seratus paribasa jeung babasan

104

Upload: m-tsabit-aqdam

Post on 29-Oct-2015

852 views

Category:

Documents


54 download

TRANSCRIPT

SARATUS PARIBASA JEUNG BABASAN

jilid ka-I

SARATUS

PARIBASA JEUNG BABASAN

karangan

Mas Natawisastra

Mantri Guru Sakola Klas II No. I Handung

jilid ka-I

TIDAK DIPERJUALBELIKANProyek Bahan Pustaka Lokal Konten Berbasis Etnis Nusantara

Perpustakaan Nasional, 2011

Perpustakaan NasionalR e p u b l i k I n d o n e s i a

Balai Pustaka

KATA PENGANTAR

Pembangunan di bidang kebudayaan adalah bagian integral daripada Pembangunan Nasional. Pembangunan bidang kebudaya-an tidak terlepas dari pemikiran dan usaha pengembangan dalam bidang sastra.

Karya sastra yang merupakan manifestasi kehidupan jiwa bangsa dari abad ke abad akan menjadi peninggalan kebudayaan yang sangat tinggi nilainya. Karena itu karya sastra perlu digali dan digarap untuk diresapi dan dinikmati isinya.

Karya sastra memberikan khasanah sejarah ilmu pengetahu-an yang beraneka macam ragamnya. Hasil penggalian dan pengga-rapan karya sastra akan memberikan rasa kepuasan rohani dan kecintaan pada kebudayaan sendiri yang selanjutnya akan merupa-kan alat ampuh untuk membendung arus masuknya pengaruh ke-budayaan asing yang tidak sesuai dengan kepribadian dan kepen-tingan pembangunan bangsa Indonesia.

Penghayatan hasil karya sastra akan memberi keseimbangan antara kemajuan ilmu pengetahuan dan teknologi modern di sa-tu pihak dan pembangunan jiwa di lain pihak. Kedua hal ini sam-pai masa kini masih dirasakan belum dapat saling isi-mengisi, pa-dahal keseimbangan atau keselarasan antara kedua masalah ini be-sar sekali peranannya bagi pembangunan dan pembinaan lahir dan batin. Melalui sastra diperoleh nilai-nilai, tata hidup dan sarana kebudayaan sebagai saran komunikasi masa lalu, masa kini dan masa depan.

Para pemakai dan peminat bahasa dan sastra Daerah, khusus-nya bahasa dan sastra Sunda, baik di dalam masyarakat maupun di sekolah dan di perguruan tinggi, sudah lama merasakan kekura-ngan akan buku Sunda sebagai bacaan maupun sebagai penunjang pengajaran bahasa dan sastra Sunda.

v

I

Selain itu sesuai dengan semboyan 'Bhinneka Tunggal Ika sepatutnya kita memelihara segala ragam kebudayaan dan bahasa daerah yang hidup dan digunakan dalam masyarakat kita, agar keanekaragaman kebudayaan dan bahasa di negara kita itu tetap

'terpelihara dengan segala keindahan dan kelincahannya. Bahkan perlu disebarluaskan ke seluruh pelosok Nusantara kita sehingga dikenal, diterima dan dirasakan sebagai milik kita bersama.

Dengan tujuan itulah dan untuk mengisi kekurangan terse-but di atas, Proyek Penerbitan Buku Bacaan dan Sastra Indonesia dan Daerah Departemen P dan K, bekeija sama dengan PN Balai Pustaka sebagai penerbit buku sastra yang telah dikenal sejak sebe-lum Perang Dunia ke-II, menerbitkan kembali buku-buku sastra Sunda. Bagi yang tidak menguasai bahasa Sunda, tetapi ingin memahami isinya, telah kami supun ringkasan ceritanya dalam bahasa Indonesia.

Semoga dengan terbitan-terbitan ini kekayaan sastra bangsa kita yang sudah begitu lama terpendam itu dapat dikenal oleh khalayak yang lebih lúas serta dapat menambah pengertian dan apresiasi terhadapnya.

vi

RINGKASAN ISI :

BUKU BACAAN SARATUS PARIBASA JILID I

Karangan : Mas Natawisastra, Mantri Guru Sekolah Klas Dua, Bandung

Dibuat oleh : Haksan Wirasutisna.

Seperti dikemukakan dalam kata 'bubuka' jilid I, bahasa Sunda mengenal peribahasa, ungkapan, seloka dan sindir. Periba-hasa — kata pengarang - membandingkan atau mengkaitkan tingkah laku manusia dengan binatang, pohon, air dan lain seba-gainya. Misalnya, 'pacikrak ngalawan merak' (burung kecil mela-wan burung merak), yang berarti 'yang kecil melawan yang besar' atau 'rakyat jelata melawan pembesar.'

Babasan tidak mengatakan hal yang sebenarnya, jadi boleh dikata bohong, tetapi mempunyai arti kiasan. Contohnya : pan-jang leungeun (tangan), liat birit (berat pantat).

Siloka berarti kata-kata yang tidak terus terang atau nyata, melainkan hanya mengutamakan artinya saja. Umpamanya : nyuk-cruk leuwi neangan cai (mengarungi lubuk mencari air), ngala seuneu kundang damar (mencari api sambii membawa lampu).

Sindir ada dua macam; yaitu : a. sindir bangbalikan : di sini yang diutamakan, ialah rangka-

pannya. Misalnya : hampelas raraga ati (ampelas rangka hati). Isinya : iklas raga jeung pati (iklas raga dan jiwa).

b. sindir yang mementingkan kesamaan bunyi pada akhirnya. Misal : daun tuhur di tangkalna (daun kering pada pohon-nya), artinya kararas. Jika akhiran ras digunakan, maka ja-dilah : henieu ras ka diri kuring (tidak ingat kepada diriku) Sekarang marilah kita mengambil beberapa contoh dari tiap-tiap jilid.

J I L I D I

1. DIPIAMIS BUAH GINTUNG

Artinya : Orang yang merasa disayangi oleh orang tuanya, sahabatnya atau majikannya. Contoh : Artayim selalu mengatakan, bahwa ia disayangi oleh pamannya, yang bernama Tata.

Kata Ubin, "Artayim, kau akan membeli baju?"

Artayim, "Aku akan bertanya dulu kepada Tata, sebab aku tak boleh berbuat sesuka hatiku, selalu terserah kepada orang tua."

Kata Ambas, "Artayim, maukah kau ikut menangguk ikan di danau besok? Ikannya akan kita berikan kepada pa-manmu."

Artayim, "Tata tak pernah mengizinkanku keluyuran tak menentu, sebab Lebaran nanti aku tidak akan dibelikan ikat kepala yang bagus."

Pada suatu waktu Ubin bertemu dengan Tata. Tanya Ubin, "Mengapa paman begitu sayang kepada Artayim?"

Tata, "Siapakah yang sayang? Aku sama sekali tidak sa-yang kepada anak malas yang suka berdusta. Jangankan aku, bapaknya sendiri pun tak sayang kepadanya."

Ubin, "Oh, kalau begitu Artayim dipiamis buah gin-tung."

2. MAPAYKA PUHU LEUNGEUN

Arti : melibatkan orang tua, majikan atau guru

Contoh : Miming bertengkar dengan Nono. Kata Miming, "Kau jangan sombong, mentang-mentang berbaju dan berikat kepala baru, Aku tak peduli, sebab tidak akan meminjam

viii

apa-apa darimu."

Jawab Nono, "Tutup mulutmu! Bukan karena pakaianku barn, tapi karena kau merogoh kantongku. Mau mencopet uangku barangkali?"

Miming, "Sudah berapa kalikah aku dipenjara ? Pantaslah aku melarat, sebab tak bisa menipu scperti bapak-mu. Bukankah baru-baru ini ia dipenjara, karena menipu orang?"

Nono, "Sudah, sudah, kau jangan berkata begitu! Kalau berani, marilah kita bertarung di padang rumput. Tak pantas mapay ka puhu leungeun!" NYEUNGEUT DAMAR DI SUHUNAN Artinya : sifat ingin disebut kaya dan murah terhadap orang lain, tapi pelit terhadap kerabat sendiri. Contoh : Mastur dan Jibja asyik mempercakapkan abang-nya, yang bernama Bapak Musti. Kata Mastur, "Jibja , aku merasa heran akan abangku. Aku meminta baju buat meng-ganti bajuku yang sobek, tapi tak berhasil. Tapi kepada orang lain, ia amat murah, sebab ingin dipuji. Kepada orang Garut ia menghadiahkan pakaian seperangkat, malah anaknya pun diberinya kalung perak."

Jawab Jibja, "Lumrahnya orang bodoh memang begitu. Murah kepada orang lain, karena ingin dipuji kaya. Tapi ke-pada saudara atau anak saudara bersikap kikir. Itulah orang yang dinamakan nyeungeut damar di suhunan."

ix

KATERANGAN

Upama-upama dina ieu buku, henteu ditetepkeun ngan kitu bae, tapi dina hiji-hijina paribasa atawa babasan, beunang rupa-rupa diupamakeunana, ieu mah ngan dipilih sakur nu gampang, nu sakira babari kahartina bae.

xi

BUBUKA

Meureun sarerea oge geus ngadenge sok aya nu nyebut, pari-basa, babasan, siloka jeung sindir. Naon bedana hiji-hijina ?

l e . P a r i b a s a : nya età pikeun ngabandingkeun atawa nyanggetkeun, lalampahan jelema kana sato kana tangkal atawa kana cai jeung sajaba t i età; saperti : p a c i k r a k n g a l a w a n m e r a k : = pacikrak minangka cacah, merak minangka menak agung; hartina : nu leutik (cacah) ngalawan ka pangagung.

2 e . B a b a s a n : = a. Babasan lain basa saenyana sarua jeung bohong. Upama : panjang leungeun hampang leungeun, liat birit, leuleus awak jeung rea-rea deui.

b. Panganteb. Dina hiji losmen aya hiji anjing gede, ceuk babasan mah bangusna oge wani sagede seeng.

Ku età babasan urang ngarti, moal enya aya bangus anjing nepi ka sagede seeng, tapi urang percaya kana gedena anjing, atawa nuduhkeun anjing gede.

Atawa : Kamari kuring nenjo nu keur nguseup golong di Citarum, rea beubeunanganana kancra galede pisan, matana oge ceuk babasan mah wani sagede-gede peureup. Tah moal enya aya mata kancra sagede peureup, ieu mah ngan babasan bae, pangan-teb ku bawaning gede.

3 e . S i 1 o k a : = sual, hartina caritaan anu henteu sawakca-na atawa sabuktina, ngan diarah hartina bae saperti : nyukcruk leuwi neangan cai, ngala seuneu kundang damar jeung rea-rea deui.

4 e . S i n d i r : sindir aya dua rupa :

a. sindir bangbalikan, anu diarah rangkepanana saperti : hampe-las raraga jati; eusina : ikelas raga jeung pati;

b. sindir anu dipambrih supaya sarua sadana dina tungtungna omongan saperti :

xiii

daun tuhiij di tangkalna = kararas, nu diarah r a s ana diunikeun = henteu r a s ka diri kuring. leu di handap diterang-keun hiji-hijina paribasa jeung babasan sarta diupamakeun.

xiv

BUKU BACAAN

SARATUS PARIBASA JEUNG BABASAN

karangan

Mas Natawisastra

Mantri Guru Sakola Klas II No. I Bandung

jilid ka-I

PNRI

PNRI

PNRI

Kaca.

92. Sabuni-buni nu ngising 79 93. Seukeut tambang manan gobang 80 94. Tugur tundan cuntang gantang 81 95. Tamplok batokeun 82 96. Tamiang meulit ka bitis 82

97. Tiis ceuli herang mata 82 98. Teu beunang dikoet ku nu keked 83 99, Tamplok aseupan 84

100. Tuturut munding 84

6

PNRI

1. ALAK-ALAK CUMAMPAKA

H a r t i n a : cacah nyasama ka menak, atawa nu bodo boga rasa sarua jeung nu pinter, atawa nu bodo nyeta-nyeta pinter.

Upamana :

Hadi anak tukang tani teu wudu rada cukup, ti bubudak nepi ka kolot sok ningkah pisan, unggal-unggal poe cetaan niru-niru menak, nya kitu deui sok sumolondo, ngawawuhkeun maneh jeung menak, lamun papanggih jeung menak, tuluy bae nanya, bari cetaan ieu aing menak, malah lamun pareng reujeung leum-pang jeung menak tea, leumpangna sok ngarendeng bae, malah sakapeung mah sok miheulaan tina boga rasa aing oge menak, atawa lamun papanggih jeung jelema anu kasebut pinter, sagala tingkah polahna diturutan malah papakeanana diturutan.

Omot adi beuteungna ngomong ka lanceukna pokna, "Eteh! Cing Akang bejaan, eta kituh ari leumpang teh ulah sok ngaren-deng jeung Juragan Pangsiun, da eta mah bangsa menak, tur turun-an Bopati, isin, batur-batur mah ari nenjo Akang kitu teh, geus jarebi bae jeung eta ari nyarita teh, petana montong sok nyangkok nu palinter, geura ku eteh awaskeun ari ngomong, jeung ana make papakean, kudu bae nurutan Kiai Jenal jeung Raden Sastra, nu pinter di Kaum tea, ari kahayang kuring ulah kitu era, ieu mah pe-petaan teh, dideuleu-deuleuna, geunggeureuhkeuneun batur batur bae, jelema nu kitu pepetaanana disebutna alak-alak cumampaka."

2. ATI MUNGKIR, BEUNGEUT NYANGHAREUP

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu palsu, siga ngagugu, jiga suka di hareupeun, ari di tukangeun mah atina teu suka, atawa teu ngagugu.

7

PNRI

Upamana :

Hiji poe Nyi Inting dititah ku salakina nyeuseuh papakean nu geus kotor, pokna; "Nyai geura seuseuhan papakean sing bere-sih."

WangsuLna; "Mangga."

Tapi Nyi Inting henteu milampah kana titahan salakina tea.

Sorena ditanyakeun ku salakina pokna, "Kumaha Nyai pa-kean teh enggeus diseuseuhna ?"

Wangsulna, "Aeh Kang poho." Isukna dititah deui pokna, "Cing Nyai ayeuna mah geura pek

seuseuh." Nyi Inting tuluy nyokot pakean nu kotor tea tapi jeung ja-

medud ban indit ka cai, ari datang ka cai nyeuseuhna oge ngan lamo (dapon) baseuh bae.

Kitu deui upama diparentah naon bae ku salakina sok nurut, tapi ari di tukangeun mah sok ambek-ambekan.

Salakina ngambek omongna, "Beu Inting, sarupa kitu mah sia ngawulaan aing teh, a t i m u n g k i r b e u n g e u t n y a n g -h a r e u p."

3. ADEAN KU KUDA BEUREUM

H a r t i n a : agul ku banda batur atawa ginding ku beunang nginjeum.

Upamana : Nyi Irah pasosore indit ka pasar make karembong lokcan,

samping puger, sarta make selop, di jalan ngahaja sumpang-sim-pang ka barayana jeung ka sobatna, hayang kanyahoan yen maneh-na ginding.

Sobatna nu ngaran Umi ngomong ka anakna pokna, "Nyai!

8

PNRI

Tadi ema kaget nenjo Nyi Irah katenjona ginding pisan, naha da ari sasarina mah tara kitu."

Ceuk anakna, "Puguh geus sababaraha minggu ngan gigindi-nganan bae, tur eta nu dipake teh lain anuna, kagungan Agan Siti putra Juragan Wadana Parung, malah nginjeumna oge keur aya kuring."

Omong indungna, "Atuh a d e a n k u k u d a b e u -r e u m."

4. ASA AING UYAH KIDUL

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu boga rasa aing panggin-dingna, pangkasepna, pangtegepna.

Upamana: Dina hiji poe Ujang Kaimpis dipangmeulikeun kuda sandel

sararangkenna ku mitohana, barita keneh eta kuda pek dimandian, demi geus tuhur pek diroskam, talapokna dikeureutan.

Pasosore Ujang Kampis dangdan makena sing sarwa weuteuh, niatna rek pelesir tumpak kuda, barang geus sadia, clak tumpak, mapay-mapay jalan gede, mimitina kudana dileumpangkeun bae, lila-lila disina adean, tuluy disina congklang leutik jeung sina to-rolong.

Geus kitu hayang nyaho disina nyirig, ana pek dikenyed-kenyed, kuda teh tuluy bae nyirig, atuh Ujang Kampis beuki nya-aheun bae kana kudana teh sarta boga rasa yen moa] aya deui nu boga kuda sakitu pangabisana jeung hidengna.

Kacaritakeun Ujang Kampis pasosore tumpak deui kuda make-make leuwih ti kamari ieu tea, malah ayeuna mah make ta-rumpah bordel, barang clak, tuluy disirigkeun bae, Ujang bungah, katurug-turug waktu harita rea nu nenjo awewe lalaki, sarta pada muji, hade kudana, pantes nu tumpakna.

Nu tumpak beuki nyeta, laya-leye, luak-lieuk, rarat-reret sar-

PNRI

ta henteu petot nilik maneh. Tatanggana nu ngaran Ujar ngomong ka baturna pokna,

"Bawi, geura tenjo itu nu tumpak kuda, aya cetaan, luhak-lehek, jeung kumasep, ieu aing ginding sorangan bae."

Bawi, "Enya! Dewek mah kakara nenjo nu sakitu ningkah-na, dideuleukeunana t e h : a s a a i n g u y a h k i d u l bae."

5. ANAK MERAK KUKUNCUNGAN

H a r t i n a : kahadean, kagorengan anak, tangtu ngala ka indung bapa.

Nyimas Enos kasohor jelema amis budi, hade lampah jeung alus awak hade leumpang; dina hyi poe pasosore keur meneran hade poena, Nyimas Enos leumpang ka pasar, di jalan katenjo ku ambu Tamsih emongna ka anakna, "Nyai itu teh saha, jelema alus teuing awak jeung bisa leumpang, geura tenjo kumaneh aya lungguh timpuh, leumpang tungkul henteu luak-lieuk cara nu rea."

Wangsul anakna, "Eta mah Nyimas Enos, kapan nyaeta pu-tra Nyimas Arum teh, geuning mangkukna ema carita, anu majar alus angkatna."

Ambu Tamsih olohok sakeudeung, geus kitu pok ngomong, "Euleuh! Euleuh! Paingan teuing ari putra eta mah, atuh teng ma-nuk teng " a n a k m e r a k k u k u n c u n g a n."

6. BATOK BULU EUSI MADU

H a r t i n a : nyolong bade, di luarna goreng, di jerona alus, atawa siga bodo tapi pinter.

Dina lelang buku, aya hiji buku jilidna goreng jeung kotor tur soek, nepi ka euweuh hiji jelema nu daek muka sumawonna meuli, da kaharäyangna meuli buku nu aralus keneh jilidna sarta

10

PNRI

weuteuh, nepi ka eta buku nu kotor tea, dipaparinkeun ka jelema nu meuli buku pangreana.

Barang datang ka imahna, tuluy buku teh dibacaan, sanggeus maca buku-buku nu aralus jilidna, pangangguran muka buku nu goreng jilidna tea, barang dibaca, rea caritaanana nu matak resep, sarta rea hasilna, kitu deui sagala aturan nu perlu di dinya aya; jadi eta buku beunang disebut : b a t o k b u l u e u s i m a d u .

