dongeng sunda sasakala situ buleud purwakarta

7
DONGENG SUNDA SASAKALA SITU BULEUD PURWAKARTA SITU DI PURWAKARTA 1949 Kacaturkeun dina jaman Bupati R. Aria Suriawinata anu kagungan jujuluk Dalem Solawat aya ogé nu nyubet Dalem Santri, harita jeneng Bupati Kabupatén Purwakarta di Karawang. Ku lantaran Karawang sok mindeng kacaahan sabab katotog ku walungan Citarum, nya puseur dayeuh dipindahkeun ka Wanayasa. Saenggeus puseur dayeuh pindah ka Wanayasa, Dalem Santri boga maksud p ikeun mindahkeun deui kabupatén ka belah lebak. Disebut lebak sotéh pédah Wanayasa pernahna aya di luhur, di suku Gunung Burangrang. Satuluyna Dalem Santri munajat ka Hyang Agung sangkan

Upload: orchiedmezzan

Post on 05-Jan-2016

1.255 views

Category:

Documents


116 download

DESCRIPTION

sejarah situ buleud purwakarta. mangga di download

TRANSCRIPT

Page 1: Dongeng Sunda Sasakala Situ Buleud Purwakarta

DONGENG SUNDA SASAKALA SITU BULEUD PURWAKARTA

SITU DI PURWAKARTA 1949

Kacaturkeun dina jaman Bupati R. Aria Suriawinata anu kagungan jujuluk Dalem

Solawat aya ogé nu nyubet Dalem Santri, harita jeneng Bupati Kabupatén Purwakarta

di Karawang. Ku lantaran Karawang sok mindeng kacaahan sabab katotog ku

walungan Citarum, nya puseur dayeuh dipindahkeun ka Wanayasa.

Saenggeus puseur dayeuh pindah ka Wanayasa, Dalem Santri boga maksud p ikeun

mindahkeun deui kabupatén ka belah lebak. Disebut lebak sotéh pédah Wanayasa

pernahna aya di luhur, di suku Gunung Burangrang.

Satuluyna Dalem Santri munajat ka Hyang Agung sangkan cita-citana tinekan. Waktu

mujasmedi, Dalem Santri meunang ilapat. Saenggalna anjeunna ngageroan cutak,

ayeuna mah wadana.

?ta wadana dibéré pancén pikeun néangan tempat anu pantes dijadikeun puseur

dayeuh kabupatén. Dina impian dalem yén tempat anu pipanteseun pikeun dijadikeun

kabupatén téh nyaéta tempat anu aya kobakan cai sarta tangkal tanjung tilu.

Page 2: Dongeng Sunda Sasakala Situ Buleud Purwakarta

“Mamang Cutak, peuting téh kaula ngimpi, ari dina impian téh urang kabéhanana aya

di hiji tempat anu pikabetaheun. Tempatna di belah lebak, aya kobakan cai jeung

tangkal tanjung tilu.

Ku kituna, ayeuna kénéh mamang gera miang! Jugjug éta patempatan! Upami geus

kapanggih, geuwat lapor ka kaula!” ceuk Dalem Santri harita.

“Unjuk sumangga, kaula nun ayeuna kénéh Mamang seja permios bade milari éta

patempatan !”

“Pikeun batur keueung di jalan mah ngajak waé ponggawa duaan!” ceuk Dalem

Santri.

Gancangna carita cutak téh indit ka lebak néangan tempat saperti anu dipisaur ku

Dalem téa. Kaayaan harita masih kénéh leuweung geledegan. Tangkal kai jeung

kakayon séjéna rembet kénéh matak hésé lumangku gagancangan. Komo wates

tungtung kulon Wanayasa, sajaba ti rembet ku kakayon téh jalana ogé rumpil. Atuh

cutak jeung dua ponggawa téh teu sirikna nété akar-ngeumbing jangkar mapay-mapay

jalan pikeun néangan tempat anu cocog jeung impian Dalem.

Saterusna cutak téh nepi ka hiji tempat anu masih keneh leuweung ganggong-sima

gonggong. Manéhna ngadadak nyieun heula jalan, ngabukbak leuweung. Teu lila

anjog ka hiji tempat anu aya kobakan cai, tempat pangguyangan badak anu jolna ti

Simpeureum jeung Cikumpay. 

Kitu deui di sabudeureun éta kobakan cai téh aya tangkal tanjung tilu persis jeung

impian Dalem téa. Cutak atoheun pisan manggih éta patempatan téh, saterusna

manéhna ngalaporkeun hal éta ka Dalem. Geus kitu mah Dalem kalayan dibarengan

ku cutak ngajugjug ka éta patempatan. 

Page 3: Dongeng Sunda Sasakala Situ Buleud Purwakarta

Sabada di bébérés éta tempat téh dingaranan Sindangkasih. Sindang hartina eureun

heula ari kasih tina kecap asih. Jadi, Sindangkasih téh hartina tempat eureun anu

pikaresepeun jeung anu pikaasiheun.

Nurutkeun carita, harita aya hiji lalaki tukang ngalalana nu ngarana Purbasari. ? Elmu

pangaweruh Purbasari éstu nyongcolang nepi ka kapake ku Dalem dina nguruskeun

rupa-rupa pasualan. Kitu deui nalika puseur dayeuh rek dipindahkeun ti Wanayasa ka

Sindangkasih, Purbasari dipentés pangabisana pikeun mémérés éta patempatan.

Purbasari dijenengkeun cutak di Sindangkasih ku Dalem Aria Suriawinata. Kaayaan

Sindangkasih beuki ramé nu dumuk ngalobaan. Saenggeus ningali kaayaan sarupa

kitu, Purbasari indit deui ka belah kalér anu ahirna anjog ka wewengkon Cikampék

ayeuna.

Kalungguhan cutak di Sindangkasih diganti ku R. Rangga Natayuda. Ari éta

pangguyangan badak téa, ku cutak R. Rangga Natayuda satuluyna dibebenah

dipapantes dijadikeun hiji situ. Kitu deui wewengkon disabudeureunana dibébérés.

Tempat-tempat anu tadina lungkawing dirarata, nya jleg baé jadi palataran anu kiwari

jadi palataran anu kiwari jadi lemah Karesidénan.

Atuh urut pangguyangan badak téa saenggeus dipapantes mah robah jadi hiji situ anu

katelah ayeuna Situ Buleud téa, anu kiwari jadi salah sahiji kareueus warga masarakat

Kabupatén Purwakarta.

\

Page 4: Dongeng Sunda Sasakala Situ Buleud Purwakarta

DONGENG

SANGSAKALA SITU BULEUD

Oleh :

AHMAD ROZA’I

KELAS : X TKM 1

SMKN 1 PURWAKARTA

Page 5: Dongeng Sunda Sasakala Situ Buleud Purwakarta

TUGAS SBK

( SENI RUPA DAN SENI TARI )

Oleh :

Nama : Zody Handitia Febriansyah

Kelas : X TG 2

SMKN 1 PURWAKARTA