pun sapun ka maha agung

Upload: dindin-nuryadin

Post on 05-Jul-2018

276 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

  • 8/16/2019 Pun Sapun Ka Maha Agung

    1/2

    Pun sapun ka Maha Agung,

    Ka Allah Illahi Robbi

    Ya Allah pamuntangan beurang,

    Ya Robbi pamantengan peuting

    Sajatining pati hirupSajatining kalanggengan

    Sumeja neda paralun, paralun kabudeur awun

    Ka rumuhun ka karuhun

    Seja amit kami mipit

    Seja menta kami ngala

    Ngunder tineung panasaran,

    Mapay beja mangsa lawas

    apak la!ak na wiyata

    "i lemah sarakan###$$%&

    (dieusi ku ngaran tempat, lembur, wewengkon)

    Ngajungjung lungguhna elmu, komarana atikan

    i mendi pipasinieun, ti mana pi!aritaeun

    'rang nyoreang ka tukang, urang jujut hiji(hiji

    Ngarah puguh nya pitutur, ti bihari ka kiwari

     Agung#agung###

    Lengser 

    )ep angin eureun heula, di dieu rek upa!ara

    )ep sora repeh heula, aya nu rek !umarita

    uh umbul(umbul, mani melengkung

    ah tanggara, tanda ngiberan

    Nu ditunggu(tunggu rawuh

    Nu dianti(anti sumping

    Mangga urang sasarengan, mapag nu bade amitan

    *unduk waktu numbu !atur, nyungsi pasini bihari

    Subaya anu ti heula, munggaran jisim wawarti

    Seja nyungsi nya pangarti, sangkan ilang nya katuna

  • 8/16/2019 Pun Sapun Ka Maha Agung

    2/2