Atawa : Dina hiji kumpulan, aya jelema tatamu ti sejen nagri saurang, sarta pasemonna siga bodo; ku sabab kitu eta jelema (ta-tamu) ku sakur nu aya di dinya, henteu ditarik ditakon, tina rupa-na siga bodo jeung henteu ginding, tapi sanggeus pok ngomong, kabeh pada bengong sabab kaget, ngadenge omongan sakitu per-lentena, bisa kana sagala aturan, kecap-kecapna lemes sarta beres ngomongkeunana, tingkah polahna hade henteu tinggal aturan; jadi ayeuna jelema-jelema pada reseppada asih, tina nenjo kapinte-ranana sarta pada ngaromong pokna, "Aeh! Aeh! Teu sangka, je-lema sakitu bangunna, henteu nyana pinter, ieu mah beunang dise-but : " B a t o k b u l u e u s i m a d u."

7. BALUNGBANG TIMUR, CAANG BULAN OPAT WELAS, JALAN GEDE SASAPUAN

H a r t i n a : nuduhkeun iklas, rido, suka pisan. Upamana : Hiji poe Arjim nganjang ka sobatna ngaran Ece, ceuk Ece,

"Haturan Kang! Bet geus lami pisan henteu patepang?" Arjim, "Nuhun! Lah akang teh tara aya di rorompok unggal-

unggal poe ngan ngider bae neangan imah sewaeun, demi nu ayeu-na disewa, geus resak teuing."

Ece, "Kumaha geus kenging?" Aijim, "Nu mawi teu acan."

Ece, "Atuh eta bae rorompok kuring, geura parageuh keneh

11

PNRI

pisan." Arjim, "Sabaraha Akang kedahna nyewa?" Ece, "Montong nyewa, kuring suka rido pisan, dicalikan ku

Akang, balikan kosong kuring risi, sareng età ayeuna mah henteu kenging ngosongkeun imah lami-lami.

Arjim, "Atuh nuhun sarewu gerah salaksa, ari aya piwelas mah ka akang, nanging akang teh moal luput, sasasih sarupia mah meureun nyanggakeun."

Ece, "Eta montong dimanah, najan Akang aya manah rek ma-parin, ku kuring moal ditampi, ku dicaketanana oge ku Akang, kuring teh geus atoh nanakeran, ari perkawis età imah mah, insa Allah kuring teh b a l u n g b a n g t i m u r , c a a n g b u l a n o p a t w e 1 a s j a l a n g e d e s a s a p u a n , hartosnaiklasrido pisan."

8. BATU TURUN; KEUSIK NAEK.

H a r t i n a : bangsa menak teu jareneng, ari bangsa somah jareneng.

Upan-ana: Umar nanya ka Gatot pokna, 'To t ! Dewek sok ngadenge kieu: batu turun keusik naek; eusina : itu purun kuring daek, na enya?"

Gatot, "Kitu ge beunang, asupna età mah kana sisindir-an, nu diarah kalangkangna, tapi ari saenya-enyana mah kieu: batu turun keusik naek, turunan menak teu jeneng, ari turunan so-mah (cacah) jareneng, batu minangka menak gede, demi lumbrah-na nu jareneng teh turunan menak, tapi ayeuna batu teh turun, = menak teh teu cicing dina kajenengan; ari keusik minangka ca-cah tea, keusik naek = somah teh jenèng, geura ayeuna urang buk-t ikeun, tuh geuning Juragan Kanduruan, turunan menak ti ibu ti rama, putrana salapan, tapi mana nu jeneng, naha ari anak tukang kai bet jadi Camat, tuh anak paledang bet jadi Wadana, tah nu sa-rupa kitu ari saenyana mah, b a t u t u r u n k e u s i k n a e k

12

PNRI

teh."

9. BENGKUNG NGARIUNG, BONGKOK NGARONYOK

H a r t i n a : sauyunan, sapapait samamanis, untung atawa cilaka bareng.

Upamana : Dina hiji distrik Lurah-lurah geus diparentah ku Wadana

kudu iang mawa somahanana ka gunung baris ngipuk kopi, demi aturanana, kumaha Tuan Opsender kopi bae.

Lurah-lurah distrik eta tuluy arindit jeung sawatara somaha-nana, barang datang ka gunung, meunang beja yen Tuan Opsen-der moal datang, sabab datang bisluit dipindahkeun ka sejen nagri, ngan nitah ka mandorna, dina hiji Lurah kudu dibagi sakitu binih, ngan henteu diterangkeun kumaha aturanana kawantu ribut tina rek pindah tea.

Lurah-lurah pada boga kahayang, aya nu hayang ngipuk dina ruas, aya nu hayang dina carangka jeung aya nu hayang dina taneuh bae.

Hiji Lurah nu geus kolot tuluy ngomong pokna, "He batur-batur! Ayeuna ulah salia ulah pada mawa karep sorangan, coba urang ngipuk dina ruas bae sarerea, kamanah bae ku nu ti payun, atuh kamanah kabeh, diseuseul, diseuseul kabeh, kapan ceuk paribasa oge b e n g k u n g n g a r i u n g , b o n g k o k n g a -r o n y o k."

Lurah-lurah rempug, sanggeusna tuluy pada marulang.

10. BIWIR NYIRU ROMBENGEUN

H a r t i n a : adat nu cerewed sagala rasiah diomongkeun (dicaritakeun deui).

13

PNRI

Upamana : Si Juhan nyaba ka Armu, barang gok papanggih tuluy ngomong pokna, "Armu! Enya bapa silaing diarah ku Pañi?"

Armu, "Ceuk saha?" Juhan, "Ceuk Kang Emid."

Armu, "Naha ku naon diarah?" Juhan, "Kapan eta bapa silaing jeung Bp.Erot ngaromong-

keun Pani, pajar Pani ceuk bapa silaing sok nyusugan balong Emid, malah sok mindeng kapanggih ku bapa silaing."

Armu, "Aeh! Aeh! Kutan kitu, dewek mah poekkeun." Barang si Juhan keur balik, di jalan gok deui jeung si Epeng

pokna, "Ti mana Peng?" Wangsulna, "Ti pasar euy, ari silaing ti mana?" Juhan, "Ti si Armu, eta hayang nyaho, na enya bapana rek

diarah ku Pañi, ari dosana nya eta sok daek ngomongkeun batur, ngalayan jeung Bp. Erot, eta dua jelema beunang disebut ciduh jeung reuhak, hartina saruana, pada daraek ngomongkeun batur, katambah jarulig."

Sabot keur nyarita kitu, kadenge ku baraya Bp. Erot, tuluy dibejakeun kitu deui Armu bebeja ka bapana yen tadi si Juhan ngomong kitu.

Bp. Armu jeung Bp.Erot tuluy arindit ka imah si Juhan, barí tuluy dicarekan pada ngarentog, tina duanana henteu ruma-saeun, malah harita rek dikelak ka Lurah.

Bapa si Juhan tuluy sasadu menta dihampura ka Bapa Armu jeungBp.Erot, supaya eta budak ulah dikelak.

Sanggeus dihampura sarta geus baralik, bapana ngomong ka si Juhan pokna, "Tah Juhan mana ari jelema ulah sok biwir awe-weeun, sagala rasiah diomongkeun, kunaha ari kitu, benerna manggih nu kieu-kieu oge keun bae, ulah sok b i w i r n y i r u r o m b e n g e u n."

14

PNRI

11. BOBOT PANGAYON, TIMBANG TARAJU

H a r t i n a : hukuman nu adil (pangadilan); bobot, nya eta beungbeurat timbangan; pangayon, ukuran takeran; timbang, nyaruakeun beurat hampangna; taraju timbangan kapas, ari nu dipake beungbeurat ku duit

baheula atawa picis, upama aya nu nanya : bobot sabaraha? Ana dijawab : bobot sareal, atawa bobot sasuku, bobot tilu uang.

Ceuk anu ngomong, "Sadaya-daya bobot pangayon timbang taraju geus aya di jurangan." Martina : hukuman nu adii geus aya di menak.

Upamana :

Bp. Sair disaur ku Camat, barang datang ceuk Camat, "Bp. Sair! Maneh didawa ku Pa Saad, majarkeun maneh geus malingan batu, nu aya di kebonna naha enya?"

Wangsul Bp. Sair, "Henteu pisan pisan, ngan kuring mali nga-bantun soteli t atù ti kebonna, rumaos batu kuring, nu tadina di-jieun wates lcebon manehna sareng kebon kuring, barang ditingal età batu geus patulayah aya di kebonna, duka kunaon, tuluy ku kuring dicokoian dibenerkeun deui kana urutna, età mah sadaya-daya, b o b o t p a n g a y o n t i m b a n g t a r a j u geus aya di menak."

12. BUR BEUREUM, BUR HIDEUNG, HURUNG NANGTUNG, SIANG LEUMPANG

H a r t i n a : nuduhkeun nu boga banda dipake. Upamana : Raden Sarwa ngomong ka Mas Wira pokna, "Edas bae euy

29

PNRI

bejana Raden Dita mah geus beng deui bac ka Singapur, rek meuli deui pakean kareta."

Mas Wira, "Enya kuring ge ngadengc, tapi puas età mah beunghar teh dipake, kamari ieu memehna ka Singapura pelesir, mimiti make kareta milor, pakean kudana beureum make poles, kusirna make baju toro paul kuda hideung; kadua kalina geus gan-ti'deui, karetana amerikan, kuda bodas pakean hideung, kusirna make baju toro koneng, età mah paeh ge teu panasaran, nya mi kitu sok disebut bu r b e u r e u m , b u r h i d e u n g , h u -r u n g n a n g t u n g , s i a n g l e u m p a n g."

13. BUBURUH NYATU DIUPAH BEAS

H a r t i n a : nu nyiar pangarti keur manehna sorangan, tur dibayar atawa diburuhan.

Upamana :

Arba dipikanyaah ku bibina, papakeanan rea jeung wareu-teuh aralus, barang hakanna sok dipupujuhkeun nu rgareunah ku bawaning asih.

Dina hiji poe diomongan ku bibina pokna, "Ujang ayeuna geura sakola, lamun daek mangke ku bibi di gajih dina sabulan dua rupia, jaba bekel ka sakola, unggal poe."

Wangsul Arba, "Mangga."

Isukna tuluy abus ka sakola sarta dibekelan, ari balik ti sa-kola geus disadiakeun kahakanan nu ngareunah; barang sakolana geus tamat sarta geus meunang piagem, bibina ngomong pokna, "Ujang! Da ayeuna geus kaluar ti sakola, geura boga pamajikan ka nu panuju, tuh ka anak Bapa Nirem, lamun Ujang daek, mangke ku bibi dipangmeulikeun erloji emas jeung lembur katut imahna."

Aspan tatanggana ngomong ka Dipa pokna, "Dipa, naha ari Arba jelema bagja-bagja teuing, geura pikir ku silaing, ti leuleutik diurus, tuluy diskkolakeun, di sajero sakola digajih, ari geus ka-luar dikawinkeun ka nu kabeneran, sarta diburuhan erloji emas

16

PNRI

jeung lembur katut imahna, tur eta teh, bibi oge bibi nurut ti sa-lakina."

Wangsul Dipa, "Nya kitu ari nu keur mujur mail, jadi eta Arba asup kana paribasa : b u b u r u h n y a t u d i u p a h b e a s . "

14. DITIUNG GEUS HUJAN

H a r t i n a : ati-ati sanggeus cilaka, jadi kadongdora. Upamana :

Pa Bairun jelema kaya, loba munding, embe, domba, jeung kuda, leuitna parinuh ngajajar hareupeun imahna, ngan hanjakal tara ati-ati ngajaga bandana, lamun ti peuting panto lawang pakara-nganana tara ditulakan, panto leuitna tara dikunci.

Dina hiji peuting datang bangsat, maling mundingna datang ka beak tina gampang asupna, isuk-isuk Pa Bairun kaget sarta ngeneseun pisan, tapi sakitu gcus kapalingan, tara kcneh bae meun-deutan lawang jeung leuitna tara dikunci. Kira enggeus tilu bulan ti sanggeus mundingna dipaling, jol deui bangsat maling embe jeung dombana, isuk-isuk kanyahoan yen embe jeung dombana aya nu maling manehna kaget, turug-turug barang nenjo kana panto leuit-na geus molongo sarta di hareupeun leuitna pinuh ku heucak, ba-rang ditempo ka jero leuit, parena aya nu ngunjal.

Pa Bairun gugup geuwat lumpat ka imahna bari bebeja ka pamajikanana pokna, "Euy cilaka deui bae, domba embe jeung pare aya nu maling, beak pisan, cing ayeuna mah urang meuli awi jeung sosi, awi keur mageuhan pager sosi keur nguncian lawang-lawang."

Pamajikanana nembal bari gudad gadog pokna, "Wah kadong-dora maneh mah d i t i u n g g e u s h u j a n."

Buku bacaan jilid ka I. (Sund.) 2

17

PNRI

15. DIHURUN SULUHKEUN, DIKOMPET DAUNKEUN

H a r t i n a : nu goreng saurang, ari disebutkeunana mah goreng kabeh bae.

Upamana : Kardun, Sadi, Daeng jeung Pian arulin ka pagunungan, di

jalan manggih kebon bonteng di tcngah sawah, Pian hayangeun bonteng, tuluy ngomong ka batur-baturna pokna, "He batur-batur! Saha nu wani ngala bonteng?"

Wangsul batur-baturna, "Ah embung bisi kumaha onam." Pian keukeuh ngajak ngala, tapi batur-baturna teu daraekeun,

tungtungna Pian indit sorangan ka tengah sawah (kebon) ngalaan bonteng ngora, wani pinuh sakuna sarta kebon lebur diidek, sang-geusna tuluy lumpat muvubatunia.

Teu lila datang nu boga kebon, barang ditenjo kebonna lebur, tuluy luak lieuk, bet nenjo aya nu lumpat, geuwat disusui, barang geus nepi tetela Pian, keur ngambeng bonteng, tuluy dicarekan ditutunjuk, dibabangsat, malah baturna dicarekan ka-beh.

Omong Kardun, "Kang! Kuring mah ulah diseuseul da teu pipilueun."

Ceuk nu boga kebon, "Montong nyapluk sia, kabeh ge bang-sat, lamun enya oge bageur sala saurang, meureun dicarek, aya nu ngaruksak kebon batur."

Batur-baturna Kardun caricing bae henteu nembal, nu boga tuluy balik bari gegelendeng.

Omong Daeng, "Ceuk dewek oge ulah! Ulah! Da ari cilaka mah geuning maraawa ka batur."

Carek Sadi, "Enya bae da Pian mah tara beunang diharu-

18

PNRI

haru coba ieu sarerea d i h u r u n s u l u h k e u n d i k o m p e t d a u n k e u n b a e, tur nu goreng mail ngan sorangan."

16. DIPIAMIS BUAH GINTUNG

H a r t i n a : jelema nu boga rasa dipikanyaah ku kolotna atawa ku sobatna atawa ku juraganana.

Upamana : Artayin unggal-unggal nyarita kudu bae ngaku-ngaku yen

manehna dipikanyaah ku pamanna nu ngaran Tata. Ceuk Ubin , "Artayin silaing moal meuli baju?" Artayin, "Mangke rek bebeja heula ka Tata, da eta dewek

mah henteu bisa mawa karep sorangan, kumaha sepuh bae." Carek Ambas, "Artayin isuk urang nyair hurang ka situ geura

aya rea, sugan meunang urang bikeur ka paman silaing." Artayin, "Ah embung da tara kaidinan ku Tata, lamun de-

wek luas leos, mangke ari lebaran moal dipangmeulikeun toto-pong alus."

Dina hiji waktu Ubin papanggih jeung Tata, ceuk Ubin, "Mang! Naha ari Emang nyaah-nyaah teuing ka Artayin teh?"

Tata, "Naha saha nu nyaah? Aing mah teu nyaah teusing, budak ngedul jeung sok rahul, mun deuk nyaaheun oge bapana, aing-aing ku nyaah."

Ubin, "Euleuli atuh ari kitu mah Artayin teh d i p i a m i s b u a h g i n t u n g."

17. JOGJOG NEUREUY BUAH LOA

H a r t i n a : lalampahan nu moal kasorang, nuduhkeun ka jelema nu tara ngukur ka kujur nimbang ka awak.

19

PNRI

Upamana : baca buku pieunteungeun no. 1 (Manuk garuda jeung gagak).

18. JATI KASILIH KU JUNTI

H a r t i n a : pribumi kaelehkeun ku semah (nu heubeul nge-lehkeun ka nu anyar).

Upamana : Pa Saleh jalma tani, harita keur nyabut sampeu di kebonna. Ki Jaya nanya ka Bapa Saleh pokna, "Emang ieu sampeu teh

rek dikumahakeun ku Emang?" Pa Saleh, "Rek dijual Jang, ka panggilingan Babah Tiamhok." Jaya, "Rek dipake naon ku babah?" Pa Saleh, "Hih ongkoh rek dijieun aci, eta aci ku babah di-

jual ka Batawi." Jaya, "Naha mun ku Emang bae damel aci?" Pa Saleh, "Puguh Ujang baheula mah mamang oge sok nyieun

aci sorangan, tapi ayeuna mah leuwih hade dijual ka babah sabab gancang jadina duit, ayeuna mah urang Sunda geus meh teu aya nu ngaci hiji-hiji acan, sampeuna dijualan ka babah bae, ari nu ma-tak kitu saperkara kurang parabot, kadua kaburu ku butuh.

Jaya, "Hih Mang nu untung tell Cina bae nu galede modal bisa nyieun panggilingan, paingan baleunghar : lamun urang Sun-da boga panggilingan sorangan, sarta terus dijual ku maneh meu-reun baleunghar."

Pa Saleh, "Hih Ujang ongkoh aya paribasa j a t i k a s i 1 i h k u j u n t i . "

19. CURAT CAI.

H a r t i n a : jelema nu sok cidra kana jangjina

20

PNRI

Upamana :

Bp.Sajum datang ka dununganana ngaran Mas Jaya, ngabe-jakeun sawah nu dicekel ku manehna, ayeuna geus meujeuhna dipibuatan.

Ceuk Mas Jaya, "Bp. Sajum hade geura mitembeyan bae, hadena pageto poe Senen, maiali kaula oge tangtu datang."

Sanggeus kitu Bp. Sajum tuluy balik ka imahna sarta sasadia-an, baris nyadiakeun dununganana, nyaeta dahareun leueuteun, malah meuncit hayam, kawantu rek kadatangan dunungan.

Isuk-isuk sawah teh prak dipibuatan, dahareun leueuteun geus dibawaan ti imahna : tinaa sawahna lega sarta pibuateunana alus, loba kacida nu dibuat, di saung ngaguruh tatabeuhan nya età kendang penca jeung hadro.

