eh ari pekteh eta awewe ngompolpantesan atuh haneutnabari bau hangseur.”

Ardi HardiansyahCianjur

Daekan Pisan“Asa ku ripuh nyeuseuhbaju sa setel!”“Naha kudu ripuh euy?”“Pagawean leledokandiseuseuh ku sabun murah!Uh, hese!”“Ari pajabat loba nu

daekeun pisan! Naon nya?”“Nyeuseuh duit saloba-lobateu luh-lah!”“Teu dipoe diluar da sieunkanyahoan!”“Dikumahakeun atuh ariaranjeuna?”“Di garingkeunana dinaopen!”“Tapi dioperbakeun ku juruwarta! Wirang”

Apih SuratmanCimangkok Sukabumi

Teu Kuat Ditahan“Punten bae atuh abdimah!”“Eeee, rek kamana manehditahan didieu !”“Teu kiat di tahan Pa!”“Wayahna di tahan didieu!”“Tuh Pa ! Cer bae geuning!”“Siah ngompol !”“Saur abdi oge teu kiat ditahan bae!”

Apih SuratmanCimangkok Sukabumi

Nyadap“Wajar mun Australianyadap Indonesia, eta Aus-trali hayang nyaho ra-hasiah Indonesia. DaIndonesia mah ka rakyatnage loba nu dirahasiahkeun -ana.”“His... sok gagabah aringomong teh!”

Andi FirmansyahJl. Kangkung No. 21Malabar – Bandung

Kawung“Rek kamana Ki?”“Rek nyadap Cu!”“Wih, gaya Si Aki, pa-gaweanana geus siga intele-jen Australia.”“Da Aki mah lain reknyadap presiden, Aki mahrek nyadap kawung.”

Andi FirmansyahJl. Kangkung No. 21Malabar – Bandung

Manglé 2453 53

Page 55: Mangle 2453

54 Manglé 2453

Kitu judul berita nu kabacadina koran Kompas (Rabu, 27Nopember 2013). Coba geura

urang salin saujratna, “Kondisiekonomi tahun 2014 tidak akanbanyak berubah. Pemerintah me-mang membuat sejumlah kebijakan,tetapi minim realisasi karena gagaldalam pelaksanaan. Pertumbuhanekonomi tahun 2014 diprediksi 5,6persen-5,8 persen dengan tingkat in-flasi 5 persen-6 persen.

Ekonom Institute for Develop-ment of Economics and Finance(Indef) Ahmad Erani Yustikamengata kan hal ini dalam seminarnasional Proyeksi Ekonomi Indo -nesia 2014 bertajuk “Akankah KrisisBerlanjut?” di Jakarta, Selasa(26/11).

“Pemerintah tidak serius dantidak fokus mengeksekusi kebijakan.Mereka sekedar memproduksikebija kan demi memuaskan publikuntuk sementara waktu dan tidakmengawal implementasinya” kataErani. Satuluyna ditetelakeun,“Bebe rapa kebijakan bagus yangmandul karena tidak diawasipelaksanaan nya antara lain hilirisasiindustri komoditas primer sepertiperkebunan dan pertambangan. Se-lain itu, juga kewajiban penggunaanbiodiesel untuk mengurangi impordan subsidi bahan bakar minyak. Ke-bijakan hilirisasi industri komoditasprimer untuk menghentikan eksporbahan mentah tahun 2014 tinggalisa pan jempol karena sejauh inimasih banyak investor yang belummembangun industri pengolahan”

Tacan aya jawaban ti pamarentahngeunaan hal bieu teh. Jeung deui,dina enyana oge pamarentahhengker pisan lebah ngalarapkeunkabijakan-kabijakanana, nyakaitung geus telat manten atuhpikeun ngomeanana. Taun hareup

pamarentahan SBY-Boedionomaren, nu satuluyna bakal ninggal -keun sabugbrug masalah ka pa-marentah anyar.

