pupuh dan sisindiran

12
Pupuh & Sisindiran Deviana Perdana (08) X – MIA 2

Upload: rizka-a-hutami

Post on 24-May-2015

1.975 views

Category:

Education


41 download

DESCRIPTION

Materi tentang Pupuh dan Sisindiran (Basa Sunda)

TRANSCRIPT

Page 1: Pupuh dan Sisindiran

Pupuh & SisindiranDeviana Perdana (08)

X – MIA 2

Page 2: Pupuh dan Sisindiran

Pupuh

Pupuh téh nya éta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangunwawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung. Aya 17 jenis pupuh nu dibagi jadi 2 kategori, nyaeta :- Pupuh Sekar Ageung (4 Jenis pupuh)- Pupuh Sekar Alit (13 jenis pupuh)

Page 3: Pupuh dan Sisindiran

- Sekar Ageung1.Kinanti

Watek: Ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.Guru Wilangan jeung Guru Lagu:8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i

2. Sinom Watek: Ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.Guru Wilangan jeung Guru Lagu:8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a

Page 4: Pupuh dan Sisindiran

3. AsmarandanaWatek: Ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah. Guru Wilangan jeung Guru Lagu:8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a

4. DangdanggulaWatek:Ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.Guru Wilangan jeung Guru Lagu:10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a

Page 5: Pupuh dan Sisindiran

- Sekar Alit1.Pucung

Watek : Ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.Guru Wilangan jeung Guru Lagu:12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a

2. WirangrongWatek:Ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.Guru Wilangan jeung Guru Lagu:8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a

3. Maskumambang Watek:Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.Guru Wilangan jeung Guru Lagu:12-i, 6-a, 8-i, 8a

Page 6: Pupuh dan Sisindiran

4. LadrangWatek:Ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.Guru Wilangan jeung Guru Lagu:10-i, 4-a (2x), 8-i, 12-a

5. BalakbakWatek:Ngagambarkeun heureuy atawa banyol.Guru Wilangan jeung Guru Lagu:15-é, 15é, 15-é

6. MagatruWatek:Ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.Guru Wilangan jeung Guru Lagu:12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o

Page 7: Pupuh dan Sisindiran

7. LambangWatek:Ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.Guru Wilangan jeung Guru Lagu:8-a, 8-a, 8-a, 8-a

8. JurudemungWatek:Ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueunGuru Wilangan dan Guru Lagu:8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i

9. GurisaWatek:Ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.Guru Wilangan dan Guru Lagu:8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a

10. GambuhWatek:Ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.Guru Wilangan dan Guru Lagu:7-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o

Page 8: Pupuh dan Sisindiran

11. MijilWatek:Ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.Guru Wilangan dan Guru Lagu:10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u

12. PangkurWatek:Ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.Guru Wilangan dan Guru Lagu:8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-i

13. DurmaWatek:Ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.Guru Wilangan dan Guru Lagu:12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i

Page 9: Pupuh dan Sisindiran

Sisindiran

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.

Page 10: Pupuh dan Sisindiran

1. PaparikanPaparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina

kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Contona paparikan:Boboko ragrag di imah,Ninggang kana pileuiteunMun bogoh montong ka sémahAri anggang sok leungiteun.

Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.

Page 11: Pupuh dan Sisindiran

2. Rarakitan Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku

cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi. Contona:

Mihapé sisir jeung minyak,kadé kaancloman leungeun.Mihapé pikir jeung niat,kadé kaangsonan deungeun.

Page 12: Pupuh dan Sisindiran

3. Wawangsalan

Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Conto:

Kembang bodas buah bunderngaheruk nya pipikiran = jeruk