Bp. Sajum ngarep-ngarep Mas Jaya tapi euweuh bae, datang ka pukul dua welas, ti dinya Bp. Sajum salempangeun sieun dunu-nganana teu datang, karana lamun teu datang, kadaharan nu beu-nang nyadiakeun tea moal kanyahoan : teu lila jol Mas Nurhadi tunggal panyawah Mas Jaya keneh, carek Bp. Sajum : "Mas! Teu tepang jeung juragan bieu? Età anjeunna rek sumping, tapi wayah kiwari teu acan jol keneh bae."

Wangsul Mas Nurhadi, "Hih! Kuring mah teu kaget da ka kuring oge nya kitu, ngan jangji wungkul, coba bareto basa ngabe-dahkeun, pajar teh rek sumping, atuh kuring saaya-aya sasadiaan sumping mah henteu, ayeuna mah montong diarep-arep, adatna juragan mah sok g u r a t c a i . "

20. GURAT BATU

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu tukuh kana peijang-jian.

Juragan Rangga miwarang ka upasna nukeurkeun duit kertas sapuluh rupia, saurna, "Pas! leu tukeurkeun duit, kudu meurang : ringgitna tilu, tengahan tilu, rupia hiji."

21

PNRI

Upas tuluy indit, teu lila geus jebul deui, mawa ringgit tilu, perak dua, tengahan hiji, tuluy disanggakeun.

Barang geus katingali, juragan tuluy nyeuseul saurna,"He upas liwar! Naha perakna dua? Ceuk aing oge perakna mah ngan hiji, tengahan kudu tilu, hayoh tukeurkeun deui!"

Upas gancang mawa perak hiji, ana datang, meunang tenga-han hiji, talen dua, juragan nyeuseul deui bae sauma, "He upas liwar! Bawa deui eta talen, kudu tukeurkeun kana tengahan."

Upas geuwat deui lumpat nukeurkeun; ari geus meunang pek disanggakeun, ayeuna kakara ditarima, tapi narimana juragan teh kerung.

Baturna nanya pokna, "Ku naon euy silaing wani cara kikin-ciran bae?"

Wangsulna, "Lah! Dewek mah moal kuat kieu-kieu teuing mah, kakara bae boga dunungan tukuh-tukuh teuing", sarta tuluy dicaritakeun ti asalna.

Baturna seuri ban ngomong pokna, "Puguh adatna juragan mah sok g u r a t b a t u . "

21. GINDING KEKEMPIS

H a r t i n a : jelema ginding beubeungharanan, teu boga duit saduit, katurug-turug di imahna teu boga beas-beas acan.

Upamana : Jaham jeung Kusna arindit pelesir, Jaham ginding make baju

tariko, totopong satria, samping gerusan jeung make tarumpah buatan Surabaya, ngan sakitu-kituna pakeanana, ari Kusna mah teu ginding.

Barang nepi kana pang eureunan, di dinya aya nu dagang cikopi, Jaham ngaharewos ka Kusna pokna, "Kusna! Silaing hen-teu mawa duit? Lamun mawa cing urang ngaropi!"

Wangsulna, "Kuring-kuring ku mawa, naha enya anjeun

22

PNRI

teh teu mawa duit?" Wangsulna, "Daek keked, lain teu mawa bae tapi di imah oge

teu boga sapeser-peser acan." Carek Kusna, "Atuh urang balik bae ari teu boga duit mah,

keur naon atuh tadi ngajak, sugan teh tadi mah eusian." Ti dinya bral balik pada halabhabeun, isukna geus ngajak deui

ka Sarip dulurna pilanceukan pokna, "Kang! Urang nyaba ka pa-sar!"

Sarip, "Ah embung dewek mah teu boga duit, jeung tacan boga balanja keur nu di imah, rasa dewek tinimbang pelesir mah mending digawe, geuning pamajikan silaing mah kamari ceurik, da teu boga kejoeun cing lampah silaing ulah kitu, unggal-unggal poe dideuleukeunana teh, bet ngan gigindinganan bae, mending mun boga deui papakean sejcn, ginding ge cumah ari g i n d i n g k e k e m p i s mah "

Jaham cicing bae henteu ngajawab tina rumasa.

22. GENTENG KADEK LEGOK TAPAK.

H a r t i n a : geus loba kanyahona atawa luangna. Upamana : Dina hiji mangsa si Enji datang ka indung bapana bari ba-

ketut, beungeutna beureum pokna, "Bapa, Erna, kuring ayeuna mah teu sudi dipatuhkeun di Ua Kerta, bet teu meunang pisan nyeunghap, sumawonna lamun ulin wani popolotot, kudu ngahan-tem bae ngaji, ari enggeus hayoh dititah, beberesih imah, pakara-ngan jeung rea-rea deui, coba bieu ka kuring nyarekan pedah ngo-sok lampu teu pati beresih, naha aya kolot gangas teuing, keun ayeuna mah lamun nyarekan deui rek dilawan ku kuring."

Bapana ngomong pokna, "Hih Ujang! Ulah kitu teu hade, ua maneh mah bener, ngajar maneh supaya tuman, lamun ditu-manan ti leuleutik, mangke ari geus kolot jadi biasa, bisa kana sa-

23

PNRI

gala gawe, mangke di ahir urang jadi senang, jeung ulah wani-wani ngalawan ka kolot matak doraka, kapan dina paribasa oge kolot mah g e n t e n g k a d e k n a , l e g o k t a p a k n a."

23. HANTANG, HANTUNG, HANTIGONG, HANTRIWELI

H a r t i n a aya opat rupa : a. H a n t a n g = buah kalayar, hartina nuduhkeun ka je-

lema nu palsu, nurutkeun kaayaanana buah kalayar, demi buah kalayar tea lamun ditenjo, rupa kulitna beureum wani euceuy semu amis, tapi di jerona nya pait nya kesed; nuduhkeun ka jele-ma jiga hade ati tapi saenyana goreng ati.

b. H a n t u n g = jantung; hartina nuduhkeun ka jelema nu lengus, adigung, ieu aing beunghar, menak, pinter, gagah, lila-lila ngarasa, adat kitu teh goreng, tungtungna ngulahek ruksak; nurutkeun kaayaanana jantung nu kakara bijil, henteu nenjo ka mana-mana, nenjona cumagug ka langit, lila-lila ngulahek nenjo asal.

c. H a n t i g o n g = goong atawa bangbara, hartina: nuduhkeun ka jelema nu sok gede omong, ngomongkeun kame-nakan, kabeungharan, kapinteran, nya kitu deui, upama boga duit saperak, sok dibawa kabeh, dipanyabaan sok ewar-ewur duitna dimonyah-monyah, teu boga ingetan keur engke atawa keur isuk, tapi ari datang ka imahna, kacida susahna, nurutkeun kana kala-kuan bangbara, keur waktu di luar mah huang-hiung, kawas nu euweuh kasusah, ari datang kana liangna, sakitu sesekna.

d. H a n t r i w e l i = paria; hartina nuduhkeun ka jelema nu goreng rupana, goreng ka hate-hatena, nurutkeun kana kaa-yaanana paria, rupana goreng, rasana oge pait tur pahang.

24

PNRI

24. 1. HUNYUR MANDEAN GUNUNG 2. CE-CENDET MANDE KIARA 3. CILEUNGCANG

MANDE SAGARA

H a r t i n a : cacah nyaruakeun maneh ka menak; nu miskin ka nu beunghar.

Upamana :

Raden Dora kaasup jelema henteu cukup boga anak hiji la-laki, tapi ari kalakuanana sok nurutan nu sugih.

Kacaritakeun dina hiji mangsa manehna lalajo ka nu kariaan, eta nu boga hajat teh jelema beunghar, rea peupeuncitanana, ta-tanggapan dua tilu peuting.

Raden Dora kabiteun pisan nenjo nu kariaan sakitu ramena, pikirna, "Ah aing oge mo burung bisa nurutan."

Barang nepi kana usum ngabersihan anakna, tuluy manehna ngabersihan imah dikapur, diomean dideudeulan kawantu rek ka-riaan sarta geuwat nginjeum duit, demi nu ditandonkeun, sawali jeung lemburna. Ari geus meunang, ger kariaan hajatna nurutan nu beunghar tea, atuh ongkosna teu beunang saeutik. Duitna beak pisan malah kurang, sarta sabada kariaan, Raden Dora rumahuh tina ngingetkeun hutangna gede barang nepi ka usumna mayar, henteu bisa, tungtungna sawah pakarangan katut imahna dico-kot diala milik ku nu boga duit sarta tuluy dijual.

Nu sarupa kitu disebut : h u n y u r m a n d e a n g u -n u n g , c e c e n d e t m a n d e k i a r a , c i l e u n g c a n g m a n d e s a g a r a .

25. HAMBUR BACOT, MURAH CONGCOT

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu goreng carek tapi be-

25

PNRI

rehan. Upamana :

Dina hiji poe Juragan Aria miwarang ka tukang kuda nga-bersihan pamakanan, barang eta tukang kuda enggeus ngabersih-anana, tuluy dironda (dipariksa) ku Juragan Aria, sanggeusna bu-jang disaur, terus diseuseul ditutundung, sabab dina eta pamaka-nän aya keneh nu kotor.

Barang entas nyeuseul tukang kuda, ningali di tukangeun bu-mina kotor, tukang kebon disaur terus diseuseul diweweleh.

Isukna tukang kuda jeung tukang kebon disaur ka bumi, sarta tuluy dipaparin lungsuran udeng hiji sewang jeung dipaparin duit saurang sarupia keur balanja.

Kebeh badega Juragan Aria geus diseuseul ku anjeunna sar-ta geus ditundung, tapi bujang teh suka betah bae, sabab adatna Juragan Aria asup kana paribasa h a m b u r b a c o t , m u r a h c o n g c o t.

26. HALODO SATAUN, LANTIS KU HUJAN SAPOE

H a r t i n a : kahadean nu sakitu lilana leungit ku ngalam-pahkeun goreng sakali.

Upamana : Ki Hamid nyobat dalit pisan jeung Marsain, sagala kasusah

Marsain dicukup ku Ki Hamid, kayaning : teu boga samping, atawa totopong, sumawonna lamun kakurangan pare atawa balan-ja sok ditulungan. Nya kitu deui lamun Hamid boga pagawean ku Marsain dibantu, diuruskeun, dilampahkeun tina ngingetkeun kahemanan Ki Hamid.

Barang geus meunang tilu atawa opat taun Marsain diba-yuanana ku sobatna, henteu aya kakurangan naon-naon, tara pisan dipogogan sakasusahna.

26

PNRI

Dina hiji poe Marsain ngumaha ka Hamid, yen manehna teu boga calana keper, ceuk Ki Hamid, "Ayeuna euweuh calana keper, sugan isuk bae urang meuli heula, lamun hayang lian ti keper mah aya." Tapi Marsain teu daekeun kajeun nunggu isuk bae. Ari isukna Hamid pohoeun tacan keneh meulina keper teh, barang Marsain datang geuwat sasadu yen acan kaburu.

Marsain indit jeung gorerg budi, ari sorena diondang ku so-batna henteu daekeun maiali ngomongkeun ka anu ngondang pokna, "Kacida teuing Ki Hamid dipentaan calana keper henteu metu, mana kaula mah ti ayeuna moal deui-deui daek tembong ka Ki Hamid teh."

Nu dititah ngondang teh balik, tuluy ngabejakeun omongna Marsain tea, ceuk Ki Hamid, "Keun bae ari kitu mah, adat jelema kitu asup kana pari basa, h a l o d o s a t a u n l a n t i s k u h u j a n s a p o e."

27. HAMPANG LEUNGEUN

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema gakang. Upamana :

Ayah unggal poe bae ngarangketan incuna nu ngaran Ipi, tina budakna gakang ka dulurna.

Dina hiji poe Ipi ulin jeung dulurna taragon di buruan, Ipi nu eleh tuluy mecing, tapi ku dulurna teu dibere, henteu tata pasini deui, habek bae diteunggeul sirahna, dulurna midangdam ceurik.

Ayah geuwat muru, Ipi ditewak tuluy dibarogod, terus di-rangket bari dicarekan, "Sapeuting ieu sia moal dibere nyatu, jeung dicangcang dina tihang ieu, minangka hukuman nu sok h a m p a n g l e u n g e u n."

27

PNRI

28. HAMPANG BIRIT

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema daekan. Upamana : Titi jeung Umi anak Nyi Dasima, Titi umur 9 taun, Umi 10

taun. Demi Nyi Dasima asih pisan ka Titi, sabab budakna daekan, ari Umi mah enya oge lanceukna, lamun dititah, talangke pisan, enya indit tea mah, tapi sok matak jengkel.

Ari Titi mah henteu kitu, lamun pok dititali, jung indit nga-laimpahkeun titalian indungna.

Dina hiji mangsa Nyi Dasima nyalukan Umi, pokna, "Umi! Umi!"

Wangsulna, "Nun." Dasima, "Ka dieu!" Umi, "Mangke!" Harita keneh tuluy nyalukan Titi, pokna, 'Ti t i !"

Wangsulna, "Nun!" Bari nyampeurkeun. Dasima, "Keur naon Umi teh?" Titi, "Keur ngaromong bae jeung Nyi Sakem."

Dasima, "Nyai ieu meuli bako jeung gambir." Titi, "Mangga"; tuluy indit. Dasima, "Umi! Umi! Ka dieu." Umi,. "Mangga", tuluy nyampeurkeun bari haseum budi.

Dasima, "Geura balanja ka warung geus meujeuhna ngejo." Umi, "Lah rada rieut, Ema bae ka ditu," bari kerung.

Dasima, "Keun bae ari teu daek mah, mangke bae ngadagoan Titi sugan daekeun."

28

PNRI

Barang Titi geus datang, gek diuk bari ngasorkeun bako jeung gambir, ceuk indungna, "Nyai wayahna bae cape oge, geura meuli angeuneun jeung sambeleun keur nyampakkeun bapa tereh datang, jeung meuli kalapa urang nyobek oncom."

Titi, "Mangga", tuluy indit ka warung, henteu lila geus da-tang deui, ti dinya prak mirun seuneu, ngala cai, tuluy ngejo man-tuan indungna; ari Umi mah jongjon bae ngomong jeung seuseu-rian, sukan-sukan jeung barudak tatanggana.

Barang nyangu geus asak, sarta bapana geus datang, brak da-lahar,. Ceuk bapana, "Ka mana Umi?"

Dasima, "Keun bae, montong dibere nyatu, budak liat birit, bet dititah balanja ka warung wani luput, henteu cara ieu, diti-tah gancang, kana gawe singer."

Bapana, "Heueuh! Bener Titi nya kitu Nyai, kudu h a m -p a n g b i r i t !

29. KURUNG BATOK

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema anu saeutik kanyahona atawa saeutik panyabaanana, karcsepna cicing bac di imahna, kajadianana saeutik kanyahona.

Upamana : Arpin teu aya deui panyabaanana ngan ka Sapen, anak tu-

kang sisir, ngan lamun keur embungeun nyaba, plek bae tara tem-bong-tembong.

Sapen nanyakeun ka bapana, pokna, "Naha Bapa, ari Arpin bet teu tembong-tembong?"

Wangsul bapana, "Hih! Datang deui kasakitna, sok k u -r u n g b a t o k."

29

PNRI

30. KALAPA BIJIL TI CUNGAP

H a r t i n a : rasiahna bijil ti sorangan atawa ngomongkeun rasiahna sorangan.

Upamana : Si Sartain jelema culika, lamun nyaba ti peuting sok male-

dogan imah batur, ngarah guyurna, sumawonna kana imah kange-wa manehna, wani unggal peuting bae maledoganana teh, tina bi-sana si Sartam henteu bisa katangen.

Dina hiji mangsa manehna nyaba, reureujeungan jeung anak Lurah, sajalan-jalan seuseurian pada nyaritakeun sakaresep kare-sepna.

Omong si Sartam, "Cing naon karesep silaing Doen?" Wangsul Doen,"Dewek mah ari ti peuting resep nyumpitan

kalong." Ceuk Sartam, "Ari dewek mah lain, nya eta resep maledog-

an imah batur, sumawonna lamun nu bogana keur hees, pck ku urang dibaledog, wani guyur nyararing, malah peuting kamari oge nu maledog imah Bapa Duyeh teh dewek."

Eukeur mah Lurah neangan katerangan, katurug-turug kabejaan ku anakna, atuh atoheun, tuluy si Sartam dirawat.

Tali omongan si Sartam disebutna : k a l a p a b i j i l t i c u n g a p.

A t a w a : baca dina buku pieunteungeun No. 47.

31. KAHIEUMAN BANGKONG

H a r t i n a : ginding ku banda titipan, lamun dicokot ku nu boga tinggal di imahna kosong.

30

PNRI

Upamana :

Ki Sani katitipan barang ku juraganana, kayaning : meja, korsi, kenap jeung rea-rea deui.

Tatanggana nu ngaran Mclan teu nyahoeun yen età barang titipan nanyakeun ka bapana, pokna, "Bapa, naha Ki Sani mana beunghar-beunghar teuing, coba tingali di imahna wani peretek ku parabot, naha età teh warisan atawa beunangna meuli?"

Jawab bapana, "Lain, Ki Sani mali ngan k a h i e u m a n b a n g k o n g bae, età barang kagungan Juragan Camat Lembang, dununganana."

32. KATEMPUHAN BUNTUT MAUNG

H a r t i n a : ngagantian kasusah batur. Demi asalna nu matak aya paribasa kitu, kieu : Jaman baheula aya hiji jalma keur lumaku, barang nepi ka

hiji saung, tuluy ngiuhan, ari ngareret ka luhur aya buntut maung ngambay, tina sela-sela sarang para saung, marukan buntut maung nu geus misah ti nu boga, sihoreng dina età para saung, aya maung ngàdon hees, buntutna moncor kana sarang.

Ari ku nu eureun tea, kek dicekel, dibetot-betot bet pageuh nu boga nguliat bari ngaherengan; pikir nu nyekel, "Lamun ku aing dilesotkeun, tangtu ka aing ngudag; geuwat ku manehna dipa-geuhan, bari rada didonca ka handap."

Teu sabaraha lilana, jol aya nu ngaliwat ka dinya, ceuk nu nyekel buntut, "He kisilah! Ka dieu heula sakeudeung, ieu kaula tulung, pangnyekelkeun ieu, kaula aya nu perlu."

Nu ngaliwat geuwat nyampeurkeun sarta kek dicekel, jalma nu tadi indit, omongna, "Sing pageuh nyekelna, mangke lamun leupas tangtu ngegel urang."

Maung jongjon gegerungan di luhur para, teu bisa indit, sa-bab dibetot buntutna tea; demi jalma nu tadi les bae henteu da-

31

PNRI

tang deui." Jadi ieu jelema anyar (nu liwat anyar) : katempuhan buntut

maung; lain kudu ngaganti jinisna buntut, tapi katempuhan nye-kelan.

Upamana :

Nyimas Enor dina hiji sore katatamuan hiji awewe, tukang barang sarta sanget panuhunna hayang ditarima ngarereb sapeu-ting harita, isuk-isuk rek indit deui.

Ku Nyimas henteu panjang dipikir tuluy ditarima bae. Subuh-subuh semah balik, sarta ninggalan ka Nyimas Enor hiji karembong weuteuh, minangka pamulang tarima dipcndokkeun.

