ceurik rahwana

2
Ceurik Rahwana Banondari, anu lucu, bojo kakang anu geulis, geuning, anu geulis Kadieu sakeudeung heula, Akang rek mere pepeling, aduh geulis, mere pepeling Geura sambat indung bapa samemeh akang pinasti. Duh, engkang rungruman kalbu, pupujan lahir jeung batin, Gusti, lahir jeung batin Aya naon pangersa tara-tara ti sasari, aduh Gusti, teu tisasari Nyauran ragrag cisoca Abdi mah saredih teuing Aduh, Enung anu ayu, nu geulis pupujan Ati, geuning pupujan ati Akang tangtu ngababatang, samemeh akang pinasti, aduh geulis, akang pinasti Arek menta dihampura, lahir tumekaning batin Pisanggem abdi kapungkur, lilisan ka lenggah Gusti, geuning, ka lenggah gusti Ka salira engkang pisan, ngaturanan temah wadi, aduh Gusti, da temah wadi Mung engkang kalalanjoan, ngajur nafsu teu dihiding Kaduhung, akang kaduhung kataji nu lain-lain, geulis, nu lain-lain Kaiwat goda rancana kagembang ku Sintawati, aduh geulis, ku Sintawati Geuning kieu balukarna malindes malik ka diri Kulu-kulu Bem (Panambih) Bulan dina mega malang Langit taya aling-aling

Upload: nx-nezt-almoezlm

Post on 06-Dec-2015

38 views

Category:

Documents


19 download

DESCRIPTION

ceurik rahwana

TRANSCRIPT

Page 1: Ceurik Rahwana

Ceurik RahwanaBanondari, anu lucu,bojo kakang anu geulis, geuning, anu geulisKadieu sakeudeung heula, Akang rek mere pepeling,aduh geulis, mere pepelingGeura sambat indung bapa samemeh akang pinasti.

Duh, engkang rungruman kalbu,pupujan lahir jeung batin, Gusti, lahir jeung batinAya naon pangersa tara-tara ti sasari, aduh Gusti, teutisasariNyauran ragrag cisocaAbdi mah saredih teuing

Aduh, Enung anu ayu,nu geulis pupujan Ati, geuning pupujan atiAkang tangtu ngababatang,samemeh akang pinasti, aduh geulis, akang pinastiArek menta dihampura, lahir tumekaning batin

Pisanggem abdi kapungkur,lilisan ka lenggah Gusti, geuning, ka lenggah gustiKa salira engkang pisan,ngaturanan temah wadi, aduh Gusti, da temah wadiMung engkang kalalanjoan,ngajur nafsu teu dihiding

Kaduhung, akang kaduhungkataji nu lain-lain, geulis, nu lain-lainKaiwat goda rancanakagembang ku Sintawati, aduh geulis, ku SintawatiGeuning kieu balukarnamalindes malik ka diri

Kulu-kulu Bem (Panambih)

Bulan dina mega malangLangit taya aling-alingMega kayas semu biruDitabur bentang baranangEndahna hiasan alamTingkariceup tingkaretip

Page 2: Ceurik Rahwana

Tepi ka langkung kagagasRusras ka jaman ka tukang,Mung Allah anu uningaKaayaan hate kuringHese mapalerkeunnanaHeunteu weleh mikaeling

Sanajan dipikir panjangNya dalah dikumahakeunNu puguh batin nalangsaKasawang dina lamunanTeu beunang mun dipikiranNyuat ati sanubari

Geus puguh ari ti peutingSumear angin di pasirNebak kana dangdaunanTeu bisa ngedalkeun lisanHate ceurik jero atiNgumbara asa sorangan