basa sunda

14
A. SISINDIRAN 1. Rarakitan - Silih Asih (cinta, Asmara) Tambah kesel main kartu Maturan anu keur piket Digawe sing tepat waktu Ulah ngulur jiga karet Daek soteh ka Cinangka, Ka Cisitumah teu purun. Daek soteh ka manehna, Ka nu itu mah teu purun. Hayang teuing buah muris, Teu bisa ngasakanana. Hayang teuing ka nu geulis, Teu bisa ngakalanana. - Piwuruk (naséhat) Lamun hayang dahar noga Kudu daek nya Meulina Lamun hayang asup surge Kudu geto nya solatna Lamun urang ka Cikole, Moal hese tumpak kahar. Lamun urang boga gawe, Moal hese barangdahar.

Upload: abdur-rozak

Post on 10-Jul-2016

50 views

Category:

Documents


5 download

DESCRIPTION

sdadassdadas

TRANSCRIPT

Page 1: Basa Sunda

A. SISINDIRAN

1.      Rarakitan

-          Silih Asih (cinta, Asmara)

Tambah kesel main kartu

Maturan anu keur piket

Digawe sing tepat waktu

Ulah ngulur jiga karet

Daek soteh ka Cinangka,

Ka Cisitumah teu purun.

Daek soteh ka manehna,

Ka nu itu mah teu purun.

Hayang teuing buah muris,

Teu bisa ngasakanana.

Hayang teuing ka nu geulis,

Teu bisa ngakalanana.

-          Piwuruk (naséhat)

Lamun hayang dahar noga

Kudu daek nya Meulina

Lamun hayang asup surge

Kudu geto nya solatna

Lamun urang ka Cikole,

Moal hese tumpak kahar.

Lamun urang boga gawe,

Moal hese barangdahar.

Lamun urang ninun kanteh,

Ulah resep make poleng.

Lamun urang leutik keneh,

Ulah resep ngomong goreng.

-          Sesebred (lelucon, atau kritik)

Aya budak mawa casan

Page 2: Basa Sunda

Ngan hanyakal teu dibeli

Aya budak gelis pisan

Ngan hanyakal tara mandi

Majar maneh cengkeh koneng,

Kulit peuteuy dina nyiru.

Majar maneh lengkeh koneng,

Kulit beuteung mani nambru.

Rarasaan melak cau,

Teu nyaho mun melak jahe.

Rarasaan matak lucu,

Teu nyaho mun matak rehe.

2.      Paparikan

-          Silih asih

Eta buah dina tampah

Kejo wadah na boboko

Eta lain pusingna ku masalah

Katenjo hayang boga took

Aya meri dina rakit,

Boboko wadah bakatul.

Lain nyeuri ku panyakit,

Kabogoh direbut batur.

Baju hideung kancing tangan,

Di kaput ku merang awi.

Nu hideung matak teu nangan,

Sing emut ka diri abdi.

-          Piwuruk

Hayang pisan gera dahar

Ngan taya rencang sanguna

Hayang jadi jelma benghar

Kudu getol usahana

Page 3: Basa Sunda

Baju kutud heureut pola,

Dikelin teu dijalujur.

Mun teu cucud ti sakola,

Arisin balik ka lembur.

Ka kulah nyiar kapiting,

Ngocok lobak bobodasna.

Ulah sok liar tipeuting,

Osok loba gogodana.

-          Sesebred

Saha eta nu keur calik

Meni jiga kabuhulan

Saha eta anu belik

Jadi hayang ngahereyan

Cau naon cau naon,

Cau kulutuk di juru.

Bau naon bau naon,

Bau hitut nu di juru.

Cikur jangkung jahe koneng,

Lampuyang pamura beuteung.

Rarasaan jangkung koneng,

Puguhmah bureuteu hideung. 

3.      Wawangsalan

-          Datangna tara sorangan mun

-          Sisindiran Jenis Wawangasalan

-          Abdimah caruluk arab, heunteu tarima teh teuing = Korma.

-          Abdi teh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah teuing = Pengis.

-          Abdi teh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan = Pisin.

-          Abdi ti menak ka somah, gamparan mah ieu aing = Umaing.

-          Anak beurit dina katung, kapan enden mundut encit = Buncit.

Page 4: Basa Sunda

B. RUNTUYAN ACARA

BUBUKAAssalamua’laikum Wr. Wb.Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara.Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGETPangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan                    katelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLETawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon  panganten pameget.Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

SESERAHANBismillahhirrahman nirahimPara hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten  pameget miwah rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap .Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.Namung kedah di bejer beaskeun,kembang boled nu tetela.Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade di lantunkeun ku ____________________________Ngahaturkeun nuhun ka____________________

Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”.Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya mamnahan, aya naon nya pamaksadan. Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang. Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).

Page 5: Basa Sunda

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate.Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanna.Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita.Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakananaMangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri.Nusanes namah di antaykeun wae.(Mangga calon  panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).