Heuleut dua poe jol aya jalma datang ka imah Nyimas, mak-sudna neangan barangna leungit, barang nenjo kana kelir aya karembongna, harita keneh Nyimas didawakeun, barang datang ka pangadilan, nu boga pok ngomong, "Nun Juragan, wuri-wuri barang kuring leungit, ayeuna aya kabuktian karembong di ieu jelema, mana kitu oge nya ieu nu maling barang-barang teh."

Hakim nyaur, "Enor! Enya maneh geus maling?" Nyimas Enor geuwat ngawangsul, nyaritakeun ti purwa

datang ka wekasan.

Saur hakim, "Eh Enor! Atuh maneh k a t e m p u h a n b u n t u t m a u n g . "

33. KUKUK SUMPUNG DILAWANAN DADA LEWAH (LEWAY)

H a r t i n a : nu burung dilawanan gelo atawa nu keur ngam-bek dilawanan.

Upamana :

Dina hiji lembur aya jelema tukang rahul, katambah gede ambek ngaranna Sajim. Pareng dina hiji waktu, manehna ririungan jeung batur-baturna, sili genti carita ngomongkeun sapamanggih-

32

PNRI

pamanggihna.

Barang keur nuju Sajim carita, kabeh pada ngabandungan, sabab geus pada nyaho yen manehna tukang rahul. Omong Sajim, "Keur waktu bapa dewek hirup keneh mah, euweuh nu wanieun, sabab jelema gagah; nepi ka bisa niir beuteungna sorangan ku halu terus parat kana tonggongna, tapi anjeunna anggur seuseurian hen-teu nyerieun."

Hiji jelema nu ngaran Ajah, henteu percayaeun, tuluy ngo-mong, "Wah moal enya kapan urang oge lamun kacugak, atawa sakalieun kasura oge nyeri."

Sajim molotot sarta ngambek, pedah henteu dipercaya, pokna, "Naha sia teu ngandel? Meureun bae bapa sia mah euweuh kaberekna."

Ajah nyeri hate disebut kitu, tuluy nembal bari nyarekan. Sajim jeung Ajah pada singkil rek garelut, kabeneran datang Lu-rahna di dinya, tuluy disapih. Omong Lurah, "Ajah montong sok ngalawanan Sajim, puguh ge Sajim mah tukang bohong jeung gede ambek, lamun ngalawanan nu kitu paribasana : k u k u k s u m -p u n g d i l a w a n a n d a d a l e w a h."

34. KAWAS ANJING KADEMPET LINCAR

H a r t i n a : nu leutik dikaniaya ku dununganana, ari rek ngalawan teu bisa, ngan bati humandeuar bae.

Upamana: Nyimas Rebung boga hiji manuk cangkurileung, anu geus lin-

deuk pisan sarta beger, unggal poe sok dicocoo bae, ku bujangna nu ngaran Sard.

Nyimas geus remen nyarekna ka Sarci, tapi tara digugu, jadi juraganana neupdeun hate ka Sarci.

Pareng dina hiji poe, eta manuk dicokot tina kurung, tuluy dikencarkeun bari dicetrekan, diparaban, sabot manehna bongoh, Buku Bacaan jilid ka I. (Sund.) 3

33

PNRI

gabrug dirontok1 ucing tuluy dibawa lumpat; Sarci gegeroan men-ta tulung, tapi lapur henteu beunang deui.

Nyimas ambek kacida, ti harita Sarci tara dipalire, hutangna kudu dilunasan sarta lamun henteu dilunasan, Sarci rek diperka-rakeun.

Ku sabab manehna rumasa dosa sanduk-sanduk ka dununga-nana, tina henteu bisa ngalunasan hutangna, ku Nyimas tuluy di-siksa, unggal-unggal poe dipentrang di buruan sina tunggu poe pa-re, pibiniheun, isuk-isuk kudu minuhan sakabeh wadah cai, henteu meunang dibantuan ku nu sejen.

Karnol batur sasama bujang ngomong ka Enja, pokna, "En-ja! Ari kula ku watir nenjo Sarci, disiksa ku juragan, wani geus pias tina kurang sare jeung cape, ari rek menta ka luar da rea keneh hu-tangna."

Enja, "Heueuh! Wani cara a n j i n g k a d e m p e t l i n -car bae kawawang-keweweng."

35. KAWAS ANJING TUTUNG BUNTUT

H a r t i n a : ku bawaning atoh atawa ku bawaning susah teu ngeunah cicing di imah udar ider bae.

Upamana :

Ambu Haer keur nandangan kasusah, nya età hayangeun geu-ra boga minantu, tina nenjo anakna geus lanjang gede. Pareng dina hiji mangsa jol aya nu nanyaan ku hiji anak nu beunghar tur budakna bageur, atuh jol dibikeun bae.

Samemeh nepi kana waktu nikah, ambu Haer unggal poe ta-ra aya di imah, los ka duluma, nyaritakeun rek boga minantu, los ka sobatna nyaritakeun kaatohan yen rek boga minantu.

Bapa Haer ngomong ka Ambu Haer pokna, "Cing euy maneh montong atoh-atoh teuing, rek boga minantu teh, unggal-unggal poe dideuleukeunana teh ngan utrafc-atrok ka lembur batur, ieu

34

PNRI

mah k a w a s a n j i n g t u t u n g b u n t u t baeteu daek ci-cing."

36. KOKORO MANGGIH MULUD, PUASA MANGGIH LEBARAN

H a r t i n a : nuduhkeur ka jelema anu mangpang meungpeung.

Upamana: Si Saju boga dulur awewe ngaranna Anis, duanana kasangsa-

ra, hakan pakena kurat-karet pisan, unggal-unggal poe Anis ngala-an genjer jualeun, ari Saju ngarit.

Kacaritakeun Bapa Aman dulur Bapa Saju jelema beunghar di lembur Cikupa, ayeuna maot henteu boga ahli waris, jadi saga-la raja kayana ka milik ku Saju jeung ku Anis.

Sanggeus nampa warisan eta dua jelema royal kacida, meuli papakean nu aralus, barang daharna kudu loba sarta ngareunah.

Unggal-unggal poe Saju jeung Anis dodokaran dua tilu kali dina sapoe, sarta ganti-ganti pakean nu aralus.

Si Amsin baturna balang siar ngomong ka akina pokna, "Aki kuring kaget ku Anis jeung ku Saju, ayeuna mah jadi beunghar, papakeanana jadi loba jeung aralus."

Ceuk akina, "Kapan anyar meunang warisan ti uana, coba geuning sakitu royalna, tumpak dokar oge, dua tilu kali sapoe, eta moal burung kitu, ceuk paribasa oge: k o k o r o m a n g g i h m u l u d , p u a s a m a n g g i h l e b a r a n . "

37. LODONG KOSONG NGELENTRUNG

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu rea omongna tapi teu aya pangartina, eta jelema tea sok ngaku-ngaku bisa kana sagala

35

PNRI

!

rupa gawe, ana prak digawe, kieu luput kitu luput, ngan omongna bae harus, ngaku-ngaku bisa, nu kitu sok discbut : L o d o n g k o s o n g n g e l e n t r u n g .

Upamana :

Baca dina buku pieunteungeun No. 34. Bangkong jeung si-dat.

38. LEUTIK CAHAK GEDE COHOK

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu ngaluarkeunana reje-ki, leuwih rea ti batan pangasilanana.

Upamana : Arkum jadi mandor di hiji toko, bayaranana dina sabulan

f 25, manehna nyewa imah dina sabulan f 6, mayar dua bujang, nu bayaranana hiji bujang f 3, jadi dua bujang f 6.

Geus nganjuk hiji kuda harga f 50, baris mayar nungtut dina hiji bulan f 10; mayar tukang ngarit dina 1 bulan f 3, balanja dina sapoe kurang leuwih f 1, meuli surutu jeung susu dina sabulan beak f 3.50.

Jadi Arkum dina hiji-hijina bulan, kudu ngaluarkeun duit leuwih tina kauntunganana nu tangtu; demi kauntunganana ngan f 25.

Ari ngaluarkeunana : kanasewaimah f 6.— mayar dua kuli f 6.—

„ hutangkuda f 10.— „ tukangjukut f 3.—

balanja f 3 0 . -„ hutang surutu jeung susu f 3.50

jumblah dina hiji bulan f 58.50*) >

Jadi unggal-unggal dina tutup bulan, kakurangan duit

* ) f = gulden, duit Walanda = Rupia

PNRI

f 58.50 — f 25 = f 33.50, gcuwat manehna nginjeum duit renten, dina f 30 kudu mayar f 36.

Lila-lila hutangna beuki loba, tina ngarasa ripuh kudana di-jual deui dipisekeun, tina ku bawaning butuh, tungtungna káluar tina pagaweanana, tuluy ngencul ka nagara sejen ninggalkeun pa-majikanana; jadi Arkum disebut dina paribasa : 1 e u t i k c a-h a k g e d e c o h o k .

39. MORO TAYA TINGGAL KAYA

H a r t i n a : pakaya nu geus mukti nu taya kakurangna ditinggalkeun, hayang pindah ka tempat nu sing sarwa euweuh, ari maksudna mah hayang leuwih ti nu tadi.

Upamana : Kaka Inang jelema teu wudu rada kaya, boga imah alus pi-

nuh ku paparabotan, pakaranganana lega dipelakan rupa-rupa cangkok.

Dina hiji waktu manehna meunang beja, yen dina hiji kon-trakan nu kakara dibuka, rame kacida, jeung rea kauntunganana, malah lamun aya nu daek bubuara di dinya tangtu tereh kaya.

Kaka Inang geuwat nyalukan dulurna disina nungguan lembur imah jeung paparabotan; kitu deui upama aya nu rek meuli, hade jualan bae, serta dibere surat kawasa baris ngajualan raja kayana.

Isukna bral manehna pindah, saanak' bojona ngajugjug kon-trakan anyar tea, barang datang, tuluy nyieun imah luareun kon-trakan sarta tuluy ngebon.

Teu sabaraha lilana ti saentas Kaka Jnang pindah, di lembur-na rajol jelema nu mareuli paparabotan, malah imah jeung paka-ranganana payu.

Demi dulurna geus nampa duit, ladang barang-barang tea, tuluy ngencrud ka Deremayu.

37

PNRI

Kacaritakeun Kaka Inang sanggeus pindah, bet henteu beta-heun tina sabab metakeun tani teu jadi, dagang kalah ka rugi, ka-turug-turug anak jeung pamajikanana geringan.

Geus kitu imah jeung lemburna tea dijual deui sapayuna, ari geus beres, tuluy balik ka jamanna, tapi imahna jeung lemburna, geus dijual ku dulurna nu ngencrud tea; Kaka Inang hookeun, tuluy ngomong ka bojona pokna, "Bo! Pamajikan, kalakuan urang asup kana paribasa : m o r o t a y a t i n g g a l k a y a , tung-tungna lapur pisan."

40. MANUK HIBER KU JANGJANGNA

H a r t i n a : jalma hirup ku akalna. Upamana : Subuh-subuh Pa Erot geus nyampeur ka Tasmad rek ngala su-

luh ka leuweung, sajalan-jalan ngaromongkeun Rd. Arju. Ceuk Tasmad, "Heueuh Bapa, kuring mah sok heran ku Rd.

Arju, kapan manehna teh jelema ngalegig teu dagang teu kuli, tapi ginding bae, dahar ngeunah, imah gede jeung senang katenjona."

Wangsul Pa Erot, "Ih Tasmad, eta maneh montong heran ari babagian jelema teh teu sarua, aya anu paeh poso cara urang, geuning teu mahi, aya anu sahayura bae kana gawe, cara Rd. Arju geuning senang, jeung montong ngaharu-haru ka nu euweuh gawe,

.biheung teuing akalna leuwih ti urang, da buktina ngalegig tapi cukup, imahna gede, duitna loba, geuning carek paribasa oge : m a n u k h i b e r k u j a n g j a n g n a , j a l m a h i r u p o g e k u a k a l n a . "

41. MAREBUTKEUN BALUNG TANPA EUSI

H a r t i n a : marebutkeun nu teu aya pihasileunana. Upamana :

38

PNRI

Aki Ujid ngomong ka pamajikanana pokna, "Nini, lamun urang nimu duit sarewu atoh temen nya?"

Wangsulna, "Atuh puguh bae." Aki, "Kami mah meureun geuwat bae meuli kuda Sandel

baris pelesir, selana oge kudu sela Inggris." Nini, "Wah maneh mah kana kuda Sandel, tumpakna oge

moal berek, kumaha mangke lamun dibawa kabur, kami mah la-mun nimu rek meuli suweng inten nu gede, meureun ginding, jeung moal maraban sapopoe cara kuda."

Aki, "Wall kumaki hayang disuweng inten, nu neuleu oge meureun nyeungseurikeun, aya nini-nini beberenjen."

Nini, "Naha kumaki? Da make mah euweuh larangan, masi boga inten sagede peureup oge, teu naon-naon, balikan maneh make hayang tunggang kuda Sandel, meureun ceuk nu nenjo oge, "Naha aya aki-aki ningkah cetaan teuing, mending mun pantes, atuh aki-aki tujuh mulud mali, ngajedog bae hareupeun hawu."

Aki Ujid ngambek tuluy nyentak pokna, "Meugeus montong nyacapek kitu relie."

Nini ngambek disentak tuluy ngomong bari nunjuk kana irung aki, pokna, "Deuleu ituh ngambek! Bet teu boga ka era, na-ha saha tadi nu ngamimitian, kapan nu kitu cucungikna."

Aki beuki ambek tuluy indit bari ngomong pokna, "Ambu-ambu sia cucungak cucungik, bari nini ditajong datang ka ngajum-palik; nini ceurik midangdam pokna, "Tulung! Tulung! Aya aki-aki edan!"

Teu lila Lurah datang morongos pokna, "Ku naon asalna?" Ku nini dicaritakeun ti awalna, sanggeus tamat, Lurah moro-

ngos deui pokna. "Hih, ieu mah kolot pada gejul, bet m a r e-b u t k e u n b a i u n g t a n p a e u s i , a t a w a m a r e -b u t k e u n p a i s a n k o s o n g . "

39

PNRI

42. MONYET KAPALINGAN JAGONG

H a r t i n a : tukang maling kapalingan atawa tukang nipu ka tipu.

Upamana : Si Artiman geus mashur yen manehna tukang maling ti leu-

leutik, nepi ka kolot euweuh deui gawena ngan maling bae; malah dibuangna oge geus dua kali, lantaran maling kuda jeung ngabongkar.

Dina hiji peuting manehna badami jeung pamajikanana nya età rek nyundatan anakna, pokna, "Pamajikan! Minggu hareup urang nyundatan si Ujang tea, da papakean jeung duit geus sadia, geura cokot urang pariksa."

Ti dinya tuluy pamajikanana nyokot pakean budak rawuh duit, barang diroris, pakean aya sapuluh pangadeg, duit aya tilu ratus perak, sanggeusna pakean jeung duit diteundeun kana kom-por tengah imah, henteu diampihkeun deui, ka urutna tadi, tina boga rasa, moal aya nu wanieun ganggu, sabab manehna geus sohor jadi bangsat, tuluy bae harees. Isuk-isuk Artiman jeung pamaji-kanana kaget, sabab komporna ayeuna euweuh, ari diteangan, bet kapanggih ti kebon, ari pakean jeung duit geus euweuh, pamajika-nana gero bae ceurik, ari Artiman geuwat lapor ka Lurah, barang geus nepi tuluy dicaritakeun yen manehna kapalingan.

Ceuk Lurah bari seuri, "Artiman maneh mah asup kana pari-basa, m o n y e t k a p a l i n g a n j a g o n g . "

43. MAUNG OMPONG, KARETA KOSONG, BEDIL KOSONG

H a r t i n a : henteu weleh risi atawa sieun; nurutkeun lum-

40

PNRI

brahna jaman baheula, lamun aya kareta, di jerona dititihan ku pangagung, (nu tunggangna pangagung) ; ari ku pangagung tea kudu bae isin, atawa maung najan geus ompong kudu bae gila, tina ngingetkeun kana adat maung sok ngahakan (galak); nya kitu deui bedil, najan kosong henteu weleh risi bisi eusian.

Upamana :

Armin ngomong ka akina pokna, "Lah Embah! Aya reuwas tadi di alun-alun, kuring papanggih jeung si Junan, ari prok teh, tuluy ngasong-ngasong bedil bari ngomong pokna, "Hag! Sia dibedil ku aing." Atuh kuring ngajerit bari tulung-tulungan; si-horeng bedil kosong.

Akina seuri bari ngomong, "Atuh puguh bae matak reuwas mah, sabab bisi eusian, anu nuduhkeun herteu weleh-weleh risi nya eta dina paribasa : M a u n g o m p o n g , k a r e t a ko-s o n g , b e d i l k o s o n g ; geura ku maung sumawonna kaka-ra ompong, hingga geus paeh teu weleh gila."

44. MEUNGPEUN CARANG

H a r t i n a : puguh manehna nu maling, api-api milu nea-ngan atawa nyaho-nyaho api-api teu nyaho.

Upamana : Endor budak panjang leungeun, ana maling henteu tolih

ka baraya atawa ka dulur.

Hiji mangsa adina nyaba ka pasar, barang Endor nyahoeun yen adina ka pasar, geuwat asup ka imahna, nyokot kurabu jeung geulang, tuluy disumputkeun.

Teu lila dulurna datang ti pasar, barang mariksa bandana teu aya, gero bae ceurik.

Tatanggana rajol bari milu neangan, disingkaban, dina handa-peun samak, ka handapeun lampit jeung ditempoan ka kolong, malah Endor oge milu neangan tempa-tempo sungkab-singkab.

41

PNRI

Ambu Jumat noel ka Jimah ban ngaharewos pokna, "Boa ku Endor."

Walon Jamah, "Wah moal enya, kapan manehna oge milu neangan jeung semu milu susah, geuring nyarekan bae ka nu ma-lingna, pokna lamun kapanggih rek dicabok."

Ceuk Ambu Jumat, "Hih atuh meureun, m e u n g p e u n c a r a n g bae."

45. MAPAY KA PUHU LEUNGEUN

H a r t i n a : mamawa ka kolot, atawa ka dunungan, nu di-carekan manehna mamawa ka kolotna, atawa nu dicarekan muri-ridna, mamawa ka guruna.

Upamana : Miming pasea jeung Nono, ceuk Miming, "Nono sia montong

kumaki teuing, pedah eta sia make baju alus, totopong weuteuh? Kajeun teuing da aing moal datang ka nginjeum ka sia."

Carek Nono, "Montong miwir kitu sia, lain pedah aing make papakean weuteuh, tapi eta sia sok kadak-kodok kana saku aing, mana kitu oge sia rek maling."

Miming, "Sabaraha kali aing dibui? Deuleu aing mail malarat oge pantes da teu bisa nipu cara bapa sia, geuning kamari ieu oge bapa sia mall dibui da tukang ngarinah."

Nono, "Meugeus deuleu, montong nyapluk kitu, wani mah hayu urang ka tegal, galungan jeung aing, ieu mah bet (m a p a y k a p u h u l e u n g e u n ) , siturunan belengong sia!"