Jadi PalajaranAnggapan pamarentahan ayeuna

hengker, memang ampir geus jadikacapangan balarea. Akibatna, ampirteu aya warisan pamarentahan ayeu -na nu bisa dipikareueus. Paling-pa -ling kamampuh Presiden SBYngarangkul sakur kakuatan pulitiknu ngalantarankeun pamarentahanbisa jalan nepi ka dua kali mangsajabatanana. Tapi, saukur pamarenta-han bisa jalan, bari teu ngahasilkeunhal nu mucekil, nya pohara henteunyugemakeunana atuh.

Memang, bisa wae hal kitu tehkulantaran sistem pamarentahanayeuna kurang mere wewenang nunyukupan ka presiden pikeunngalaksanakeun pancenna. Tapi,dina enyana oge kitu, nya atuh anca-man bieu teh kudu geus bisa diantisi-pasi ti awalna keneh. Jeung tangtunaoge, SBY weruh kana bakal nyorangjalan tarahal kitu teh. Tangtu apal,sistem pamarentahan ayeuna mahmere wewenang nu sakitu gedena kaDPR, nepi ka presiden teu bisa lalu-

asa deui ngajalankeun kawajibanpulitikna saperti dina mangsapamarenta han otoriter Orde Baru.Tapi, bongan amanah ngajalankeunkakawasaan ti rahayat geus di-tarima,nya masing sakumahasulitna oge, kangaranan hiji paming-pin mah, kudu bisa ngungkulananaatuh.

Tah, lebah dieu teu jelasnastrategi SBY enggoning nga-jalankeun pamarentahan dina sis-tem pamarentahan demokratissaperti ayeuna teh. Nu tembong ku-rang wiwahana, eta geuralebahnyusun rengrengan para menteriminangka andelan enggoning nga-jalankeun pamarentahanana. Geuspuguh apan, kaom pulitisi ampir tisaban partey pulitik teh sakitugoreng adatna, geus puguh arigoreng gawena mah, naha atuh betdipapag dihiap-hiap sina jadimenteri nu pohara nangtukeunanakahirupan balarea? Sasatna “di-hamparkan karpet merah” keurkaom pulitisi sina calik andeglengdina korsi pamarentahan. Teu nyanageuning hasilna nyamos pisan.Lebah dieu, bakal timbul pananya,saha nu leuwih teu mampuh, nahamenteri (minangka pembantu presi-den) atawa malah presiden nu ming-pinna? Atuda, mun geus jelassawatara menteri teu mampuh, nyakunaon henteu dicopot? Kunaonngabaidkeun pisan reshuffle kabi-net?

Elite Pamarentahan AnyarJelas, kaom elite nu bakal mang-

gung taun 2014 engke kudu padanalek ku urang sarerea, kumahasiasatna enggoning ngajalankeunpamarentahan nu epektip, nu bedas,henteu hengker kabina-bina sapertipamarentahan ayeuna?***

Karno Kartadibrata

Larapna Kabijakan Pamarentah: Hengker

Page 56: Mangle 2453

Manglé 2453 55

KA GIGIR:1. Babari ngarti4. Lawang stasion antara lawang asupjeung erél7. Sesebutan ka lalaki saluhureun8. Sangu garing9. Ukuran waktu10. Carita13. Trans Métro Bandung15. Wangun obat16. Béja17. Hadir18. Waktu solat19. Ati-ati, tartib23. Istilah dina hukum25. Kecap panyambung27. Surat (Inggris)28. Pakarang Dipati Karna29. Basa asli Pilipina

KA HANDAP:1. Paragi nyiuk sangu2. Nomer3. Cahya4. Ahli tapa5. Geus teu hujan6. Taya wujudna, abstrak8. Anak lanceuk11. Poho12. Nénjo/nurutan pagawéan batur14. Pulo Déwata15. Tataheunan pikeun ngala sato

leuweung16. Tatabeuhan, alat seni soara20. Alus keur orok21. Ubar22. Taun baru Cina24. Êra26. Tempat ngawadahan tutuwuhan

Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No.1419. Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1417:

1. Hj. Ratna KosasihJl. Margaharja No. 03 RT/RW

09/10Lengkongsari – Tasikmalaya46111

2. Eva FaridaKmp. Sindanghayu - Gunung

DamarBanjarsari - Ciamis

3. Wawan KuswandiKompl. Bumi Harapan Blok EE2Kab. Bandung

1419K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Page 57: Mangle 2453

“Barudak sakola téh, Lo….”“Beuki lila beuki pinter nyah,

Mang?”“Kuduna mah kitu.”“Ari ieu?”“Kalah beuki matak prihatin.”“Matak prihatin kumaha, Mang?”“Ih ari Alo, kawas nu tara nyaksian

berita baé. Kapan ramé diberitakeundina média massa yén tawuran barudaksakola beuki kadieu téh kalah beukimaha bu baé.”