AKAD NIKAH

Para wargi sadayana,Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih Ng_____________cep __________________.Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti  para wargi sadayana, Upacara akad nikah sejadikawitan.(Mangga candak calon panganten istri ka luar).Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad Tikah...........................................................Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas  tur nu maha asih, oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun kka pangersa_____________________)DO’AAcara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci.Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a.Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa __________________ di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda.Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

Page 6: Basa Sunda

C.LAPORAN KAGIATAN

"LAPORAN PERTANGGUNGJAWABAN KAGIATAN SABA BUDAYA KARANG

TARUNA KOMUNITAS PEMUDA JETAK (KOPAJA) KA YOGYAKARTA"

A.    KASANG TUKANG

Didasarkeun ku disusunna program kerja Karang Taruna, oge kusabab sakumaha kauninga

ku urang sadaya yen teu tiasa kawilang pentingna  kagiatan wisata saperos anu parantos

diayakeun ku urang sadaya, anu dina danget ieu nyaeta kagiatan wisata atanapi saba

budaya. Ngaliwat kagiatan ieu urang sadaya parantos kenging kasugemaan salaku pribadi

Anggota sarta Pangurus Karang Taruna anu tos sakitu lamina ngalaksanakeun pancenna

diantarana ngalaksanakeun kagiatan rutin oge kagiatan sejenna. Panginten masih seueur

kakirangn dina eta kagiatan. Mugi-mugi kagiatan ieu ngagaduhan mangpaat keur ayana

peran serta pamuda pamudi dina pembangunan masyarakat.

B.     TUJUAN KAGIATAN

Aya oge tujuan diayakeunna ieu kagiatan nyaeta :

1.      Nyugemakeun pribadi Anggota sarta Pengurus karang taruna

2.      Nambah wawasan sarta numbuhkeun rasa saling ngahargaan antar anggota sarta

Pengurus karang taruna

3.      Ngenalkeun sarta nunjukkeun kakayaan budaya nyaeta pariwisata anu digaduhan

ku urang supados nyiptakeun rasa tanggung jawab kanggo ngajaga sarta ngalestarikeunana.

C.    NAMI KAGIATAN

Nami ieu kagiatan  nyaeta “WISATA KARANG TARUNA KOMUNITAS PEMUDA

JETAK KOPAJA )”

D.    WAKTOS SARENG TEMPAT KAGIATAN

     Kegiatan ieu bade dilaksanakeun dina:

Dinten  : Sabtu wengi dugi ka Minggu enjing

Kaping  : 26 - 27 September 2012

Waktos : Tabuh 21.00 WIB – 02.30 WIB

Page 7: Basa Sunda

Tempat : Balai Dusun Jetak ( Pertiluan kaler Dusun Jetak )

E.     PESERTA

Peserta dina ieu kagiatan nyaeta:

1.    Panitia : 7 Urang

2.     Peseta : 22 Urang

Jumlah Sadayana : 29 Urang

F.     OBYEK WISATA

a.       Pantai Parangtritis

b.      Kaliurang

c.       Malioboro

G.    SUSUNAN PANITIA

Terlampir

H.    RINCIAN ANGGARAN

Terlampir

Page 8: Basa Sunda

PANUTUP

Sakitu laporan kagiatan anu tiasa ku sim kuring dugikeun supados iasa diuninga ku pihak-

pihak anu aya paalina sareng ieu kagiatan. Partisipasi, kerjasama oge banuan I unggal

pihak anu parantos ngabantos kana suksesna ieu kagiatan, sim kuring ngahaturkeun nuhun

kasadayana.

Page 9: Basa Sunda

Kuningan, 28 November 2012

     Ketua Pelaksana Sekretaris      

Moch. Yesvi Alawiyah

Page 10: Basa Sunda

Lampiran I

SUSUNAN PANITIA

KAGIATAN WISATA KARANG TARUNA KOMUNITAS PEMUDA JETAK

(KOPAJA)

1. Pelindung : Bpk. SUNARYO

2. Pembina&penasihat : Bpk. AHMAD KUDJAINI

3. Ketua Panitia : MOCH. ALFIYAN

4. Sekretaris Panitia : DENI SETIAWAN

5. Bendahara Panitia : M. AKHSIN

6. Seksi Acara : M. AKHIYAT

7. Seksi Konsumsi : UMAMI FAIZAH

8. Seksi P3K : M. ASFAN, M. YAHYA

9. Seksi Pubdok : AMAR MAKRUF

Lampiran II

RINCIAN ANGGARAN

Pemasukan

a. Kas Karang Taruna : Rp. 726.000

b. Dana Peserta : Rp. 1.800.000

c. Kontribusi Panitia : Rp. 400.000

d. Sisa DP : Rp. 100.000 +

Total nu asup : Rp. 3.026.000

Pengeluaran

1. Travel bus : Rp. 2.300.000

2. Kanggo sopir dan kondektur : Rp. 100.000

3. Tiket asup Pantai Parangtritis : Rp. 80.000

4. Tiket asup Kaliurang : Rp. 75.000

5. Parkir Bus 3 tempat (3 x Rp. 10.000) : Rp. 30.000

Page 11: Basa Sunda

6. Snack + Cai Aqua : Rp. 113.000

7. ATK : Rp. 30.000

8. Tambahan untuk Sopir & Kondektur(Rokok,dll.) : Rp. 30.400

9. Obat-obatan / P3K : Rp. 40.000

10. Lain – lain : Rp. 10.000 +

Total Pengeluaran : Rp. 2.808.000

TOTAL ANGGARAN : Total Pemasukan - Total Pengeluaran

: Rp. 3.026.000 - Rp. 2.808.000

Sisa : Rp 218.000