46. MIHAPE HAYAM KA HEULANG

H a r t i n a : mihape atawa titip duit, atawa barang ka bang-sat, tangtu rereana lapur dipake, cara heulang kabeukina hayam,

42

PNRI

ayeuna diserenan, nya tangtu dihakan. Kitu deui adat bangsat, sumawonna dititipan barang atawa duit, najan teu kitu oge sok ha-yang bae ka banda batur teh.

Upamana : Asiani hiji jelema geus mindeng diabuskeun ka bui, tina sa-

bab sok daek maling banda batur. Demi Apen tatanggana meunang warisan ti dulurna duit

dua puluh mpia, manehna atoheun pisan, tuluy ka pasar rek meuli totopong.

Barang datang ka pasar prok papanggih jeung Aslam. Omong Apen, "Aslam! Cing dewek anteur rek meuli toto-

pong, pangmilihkeun ku silaing nu alus, ulah nu dusun." Ceuk Aslam, "Apen ari hayang nu alus mah atuh isuk deui

bae isuk-isuk, ari ayeuna mali cumah geus beurang teuing." Carek Apen, "Heug bae isuk oge asal ulah bohong, kudu

isuk-isuk pisan, maiali ieu duitna dewek mihape tah dua puluh perak."

Omong Aslam "Ka dieuh," bari ditampanan, isuk-isuk pisan ku dewek disampeur ka imah silaing."

Isukna pukul genep Apen nunggu, tapi Aslam euweuh bae, tuluy disampeur ka imahna, barang ditanyakeun ka Ambu Aslam pokna, "Erna ka mana tuang putra?"

Wangsul indungna, "Nyao teuing da ti kamari oge teu datang, keur udar ider bae neangan duit keur bekel ka Surabaya."

Apen reuwaseun tuluy neangan bari namanyakeun ka unggal jelema, tapi weleh teu aya nu papanggih, jadi duit Apen lapur henteu katampa deui.

Carek baraya Apen, "Apen eta bongan manch, naha atuh mihapekeun duit ka Aslam, kapan nyaho'eta teh bangsat, jadi ma-neh asup kana paribasa : m i h a p e h a y a m k a h e u l a n g .

43

PNRI

47. MORO JULANG, NGALEUPASKEUN PEUSING

H a r t i n a : nu kamanigan, ninggalkeun kauntungan nu geus tangtu, moro nu cacan puguh.

Upamana :

Abid mandor toko boga bayaran dina sabulan dua puluh. Hiji poe papanggih jeung pamanna nu pulang ti Batawi, sarta nya-rita yen di Batawi nu jadi mandor galede gajihna, lipet dua tilu kali ti batan di dieu.

Abid kabita pisan ngadenge carita pamanna, harita oge geu-wat bae menta ka luar ti dununganana.

Isukna bral arindit ka Batawi jeung bojona, barang datang, manehna asup ka toko-toko menta jadi mandor, tapi teu aya nu ngasupkeun tina geus aya, aya oge hiji-hijieun nu rek ngajadikeun mandor, tapi bayaranana ngan ukur lima belas rupia.

Abid hanjakaleun pisan, tuluy balik deui kalemburna, arigeus datang, menta deui asup ka dununganana, tapi teu ditampa sabab geus aya gantina.

Nu kitu disebut : m o r o j u l a n g , n g a l e u p a s k e u n p e u s i n g.

B a c a d i n a b u k u P i e u n t e u n g e u n No. 66.

48. MELENGKUNG BEUKAS NYALAHAN

H a r t i n a : nu ditaksir hade jadina, tapi goreng jadina. Upamana :

Aya hiji budak ngaranna Embun, ku bapana tuluy disakola-keuh tina kataksir eta budak bageur. Barang Embun geus abus ka

44

PNRI

sakola, maju pisan, malah dipikanyaah ku unggal guru. Unggal taun Embun naek kelas, kolot-kolotna nyaraaheun kacida.

Ku sabab Embun sakitu getolna jeung seukeutna, tuluy dipin-dahkeun ka sakola luhur, wates sataun budak teh terus bae maju, maiali guruna oge geus ngira yen Embun bakal jadi budak hade sar-ta mo burung lulus.

Ka dua taunna mimiti Embun ngedul, ku sabab ngedul tea, ayeuna mundur, lila-lila manehna embung pisan indit ka sakola, tungtungna dilepas ti sakolana.

Tina sabab henteu nurut ka kolot, ku bapana ditundung. Embun tuluy indit, utrak-atrok nurutkeun napsuna; tina sabab kurang sandang pangan, balik ka kolot era, tungtungna maling, datang ka katangkep tuluy diabuskcur ka bui.

Nu sarupa kitu disebut dina paribasa : m e l e n g k u n g b e u k a s n y a l a h a n .

49. NAHEUN BUBU PAHAREUP-HAREUP

H a r t i n a : pahutang-hutang. Upamana : Sastra ditanya ku Jaya pokna, "Sastra kumaha Arta geus dita-

gilí ku silaing, jeung totopong silaing geus dipulangkeun?"

Sastra, "Acan." Jaya, "Naha kapan geus lila naker?" Sastra, "Saenyana dewek teu pati wani nagih ka Arta, da ba-

reto dewek boga hutang, jeung nginjeum baju ti manehna, nepi ka ayeuna tacan keneh bae."

Jaya, "Kumaha Arta henteu nanyakeun?" Sastra, "Henteu." Jaya, "Euh! Paingan atuh, ari kitu mah : n a h e un b u b u

p a h a r e u p - h a r e u p."

45

PNRI

50. NU BURUNG DIANGKLUNGAN, NU EDAN DIKENDANGAN

H a r t i na : nu salah dibener-bener, diheueh-heueuh, di-enya-enya.

Upamana : Bace, Amus jeung Dase ngaromong. Carek Bace, "Merak mah

bangsa manuk ranca, maiali kabeukina wungkul lauk cai." Omong Amus, "Aeh! Aeh! Naha silaing nyalio bener eta nya

pinter." Bace ngomong deui bae, pedah dipuji pokna, "Malah ceuk

ema oge merak mah kukuncungan da ratu sakabeh manuk sarta nyabana ti peuting, tara ti beurang."

Carek Dase, "Heueuh bener eta, da ceuk bapa dewek oge nya kitu."

Omong Bace, "Merak lamun keur usum gering sok jadi jurig, ceuk nini."

Ceuk Amus jeung ceuk Dase, "Atuh puguh bae sarerea oge geus pada terang"; terus Bace pada ngaheueuh-heueuh.

Barang geus baralik ka sa imah-imahna, Amus bebeja ka ba-pana barí seuseurian nyaritakeun omong Bace. Ceuk bapana, "Atuh ari kitu mah : nu b u r u n g d i a n g k l u n g a n n u e d a n d i k c n d a n g a n . "

51. NU ASIH DIPULANG SENGIT, NU HAAT DIPULANG MOHA

H a r t i n a : nu ngalampahkeun kahadean disangka goreng (kahadean dibales ku kagorengan).

46

PNRI

Upamana :

Bapa Kerta boga munding tilu siki, paranti migawe sawahna, unggal-unggal poe sok diangon ka tegal ku si Ambal.

Dina hiji waktu munding teh diangon ka tegal sisi sawah Ba-pa Jali, sabot si Ambal keur mandi, munding tiluanana turun kana sawah Bapa Jali, ngahakanan pare beunang ngarambet.

Ti dinya jol si Muna datang ka dinya, barang nenjo munding Bapa Kerta keur nyatuan pare, geuwat dipanggebahkeun, tapi munding teh lain lalumpatan ka tegal, lumpatna ka tengah sawah, atuh sawah Bapa Jali lebur.

Henteu lila jol Ambal entas mandi, nenjo mundingna aya di tengah sawah, tuluy ngomong bari molotot ka si Muna pokna, "Naha sia ngagiring-giring munding ka tengah sawah?"

Wangsulna, "Hih lain digiring-giring ka tengah, ku dewek dipanggebahkeun, tapi munding teh anggur lalumpatan ka te-ngah."

Si Ambal kukulutus nyarekan si Muna, bari tuluy ngagi-ringkeun mundingna ka tegal.

Geus kitu datang Bapa Jali, barang nenjo sawahna geus ruk-sak, tuluy indit ka Bapa Kerta menta diganti karugian.

Si Ambal geuwat dicalukan, barang geus datang tuluy diwe-weleh, dinaha-naha ngangon munding lalawora, ari jawabna, "Be-ner età munding ngaruksak sawah, tapi digiring-giring ku si Muna."

Carek Bapa Kerta, "Hade kaula ngaganti karugian, tapi ha-yang duaan jeung Bp. Muna, ari misti qnah kaula henteu kudu, nya Bp.Muna bae, da bongan digiring-giring ku anakna, tapi tina ngingetkeun munding kaula kajeun ku duaan bae."

Harita keneh Bp.Muna diala sarta tuluy dicaritakeun ti asal-na, najan si Muna teu rumasa, keukeuh bae ku si Ambal dituding bari dicarekan.

Ceuk Bp. Muna, "Keun bae ngagantian sakitu-kitu bae mah, nam geura balik, jadi kalakuan maneh età asup kana paribasa :

47

PNRI

nu a s i h d i p u l a n g s e n g i t , nu n y a a h (h a a t) d i p u l a n g m o h a."

52. NU TITEULEUM DISIMBEUHAN

H a r t i n a : nu keur cilaka dipupuas, atawa nu keur dipite nah diwuwuh dienya-enya.

Upamana :

Dina hiji poe Ambu Sarija pada ngariung, kapitenah maling suweng ku Nyi Merat; omong Nyi Merat, "Ayeuna mah Ambu Sa-rija aku bae, da moal ku saha deui."

Ambu Sarija, "Kuring henteu, saumur oge kuring mah palias tara.daek cukat-cokot ka nu batur, jeung kakara ayeuna bae ku Nyai, kuring dituding teh, bet naha diri kuring apes-apes teuing, nepi ka kieu", bari ceurik.

Ceuk tua kampung, "Wah Ambu Sarija, montong ceurik, da euweuh deui nu pinyokoteun teh lian ti maneh, geuning kamari maneh talanja loba ka pasar, duitna meureun ladang suweng."

Ambu Sarija bari ceurik, "Rumaos kamari kuring balanja, tapi lain nu kuring, dipiwarang ku Juragan Lurah istri."

Ceuk Jurutulis, "Ari tadi maneh ngais naon, geuning ga-gancangan, mana kitu ge rek ngajual eta suweng, ari teu lila maneh mawa duit, lamun henteu ladang suweng meureun beunang ma-ling."

Ambu Sarija, "Enya tadi kuring leumpang gagancangan, dijurung ku pun adi ngagadekeun geulang, meunang dua perak, malah suratna aya di pun adi."

Carek Lurah, "Meugeus! Meugeus! Montong pada nuduh teuing, kumaha buktina bae, jeung henteu hade, puguh nu keur t i t e u l e u m , hayoh d i s i m b e u h a n . "

48

PNRI

53. NGAJUL BULAN KU ASIWUNG, MESEK KALAPA KU JARA

H a r t i n a : karep nu moal kajadian (hese kajadianana). Upamana :

Pepe ngomong ka indungna pokna, "Ema kuring mah ku hayang boga imah ku perak wungkul, ari pantona ku emas sarta pepentolna ku inten sagede-gede peureup, leuh alus temen."

Wangsul indungna, "Karep nu moal kajadian diomongkeun, sumawonna boga imah perak wungkul, panto emas pepentol in-ten, kapan boga imah sagede kieu oge pamere paman maneh; kaha-yang maneh kitu asup kana paribasa : n g a j u l b u l a n ku a s i w u n g , m e s e k k a l a p a k u j a r a . "

54. NGADU-NGADU RAJAWISUNA

H a r t i n a : maradukeun. Upamana : Dina hiji poe Nyi Nasi ocon jeung bibina ngaran

Nyi Ubi, nya età sili poyok gelung, waktu harita ayatatanggana ngaran si Suh.

Barang nu arocon geus rada reureuh, tuluy Nyi Ubi balik ba-ri gegelendeng ka Nasi pokna, "Boga alo nurustunjung, benerna lamun manggih gelung penjol saeutik mah keun bae, montong di-era-era, henteu rumasa, geuning gelung manehna oge jueung, nga-don nyongclo dina embun-embunan kawas nu nyuhun aseupan."

Si Suli geuwat nyampeurkeun Nyi Nasi mupulihkeun omong bibina tea, atuh Nyi Nasi ngambek pokna, "Paduli teuing masih disebut nyuhun aseupan oge, da manehna oge teu geulis, henteu, kalah kacetaan bae make jabing, rarasaan teh jadi Punianjung." Buku bacaan jilid ka I. (Sund.) 4

49

PNRI

Si Suli geuwat indit deui ka Nyi Ubi ngomongkeun saku-maha ceuk alona, Ubi tambah ambekna pokna, "Paduli da maneh-na ge teu geulis henteu, keur tenggeng teh katambah jiga kedok bakal."

Teu lila jol indung si Suli, nyekel leungeunna bari ditungtun pokna, "Euleuh-euleuh naha sia kitü gawe, goreng biwir, geus nga-jedog d i imah, bet n g a d u - n g a d u r a j a w i s u n a . "

55. NYANGGAKEUN SUKU GENTENG BELOK-KEUN, BEUHEUNG TEUKTEUKEUN, DISIK-

SIK DIKUNYIT-KUNYIT, DICACAG DIWALANG-WALANG

H a r t i n a : nu tomada masrahkeun badan sakujur rek di-kieu-kieu ge sumangga tina rumasa dosa.

Upamana : Ajam dipihapean duit f 10 ku Tasmud keur ka dulurna

ngaran Ahe, di satengah jalan aya nu dagang totopong harga f 10, tina ditaksir ku Ajam eta totopong, lamun dijual deui payu f 15, ku sabab kitu duit piliape tea tuluy dibeulikeun.

Ari datang ka imahna geuwat nawar-nawarkeun totopong tea, tapi weleh euweuh nu rek meuli, aya oge nu nawar ngan ukur nepi ka f 6. Ajam beuki bingung, ku sabab sieun kaburu katanya-an, geuwat sasadu (tomada) ka Ahe, pokna, "Jang! Sadaya-daya kuring tch geus gasab kana kagungan, nya eta duit ti tuang raka 10 rupia, ku kuring dibeulikeun kana totopong, satadina sugan payu f 15, ari ditawarkeun henteu aya nu wani, jadi ayeuna kuring nyanggakeun badan sakujur, n y a n g g a k e u n s u k u g e n -t e n g b e l o k k e u n , c e u k w i w i l a n g a n d i s i k s i k d i k u n y i t - k u n y i t d i c a c a g d i w a l a n g - w a -l a n g iklaspisan."

50

PNRI

56. NYA DI HURANG, NYA DI KEUYEUP

H a r t i n a : boh menak boh kuring, wiwirangna jeung ka-teungeunahan hate sarua bae.

Upamana :

Ki Jalidin boga hiji anak lalaki geus jadi Lurah, eta Lurah be-ngis kacida, upama aya somahan salah, sumawonna gede kasala-hanana, najan saeutik, terus dicarekan atawa diteunggeulan.

Dina hiji mangsa aya hiji somah maling pare, katangkep, tuluy dibawa ka desa jeung parena, barang dipariksa ku Lurah, somah trus trang bae teu aya pisan matak keuheulna. Ku sabab Lurah bengis, tuluy nyokot iteuk, bangsat teh dihantem diteung-geulan datang ka bijil getih.

Waktu harita katenjo ku Jalidin, tuluy Lurah dicalukan ka jero imah, barang geus datang, Jalidin ngomong pokna, "Ki Lurah! Maneh ulah kitu, kapan eta bangsat teh geus mangaku, rasa bapa teu aya matak pusingna, naha make disiksa, masing inget ari ka-nyeri hate tea, n y a d i h u r a n g , n y a d i k e u y e u p , hartina taya menak taya kuring taya kolot taya budak sarua bae."

57. NGAHURUN BALUNG KU TULANG

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu keur susah. Upamana : Kawapi nganjang ka Empet, kasampak Empet keur nangkeup

tuur bari ngeluk semu aya nu dipikiran, barang ngareret ka Kawa-pi, tuluy ngomong, "Calik Kang."

Kawapi tuluy diuk di tepas bari nanya, "Naha euy kawas keur susah teuing?"

51

PNRI

Empet, "Atuh pugiih Kang, lah geus teu bisa nyarita, tina ku bawaning rea."

Kawapi, "Naon ka susah teh, cing wakcakeun ka akang, sugan bae akang bisa nulung?"

Empet, "Nya ! Lamun sakira ditulung mah mangga." Ti dinya pok Empet nyarita, "Beu! Kang, dina mangsa ayeu-

na kuring teh keur prihatin pisan, babakuna nomer hiji kasusah kuring ku lantaran katinggal ku pun anak;kadua pamajikan geus balik ka Majalengka; katilu teu gaduh pagawean, tina repot ngurus barudak nu ditinggalkeun ku indungna tea; kaopat kuring teh nyewa sawah dua bau, ayeura teu kaala saranggeuy-ranggeuy acan ku hama mentek; tali sakitu kasusah teh."

Kawapi, "Ari ayeuna kieu, coba sing janglar ulah dipake ngu-luwut, barudak teundeun di akang sawareh, jeung cokot beas di imah sapikul, baris jualeun, mayarna nungtut, batina keur daha-reun barudak, jinisna beulikeun deui, ulah ngan n g a h u r u n b a l u n g k u t u l a n g b a e . "

58. NYALINDUNG TI CAANGNA

H a r t i n a : ngajepit barang abdina, atawa ngagedean pa-jeg, ngadakukeun piwarangan nu Agung.

Upamana : Ki Asmali jadi kawasa nguruskeun sawahna Haji Arip, di-

tangtukeun sewaanana sawah dina sabau sacaeng. Jadi Ki Asmali boga pirang-pirang rahayat, kitu deui gawena ngan muter bae nga-ronda sawah jeung nyokotan sewaan.

Ki Asmali mikir di imahna hayang meunang kauntungan ti rahayat-rahayatna; barang geus kapikir, tuluy panyawahna dica-lukan kabeh, ari geus kumpul Asmali ngomong pokna, "Sakabeh panyawah, saur nu kagungan ieu sawah, saha-saha nu daek nyewa dina sabau sacaeng salawe, geura sarambut, lamun teu daek rek di

52

PNRI

Ka nu sejenkeun." Tina panyawah-panyawah tea barutuheun, tuluy pada sang-

gup bae, ti nimbang jeung dicabut mah. Di mana usum dibuat Ki Asmali untung pisan tina leuleu-

wihanana jeung nampa persen ti dununganana. Jadi kalakuan Ki Asmali, kaasup kana paribasa : n y a 1 i n-

d u n g t i c a a n g n a .

59. NGAGEDAG BARI MULUNGAN

H a r t i n a : nanyakeun hiji masallah, nu manehna tacan nyaho (ngarti) tuluy dipake nyual ka batur, ari manehna mah api-api nyaho bae.

Upamana : Arma ririungan jeung baturna tuturucingan sili tempas pada

ngabarijilan.

Ceuk Ahi, "Turucing, ari barang hakan katenjo, ari teu ba-rang hakan teu katenjo?"

Batur-baturna euweuh nu ngajawab, malah Arma oge teu bi-saeun (teu nyahoeun) teu lila bubar riunganana.