“Ambuing.”“Malah nepi réa korban jiwa deuih.”“Gusti.”“Lian ti kitu, barudak sakola ogé réa

anu milampah kalakuan nu teu kaasupbangor, tapi asup kana katagori tinda -kan kriminal saperti ngarampog,ngaruksak fasilitas umum, nyieun filemporno, narkoba, jeung sajabana.”

“Beu, kudu kumaha ngungkulananaatuh nya, Mang?”

“Nyaéta saréréa ogé keur bingung.Aya nu nyebutkeun budak bangor kitumah kudu dikaluarkeun ti sakola, ayaogé nu nyebutkeun tindakan saperti kitutéh henteu ngaréngsékeun pasualan,lantaran budak bangor ogé kudu dididik

di sakola.”“Enya, asa bener duanana, Mang.”“Bener duanana kumaha, Lo?”“Lamun budak saperti kitu teu

dikaluarkeun dipikahariwang bakalmawa teu bener ka budak sakola nulianna.”

“Lamun dikaluarkeun?”“Salian ti teu ngadidik téh tangtu

bakal réa budak anu kateug sakolanaalatan dikaluarkeun ti sakola. Halsarupa kitu tangtu baé leuwih bahaya,maranéhna bakal leuwih liar lamun ayadi luar lingkungan sakola mah.”

“Bener ogé, Lo.”“Papadaning kitu.”“Kumaha, Lo?”“Tindakan tegas kudu ditibankeun

ka barudak sakola anu milampah hal-hal nu teu matut, pangpangna anu ka -asup kana tindakan kriminal.”

“Nya enya atuh, Lo. Lamun teu ditin-dak tegas mah bakal gegenaheun, bakalbeuki mahabu.”

“Boa-boah kudu aya sakola husus,Mang.”

“Sakola husus keur budak bangor?”“Enya.”“Hih, saha atuh kolotna nu rék

nyakolakeun anakna ka sakola hususkeur budak bangor?”

“Aéh, enya nya.”“Mamang boga pangalaman anu

sigana bisa jadi bahan pikiran keururang saréréa.”

“Pangalaman kumaha, Mang?”“Di kampung Mamang baheula

barudak pamudana kawéntar baraong.Bisa disebut kampung beling malahmah. Gelut jeung tawuran geus jadi pa-gawéan sapopoé.”

“Euleuh-euleuh.”“Kiwari barudak di kampung téh jadi

barageur. Arang langka kabéjakeungarelut.”

“Alhamdulillah.”“Ari ditalungtik ku Mamang, horéng

maranéhna barageur téh sabada resepngaggulung seni jeung kasenian. Pada-hal seni anu digugulung ku maranéhnatéh seni gelut, penca silat. Malah tuluyjadi kréatip, nyiptakeun karya-karya anuceuk saliwatan mah taya hubungananajeung seni budaya.”

“Sigana rasa jeung kamanusananakaasah ku seni budaya, Mang.”

“Bener. Matak ceuk Mamang mah,dunya atikan atawa sakola kududideukeutkeun kana budaya. Lantaranbudaya bisa ngasah tur ngabentuk budipekerti barudak sakola.”

“Nyaéta susah, Mang. Kapan ayeunamah budaya téh ku pamaréntah di -anggap teu penting pikeun ngatik nga-didik budak sakola. Sawatara waktu nukaliwat gé geuning, urang saréréa démolantaran muatan lokal dipupus dinakurikulum sakola.”

“Heueu. Matak ulah nyalahkeunlamun réa budak sakola baong téh, darasa budayana ogé teu dipiroséa.”

“Emh.”***

Budak Bangor

56 Manglé 2453