Arma ngunek-ngunek bae hayang nyaho, ari rek nanya era, tuluy bae nyampeurkeun ka bibina, barang datang Arma pok ngo-mong, "Lah Bi bieu kuring mentas tuturucingan, malah kuring boga tuturucingan nu model, batur sakitu.lobana euweuh nu bisa nimukeun."

Bibi, "Naon tuturucingan teh?"

Arma, "Ah moal enya Bibi ge nyaho," Bibi, "Cing pok sugan bae bisa." Arma, "Lamun barang hakan katenjo, lamun teu barang ha-

kan teu katenjo." Bibi, "Hih babari eta mah : seuneu!"

53

PNRI

Anna, "Naha seuneu?"

Bibi, "Geura pek maneh udud, lamur seuneu henteu ngaha-kan daun kawung jeung bako, moal katenjo, atawa nu neker jeung nu ngotretkeun kerekan, da seuneu nyatu lunglum, atawa nyatu kayu api geuning tembong.

Anna, "Bener Bi, sarua eta jeung kuring nya kitu." Eta kalakuan Anna : n g a g e d a g b a r i m u l u n g a n .

60. NGALIARKEUN TALEUS ATEUL

M a r t i n a : ngomongkeun, atawa ngabeja-bejakeun omong-an anu tcu hade, anu matak cilaka, atawa matak era.

Upamana : Ambu Ernes ngomong ka Sakum pokna, "Kami boga hiji

buli-buli, gawena : lamun maneh hayang beunghar asal dikukus-an bae, geura mangke poe Jumaah maneh datang ka dieu, asal ma-wa duit bae kcur meuli rujakeun."

Wangsulna, "Mangga, tengah poe kuring rek ka dieu." Si Iwik tatanggana nyahoeun, geuwat bebeja ka batur-batur-

na, pokna, "Mangke poe Jumaah Ambu Emes ngajangjian si Sakum, rek ngukusan buli-bulina supaya si Sakum beunghar, asal mawa duit bae keur meuli rujakeun, cing hayu urang marilu su-gan bae urang baleunghar."

Keur waktu ngomong, kadenge ku indungna.

Ceuk Ambu Iwik, "Hih Iwik, sia sok ngomong teu puguh, ieu mail didenge-dengena, n g a l i a r k e u n t a l e u s a t e u l , geus geura balik."

61. NANGKEUP MAWA EUNYEUH

H a r t i n a : nu menta ditulungan, ahir mawa cilaka ka nu

54

PNRI

nulungan tea. Upamana : Si Epeng pada nyusul ku pulisi, sabab manehna geus maling

hiji erloji perak ti baturna, si Epeng kenceng lumpatna, ngajugjug ka pamanna ngaran Bp.Oher, barang datang tuluy ngomong pokna, "Mang! Kuring tulungan, hayang disumputkeun ku Emang, jeung lamun aya nu nyusul, ku Emang kudu dikilungan."

Ceuk Bp.Oher, "Na ku naon dosa?" Wangsulna, "Geuwat! Nya kumaha mangke bae dosa mah?" Si Epeng geuwat ka para, sarta ngarimbunan maneh ku ka-

dut. Teu sabaraha lilana jol pulisi-pulisi datang sarta nanyakeun

si Epeng, pokna, "Ka mana bieu si Epeng?" Bp. Oher, "Duka! Teu aya ka dieu mah, geus heubeul teu nen-

jo-nenjo."

Pulisi panasaran pok ngomong, "Eh Bp. Oher! Montong dikilungan mending mana mangke dirahrah ku kaula."

Bp.Oher, "Mangga dirahrah oge, da enya euweuh." Pulisi-pulisi tuluy arasup ka jero imah sarta hantem ditempo-

an ka pangkcng-pangkeng teu aya, barang dirahrah ka para beh bae si Epcng keur ngagulung maneh ku kadut, gancang dibawa turun, kitu deui Bp. Oher ayeuna karawat ku pulisi sabab wani-wani nyumputkeun bangsat.

Jadi kalakuan si Epeng : n a n g k e u p m a w a e u -n y e u h.

62. NEPAK CAI MALAR CERET

H a r t i n a : anu hasud ka batur (manehna hayang dipi-hade).

Upamana :

55

PNRI

Di lembur Sadang aya hiji jelema ngaranna Amang, loba so-bat-sobatna tina jelemana bageur, beber tangan, someah, akuan ka nu kieu-kieu teh, lamun dianjangan resep suka bae. Kitu deui la-mun sobat-sobatna tea aya pangabutuhna atawa karerepetna, ku Amang sabisa-bisa ditulungan.

Ti antara sobat-sobat Amang, aya hiji jelema nu ngaran Dur-ji, manehna kurang suka atina, tina Amang loba sobat tea, pikir-na, "Lamun Amang loba teuing sobat tangtu ka aing moal saku-maha hadena, atawa kurang asihna atawa pitulungna, ayeuna leu-wih hade ku aing dibengkahkeun, supaya Amang henteu nyobat jeung nu sejen.

Hiji mangsa Durji tuluy nyaba ka Astu jeung Warta, sobat-na Amang keneh, barang datang tuluy ngomongkeun pokna, "Lah hanjakal ku Amang, ari jelemana sampe cukup, bageur, akuan, bear budi mere maweh, ngan hanjakal ku sok daek ngo-mongkeun tukangeun, lamun manehna mentas nulling, atawa ba-rang bere, kudu bae diambeng, diomong-omongkeun ka aim se-jen, jeung eta nu rehe leli pamajikanana, ku sok kukulutus tuka-ngeun, malah basa urang mentas nganjang tea, pasea, jeung Amang, tina sabab sok loba teuing gawe ngalalayanan semah.

Astu jeung Warta hookeun tina kaget, henteu nyana yen Amang sok daek kitu. Ceuk Astu, "Atuh paingan teuing basa de-wek ka ditu pamajikanana baeud bae, henteu nyana goreng hate."

Ceuk Warta, "Kamari ieu ge dewek rek nganjang ka Amang teu aya, sarta omong pamajikanana heuras, pokna, "Euweuh," tur Amang mah aya bae di imah, ari ayeuna mah keun bae moal di-anjangan deui da geus kitu sipatna.

Ti liarita Astu jeung Warta tara nganjang-nganjang deui ka Amang, ngan Durji bae nu rcmen teh, bari ngecewis ngomongkeun Astu jeung Warta, pokna, "Amang montong sok hade jeung eta dua jelema, sabab sok daek ngomongkeun ka anjeun jeung ka tuang rayi."

Jadi ayeuna Amang malang hatena ka Astu jeung ka Warta, tapi ari ka Durji mah asih, kitu deui Durji hade bac ka Astu jeung

56

PNRI

ka Warta. Tah lampah Durji beunang disebut n e p a k c a i m a l a r

c e r e t.

63. NUNGGUL PINANG

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu gens teii boga pisan baraya.

Upamana :

Hasan dipariksa ku Juragan Pansiun saurna,

"Hasan! Ari bapa maneh aya keneh?" Hasan, "Sumuhun parantos tilar dunya." Pansiun, "Kuma ema aya keneh?" Hasan, "Pun biang oge parantos hilang, saheulaeun pun ba-

pa."

Pansiun, "Ari dulur, maneh boga sabaraha?" Hasan, "Sumuhun gaduh opat, namung sadayana parantos

teu aya, dupi pun adi mah sapandeurieun pun bapa, pun lanceuk duanana saheulaeun pun bapa sapandeurieun pun biang; jadi awitna pun biang, ti dinya pun lanceuk-lanceuk tras pun bapa geus kitu pun adi kaulanun."

Pansiun, "Kumaha baraya-baraya ti indung atawa ti bapa boga keneh?"

Hasan, "Sumuhun teu aya, sadayana oge parantos ajal kaula-nun."

Pansiun, "Euh Hasan, atuh maneh mah geus n u n g g u 1 p i n a n g."

I 57

PNRI

64. NGUSIK-NGUSIK ULA MANDI, NGOBAH-NGOBAH MACAN TURU

H ar ti n a : ngomongkeun deui perkara nu geus jempe nu matak cilaka ka manehna.

Upamana : Kamsad jelema bcunghar boga pirang-pirang bau sawah sarta

manehna boga dua anak lalaki, lanceukna ngaran Sueb, adina nga-ran Suen; Sueb boga sobat ngaranna Sarwa. Barang Kamsad maot, barang-barangna diwariskeun ka Sueb jeung ka Suen.

Samemeh diwariskeun Sueb karunyaeun ka sobatna tea, geuwat dibere sawah wariskeuneun dua bau, tina sawahna rea, jadi Sueb mere sawah ka sobatna henteu katara.

Barang geus beres diwariskeunana Sueb jeung Suen sakama-kama, tuluy età sawah dijualan datang ka beak. Lila-lila Suen nya-hoeun yen Sarwa dibere sawah wariskeuneun ku Sueb, tuluy di-tanyakeun pokna, "Kang! Enya Sarwa dibere sawah wariskeuneun dua bau?"

Wangsulna, "Enya bareto ku akang dibere, tapi keun bae ka-runya, jeung età jelema bageur, geuning ka urang oge sakitu nurut-na jeung hadena."

Omong Suen, "Keun bae atuh Kang, asal kuring dibere nginjeum duit bae lima rupia."

Ceuk Sueb, "Nya geura cig bae moal burung dibere."

Ti dinya los Suen ka Sarwa, ana pok ngomong jol dibere bae ku Sarwa pokna, "Mangga ieu duit f 5 tapi ulah lila teuing ngan ukur sabulan."

Wangsul Suen, "Hade."

Barang geus meunang sabulan, Sarwa nagih, tapi teu meunang

58

PNRI

bae, Sarwa jengkeleun tuluy indit ka Sueb, sarta bebeja pokna, "Suen hese pisan ditagihna, malah poe isuk mah bakal terus dida-wakeun, pedah età kuring dibere sawah wariskeuneun."

Omong Sueb, "Sarwa atuh duit sakitu mah keun bae, lamun manehna didawakeun, meureun panaseun hatena ka silaing, kumaha mangke sawah silaing anu ti dewek tea lamun didawa ku Suen, tangtu beunang, da enya età sawah bagikeuneun; ari ayeuna keun bae, ulah sok n g u s i k - n g u s i k u l a m a n d i n g o -b a h - n g o b a h m a c a n t u r u . "

65. NGADAGO UNCAL MAPAL

H a r t i n a : nunggu nu henteu tangtu datangna. Upamana : Ujang Ais ditanya ku Ipar pokna, "Ais enggeus meuli t o t o

pong teh?"

Ais, "Puguh acan Kang'" Ipar, "Naha?" Ais, "Minggu tukang kuring geus badami jeung tukang ba-

rang, urang Solo nu pulang ti Batawi, pokna : "Lamun pareng ka dieu dèui, rek mawa rupa-rupa model."

Ipar : "Ari kapakena iraha?" Ais, "Tilu poe deui." Ipar, "Età tangtu datangna ka dieu?" Ais, "Nya età atuh teu puguh, da pokna oge, lamun pareng

ka dieu deui."

Ipar seuri, "Ari silaing ti nimbang ngadago nu henteu tang-tu mah, anggur itu di imah geus aya, rupana hade, jeung hargana murah, ieu mah bet n g a d a g o u n c a l m a p a 1."

59

PNRI

66. NGAWUR KASINTU, NYIEUHKEUN HAYAM

H a r t i n a : asih ka deungeun-deungeun, ari ka dulur atawa baraya ditundung atawa dibengisan.

Upamana :

Ambu Sabi tukang datang ngider ka kampung-kampung icons parigel pisan, daganganana henteu ngabaku, nya eta diganti-ganti bae, naon nu sakira laris jeung aya batina. Lila-lila Ambu Sa-bi boga imah gede, lembur lega, jadi di salembur eta mah jadi pangmahina.

Demi barayana atawa dulurna rea, tapi henteu cukup cara Ambu Sabi; eta barayana anu sakitu teu cukupna, euweuh hiji nu cicing di manehna, sabab upama embal-embol ka imah Ambu Sabi, sok dibengisan bae, sakalieun ngiderkeun daganganana, anggur nyiar deungeun-deungeun, pikiranana, lamun aing nitah baraya atawa kacicingan, kuriak ngagasab, kana daganganana atawa duitna ladang kahakanan tea. Ari deungeun-deungeun mah rayap caricing di Ambu Sabi, sarta dipikanyaah, ari barayana mah euweuh hiji-hiji acan.

Bp.Nirem nu ka pernah ua ku Ambu Sabi jol nganjang, ba-rang geus diuk, tuluy ngomong pokna, "Nyai, ua ngeunah kacida nenjo maneh bi§a ngarali rejeki, tapi coba itu baraya maneh peta-kcun sina dagang jeung sina cicing di dieu, bawa baris nulung-nulung kana gawe maneh, barang bere moal nyaah da kabaraya, ulah ngantep ari ka kulit daki, geura deungeun-deungeun mah sa-bot aya pamere urang suhud ngawulaanana, lamun teu kitu mah la-pur; ari baraya, aya teu aya suhud ngawulana."

Jawabna : "Ah Ua, kuring mah moal ngarawatan, da eta ari baraya mah sok wani ngagasab, tina boga rasa ka baraya tea, ka-jeun dipikangewa, ngarawatan mah mending deungeun-deungeun."

60

PNRI

Bapa Nirem, "Hih ari kitu mah maneh teh : n g a w u r ka -s i n t u n y i e u h k e u n h a y a m . "

67. NGARAWU KU SIKU

H a r t i n a : hayang teuing loba, tungtungna teu beubeuna-ngan.

Upamana :

Nyi Nati dikukut ti leuleutik ku Lurah pareman, barang Lu-rah pareman geus maot, banda-bandana diwariskeun ka ahli waris-na, malah Nyi Nati oge dibere ku ahli waris sawah dua bau. Nyi Nati henteu narima dibere sawah ngan dua bau, pikirna saeutik teuing, coba aing ngawulaan ti leuleutik bet ngan dibere sawah sa-kitu, tuluy Nyi Nati ngadeuheus ka hakim, barang datang, pok unjukan, "Nun Juragan, kuring teu narima dibere sawah ngan dua bau, margina kuring ngawulaan ti leuleutik, ti nimbang dibere sa-lci tu mah langkung sae montong bae."

Hakim tuluy nyaur ahliwaris, sanggeus datang, tuluy dicari-takeun ku hakim ka hayangna Nyi Nati.

Tapi ahliwaris henteu bisa mere deui, tina Nyi Nati henteu narima kana pangasih ahliwaris, tuluy dicabut deui dibagikeun kumaha biasa.

Jadi lalampahan Nyi Nati, n g a r a w u ku s i k u , hayang loba tungtungna lapur pisan.

68. NGEPLEK JAWER NGANDAR JANGJANG, MIYUNI HAYAM KABIRI

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu kecing.

Upamana :

Anglar jelema kecing teu wani nyaba-nyaba acan, da sieuneun

61

PNRI

aya nu maseaan, demi ti beurang ulukutek di buruan atawa di pi-pir, najan diajak ku baturna. Anglar tara daekeun.

Barang geus kolot, tetep bae sieunanana; dina hiji waktu aya tatanggana pasea jeung pada baturna nepi ka gelut, kanyahoan ku Anglar, tapi manehna anggur geuwat lumpat, lain teu aya pikiran bans misah, ngan sieun bae, pikiranana bisi jadi ngambek ka ma-nehna.

Meneran dina poe Minggu, datang Asju tatanggana keneh pokna, "Anglar! Hayu urang ngahurup si Jail."

Anglar, "Ah embung sieun, da eta si Jail mah bejana lengle-ngan jeung bisa mempo."

Asju seuri, pokna, "Behna mah ari silaing kecing ti bubudak teh nepi ka kolot, komo lamun diajak nangkep nu edan, ieu mah diajak ngahurup ka-nu sahandapeun gedena make teu wani, nu-rustunjung mun d i hayam mah, n g e p l e k j a w e r n g a n d a r j a n g j a n g , m i y u n i h a y a m k a b i r i . "

69. NGODOK LIANG BUNTU

H a r t i n a : balangsiar henteu beubeunangan, ka ditu lu-put ka dieu luput, henteu hasil.

Upamana :

Pa Eon ngomong ka bojona jeung ka anak-anakna, "Bani-dak! Mangka hade di imah, aing rek balangsiar ka Manonjaya jeung ka Banjar, nya eta rek nagih ka Ki Edod jeung rek menta di-modalan ka Seca."

Sanggeus ngomong kitu isukna bral indit, barang geus meu-nang opat poe Pa Eon geus datang deui ti panyabaanana. Omong Pa Eon, "Barudak! Aing nyaba teh cilaka henteu beubeunangan, los ka Edod nyampak keur gering, boro-boro mekelan atawa ma-yar hutang, sakalieun manehna balanja ge teu bogaeun; los deui ka Seca euweuh di imahna, keur di gunung mangkalan ngebon kopi

62

PNRI

jeung bako, atuh aing nyaba teh istu kabalangsak, naha da basa nyaba bareto mah wani angkaribung, demi ayeuna bet n g o d o k l i a n g b u n t u .

70. NYAEURAN GUNUNG KU TANEUH, SAGARA KU UYAH

H a r t i n a : mere untung ka nu beunghar. Upamana : Haji Surti jelema kaya, lega sawah kebonna, sumawonna ari

duitna mah, sakabeh tatanggana pada dibere nginjeum, mayar mingguan tina dua perak rentenna opat puluh sen.

Lamun tatangga-tatanggana tea mentas dagang, sok ngaririm rejeki ka Haji Surti, aya nu ngirim kacang, aya nu jagong, hui jeung sajaba ti dinya, età tatangga-tatanggana nu ngarinjeun tea, lain leu-wihan, pikirna ngan supaya babari nginjeum duit bae. Jadi nu kitu disebutna n y a e u r a n g u n u n g k u t a n e u h , s a g a r a k u u y a h.

71. NYEUNGEUT DAMAR DI SUHUNAN

H a r t i n a : adat jelema nu hayang ka sohor beunghar ka deungeun-deungeun mere maweh, ari ka baraya koret.

Upamana : Mastu guntreng bae jeung Jibja, ngomongkeun kakana Bp.

Musti pokna, "Jibja, ari dewek sok heran ku Kaka, dipentaan re-big keur paranti nyaba, pedah baju dewjk geus soeh, wani luput, lain cara ka urang manyang-munyung bet berehan naker, da hayang ka puji, coba ari ka urang Garut mah, wani mere papakean oge sapangadeg, malah anakna dibere kongkorong perak.

Carek Jibja, "Hih adatna jelema bodo mah, ari ka deungeun-

63

PNRI

deungeun mere maweh da hayang ka puji beunghar, tapi ari ka dulur, ka anak-anak dulur cedik, nu kitu asup kana paribasa : n y e u n g e u t d a m a r d i s u h u n a n . "

72. NYIDUH KA LANGIT

H a r t i n a : mapatahan ka saluhureun. Upamana :

Aki Imang geus katinggal ku bojona, cicing di anakna lalaki nu ngaran Bohim, aki sok ngomong bae ka Bohim pokna, "ujang! Cing bapa pangmeulikeur imah nu leutik bae, bapa hayang nga-henang-ngahening sorangan, bage nyatu bage henteu oge, da bapa teu ngeunah saimah jeung anak."

Bohim ngawalon pokna, "Bapa geura dangukeun; ari bapa teh geus sepuh, lamun imah-imah, ngan nyalira, kumaha mangke ari galingging panas tiris, saha nu ngagugulung, geura ari jeung anak mah, tuang lcueut ka urus, dina teu damangna kamumule, aya ta-tamu nu bade ka bapa, meureun kasuguhan moal matak jadi walu-rat, kapan ku kuring geus disadiakeun tuangeun leueuteun, henteu kudu sasapu ku anjeun, teu kudu nyeungeut damar ku anjeun, geura upami nyalira mah tangtu ripuh; demi ayeuna wayahna bae teu betah teu rgeunah oge, mangga manali ku bapa, kuring mah kajeun disebut n y i d u h k a l a n g i t . "

73. ULAH UNGGUT KALINDUAN, GEDAG KAANGINAN

H a r t i n a : ulah beunang ka gebrag batur. Upamana : Dina hiji waktu Utam datang ka Wija pokna, "Wija! Tina

kaula loba anak, hayang kacida boga sawah, lamun rido mali sawah andika nu tilu bau dibeuli bae ku kaula genep ratus rupia."

64

PNRI

Wija atoheun pisan sawahna tilu bau rek dibeuli genep ra-tus, ari meulina tadi nu tilu bau ngan tilu ratus, tuluy ngomong pokna, "Mangga bae ari dipikahoyong ku anjeun mah, ari kuring rek nyiar deui bae nu sejen, jeung iraha urang ngajadikeun jual meuli?"

Utam, "Mangke minggu hareup."

Wija, "Mangga", harita oge Wija'geuwat bebeja ka pamajika-nana bakal meunang untung tilu ratus rupia.

Barang Utam geus balik jol Ambu Amem pokna, "Ujang be-jana rek ngagaleuh sawah Wija, naha keur naon ngagaleuh sawah sakitu gorengna, jeung sakitu mahalna, eta teh unggal taun oge ta-ra ka ala; ari teu ku beurit kapan sok katoran; geura mun sawah ema mah digaleuh kabehna opat bau, jeung sawah alus, kajeun dihaturkeun opat ratus rupia, kitu oge lamun enya rek ngagaleuh."

Utam, "Di mana sawahna, sarta jauh mana jeung sawah Wi-ja?"

Ambu Arnem, "Tah dina lembur eta, atuh sawah Wija mah jauh mela-melu."

Utam, "Kajeun atuh ari kitu mah kuring rek ngabadakeun bae ka Wija."

Ambu Arnem, "Sae, geura badakeun bae keur naon sawah kitu."

Isukna pasosore, Utam datang deui ka Wija pokna, "Wija, gagal teu tulus meuli sawah teh, sabab jauh teuing, sarta teu rem-pug jeung pamajikan, jeung eta bejana sawah tara kapuluk beubeu-nanganana jeung sok ku beurit."

Wija, "Ceuk saha jauh kapan eta, ngan kahalangan ku salem-bur, jeung tara ku beurit, unggal-unggal taun beubeunanganana tara kurang ti 10 caeng, anjeun mah kitu, tangtu kaomongan ku batur, benerna ari geus jadi malí jual beuli, ulah sok u n g g u t k a l i n d u a n g e d a g k a a n g i n a n . "

Buku bacaan jilid ka I. (Sund.) 5 65

PNRI

74. UTEUK TONGO DINA TARANG BATUR KATENJO, ARI GAJAH DEPA DINA

PUNDUK TEU KARASA

H a r t i n a ; kagorengan batur nu sakitu saeutikna dikanya-hokeun atawa dijajadikeun, ari kagorengan manehna nu sakitu ge-dena teu karasa.

Upamana :

Isma unggal-unggal poe sok dadapangan bae di garduh, ban mawa-mawa beas, lamun aya hayam ka dinya, tuluy diawur, di mana euweuh jelema, geuwat ditewak bari tuluy diharuduman, kakara balik ka imahna, lamun geus beubeunangan; atawa lamun nyaba ka lembur-lembur, manggih naon bae di buruan batur, la-mun teu aya nu nenjo, sok geuwat dicokot, disumputkeun.

Kajaba ti kitu Isma sok jail, henteu kari balong batur sok di-jejekan tambakanana diarah bedalina, ti peuting sok ngakatan go-lodog batur, nu diarah, lamun nu boga imah turun supaya labuh.

Ambun anak tukang rujak ditangkep ku pulisi, pedah maneh-na ngumbali kecrik di balong lebe, dipajarkeun maling lauk.

Barang katenjo ku Isma, tuluy ngomong ka lebe, pokna, "Kang! Ayeuna mah tetela anu jahat kana lauk teh si Ambun, malah dina minggu tukang mah manehna niir lauk emas loba kaci-da, meureun ngarungkup ti balong akang, kajaba ti manehna, aya deui batuma tuh anak tukang lahang, eta mah leuwih jahat, jail kacida, lamun entas ngarungkup lauk, balongna sok dibedahkeun."

Lebe, "Isma! Maneh montong ngomongkeun batur, batur mah kagorenganana moal aya saperpuluh ti maneh, ari si Ambun, jeung anak tukang lahang mah ngan ukur ngarungkup balong ba-tur, jeung acan dibui, ari maneh jaba ti maling teh, katambah ku culika sarta hasud, geus ah teu resep, u t e u k t o n g o d i n a t a r a n g b a t u r k a t e n j o , a r i g a j a h d e p a d i n a

66

PNRI

p u n d u k t e u k a r a s a . "

75. UNDUR KADEULEU PUNDUK, DATANG KADEULEU TARANG

H a r t i n a : jelema nu terus terang. Upaman : Nyi Ukun datang ka bapana bari ceurik, pokna, "Bapa!

Kuring geus teu kuat cicing di Ajengan, sabab putrana unggal-unggal poe sok neunggeulan bae ka kuring, ayeuna mah kuring moal balik deui."

Ceuk bapana, "Enggeus maneh uiyukan?" Wangsulna, "Teu acan." Bapa, "Hih Nyai! Ulah kitu, kudu terus terang ulah cara si

Mijem bisi aya leuleungiteun, carek paribasa oge u n d u r k u d u k a d e u l e u p u n d u k , d a t a n g k a d e u l e ù t a r a n g . "

76. UYAH TARA TEES KA LUHUR

H a r t i n a : kapinteran kahadean, kitu deui kagorengan indung bapa, tangtu turun ka anakna.

Upamana :

Sura jelema rajin pisan, loba pangabisana babakuna Sura resep ngareka imah jeung beberesih di pakaranganana, saperti imahna beda jeung imah tatanggana, batur disontogkeun, manehna mah dihurang-hurang, sarta make sirit teuweul (gado bangkong), di lawang lemburna diatur dihade-hade^dina kebon jero pakara-nganana, butbat jalan laleutik sarta dikeusik, kekembanganana aralus, eukeur mah alus imahna, turug-turug bisa memeres pakara-nganana, atuh matak betah kacida.

Sura boga anak lalaki hiji, kira umur 14 taun, dibere imah

67

PNRI

jeung pakaranganana di lembur sejen; barang geus dipindahan, eta imah jeung. pakarangan tea, tuluy dibeberes, sakumaha aturan bapana, beh kebon kembangna, beh balongna, jeung rea-rea deui, meh mapakan bae ka lembur bapana.

Dina hiji poe menak ngaronda diiring ku Lurah, barang nepi ka lemburna anak Sura, menak mariksa saurna, "leu imah saha alus, pakaranganana beresih?"

Wangsul Lurah, "Sumuhun anu seuweuna pun Sura, anu gaduh imah alus di lembur girang tea."

Saur menak, "Euh! Paingan atuh rajin, da u y a li mah t a r a t e e s k a l u h u r , tangtu k a handap."

77. UNGGAH BALE WATANGAN

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu keuna perkara. Upamana : Aki Raksa umurna geus 80 taun. Dina hiji poe disaur ku hakim ka paseban, barang datang

saur hakim, "Aki! Enya Aki geus ngaruksak tangkal buah Ambu Naga?"

Aki Raksa, "Henteu pisan-pisan, rumaos jisim kuring nilasan dahan buahna, nya eta nu ngaroyom kana lahan jisim kuring kau-lanun."

Hakim, "Eta titilasanana atawa dahanna di ka manakeun?" Aki, "Sumuhun dipake suluh bae ku barudak." Hakim, "Naha henteu dialungkeun ka kebon Ambu Naga?

Lamun kitu salah, jadi maneh ka asup maling, ayeuna maneh di-denda tilu rupia, cig geura balik, isuk anteurkeun duitna ka dieu."

Aki tuluy balik sarta geuwat nyadiakeun duit tilu rupia, ari geus sadia geuwat nitah anakna nganteurkeun.

68

PNRI

Tina Aki Raksa loba sobatna, pada ngalayad jeung nanya-keun ku naon disaur ka paseban.

Wangsul Aki Raksa, "Heh sobat-sobat didawa ku Ambu Naga, pedah kaula nilasan dahan tangkal buahna nu ngaroyom ka-na lahan kaula, ari regangna diparake suluh ku barudak, ngan sa-kitu bae masalah teh, ari benerna eta regangna kudu dipiceun kana lahanna, jadi kaula disebut maling; lah kakara bae kaula saumur nyunyuhun hulu u n g g a h b a l e w a t a n g a n."

78. PANJANG LEUNGEUN

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu sok daek maling.

Upamana : Si Dewal budak bangor tara beunang dipapatahan ku kolot-

na, babakuna manehna sok daek maling; tina henteu nurut, tuluy ditundung, dikumaha karepkeun, si Dewal indit sakarep-karepna.

Ayeuna geus pada nyaho yen si Dewal budak tukang maling, sakur nu kaanjangan pada caringcing bae.

Hiji mangsa si Dewal eureun di waning, nu boga geuwat nyalukan anak-anakna, sina aya di dinya bari diharewosan dititah nalingakeun si Dewal, ku tina rea jelema manehna henteu bisa kop maling, tuluy indit.

Sanggeus si Dewal balik, anak tukang warung nu hiji nanya pokna, "Naha Ema, unggal-unggal si Dewal aya di dieu, Ema sok nyaur kuring jeung dulur-dulur?"

Jawab indungna, "Dikumpulkeun soteh gawena, lamun si De-wal rek nyokot naon-naon tangtu kanyahoan ku sala saurang, naha maneh teu nyaho kapan si Dewal mah jelema p a n j a n g 1 e u n g e u n.

Anakna teu ngomong deui, olohok bari unggeuk-unggeukan.

69

PNRI

79. PANJANG LENGKAH

H a r t i n a : jauh panyabaanana. Upamana: Nyi Arinem ditanyaan ku Asta, tapi teu daekeun, malah upa-

tanana sugai pokna, "Teu sudi teuing dipikahayang ku Asta, nya goreng patut, nya malarat, ti nimbang jeung daek ka nu kitu mah, anggur ngagantung maneh."

Omonganana kitu kadenge ku indungna, carek indungna, "Nyai! Kahayang ema ulah kitu, lamun embung, enggeus mon-tong susumbar, bisi kadenge ku cakcak, sabab ari lalaki tea, hen-teu cara awewe, lamun manggih kangenes sok sabudi akal, nyiar ciduh batur, teu manggih ti dieu, meureun ti ditu, kawantu ari la-laki mah p a n j a n g l e n g k a h n a."

80. PUPULUR MEMEH MANTUN

H a r t i n a : nu menta buruhan memeh digawe. Upamana : Bp. Unni dicalukan ku Lurah, barang datang gek diuk, dat

nyembah. Lurah, "Bp.Urmi! Coba maneh digawe di dieu, omean dapur,

geura wuwungna wani geus mamragan, mangke maneh dibayar dina sapoe 20 sen.

Bp.Urmi, "Mangga, iraha mimitina?" Lurah, "Isuk bae isuk-isuk, geus ayeura mah geura balik,

kami rek ngaronda jalan."

Bp. Urmi tuluy balik, ari pasosore, kira pukul 5 ngajurung

70

PNRI

anakna ka Lurah sugan dibere menta buruhna heula sabab butuh, barang datang, tuluy ditanya ku Lurah pokna, "Aya naon sia Urmi?"

Wangsulna, "Dijurung ku pun bapa, manawi aya pasihan, nyuhunkeun buruhna ti heula, margi butuh."

Lurah, "Hih teu umum bae digawena tacan, buruhna menta ayeuna, bejakeun ka bapa sia, ulah : p u p u l u r m e m e h m a n t u n kituh."

81. PAIT DAGING, PAHANG TULANG

H a r t i n a : mulus euweuh kasakit. Upamana : Nyimas Uning lakian ka urang Kudus ngaranna Mas Dipo,

boga anak dua lalaki kabeh, keur waktu barudak laleutik keneh, Mas Dipo maot, jadi Nyimas Uning ripuh kacida mulasara eta dua budak.

Henteu sabaraha minggu ti waktu Mas Dipo maot, gurudag bae dulurna ti Kudus, karepna nyokot eta dua budak, rek dipula-sara hade-hade.

Tina dipikir ku Nyimas Uning yen eta wajibna, sarta kataksir bakal nyaah ka barudak, harita oge tuluy dipasrahkeun bae, barang rek jung eta dua budak digalekan heula, diciuman bari ceurik pok-na, "Eh Ujang! Kasep! Anak ema! Buah ati ema! Ayeuna pisah jeung ema, asep ulah nyareri hate, najan enung hayang reureu-jeungan oge jeung ema, ari sangsara mah cumah, anggur di ditu bae di Kudus, eta oge tunggal bapa asep keneh, sugan mangke geus tawekal bisa papanggih deui jeung ema, ayeuna mah didungakeun bae k u ema sing p a i t d a g i n g p a h a n g t u l a n g."

71

PNRI

82. PACIKRAK NGALAWAN MERAK

H a r t i n a : nu leutik ngalawan ka nu gede, atawa cacah nga-lawan ka menak, pacikrak minangka cacah, mcrak minangka me-nak.

Upamana: Si Mohär magang di Juragan Patih meunang bayaran

lima rupia sabulan, dina hiji poe manehna diSeuseul tina paga-weanana gagabah, saur Juragan, "Hayoh pigawe deui ku sia sing hade."

Si Mohär teu ngeunah dina atina, tuluy baeud ngewa ka du-nunganana, harita keneh si Mohär balik, teu ngagugu kana piwa-rangan juraganana.

Meunang dua poe si Mohär henteu migawe pagaweanana, lainun disaur tara daekeun ngadeuheusan.

Ku sabab unggal-unggal disaur tara nemonan, Juragan Patih kacida benduna, tuluy miwarangan Jurutulis sina ngaweweleh si Mohär.

Sorcna Jurutulis indit ka imahna si Mohär, barang datang si Mohär kasampak keur ngadaweung bae. Ceuk Jurutulis, "Mohär cing maneh ulali sok baha ari disaur ku dunungan teh, sing rumasa bae kana kasalahan urang, cig ayeuna geura deuheusan, pertobat, kudu ngarumasakeun maneh da urang mali cacah, Iamun maneh kitu ka asup ngalawan ka juragan, eta teu hade, lamun maneh teu nyaho nya nu sarupa kitu nu disebut p a c i k r a k n g a l a w a n m e r a k t e h."

83. PIIT NGEUNDEUK-NGEUNDEUK PASIR

H a r t i n a : cacah hayang nyilakakeun ka menak, (nu leutik

72

PNRI

hayang ngarubuhkeun nu Agung).

Upamana : Kaswan ngomong bae ka Sarpi pokna, "Naha Pi ari dewek

sok nyerian hate, saperti kamari dewek diseuseul ku Juragan De-mang, pedah acan mayar pajeg dokar, keun isuk mah rek didawa-keun bae ka Kangjeng Tuan Resident sina diseuseul atawa dile-pas.

Wangsul Sarpi bari seuri, "Hih Man! Ceuk dewek mah moal hasil masing didawakeun oge, rasa dewek ti nimbang itu cilaka, anggur silaing meunang bebendu, ceuk paribasa oge p i i t n g e u n d e u k - n g e u n d e u k p a s i r , moal enya datang ka rubuh."

84. PUCUK AWIAN

H a r t i n a : nuduhkeun ka jelema nu tara puguh perjang-jianana (luak-leok).

Upamana : Kuswa ngomong ka Wana pokna, "Wana! Poe isuk dewek rek marak di Cihonje, silaing rek milu?"

Wana, "Hayu, tapi dewek kudu dibere nginjeum bubu." Kuswa, "Hade, isuk-isuk dewek sampeur." Ti dinya Wana balik, ari datang ka imahna geus nyampak

Sarip, ceuk Wana, "Rek naon Rip kawas aya beja?"

Sarip, "Puguh bae, eta lamun silaing daek isuk-isuk urang ka sawah, da bapa rek ngakut, ti sawah urang naranggung rengkong, geura euy resep pisan da loba batur."

Wana, "Kumaha dewek geus jangji isuk rek marak jeung Kus-wa ka Cihonje."

Sarip, "Hih resep ka sawah, geura ti sawah nanggung reng-kong, ari datang ka imah barang hakan."

Wana, "Heueuh! Ke dewek rek ka Kuswa heula rek bebeja,

73

PNRI

moal tulus marak." Wana lumpat barang datang pok ngomong, "Kuswa! De-

wek moal tulus marak teh, da hayang milu ngakut jeung Sarip." Kuswa, "Aeh! Aeh! Naha silaing bodo, milu jeung Sarip mah

rek digawekeun nanggung rengkong, coba jeung dewek mah, wung-kul suka-suka ngalaan lauk, ari enggeus meunang lauk tuluy nya-ratu jeung ema.

Wana ngahuleng sakeudeung, pokna, "Ke atuh dewek rek be-beja heula ka Sarip, moal tulus milu ngakut." Geuwat Wana lum-pat deui, barang datang pokna, "Rip!Dewek mah moal tulus, rek milu jeung Kuswa bae."

Sarip, "Hih silaing mah bodo, marak mah tanda wuruh biheung teuing aya laukna, biheung euweuh, jeung bejana di dinya mah sanget, kumah'a mun ka badi."

Wana ngahuleng pokna, "Ke ah dewek rek bebeja deui ka Kuswa moal tulus marak."

Sarip, "Cing atuh sing puguh ka mana silaing rek milu teh, ditenjo-tenjona ieu mah p u c u k a w i a n luak-leok."

85. PEUREUM KADEULEU, BEUNTA KARASA

H a r t i n a : henteu weleh inget. Upamana : Nyi Kencir indit ka pasar, rek meuli encit, mawa duit tilu

talen; barang datang ka pasar, manehna nenjo panitih mamanuk-an teuing ku alus. Barang ditanyakeun ka nu dagang pokna, "Ku-du tilu rupia," Nyi Kencir ngarahuh, tina hanjakal, ari panitih ha-yang, tapi duit ngan boga tilu talen.

Nyi Kencir henteu tulus meulina encit, da hayang kana pani-tih, tuluy balik bari bebeja ka indungna hayang meuli panitih.

Ceuk indungna, "Nyai boloampar meuli panitih, ema mah teu

74

PNRI

boga keur balanja-balanja acan, cing Nyai masing wayahna da urang mah jelema miskin."

Ku sabab teu dibere ku indungna, Nyi Kencir ceurik, tina ngenes henteu bisa meuli panitih harga tilu perak.

Unggal-unggal poe euweuh deui nu dipiinget ngan panitih mamanukan, gawena ngan hulang-huleng bae.

Ceuk Nyi Minah, "Nyi Kuncir, ku naon ari maneh unggal-unggal poe ngan hulang-huleng bae?"

Wangsulna, "Lah Nyi Minah puguh kuring teh hayang panitih mamanukan, unggal poe unggal peuting inget bae, wani ceuk pari-basa mah: p e u r e u m k a d e u l e u b e u n t a k a r a s a . "

86. SEREG DI BUANA, LOGOR DI LIANG JARUM

H a r t i n a : adat jelema jahat teu betah di nagara, resep di leuweung atawa di nu suni, tina rea teuing dosa.

Upamana : Ki Jail karesepna ngadu, unggal poe unggal peuting, tara

cicing di imah ngan ngacaclang, di tempat pangaduan bae, papa-keanana geus rawek, bajuna butut pinuh ku tambal.

Dina hù'i peuting Ki Jail menta duit ka bapana keur pimoda-leun, tapi ku bapana teu dibere, anggur tuluy diomongan pokna, "Jail cing meugeus ngadu teh da euweuh nu beunghar tina ngadu, nu puguh mah matak ruksak bae, geura pikir ku maneh, ti babareto euweuh pisan kabubuatan, geus beak naon-beak naon, ngahantem keneh bae.

Jawabna, "Ah keun bae kapalang, digawe embung kuli nyu-hun nanggung teu bisa : bari tuluy indit."

Tina Ki Jail teu boga keur ngadu, tuluy maling domba sarta tuluy dijual ka jauhna, tina kencengna pulisi Ki Jail teu burung katangkep, tuluy dibui.

75

PNRI

Sanggeus ka luar, lampahna beuki jahat, malingan banda du-lur-dulurna, sumawonna banda deungeun, malah nepi ka wani maehan."

Ku sabab geus kacingcirihi, Ki Jail geus pada ngarah, ku ung-gal jelema sarta dihantem ditungtik ku pulisi, ayeuna beuki sieun cicing di nagara, tungtungna los ka leuweung, ari ti peuting bisa nyaba susulumputan ban neangan palingeun, ari ti beurang lumpat ka jero leuweung, tuluy hees di nu bala, kitu bae kalakuanana."

Dina hiji peuting Ki Jail teu bisa balangsiar sabab gering mu-riang di leuweung, manehna ceurik tina inget ka indung bapa, jeung hanjakal henteu nurut ka papatah kolot, manehna ngomong sorangan pokna, "Eh kalakuan aing ieu, asup kana paribasa : s e r e g d i b u a n a l o g o r d i l i a n g j a r u m . "

87. SEUNEU HURUNG CAI CAAH

H a r t i n a : keur napsu keur sarusut.

Upamana : Agus Apid nyaba ka dulurna inditna ti imah pukul tujuh sore,

balikna pukul dua peuting. Barang datang ka imahna, pamajika-nana hese ngalaan tulak, sabab boga terka yen Agus lain ti dulurna meureun entas nyaba teu puguh. Isukna pamajikanana baeud bae, henteu someah cara sasari; ceuk Agus, "Naha ari maneh ngan baeud bae, pedah eta kami nyaba ka dulur-dulur atuh da di ditu oge lain ngomongkeun nu teu puguh, kapan nguruskeun sawah, lamun ngurus kitu mah, geuning maneh oge kamari, nyaba ka in-dung maneh, wani meakeun poe."

Pamajikanana tuluy ceurik bari menta dipisah, tina Agus henteu boga dosa, pamajikanana dicarekan di weweleh. Ti harita Agus bendeng bae, isukna jol aya semah pup un ten an, tapi teu aya nu nembalan.

Semah nanyakeun ka tatanggana pokna, "Ka mana ari Agus? Ieu kuring aya perlu nu kudu dibadamikeun."

76

PNRI

Wangsul nu ditanya, "Duka da tadi mah araya, emutan ku-ring najan perlu oge, langkung sae isuk deui bae, margina ayeuna mah keur sarusut, bisi kumaonam bae, kawantu keur s e u n e u h u r u n g c a i c a a h . "

Semah tuluy balik deui.

88. SAGALAK-GALAKING MACAN, MOAL DATANG KA NYATU ANAK

H a r t i n a : sakumaha gorengna bapa, ka anak mah moal datang ka niwaskeun.

Upamana : Hiji Lurah ngadekul bae ti isuk nepi ka asar digawe apik,

sabab isukna dina poe Rebo rek lapor pajeg ka dayeuh. Barang geus anggeus Lurah teli hayangeun mandi tuluy ka cai sarta paga-weanana dibukakeun dina meja tulisna.

Sabot di cai, anakna nu lalaki ngaran Ujang Sali ulin dina pa-nulisan, nyoo wadah mangsi, nu urut bapana nulis, teu lila wadah mangsi teh bahe tamplokna kana buku nu dipigawe beunang nga-pik-ngapik tea; budak lumpat bebeja ka bapana yen wadah mangsi didupak ucing, datang ka tamplok kana buku.

Lurah geuwat neang kana meja tulis, tetela bukuna pinuh ku mangsi, tina keuheulna geuwat marentah ka bujang-bujangna neangan ucingna rek diteunggeulan sarta murang-mareng bujangna dicarekan, pedah nu neangan ucing teu timu.

Bujang anu nyahoeun yen eta wadah mangsi lain ku ucing ngomong ka Ujang Sali pokna, "Ujang! Atuh bebeja bae ka rama ambeh teu ngaguyurkeun, ku kuring kitu, lain ku ucing! "

Wangsulna, "Ah' embung, sieun diteunggeulan, da bapa mah bengis naker."

Bujang, "Wah moal enya, s a g a 1 a k - g a l a k i n g m a -c a n , m o a l d a t a n g k a n y a t u a n a k . "

77

PNRI

89. SIRUNG NGALIWAT TUNGGUL

H a r t i n a : anak darajatna ngaliwat bapa atawa anak ning-galkeun paeh ka bapa.

Upamana: Raden Cakra budak bageur, nurut kana piwuruk sepuhna;

di sakola tara daekeun heureuy, malah diasih ku guruna, tina kamajuanana. Barang geus kaluar ti sakola tuluy magang, lila-lila dikersakeun jadi Jurutulis.

Tina katemenanana jeung rajin ayeuna Rd. Cakra diangkat jadi-Mantri Ulu di Jampang. Samemeh indit ka Jampang, ngadeu-heus heula ka sepuh-sepuh nyuhunkeun pidungana; dina Mantri Ulu henteu lila, terus kunu Agung dikersakeun jadi Camat di Le-wo.

Ayeuna diangkat jadi Wadana di Nagara; ari ramana mah te-tep bae jadi Mantri Cacar di Sindang.

Jadi Rd. Cakra asup kana paribasa : s i r u n g n g a l i w a t t u n g g u l.

90. SADOM ARANING BARAJA, SAKUNANG ARANING GENI

H a r t i n a : sanajan sapeser ari kagungan Pamarentah (Nagara) ulah digasab matak cilaka.

Upamana : Raden Sena jadi Lurah Cijeruk, unggal-unggal taun teu aya

ka kurangan naon-naon. Dina hiji mangsa bojona gering payah, manehna kapaksa kudu make duit, baris mulasara nu gering, tuluy make duit pajeg, mimitina make ngan lima rupia, ti dinya make

78

PNRI

deui genep rupia, tuluy tujuh, tina mindeng nyokotna lila-lila jadi tea, nepi ka beak saratus tilu puluh rupia.

Barang geus deukeut kana waktuna lapor pajeg, Sena kupang-kapeng neangan duit bans ngaganti duit pajeg, tapi teu meunang.

Ti dinya jol Kontrolir sumping ka imah Lurah (desa) marik-sa duit pajeg, ana dibuktikeun, kurang saratus tilu puluh rupia.

Saur Kontrolir, "Lurah di kamanakeun eta duit?" Lurah tungkul henteu bisa ngawalon tina rumasa dosa. Saur Kontrolir, "Ayeuna maneh dilepas sarta kudu ngagan-

ti eta duit"; bari tuluy mulih.

Bapana ngalayad barí ngaweweleh pokna, "Bapá heran kaci-da ku maneh, kapan geus kagurnita, maneh teh jelema ati-ati da buktina sakitu taun jadi Lurah, salamet, naha ari ayeuna nepi ka wani make duit pait sakitu gedena, kapan hingga sapeser teu beunang diganggu, geuning ceuk paribasa : S o d o m a r a n i n g b a r a j a , s a k u n a n g a r a n i n g g e n i , tangtumatakcila-ka.

91. SAREUNDEUK SAIGEL, SABOBOT SAPIHA-NEAN, SABATA SARIMBAGAN

H a r t i n a : kudu sarua, sauyunan, rempug, saati, sabagja, sacilaka.

sabobot = satimbangan; bobot = beungbeurat timbangan; sapihanean = mun ninun, kudu hiji pihanean; lamun nyieun bata, kudu sacitakan.

rimbangan = citakan bata (citakan bata ngaranna rimbangan).

92. SABUNI-BUNI NU NGISING

H a r t i n a : sakumaha bunina lampah goreng mah, kudu bae 79

PNRI

kanyahoan, Upamana :

Si Atip jeung si Sanglir, unggal-unggal poe gawena sok ngajua-lan jukut, taktakna wani geus sasanggaleun.

Dina hiji poe eukeur areureun di sisi jalan, Atip ngomong pokna, "Sanglir, kumaha ari urang, unggal-unggal poe ngan na-nanggung jukut bae, bet henteu senang cara si Adim, cing atuh urang milu bae maling da si eta mah maling oge tara kanyahoan jeung tacan dibui ti bareto.

Jawab Sanglir, "Ah Atip! Dewek mah ripuh-ripuh oge mending kieu bae, bener si Adim kagorenganana acan kanyahoan, lila-lila m?Ji kudu bae, ceuk paribasa oge s a b u n i b u n i n u n g i s i n g . "

93. SEUKEUT TAMBANG MANAN GOBANG

H a r t i n a : tambang minangka pulisi, gobang minangka penjahat, jadi sakumaha dugalna atawa sakumaha gagahna penja-hat kudu bae, ku pulisi mah beunang.

Atawa : sakumaha gagahna jelema, lamun ngalawan ka Pa-marentah (Nagara) tangtu katangkep..

Upamana : Si Patang,. ngomong ka Juhi pokna, "Juhi, urang guguru

kawedukan, jeung ka bedasan ka Aki Dira."

Juhi, "Di mana imahna Aki Dira teh, jeung naha bisaeun?". Patang, "Atuh puguh bae, geura ari urang weduk mah jeung

bedas, moal ay a nu wanieun ka urang. Sarta urang kudu wayah-na, kudu daek bubujang di manehna dua tilu taun."

Juhi, "Mangke atuh rek bebeja heula ka bapa." Harita keneh tuluy bebeja ka bapana pokna, "Bapa! Kuring

rek bubujang di Kai Dira jeung si Patang, anu dimaksud ku kuring,

80

PNRI

hayang gagah, nya età hayang weduk jeung bedas; ambeh bisa sa-galakarep."

Bapana nyentak pokna, "Wah montong anggur mah diajar digawe nu bener; najan gagah perkosa ge ari teu bageur mah mo burung cilaka, naha maneh teu nyaho, sanajan sakumaha gagah-na, lamun ngalampahkeun jahat tangtu diraponan ku pulisi, henteu kurang-kurang nu gagah rosa, tapi lamun salah teu burung beunang ditangkep ceuk paribasa oge : s e u k e u t t a m b a n g m a n a n g o b a n g."

94. TUGUR TUNDAN CUNTANG GANTANG

T u g u r : hartina nu ngalampahkeun gawe nagara jaman baheula, tutunggon dina tempatna pagawean, saperti : urang dis-trile ka nagara, nepi ka dua tilu bulan lilana teu balik-balik, la-mun pagaweanana tacan anggeus, atawa lamun dititah ngala kai, nyieun sasak jeung salianna, tacan bisa balik lamun tacan anggeus.

T u n d a n : asalna tina tundaan, hartina barang bawa paren-tali nagara, teu tuluy dibawa ku manehna, upama hiji jalma mawa hiji barang ti Sumedang ka Singaparna, leumpangna ti Sumedang ngan nepi ka Cikadu, terus ditema ku urang Cika-du nepi ka Dannaraja satuluyna, malah nelah aya kuda tundan.

C u n t a n g , g a n t a n g età ngaran takeran kopi atawa beas, ari sagantang beuratna 50 kati (60 pon ) cuntang sahanda-peun gantang, kawasna bae nyaosanana cuke kopi (beas) ditaker-na ku gantang.

Jadi maksudna tugur, tundan, cuntang, gantang, nuduhkeun kawajiban nu leutik ngalampahkeun papagon nagara; geuning kolot sok ngomong kieu :

"Barudak ulah sok baha kana parentah nagara, maneh kudu ngalampahkeun, tugur, tundan, cuntang, gantang sarta sing rumasa geuning : n a n c e b k e u n t i h a n g k a b u m i , n g a l a c a i k a t a m p i a n , n g a l a s u l u h k a r a p u h a n , k u

81

PNRI

menak tara diharu-haru."

95. TAMPLOK BATOKEUN

H a r t i n a : barang atawa duit urang, dibikeun kabeh ka batur henteu pisan nyesakeun, ari bans kaperluan urang teu aya.

Upamana:

Pa Bacin boga duit satalen, ti dinya jol adina nganjang, barang adina balik, dibekelan duit tilu baru.

Sanggeus sore Pa Bacin dipentaan duit ku pamajikanana keur meuli minyak, teu bogaeun, udar ider nginjeuman teu aya nu me-re. Ceuk pamajikanana : "Kapan tadi boga duit satalen, naha di ka manakeun?"

Wangsulna, "Dibikeun kabeh ka adi aing." Ceuk pamajikanana, "Eta atuh ari barang bere tea sok t a m-

p l o k b a t o k e u n."

96. TAMIANG MEULIT KA BITIS

H a r t i n a : pagawean keur nyilakakeun batur, malik ka so-rangan. Ari asalna anu matak aya paribasa kitu, kieu :

"Hiji jelema naheunkeun (masangkeun) weleng, barang welengna keur dipasang, tali eta weleng meulit kana bitis nu keur masangkeun, sesetilna mecat, tamiangna milepas, keuna ka jelema nu keur masang tea; t i harita nelah t a m i a n g m e u l i t ka b i t i s , jadi lain tamiangna nu meulit, tapi talina.

97. TIIS CEULI HERANG MATA

H a r t i n a : geus lepot tina kasusahan kari senangna, pen-dekna euweuh pikiraneun.

82

PNRI

Upamana :

Carek Bp. Abir ka anakna, "Nyai, na ku naon ari Kara, beu-rang peuting teh ngan humandeuar bae?"

Wangsul anakna, "Eh Pa! Meureun bae humandear oge, da loba kasusah, coba ditenjo reuay anakna sundataneur, awewe gu-saraneun katurug-turug pamajikanana ngan ririwit bae, jadi maneh-na henteu bisa walakaya, nya ngurus budak, nya kudu nyiar piha-kaneunana.

Bp. Abu, "Heueuh paingan atuh ari kitu mah, bet henteu cara Ambu Aiju jeung Bp. Aiju, ngahenang-ngahening pisan, dideuleu leuitna pinuh, dideuleu imahna gede jeung hade, bujangna rea, anak teu boga, boga oge hiji kapan geus jeneng; istu eta mah : t i i s c e u l i h e r a n g m a t a teh."

98. TEU BEUNANG DIKOET KU NU KEKED

H a r t i n a : nuduhkeun jelema koret, teu beunang dipenta-an tulung, ku nu keur meunang kasusahan atawa katiwasan.

Upamana : Ace nanya ka Kastim pokna, "Tim! Bejana Pa Saman tadina

malarat pisan, naha ayeuna jadi pangbeungharna di lembur ieu?"

Kastim, "Heueuh! Jadina beunghar kieu; dina hiji poe dititah ku aki dewek, ngajual kuda harga saratus, ari geus payu, manehna dipersen saringgit, ti dinya pek ku manehnar dipake meuli kebon bonteng, sanggeus bontengna galede tuluy di jual, ladangna dina sausum kebon bonteng, lima ringgit beresihna, kitu bae akalna, lila-lila ngebon sorangan sarta beuki rea bae duitna, beuki rea tarekahna, tina duit saringgit, ayeuna jadi puluhan bau sawahna, pirang-pirang imah sewana, tapi koretna nataku, sumawonna nu-lung ka nu malarat mah tara, najan ka nu make boroh (borig) oge, luput tara mere, kapan kamari karunya pisan ku Asju wani kokolopokan nyiar duit lima rupia, rek nyalametkeun anakna,

83

PNRI

tuluy ka Pa Saman nginjeum, ngaborohkeun imahna, wani luput teu dibere; tadi Bibi Sakem ngeclok duit dua pcrak, isuk diganti deui gawena keur mulasara alona hilang, weleh teu dibere, tali nu sarupa kitu nu asup kana paribasa t e u b e u n a n g d i k o e t k u n u k e k e d."

99. TAMPLOK ASEUPAN

H a r t i n a : nuduhkeun bapa beleke nurun ka anak dedeg pangadegna jeung tingkah polahna.

Upamana : Ahmid anak Ki Embing nu pangnurunna ka bapa, nya età

adeg pangadegna, gedena, jangkungna, tingkah polah jeung adatna. Bp. Muad nu geus rada dongko leumpangna, pàpanggih di ja-

lan jeung Ahmid, ceuk Ahmid, "Mulih ti mana Aki?" Bp. Muad, "Aeh! Aeh! Sugan teli tadi mah Ki Embing, nalia

euy bapa teh ceples-ceples teuing nurun ka silaing, tali bisi maneh teu nyalio didedeg pangadeg sorangan, ingkig maneh jeung tingkah polah maneh, tenjo bae bapa, estu bapa maneh mah t a m p l o k a s e u p a n."

100. TUTURUT MUNDING

H a r t i n a : nu nurutkeun batur, teu nyaho sebabna, salali bener diturutkeun bae.

Upamana : Hiji Kuwu dikelak ku somahanana. Barang dina hiji poe, dipariksa kasalahanana ku Wadana

sarta dikumpulkeun jelema-jelemana sa desa età. Demi nu mimi-tina dipariksa hiji jelema perlente ngaranna Patra, terus nyari-takeun kalakuanana età Kuwu tea; demi batur-baturna saperti :

84

PNRI

Askim, Alhiam, Nasiam, Wanam, malah Ki Nurudin oge nu anyar cicing di eta desa, nyumuhunkeun bae, sakumaha piunjukna Patra, tur saenyana, batur-baturna mah henteu nyaho enyaan, sakuma-ha pamanggih Patra, sumawonna Ki Nurudin, eta mah ngan t u -t u r u t m u n d i n g bae.

85

PNRI

PNRI